id
stringlengths 3
4
| text
stringlengths 467
2.16k
| label
int64 0
6
| label_text
stringclasses 7
values |
---|---|---|---|
5125 | Poe ieu teh jadwal pangumuman ujian fisika jeung matematika. Jiko ngahaja ka sakola rada beurangan supaya teu nungguan lami pengumumanna. Jiko ka sakola jam salapan bari santai leumpangna. Enya weh, teu lila dugi ka sakola teh aya pengumuman nilai ujian matematika di tempel di mading. Alhamdulillah hasilna Jiko lulus, teu remedial. Jiko bungah ningalina, sabab nu lulus ngan aya tiluan, kaasup jeung manehna. Jiko bersyukur pisan. Teu lila, selang satengah jam, kaluar nilai ujian fisika. Pas ditingali, alhamdulillah oge lulus jeung deuih nilaina pangalusna. Jiko kacida pisan bungahna bisa naklukeun eta dua mata pelajaran nu hese. Tos ningali pangumuman mah, sabab teu aya nu kudu di remedial, Jiko uih ka bumi. | 3 | happy |
2066 | Kuring rutin miluan program seru anu diayakeun ku salah sahiji pasar online di Indonesia, nyaéta Bukalapak. Sababaraha waktos kapengker aya bewara dina hp abdi yen abdi teh juara ti serbuseru, saatos abdi muka linkna ternyata anu ngirim bewara teh ti pasar resmi. Kuring meunang ieu. Tangtosna, kuring bagja pisan sabab kuring parantos lami hoyong barang ieu. Sanggeus kira 1 bulan datang hadiah. Alhamdulilah, barang sasuai jeung anu dijangjikeun, teu ngaluarkeun duit sapeser pun, teu aya ongkos kirim. Nepi ka ayeuna kuring masih rutin nuturkeun program serbuseru. lumayan misalkan rezeki nu nyaho kan gusti sing weh bisa meunang undian nu dikahayang deui. | 3 | happy |
4702 | Suntikan teh ngarujuk ka alat nyaeta jarum suntik atawa alata anu di pake pikeun ngasupkeun obat kana awak anu cara na di tojoskeun make jarum. Suntikan ieu biasana di gunakeun dileungeun biasana bagean leungeun luhur. Suntik mangrupikeun metode nyuntikkeun cairan kana awak nganggo jarum. Dina praktek medis, cairan anu disuntikkeun kana awak pasien ku cara suntikan nyaeta ubar jeung vitamin. Suntik jadi salah sahiji metode efektif tibatan ngirum obat biasana. Tapi meski kitu loba jelema anu sieuneun di suntik jeung leuwih milih riweh minum obat anu loba tibatan di suntik anu ngan sakali hungkul, Kasieunan di suntik ieu rupa rupa aya anu nepi ka ngadeg deg nepi kaleuleus lamun rek di suntik. | 0 | fear |
5666 | Kadang dina kahirupan teh sok aya waktu di mana urang keur hoream pisan ngaladenan batur, komo nu teu penting mah. Kadang mah sok teu tangtu penyebabna kunaon, hayang na teh ngan ambek we tuluy alim amprok jeung batur. Biasana mun keur kieu teh aya pikiraneun nu beurat pisan, misalna kekhawatiran dina dunia pagawean, dunia akaddmik, jeung sajabana. Teu wani ngedalkeun naon nu dirasa ge bisa micu perasaan jiga kieu. Hoyong na teh sorangan we, hoream panggih jeung batur pisan sabab bisi kahulag. Kadang mah nepi ka amuk-amukan sorangan sabab jengkel nu teu pararuguh. Mun dina istilah ayeuna mah ngaranna teh mood swing. | 4 | angry |
678 | Pas apal hamil, tangtuna perasaan bakal campur aduk. Rasa bungah sabab hayang mibogaan anak dibarengan ku rasa kaget lantaran anu ditungguan ti baheula teh ayeuna tereh bijil. Tidieu urang geus kudu nyiapkeun tabungan jang lantaran saenggeus hamil bakal aya loba biaya tambahan nu diperlukeun, siga mariksa kandungan, persalinan, sarta perlengkapan bayi. Tah tidieu kudu ngamimitian jang nabung bareng jeung pasangan, ngarah engkena teu ngarasa kasusahan dina hal duit. Soalna mun hamil mimiti, can apal sakumaha duit nu kudu diperlukeun. Kumargi kitu, euweuh salahna nabung ti anggangna ngarah engke teu kaget atawa teu riweuh pas proses kehamilan. Ku persiapan anu sae, tangtuna bakal ngarasa leuwih tenang dina ngajalankeun proses kahamilan nepikeun ka proses persalinan. | 5 | surprise |
4320 | Lamun naek kendaraan umum saperti pesawat atawa beus jeung nu sejena urang kudu tepat waktu pisan, lamun telat urang bisa katinggaleun. Utama na pesawat, pesawat teh aya jam hususna anu geus di atur, kusabab pan pesawat mah mangkatna kudu gantian teu bisa sangeunahna sorangan , lamun urang geus katinggaleun nya enggeus hartina urang kudu meuli tiket deui. Matakna lamun rek naik pesawat komo penerbangan luar negeri urang kudu geus mangkat ti tilu atawa opat jam samemehna ameh teu katinggaleun. Kusabab bakal aya proses anu lila samemehna, ti mulai check in, asupkeun bagasi jeung imigrasi. Lamun nepi katinggaleun geus lain reuwas ngahelap deui rasana tapi nyeri hate kusabab tiket na oge mahal. | 5 | surprise |
4380 | Naon wae anu urang hayang bisa jadi hade kudu dimimitian ti diri urang sorangan. Kitu deui, upama urang mikahayang kanyamanan di tempat umum, mangka ti diri urang sorangan urang kudu ngamimitian sangkan kanyamanan ieu bisa diciptakeun. Salah sahiji kaayaan anu kuring alami dina nyiptakeun kanyamanan anu dimimitian ku sorangan nyaeta budaya ngantri. Lamun urang na teu nyiptakeun atawa sabalikna anu aya kaayaan na ricuh. Aya caritakeuneun yen basa rek lebaran tahun kamari basa nagbagikeun zakat fitrah di daerah urang teh ricuh kusabab aya hiji jelema anu nyorobot antrian. Gara gara hiji jelema anu teu tartib eta, jadi na maneh na di carekan ku loba jelema anu sejena. Tungtung na gara gara eta, maneh na jeung anu lian na teu waka meunag zakat fitrah na. Ngabagikeun zakat fitran na ereun kusaban kaayaan teu bsa di kendalikeun. | 4 | angry |
3274 | Aya sababaraha hipotesis pikeun ngajelaskeun naha jalma tiasa gaduh phobia sieun jeung jijik ka darah jeung ambuanna ieu. salah sahiji argumen anu cukup kuat nyaéta "Hipotesis Ancaman Paleolitik". Hipotesis ieu dirojong ku warta yén sinkop Vasovagal langkung umum di awéwé sareng murangkalih, sedengkeun di murangkalih, aranjeunna tiasa ngatasi fobia nalika pubertas. dina Hipotesis Ancaman Paleolitik dijelaskeun yén fobia ieu tiasa hartosna panyalindungan biologis pikeun awéwé sareng murangkalih di jaman kuno. lamun pasea manusa lumangsung, maranéhna moal ditelasan di daze. tapi ogé dijelaskeun yén hipotésis ieu sabenerna masih dina wangun spekulasi. Sinkop Vasovagal teu tiasa dihindari. Anu ngalaman kaayaan éta tiasa ngirangan épékna ku ngagolér sareng ngangkat suku nalika gejala ieu kajantenan. Lamun teu mungkin keur ngagolér, maranéhanana ogé bisa diuk jeung nempatkeun sirah maranéhanana antara tuur maranéhanana. Hal ieu ngajadikeun gravitasi bisa mantuan aliran getih ka uteuk. | 1 | disgusted |
5244 | Basa nuju alit, Roni resep pisan lulumpatan udag-udagan jeung babaturan nana. Ti isuk nepi ka burit teh euweuh kacape udag-udagan wae. Hiji waktu, keur anteng udag-udagan, aya anjing ngaliwat ka tempat ulinna. Anjing eta teh tuluy ngudag Roni jeung babaturan nana. Roni kalap lumpat sakitu tarikna, tuluy naek kana tatangkalan. Babaturan na oge sarua, naek kana pager imah batur. Keur di luhureun tatangkalan, Roni digonggongan wae ku anjing nu di handap. Roni ceurik da soak teu bisa kamana-mana. Roni gogorowokan nyauran indung bapana. Teu lila aya satpa liwat, tuluy ngusir eta anjing nu ngudag Roni. Geus euweuh anjingna, Roni tuluy turun tina tangkal jeung balik dianterkeun ku pa satpam Tidinya Roni kapok moal deui ulin ka komplek eta. | 2 | sad |
3319 | Kismis mangrupikeun Kadaharan Pangkotor, Ieu Bahaya. Orok jeung barudak ngora utamana rentan ka paparan péstisida, sanajan dina tingkat low. Janten, peran kolot penting pisan pikeun nyandak tindakan pelindung pikeun murangkalih, saur Dr Philip Landrigan, ahli epidemiologi murangkalih. kolotna kudu masihan barudak sayur jeung bungbuahan salaku lauk kalawan kismis lamun aranjeunna mindeng dahar aranjeunna. Salian ti kismis, bungbuahan garing séjénna ogé bisa ngabahayakeun pikeun kaséhatan urang. Contona, anggur bodas garing ngandung sulfit nu bisa ngabalukarkeun réaksi alérgi di sababaraha urang. Kismis, anu sering janten hiasan dina roti, henteu ngan ukur kauntungan, tapi ogé karugian. Tétéla, kismis mangrupikeun salah sahiji tuangeun anu paling kotor sareng sarat péstisida. | 1 | disgusted |
5673 | Mun keur ngarasa jengkel ka suatu hal, urang kudu bisa sabar nyanghareupan nana. Ulah nepi ka kabawa ku emosi, tapi kudu bisa ngendalikeun emosi. Kudu dilobakeun istigfar jeung inget ka Gusti Allah SWT. Mun aya jengkel ka batur ge kudu inget yen ngedalkeun kajengkel mah ngan bakal ngarugikeun diri sorangan. Jadi, dari pada dirugikeun, mending we kontrol emosina, loba istigfar jeung dzikir. Boa eta teh cobaan jang urang supaya bisa leuwih sabar jeung diajar ngambil hikmah tina sagala rupa nu terjadi. Tong hilap istigfar supaya kajengkelna tereh leungit tina awak urang. Yuk urang biasakeun loba istigfar jeung loba eling ka Allah supaya dipaparin kasabaran! | 4 | angry |
6917 | Sonten ieu balik gawe abdi langsung balik ka imah. Pas nuju muka laptop, bade nuntaskeun sababaraha gawean. Pas abdi nuju ngacek email jol aya email ti kantor. Awalna mah abdi mikir ieu email gawean atawa ondangan ti kantor. Tapi pas abdi maca epekteh eta email PHK ti kantor. Abdi mastikeun sababaraha kali, maca deui emailna lantaran teu percaya abdi bakal di-PHK sagancang ieu ti kantor ieu. Anu leuwih nyieun abdi kuciwa nyaeta abdi di-PHK ngaliwatan email. Bener-bener teu nyangka. Tapi untungna abdi masih keneh meunang gaji paneuri. Anu tadina abdi bade nuntaskeun gawean, teu jadi lantaran ayeuna abdi statusna sanes pagawe di kantor eta deui. | 2 | sad |
1079 | Hiji waktu dina kaayaan nu tiris jeung surem, urang ngarasa gelisah jeung geumpeur lantaran urang kudu indit ka dokter jang disuntik. Urang geus ngarasakeun rasa cemas ieu ti peuting keneh, jeung beuki lila beuki sieun. Pas geus nepi klinik oge urang ngarasa kaku jeung ngaderegdeg. Kitu oge pas asup ka ruangan, urang ninggali jarum suntik anu diteundeun dina meja. Katinggalina gede pisan jeung pikasieuneun, siga alat penyiksaan. Urang ngarasa leungeun urang kesangan jeung ngarasa gelisah pisan. Pas jarum keuna kana kulit, urang ngarasakeun sensasi anu nyeri pisan. Saenggeus eta urang ngarasa cape jeung leuleus. Urang ngarasa yen urang geus terluka jeung disiksa sacara emosional oge fisik ku jarum suntik eta. | 0 | fear |
2056 | Kuring sakali-kali nabung salila sataun pikeun meuli HP anu RAM anu loba pikeun bisa maen Mobile Legend jeung Plants vs Zombies 2. Duit saku rata-rata waktu harita kira-kira 20 rébu rupiah, jeung teu eureun-eureun. promo ojek online, jadi unggal poe dahar sarupa kitu. , mie pithik atawa sangu campur jagong/tempe, sabab hargana murah. Sanajan kudu jauh, tapi mun niat mah teu sadar, ti dinya kuring diajar yén tétéla nabung téh penting. Babaturan kuring nu boga duit saku ratusan rebu sapoe, teu kungsi bisa nabung lantaran boros. nah didinya tapi kuring ngarasa bangga pisan bisa meuli hape yen make duit pribados. | 3 | happy |
5654 | Poe ieu teh poe Senen, Azka kabagean jadi pemimin pasukan upacara di sakolana. Azka indit ka sakola jam genep kurang lima belas menit make motor. Di jalan, Azka kena macet parah isuk-isuk sabab aya kacilakaan di hareupeun pabrik. Jadi jalan na teh katutup kunu kacilakaan. Geus satengah jam Azka nungguan dina kamacetan. Azka bari geus keuheul bisi kabeurangan sabab geus jam tujuh kirang sapuluh menit. Azka masih keneh kajebak macet, meuni ambek pisan kana kaayaan macet, tapi da teu bisa kukumaha. Jam tujuh leuwih lima menit jalan geus mulai bisa maju, Azka buru-buru seseleket dinu macet supaya tereh majuna. Jam tujuh leuwih lima belas menit Azka nembe nepi ka sakolana. Pas pisan upacara na rek dimulai. Tuluy Azka baris we ditukang, posisina digantikeun ku batur. | 4 | angry |
3398 | Lamun hutang teh keur modal jeung untung mah teu jadi masalah. Kuring ngarasa boga loba hutang téh kawas mawa batu badag dina taktak kuring nu kudu dibawa ka mana-mana sanajan saméméh sare, bade dahar jeung sagala kagiatan abdi. Tapi aya hal-hal anu "positif" upami kuring nyarios positif, hutang ngajantenkeun otak kuring langkung aktif, gancang kumaha mayarna, ieu ngan pangalaman pribadi kuring, sabab dasarna nalika kuring ngariung. Sanes penjahat tapi kuring kudu nanggung sabab anu ngahutang éta mangrupikeun jalma anu dipikacinta di kulawarga kuring. Kusabab kabeungharan hutang, kuring langsung leungit 15 kg dina sabulan, sadaya aset anu kuring gaduh (bagian tina Tanggung jawab upami Robert nyarios) kecuali kebon, kuring langsung nawiskeun ka babaturan sareng baraya pikeun dijual kusabab kuring hoyong pisan. geura lunaskeun hutangna, malah imahna langsung ditawarkeun ka baraya, hanjakal jual beli imah dina mangsa pandem ieu teh teu gampang (enya kajadian teu lila), akibatna kudu dijual murah. sabisa-bisa. Hiji hal anu nguatkeun kuring dina waktos éta nyaéta kecap-kecap ti jeroeun poé. "Éta kuring masih untung yén kuring masih gaduh barang anu tiasa dijual pikeun nutupan hutang, kumaha upami anu teu gaduh." | 6 | shame |
6922 | Salaku lulusan SMK anu teu sempet kuliah lantaran langsung gawe sabenerna abdi oge gaduh cita-cita hoyong kuliah. Abdi kabita ka babaturan anu tiasa diwisuda, meunang gelar jeung leuwih dipikahormat ku jalmi anu sanes. Pas abdi tos gaduh pagawean abdi nyobian daptar kuliah di salah sahiji kampus swasta. Abdi daptar di program kanggo kelas karyawan supados abdi tiasa digawe sabari kuliah lantaran abdi mayar kuliah make duit gaji meunang gawe. Mamah jeung bapa teu sanggup nyakolakeun abdi nepika perguruan tinggi lantaran biayana lumayan badag. Tapi pas nuju kuliah abdi meunang kabar yen abdi di-PHK sareng lima puluh pagawe anu sanesna lantaran pausahaanna bangkrut. Abdi reuwas jeung teu kapikiran kumaha carana ngalanjengkeun kuliah tapi teu aya duit lantaran tos di-PHK. | 2 | sad |
8541 | Karasa pisan lamun katewak ngalakukeun hal anu goreng, sabab biasana nyiptakeun era sareng kasalahan. Jalma bisa ngarasa teu nyaman jeung sieun keur ditarima atawa ditarima ku batur. Ieu bisa mangaruhan kapercayaan maranehanana sarta nyieun aranjeunna ngarasa inferior sarta teu nyaman dina situasi sosial. Aya oge rasa inferioritas jeung era pikeun ngaruksak ngaran alus sarta reputasi. Sakapeung, aya rasa kuciwa dina diri anjeun sabab anjeun teu tiasa ngeureunkeun diri anjeun ngalakukeun ieu. Nanging, penting pikeun diajar tina kasalahan sareng nyobian henteu ngulang deui tindakan eta di hareup. Rasanya tidak enak dan malu ketika diketahui melakukan hal buruk. Ada perasaan bersalah dan takut akan hukuman atau dampak negatif dari tindakan tersebut. | 6 | shame |
3033 | Kacilakaan lalu lintas sareng rem gagal parantos lumangsung sababaraha kali. Dina taun-taun ayeuna aya 14 kasus kacilakaan utama anu disangka disababkeun ku rem. Sanajan kitu, usaha pencegahan asalna ti Rem Blong masih teu katempo. Rem anu jadi cukang lantaran sababaraha kacilakaan, tangtuna ieu téh kudu jadi perhatian anu penting sangkan henteu kajadian deui. Kasus kacilakaan anu asalna tina rem ngan difokuskeun saatos kacilakaan sapertos nanganan korban, asuransi sareng maksakeun hukuman ka supir anu dianggap tanggung jawab, sedengkeun anu nyababkeun kacilakaan éta sorangan sapertos rem gagal henteu kantos dituturkeun sareng dianggap parantos réngsé. Kacilakaan di jalan lumangsung alatan sababaraha faktor, nya éta Faktor Sarana, Infrastruktur, Manusa jeung Lingkungan. Teu ilahar pikeun kacilakaan lumangsung salaku hasil tina kombinasi faktor ieu, sarta umumna kacilakaan lumangsung alatan sababaraha sabab saling patali. Éta ogé penting pikeun ngarti yén unggal supir ngagaduhan tanggung jawab pikeun ngalaksanakeun pangropéa sareng cek sateuacan angkat. | 0 | fear |
8978 | Cara salajengna pikeun ngatasi kasieun disuntik nyaéta terapi paparan. Ti batan ngajauhan jarum, leuwih sae lamun urang némbongkeun kawani nyanghareupan rasa sieun ku cara ngabiasakeun rasa sieun nu aya. Dina pengobatan médis, téhnik ieu mindeng disebut terapi paparan. Terapi paparan biasana dipigawé lalaunan ngaliwatan sababaraha tahap. Tingkat hiji: Ningali gambar suntikan. Tingkat dua: Ngadangukeun katerangan batur ngeunaan makéna. Tingkat tilu: Ningali jalma sanés nukeur disuntik. Tingkat opat: Nyentuh jarum suntik. Tingkat lima: Nampi suntikan. Larapkeun metode terapi paparan ieu supados anjeun henteu sieun disuntik deui, lalaunan mimitian ti tingkat hiji. Anjeun panginten kedah nyobian langkung ti sakali sateuacan anjeun tungtungna tiasa ngaléngkah ka tingkat salajengna. | 0 | fear |
2143 | Dumasar analisa pribadi & merhatikeun kamajuan kinerja perusahaan sigana tetep beroperasi sanajan tacan pulih 100% s. Bank sareng ekonom dunya ngaramalkeun yén dina taun 2023 bakal aya krisis ékonomi, khususna pikeun nagara-nagara anu gumantung pisan kana pasokan kabutuhan dasarna (pangan, tanaga, jsb.) ti nagara-nagara sanés. Najan kitu, urang salaku warga nagara anu alus kudu waspada tapi ulah sieun sabab salaku jalma anu beriman kudu yakin yén Allah salawasna ngaberkahan satiap usaha anu dilakukeun ku manusa sahingga urang kudu bersyukur sarta terus ngarojong kana program anu geus dijalankeun ku pamarentah. kapasitas urang masing-masing. kumargi prihatin ka kasiapan eta pamecatan hubungan kerja bakal leuwih seer deui upami memang jadi resesi teh. | 2 | sad |
2170 | Sajujurna, kuring ayeuna jadi budak bandel, teu pernah ngadéngé omongan kolot, malah sok ngalawan. Kitu meureun ti leuleutik mah sok di ajar keras, digebugan, diciwit, dikurung di kamar mandi, diséréd di tempat umum, disiram cai émbér, malah digebugan ku sapu gagang kai nepi ka peupeus gagang sapu. Indung kuring ngalakukeun éta sadayana. Ti leuleutik mah sok rengking kahiji, tapi teu pernah reueus, diciuman, malah dipuji. Pikeun indung kuring, nurut ka kolot mah kawajiban nomer hiji. Kuring sok ngusahakeun hal-hal anu hadé ti mimiti meunang kelas nepi ka ilubiung dina kagiatan ekstrakurikuler, tapi kuring masih teu meunang perhatian saeutik. Nepi ka ahirna dina hiji poé, kuring nyaritakeun kalakuan indung kuring ka sobat kuring, waktu harita kuring masih SMP. Ceuk babaturan kuring "mangka, tong sok ngabantah, tinggal diam". | 2 | sad |
2876 | Tah peutingna kuring sare di imah nini (imah nini gigireun imah bibi kuring). Waktu harita kuring sare jeung si bibi, kuring sare di gigireun tembok supaya teu ragrag bari sare. Waktu kuring ampir sare. Kuring nempo hantu Kunti di tukangeun bibi kuring, melong ka kuring, mun inget mah pikasieuneun, tapi anehna mah waktu keur leutik mah teu ngarasa sieun sanajan kuring pengecut. .langsung sare. Ku jalan kitu, si Kunti anu ku kuring ditingali teh make baju bodas beresih, buukna estu awur-awuran jeung panjang (teu apal sabaraha lilana), panonna gede pisan, monconol deui, terus kabeh panonna siga nu teu boga bola panon. | 0 | fear |
5953 | Dina ajaran Islam mah, sakaratul maut teh nyeurina euweuh tandingan nana salila di dunia. Tapi oge disasuaikeun jeung amalan. Mun amalan na hade mah bakal maot khusnul khotimah jeung babari dina ngaliwatan sakaratul mautna. Mun lolobana amalan goreng mah bakal maot suul khotimah, tah eta nu bakal nyeuri kaliwat saking mah dina sakaratul mautna teh. Mantak, mun hoyong dibabarikeun dina perantara hirup jeung maot teh kudu lobakeun amal kahadean salila di dunia. Ulah nepi ka loba nanam kagorengan. Lobakeun nabung amal jariyah jang di alam salanjutna, oge lobakeun amalan hade supaya babari dina urusan menuju ka alam salanjutna nyaeta alam akherat. Mantak, yuk urang perbaiki diri jeung lobakeun amalan hade supaya bisa salamet di dunia jeung akherat! | 0 | fear |
7873 | Poe ieu abdi angkat kuliah ngangge acuk anu dipasihan ku rerencangan abdi, ceunah mah acuk ieu teh nuju usum di jaman ayeuna. Abdi nganggo acuk eta lantaran teu aya deui acuk anu tiasa dianggo lantaran kalalotor. Abdi teu nyangka bakal nimu sababaraha jalmi anu nganggo acuk nu sami sareng abdi. Kahiji abdi patepang jeung jalmi anu nganggo acukanu sarua jeung abdi dina angkot. Untung we di angkot ngan aya arurang duaan. Kadua, basa abdi nembe dugi pisan ka kampus abdi ningal aya jalmi anu nganggo acuk nu sarua deui di kantin kampus, abdi buru-buru kabur lantaran era lamun ngaliwatan manehna. | 6 | shame |
670 | Imas teu nyangka manehna hamil deui lantaran umurna nu geus kolot. Mun diitung-itung mah jeung nu kahamilan ayeuna teh berarti geus kalima na. Imas bari ngaoda ka Allah SWT sangkan dibere anak lalaki. Menta kitu teh lain euweuh sebab, lantaran anakna nu 4 teh kabeh awewe, tuluy mun anak lalaki bisa jadi penerus bapakna jadi ustad di kampung. Dina poean lahiran, bral teh anakna babar ka alam dunya. Geus pasrah rek naon jenis kelaminna nu penting mah anakna sehat. Tapi ku Allah dikabulkeun kahayang Imas teh, anjeunna ngababarkeun anak lalaki anu sehat jeung gendut. Langsung nganuhunkeun ka gusti Allah nu tos maparin kasalametan kangge anakna. | 5 | surprise |
773 | Di sakolaan urang rata-rata barudak teh mibogaan porsi awak nu ideal. Tapi sabenerna teu apal porsi ideal teh kudu sakumaha. Keur mah di imah teh urang mindeng dahar, jadi awak urang leuwih gendut tinu sejenna, di sakola SD keneh awak urang geus nyentuh angka 82. Ku sabab mibogaan awak nu gendut, jadi pergerakan oge beurat. Siga mun contona mengbal, urang mindeng disebut gajah jadi benteng. Atawa mun pas di kelas, batur loba nu nyiwitan awak urang nepikeun ka awak urang teh bareureum. Sakapeung mah sok dilawan saking ku keuheulna, mun manehna nyiwit ku urang ciwit deui, mun manehna nonjokan ku urang tonjokan deui. Samarukna nu gendut teh mun ditonjok teu nyeri kitu? | 4 | angry |
6862 | Salian ti konci motor, aya hiji deui barang anu sok poho jeung tinggaleun nyaeta kaca panon. Abdi sareng rerencangan nuju sholat di Masjid Agung, teras wudhu di tempat wudhu anu luas jeung seeur pisan jalmi di dinya. Pas beres sholat manehna karek nyadar manehna can make kaca panon. Urang langsung milarian dina tas jeung saku tapi teu aya dimamana. Manehna sedih lantaran eta teh kaca panon anyar. Lamun teu make kaca panon manehna bakal hese pas nyupiran jeung teu tiasa ngerjakeun tugas. Untungna aya petugas anu ngajagaan kamar cai. Urang langsung naros ka manehna, epekteh kaca panon eta diamankeun ku manehna, ceunah bisi dicandak ku batur. | 3 | happy |
3315 | Sanggeus kuring ditalungtik, kontaminasi dina dahareun bisa lumangsung ku 2 cara, nyaéta kontaminasi langsung jeung teu langsung. Dahareun mimitian ti prosés ngolah nepi ka siap pikeun nyumput ogé bisa ngidinan kontaminasi ku mikroba. Kontaminasi mikroba dina kadaharan bisa asalna tina lingkungan, bahan baku cai, alat-alat nu dipaké jeung manusa nu aya hubunganana jeung prosés manufaktur nepi ka siap didahar.
Kontaminasi langsung nyaéta kontaminasi anu lumangsung dina kadaharan atah, alatan kabodoan atawa lalawora, boh dihaja boh henteu.
Kontaminasi teu langsung, nya éta kontaminasi anu lumangsung sacara teu langsung alatan kabodoan dina ngokolakeun pangan. Conto = kadaharan atah kana dahareun anu geus asak, kadaharan anu asak-asak jeung parabot anu kotor, saperti piring, sendok, péso jeung sajabana. | 1 | disgusted |
714 | Di tempat pagawean nu kuduna jelemana pada dewasa nyatana mah henteu kabeh kitu, loba oge nu sipatna kawas budak leutik nu sok ngahina batur saolah-olah manehna paling sampurna. Basa rek nyokot barang di luhureun rak teu katepi, lantaran jangkung awak ngan 155 cm. Ssnajan jengke ge teu ka tepi, kecuali make bangku. Tapi harita untungna dibantuan ku si Ardi, manehna emang jangkung. Tapi pas dibantuan ku si Ardi aya babaturan sejen nu ngaliwat nyeungseurikeun, bari ngahina pokna teh "euh keur mah pendek nyusahkeun batur deuih". Urang nyampeurkeun ka manehanana bari ngomong "Sia ngomong ka saha? Dieu ngobrol jeung tuur aing". Manehna ukur ngajawab "Henteu ka sasaha, eta mah heureuy". Urang mah teu ngarti da kanu kitu teh, embel-embel heureuy tapi ku cara ngahina ka batur. | 4 | angry |
8245 | Serangan panik teh berisiko pisan nimbulkeun serangan jantung nika maot kusabab urang teu tiasa ngontrol kaayaan awak urang khususna kaayaan emosi tur fisik urang. Teu saeutik nu pernah ngalaman serangan panik, jalma-jalma nu keur aya dina kaayaan nu tereteken atanapi stres tiasa ngalaman nu ngaranna serangan panik ieu. Sanajan jarang nyebabkeun serangan jantung atanapi maot nanging serangan panik teh tiasa janten pikasieunen pisan pikeun jalma nu keur ngalaman serangan panik. Teu acan deui, kaayaan ieu tiasa mangaruhan kuwalitas hirup penderitana.Urang kudu gera-gera ngahubungan dokter ahli kasihatan mental upami ngalaman kaayaan ieu. janten dokter tiasa ngabantos ngalawan serangan panik nu dirasakeun ku urang. | 0 | fear |
781 | Taun kamari aya festival jeung lomba videografi nu diayakeun ku salah sahiji pihak pamarentah jang ngapromosikeun kaendahan Indonesia. Awalna mah urang teu apal aya lomba eta, ujug-ujug teh dibejaan ku babaturan yen hasil karya urang aya nu maok jeung didaftarkeun video eta ka pihak panitia lomba, tanpa nyantumkeun ngaran urang kalakah nyantumkeun ngaran manehanana. Urang teu narima hal eta, jadina pas apal kitu ku urang dikontak pihak panitia, ngajelaskeun yen eta teh karya urang. Urang oge nunjukeun taun dijieunna karya eta ku cara ninggalikeun YouTube urang. Akhirna mah jelema nu maok hasil karya urang teh diblok permanen tina lomba-lomba nu bakal diayakeun salanjutna. | 4 | angry |
4369 | Titinggal sajarah jaman Batavia kuno kapanggih dina jalur pangwangunan proyek MRT Jakarta Tahap II di Bundaran HI-Ancol. Arkeolog nyebutkeun yén objék warisan budaya kapanggih langka tur penting. 'Harta karun' bersejarah anu kapanggih dina pangwangunan MRT. Pamanggihan harta karun ieu teu kahaja. yen pagawe keur ngalakukeun panggalian, patusan anu ngalakukeun panggalian teh reuwas basa ningali ayana harta karun barang barang paninggalan nyaeta dina wangun saluran cai Batavia kuno anu mangrupa bagian tina sistem suplai cai bersih ka kota Batavia dina abad ka 18. Anu dialirkeun ngaliwatan kolam cai ka Batavia. benteng / benteng. Disebutkeun yen papanggihan ieu mangrupa saksi cicingeun peradaban Batavia (Jakarta) saprak abad ka-18. ceuk arkeolog Universitas Indonesia Prof. Junus Satrio Atmodjo. Junus nambahan, pihakna usaha sabisa-bisa pikeun ngalaksanakeun proses pembongkaran. Nurutkeun manehna, total artefak nu kapanggih dina prosés penggalian ngahontal rebuan, mimitian ti beling keramik, potongan pipa, nepi ka bata ti jaman walanda. | 5 | surprise |
6823 | Di SBMPTN taun 2019. Peserta ujian tiasa ningal hasil ujian masing-masing. Janten urang tiasa mikiran strategi supados tiasa katarima di kampus negeri, urang oge tiasa ngukur kamampuan urang kanggo milih jurusan anu sasuai jeung nilai na. Beda ti taun-taun sateuacan na. Urang ngan ujian hungkul, teu apal nilai na sabaraha. Pas abdi muka hasil bewara nilai SBMPTN gelombang kahiji abdi atoh lantaran nilai abdi teu aya nu butut pisan, tapi oge teu alus pisan, janten abdi kedah mikiran strategi, kumaha cara na jeung nilai anu cekap ieu abdi tiasa asup ka perguruan tinggi negeri anu dipikahoyong ku abdi, nyaeta Unpad. | 3 | happy |
6856 | Kanggo ngarayakeun ulang taun, abdi dibekelan kue bolu ku mamah kanggo dibagi-bagikeun ka rerencangan sakelas. Abdi mawa dua tupperware kue bolu lantaran rerencangan di kelas abdi seeur pisan. Pas dugi ka sakola abdi langsung babagi kue bolu ka sadayana. Pas tos seep sadayana, abdi langsung nyimpen eta wadah tupperware di kolong meja. Sonten, pas abdi bade uih ka bumi, abdi ningal ka kolong meja teu aya tupperware mamah. Abdi langsung panik lantaran teu kabayang ngke bakal diseseulan ku mamah upami abdi teu mawa deui tupperwarena. Abdi langsung milarian, dibantos ku rerencangan sadayana. Singhoreng tupperware teh nuju di pang ngumbahkeun ku rerencangan abdi. Alhamdulillah, abdi janten teu kedah sieun balik ka bumi. | 3 | happy |
3304 | JIJIK..!! Sampah ditumpuk najan ngaleuwihan kapasitas. Pamaréntah Kota (Pemkot) Tarakan teu aya pilihan sanés. Runtah-runtah tetep bakal ditumbuk di Tempat Pengolahan Akhir (TPA) Hake Babu, Désa Karang Harapan, Kacamatan Tarakan Barat. Sanajan éta leuwih kapasitas. Balukarna, runtah nu numpuk sumebar ka jalan ka imah warga satempat. Kapala UPT TPA Hake Babu, Abdul Muin, negeskeun kaayaan kaleuwihan kapasitas tempat pamumpungan sampah di Bumi Paguntaka. Sanajan kitu, alatan teu aya TPA anyar, kumaha ogé loba runtah anu asup ka TPA tetep kudu nampung. “Rata-rata runtah masarakat ampir 120 ton per poé, urang kudu siap nampung. Sabab kamana deui, mun lain ka TPA Hake Babu,” pokna | 1 | disgusted |
605 | Basa balik ti Pangandaran jeung kulawarga, harita naek mobil tapi balikna teh peuting. Jalan nu ku urang kaliwatan teh nyaeta jalan hutan da di sisi na loba tatangkalan anu jarangkung. Urang posisina teh diuk di tukang. Di sabeulah katuhu urang teu kahaja ninggali jurig ngangkleung dina tatangkalan luhurna. Urang reflek ngucap Astagfirulloh tapi teu ngabejaan nu sejenna, sabab urang pernah ngadenge lamun ninggali jurig pas posisi urang masih keneh di jalan ulah diomongkeun si jurig eta engkena bisi nuturkeun ka imah. Matak tidinya urang adem ayem weh teu ngomong nanaon kanu sejenna. Tah pas isukna urang kakara ngobrolkeun kanu sejenna lamun urang teh ninggali jurig kamari pas perjalanan balik ti Pangandaran. | 5 | surprise |
4318 | Subuh tadi urang hudang na kabeurangan pisan padahal urang geus jangjian jeung babaturan yen urang rek ulin ka bekasi babarengan. Urang jangjian mangkat isuk keneh sangkan engke puas ulin di bekasi na sapopoe nepi ka sore atawa peuting karek balik ka purwakarta. Urang jangjian mangkat ti imah na jam 6 sangkan jam 7 urang geus naek beus, ameh isuk keneh jam 9 an urang geus nepi tuluy bisa langsung ulin atawa dahar heula di bekasi. Tapi ayeuna urang hudang na kabeurangan, babaturan pasti geus narungguan urang. Urang geus buru buru ka tempat beus na lulumpatan, tapi pas nepi didinya urang reuwas yen beus na bieu pisan karek mangkat. Jadi urang sarerea ngan bisa molohok katinggaleun beus gara gara urang kabeurangan. | 5 | surprise |
2139 | Pasti karasana hanjelu pisan. Dina kaayaan sapertos kieu, teu aya harepan anu ageung lian ti sabar. Hese pisan narima kanyataan, sanggeus di PHK, kuring ngarasa kurang ayeuna, alhamdulillah. Rarasaan: enya anjeun nyaho gaji anjeun geus dieureunkeun sanajan pangaluaran jang kahirupan sapopoe geus nuluykeun. Leuwih goreng ti éta: keur PHK tanpa gaji, teu meunang pesangaon eweh tunjangan, sarta teu nyaho sabaraha lila. Parah kuadrat: pausahaan ditutup, tapi anjeun ngan PHK tanpa gaji, anjeun teu nyaho sabaraha lila. ddinya urang teh kudu sisiap nitela aya kajadian nu teu diduga ku ayana asunransi atanapi dana darurat jang mulai usaha nu bisa ngakuatkeun ker kayaan susah kiyeu. hanjankal. | 2 | sad |
5258 | Di kampung tempat Andi tinggal mah, ditolak universitas teh jiga salah sahiji aib nu nunjukkeun betapa gagalna hirupna. Teu katarima di kampus terkenal teh bakal jadi bahan obrolan sakampungeun sabab teu bisa nunjukeun bahwa manehna bener bisa lolos. Persfektif kieu nu ngajalar keneh di pikiran orang-orang nu aya di lembur. Padahal, teu ditaima di universitas teh mangrupakeun hal wajar, sanes aib nu kudu ditutup-tutupan. Sagala rupa ge aya prosesna tong nilai tina hasilna hungkul. Tong ngajadikeun teu ditarima di universitas teh hal mangrupa kagagalan, da boa meureun milik rezekia teh aya dina kampus lain. Tong sok mudah ngambil kasimpulan. Tingali heula prosesna nanaon teh. | 2 | sad |
5561 | Hal nu kudu dilakukeun mun urang katinggaleun bus di rest area nyaeta mimiti tong panik, sampeurkeun agen kontrol bus nu aya di rest area eta tuluy jelaskeun tinggaleun bus jurusan mana. Nu kadua nyaeta cicing nungguan keputusan agen, apakah dipindah buskeun kanu mana. Ulah nepi ka kamana-mana, cicing heula weh tungguan. Sabab biasana mah sok dititipkeun ka bus jurusan nu sarua rutena nu aya ditukangeun bus itu. Nu katilu nyaeta telpon jalma wawuh nu aya dina bus supaya ngajagaan barang urang, ulah nepi ka leungit komo dicokot ku batur mah. Usahakeun kenek jeung supir teh apal barang bawaan urang supaya bisa dirawatan. | 5 | surprise |
9569 | Clarissa nyaeta budak awewe pang ngorana di keluarga manehna anu caket pisan sareng akina. Akina teh jalma anu paling berharga pikeun Clarissa, sabab manehna salawasna aya pikeun mantuan jeung mere nasehat ka Clarissa ti waktu manehna leutik. Hiji mangsa, Clarissa reuwas ngadenge beja yen akina gering parna sarta kudu dirawat di rumah sakit. Clarissa langsung indit ka rumah sakit pikeun nganjang ka akina. Manehna ngarasa sedih pisan ningali kaayaan akina anu luar biasa lemah. Saatos sababaraha dinten, kaayaan akina parah, sareng dokter ngabarkeun yen teu aya deui anu tiasa dilakukeun. Clarissa sedih pisan sareng teu tiasa nahan cipanonna nalika akina tungtungna maot. Pangalaman kaleungitan akina mangrupikeun hal anu paling sedih anu pernah dialami Clarissa, sareng anjeunna sono ka akina, anu berharga pisan pikeun anjeunna. Clarissa bener-bener sono ka akina, tapi anjeunna terang yen akina salawasna aya dina hatena sareng bakal janten bagian anu paling berharga dina hirupna. | 2 | sad |
8470 | Faleh teh jelema beresih pisan. Anjeunna salawasna merhatikeun kabersihan dina sagala aspek hirupna. Salah sahiji aspek kahirupan anu anjeunna salawasna jaga nyaeta tuangeun. Kabersihan dahareun penting pisan pikeun Faleh. Manehna mikir kitu sabab manehna geus ngarasa nyeri tina dahar kadaharan kotor. Ayeuna lamun manehna nempo kadaharan kotor manehna bakal ngarasa geuleuh jeung moal dahar kadaharan. Henteu ngan teu hayang dahar, malah teu hayang noel. Anjeunna teu hoyong ngotoran leungeunna nu salawasna diteundeun bersih. Geuleuhna Faleh kana kadaharan anu kotor geus lila kaharti ku kulawarga jeung babaturanana. Ku cara kitu, nalika kulawargana nyiapkeun dahareun atawa babaturanana ngalayanan dahareun, maranehna kudu bener-bener ngajaga kabersihan dahareun. | 1 | disgusted |
2114 | Koréa Selatan dipikanyaho sacara serius ngerjakeun budaya populér nepi ka ahirna nagarana dikenal di sakuliah dunya. Anyar-anyar ieu, pamaréntah daérah ngayakeun survey pikeun milari eusi mana atanapi seniman mana anu paling kasohor di sababaraha nagara. Numutkeun Soompi, survey ieu dilakukeun ku Kamentrian Kabudayaan, Olahraga sareng Pariwisata Koréa selatan sareng Yayasan Korea pikeun Pertukaran Budaya Internasional. Aranjeunna surveyed kira 8.500 responden ti 18 nagara, kaasup Amérika Serikat, Cina jeung Jepang. Survei henteu ngan ukur dilakukeun pikeun hiji jinis hiburan, tapi ngalangkungan média sapertos pilem, musik sareng acara televisi. Saatos ngumpulkeun survey ti 24 Séptémber dugi ka 4 Nopémber 2020, hasilna diterbitkeun dina 28 Januari nu hasil yen korea teh populer. hal eta ngabuktikeun yen naha ai ker basa aya artis korea ka indonesia terus we rame jeung aya sebutan armi nu memang katingalina mani nepi jigkrak-jigrak bahagea ai aya artis korea ka Indonesia teh. | 3 | happy |
7234 | Lantaran tara ngangge kaos kaki pas nganggo sapatu ka sakola, abdi mineng ngarasa ateul dina tapak suku. Pas ditingal aya nu ngajendol, panya teh ngan bentol hungkul, tapi beuki lila beuki ngagedean jeung nyeri lamun dianggo mapah. Abdi naros ka bapa tapi ceuk bapa kedah diparios ku dokter di klinik, pas ditingal ku dokter cenah mah ieu teh mata ikan, lamun bade dileungitkeun kedah dioperasi, tapi sanes operasi anu badag, tiasa dilakukeun di klinik oge. Pas patepang deui jeung dokterna, dokter nyarios ieu kedah dioperasi saenggalna lantaran tos badag pisan jeung ngaganggu lamun dipake mapah. Abdi langsung jangjian jeung dokterna. | 5 | surprise |
2839 | kumaha carana nyingkirkeun kasieun panggung pikeun sadayana béda-béda ... gumantung kana alesan naon anu nyababkeun anjeun sieun panggung. cobian milarian akar masalah teras milarian solusi pikeun masalah anu nyababkeun anjeun ka panggung. Sareng cobian ngamimitian latihan ngabiasakeun diri di panggung pertama kalina henteu kunanaon upami teu aya anu sahenteuna latihan nangtung heula di panggung. Salian eta aya oge, tips lain nyaéta tarik napas panjang, tahan sakedap... tuluy hembus, malikan deui nepi ka bener-bener rileks jeung rileks, terus lamun éta pagelaran jeung katempo ku loba jalma, anggap wae ucing atawa sato nu lain anu ceuk manéhna lucu, lain manusa, ngarah teu gugup. kitu tips ti kuring, mugia aya mangpaatna | 0 | fear |
1385 | Loba tatangga urang mun miceun sampah teh sok di mana wae, awalna mah saeutik lila kalilaan tatangga nu sejen ge miluan miceun sampah didinya. Atuh di hareupeun imah urang teh sampah nepikeun ka ngagunduk. Ditambah keur musim hujan, jadi sampah nu ngagunduk eta teh tambah bau, ku sabab jadi baseuh. Urang geus teu kuat ninggalina oge geuleuh, jadi reregan ku urang kabeh ditutup ngarah urang teu bisa ninggali gundukan sampah eta, tapi tetep weh reregan ditutup oge si sampahna teh kaambu ka jero imah. Nepikeun urang ngalaporkeun ka lurah meh sampah nu dihareupeun imah urang geura-geura diangkut, lantaran geuleuh ninggalina. | 1 | disgusted |
4396 | Nganyatakeun eusi haté atawa leuwih katelah curhat ka babaturan lawan jenis anu dilakonan ku pasangan kulawarga aya potensi pikeun jadi gerbong kamaksiatan di kulawarga. Teu sadar, nalika aya anu hayang di nyarioskeun hal-hal anu penting dina haténa, anjeunna pasti bakal milih babaturan pikeun curhat ka saha anu dipikaresepna. Hal ieu disababkeun ku faktor kapercayaan hiji jalma ka lawan jenis anu hayang jadi babaturan curhat salian ti pamajikan na, jadi geus aya bibit bibit dina waktu éta. Lamun aya nu curhat tuluy ngabales alus ka lawan jenis, lumangsung dua parobahan psikologis, nyaéta palaku manggihan pahlawan lantaran geus berkorban waktu pikeun ngadengekeun keluhanna. Samentara éta, jalma anu ngadenge curhat ngarasa pahlawan sarta ngarasa karunya pikeun anjeunna. Tah kusabab eta jadi loba parsalingkuhan salaki ka babaturan pamajika na, jad weh ti dinya pamajikan na teu tarima ambek ambekan tuluy ruksak pertemanan. | 4 | angry |
3029 | Aya sababaraha masalah naha rem beus/truk gagal, nyaéta: ngaleuwihan wates muatan, beus/truk boga wates muatan, mangka rem kudu digawé leuwih teuas sabab meunang kaleuwihan kakuatan tina beban. Abdi henteu terang kaleresan ngeunaan kampas rem anu dianggo ku KW (Kuring ngadangu ti babaturan anu damel di bengkel khusus treuk sareng beus) tapi kalolobaan truk/beus jarang nganggo suku cadang asli kalebet bantalan rem, alesanna jelas sabab. mahal jeung mental indonesia sok neangan mana nu murah. Résiko nyaéta kanvas teu tiasa ngerem kusabab kualitasna henteu saé. Anu terakhir nyaéta kacerobohan murni, ieu sanés ngan ukur pikeun supir treuk tapi ogé pikeun transportasi, nyaéta nalika rem karasa goréng aranjeunna henteu langsung ngalereskeun sareng ditunda ku sababaraha alesan. Tungtungna, nalika dipaké dina kaayaan precarious, teu jalan. | 0 | fear |
7313 | Hujan turun badag pisan pas abdu nuju dibonceng dina motor, lantaran teu mawa jas hujan abdi langsung ereun heula di Alamart kanggo meser jas hujan palastik anu sakali pake. Abdi langsung nyandak dua jas kanggo abdi sareng rerencangan, pas abdi bade mayar ka kasir, abdi langsung nangtung ditukangeun bapa-bapa anu meser roko, pas bapa-bapa eta kaluar giliran abdi mayar, tapi jol aya teteh-teteh anu miheulaan, abdi langsung ambek ka manehna lantaran teu sopan pisan miheulaan batur teu ngomong heula.Untung we si teteh kasir na oge ngalayanan kuring heula sabari nitah si bapa teteh anu teu sabaran eta kanggo ngantosan di tukangeun kuring. | 4 | angry |
2177 | Basa UJian jang asup kampus make tesSBMPTN datang, kuring indit ka tempat kuring didaftarkeun jadi peserta ujian. Jauh pisan, 5-6 jam perjalanan naek angkot ti kampung ka tempat tes di kota Medan. Sareng dina dinten D, kuring ningali sadaya patarosan tés, sial !! Euweuh nu bisa ngajawab :D. Panginten aya anu gaduh 3-4 patarosan anu tiasa kuring jawab, sésana kosong. Kuring ngan nyikikik sorangan nyikikik dina korsi, kuring geus frustasi. Abdi ngan ukur tiasa ngajawab patarosan TPA. Sésana kuring nyerah, kuring ngan ukur ngantepkeun. Meureun mun panitia SBMPTN ningali jawaban kuring, jeung pilihan jurusan kuring, bakal seuseurian, tempo pilihan kuring mah STEI ITB jeung Teknik Informatika ITS. Teu perlu drama jeung kaajaiban, pasti teu lulus SBMPTN. Teu kaduhung, sabab kadang teu boga waktu keur diajar, riweuh teuing lamun di kampung ngabantuan pagawéan kolot. Jadi lamun peuting geus capé jeung ragrag saré. | 2 | sad |
5592 | Mun nuju hamil teh kudu diperhatikeun pisan kondisi kasehatan awak, ulah nepi ka drop sabab bahaya oge jang kasehatan utun na. Mun baranggawe ulah nepi ka kacapean teuing sabab pangaruhna gede kana janin nu dikandung. Mun nuju hamil oge ulah nepi ka loba pikiran, kudu seger pikiran teh. Kasehatan ge hal utama nu kudu dijaga, sabab naon wae nu dirasa ku awak pasti karasa oge ku utun nu dikandung. Biasakeun loba olahraga ringan jiga leuleumpangan supaya awak kagerakeun, ulah ngagugulung hoream wae. Tuluy dina dahareun oge kudu dijaga pisan, ulah nepi ka salah nuang dahareun sabab bisa fatal jang kandungan. Yuk ah urang terapkeun deui hal-hal nu penting jang kandungan supaya bisa sehat awak jeung utunna! | 5 | surprise |
4401 | Lamun geus dasar na bangor rek kolot rek ngora sarua wae. Panyakit anu ngarana salingkuh moal bisa di halangan. Urang ngalaman sorangan yen bapa urang sigana osok aya hubungan jeung awewe sejen salian ti indung urang. Emang sih hubungan eta moal bakal di sariusan ngan sakeur iseng hungkul tapi eta tetep ngarana salingkuh. Tetep nyerikeun hate, urang nyaho indung urang pasti nyeri hate jeung bari ambek, tapi indung urang embung nempokeun eta, maneh na kuat kuat keun komo di hareupeun budakna. Indung urang na mah cicing tapi urang salaku anak na nya teu tarima, indung urang di nyenyeri kawas kitu. Didinya urang anu ambek ambekan urang anu nyamperkeun saha awewena urang anu ngahareupan bapak, urang ambek urang carekan. Eta urang lakukeun keur ngabela indung urang. | 4 | angry |
4326 | Penting na pangaturan waktu lamun urang rek ngalakukeun perjalanan jauh. Prinsip na leuwing mening nungguan lila samemehna tibatan urang telat jeung katinggaleun peswata atawa bus na. Kusabab loba kagurian lamun urang geus tinggaleun rugi waktu, rugi tanaga, rugi diut na oge jeung anu leuwih nyiksa nyaeta rugi parasaan, jadi sok ngarasa teu tenang jadi rareuwas kitu jadi ngarasa teu enak, komo lamun perjalanan urang teh perjalanan anu buru buru di tungguan jeung penting pisan. Eta kan jadi aya rasa tanggung jawab anu kudu di jaga, komitmen na bisa di cekel utamana ngeunaan komitmen kana waktu. Waktu teh hal anu paling penting komo lamun ngeunaan ka pagawean atawa bisnis. | 5 | surprise |
2095 | Waktu harita kuring miluan MUN (Model United Nations) di paguron luhur nu kasohor. Waktu harita aya "pertandingan" p, kuring salah saurang wakil di kampus kuring. Persiapan buru-buru pisan, jurnal anu ku kuring digarap ogé dasarna sareng nalika diumumkeun juara, sakumaha anu kuring ngarepkeun, kuring henteu meunang juara. Sanajan kitu, panitia jeung pupuhu méré kuring "Fun Award" salaku "nu pang lucu" atawa wakil paling lucu. Duanana bagja jeung isin haha, enyalah isin siga ucing. Teras dina acara perpisahan kampus, abdi nampi penghargaan "The Best Transformation" Intina mah jalmi anu paling barobah, sigana mah baheula mah rada gembrit da pas lulus mah rada kurus. | 3 | happy |
8930 | Abdi sieun pisan upami ningali hiji hal atanapi barang anu seueur liang sapertos sarang lebah. Lamun nempo nu kawas éta, kuring pasti bakal ceurik jeung lumpat nangkeup indung kuring. Sok geli jeung jijik nalika kuring nempo éta teh. Pernah jaman kuring leutik, dulur kuring ngahaja nyodorkeun sarang lebah hareupeun panon kuring, kuring lumpat tapi anjeunna tetep ngudag kuring. Kuring ceurik sieun, lumpat neangan indung tapi teu aya, tuluy lumpat nangkeupan nini. Nepi ka ayeuna kuring masih keneh sieun pisan kana hal-hal nu kitu. Sabisa-bisa kuring bakal nyingkahan ningali éta, upami kuring ngahaja ningali, kuring bakal langsung ngajauhan panon kuring sareng nyobian mopohokeunana. | 0 | fear |
3013 | Serangan panik dicirikeun ku keteg jajantung gancang, sesak napas, pusing, tegangan otot atanapi tremor. Kaayaan ieu tiasa lumangsung iraha waé, boh nalika kagiatan sareng nalika istirahat. Lamun batur ngalaman serangan panik, otak instructs sistim saraf pikeun ngabales ku tarung atawa Ngahindarkeun (tarung atawa hiber). Awak teras bakal ngahasilkeun bahan kimia, sapertos adrenalin, anu memicu paningkatan denyut jantung, laju engapan, sareng aliran getih kana otot. Serangan panik lumangsung nalika awak nyiapkeun respon pikeun ngalawan atawa kabur sanajan teu aya kaayaan kritis atawa bahaya. Hiji jalma malah tiasa ngalaman kaayaan ieu dina kaayaan anu teu kaduga, contona nalika ningali televisi atanapi bobo. Henteu dipikanyaho persis naon anu nyababkeun serangan panik. | 0 | fear |
6267 | Unggal poe Minggu teh abdi sok indit ka pasar nu aya di deukeut imah. Biasana abdi sok indit leumpang bari olahraga. Mun keur leumpang teh sok hoream ku heurin jalan, ku becak jeung delman. Komo delman na nu jorok mah, sok miceun di mana wae kudana teh. Sok geuleuh pisan ningalina ge da di jalan teh aya loba tai kuda. Nya bau, nya rentan katincak deuih. Komo deui mun leumpang di gigireun kuda tuluy kuda na teh miceun bari ngepeskeun buntutna, ih meuni geuleuh pisan ningalina ge. Jorok pisan nu boga kudana, meuni teu nguruskeun kokotor iinguanna. Mantak abdi mah sok ngahaja we leumpang liwat gang leutik supaya leuwih aman tina kokotor sato nu karitu. | 1 | disgusted |
6338 | Abdi geus tilu poe teu ngeunah beuteung, hese hitut deuihan. Mangkaningan ayeuna abdi rek datang ka acara uleman dulur abdi anu nikahan. Abdi indit we tuluy jeung kulawarga abdi ti subuh mula, nepi ka teu kaburu BAB heula. Eta keur dinu hajat teh abdi kalah nyeuri beuteung hayang BAB pisan jeung hayang hitut oge. Ku abdi ditatahan sakuat tanaga da bisi kaleupasan hitut. Pas abdi nyobian ngaluarkeun saalit-saalit, eh eta hitut teh kalah tarik pisan, jaba bau deuihan. Dulur dii gigireun abdi nepi ka ngaralieuk bari seuseurian ngakak teu bisa ditahan. Abdi kuat era pisan nepi ka tuluy nyingcet ka tukang. | 6 | shame |
9234 | Di kelas kuring teh aya dua murid anu sobatan tapi sok jail, ngaranna teh Didi jeung Sihan. Duaan eta teh sok saling jail atau ngajailan batur. Kuring pernah sakali dijailan ku Didi, manehna ngalungkeung coco'oan anu nyingsieuna kuring, nyaeeta cakcak bobodan, atuh ngajerit tarik kuring teh. Pernah oge Didi anu ngajailan Seno, manehna nulis dina kertas 'Lamun nyebut ganteng ka aing dibere saratus rebu.' tuluy ditempelkeun dina tonggong Sihan. Basa Sihan keur persentasi jol babaturan teh nyebut Sihan ganteng, kabeh siswa nyebut kitu. Ku kuring teh dibere nyaho weh ka Sihan, itu mah langsung di kelas teh Didi jeung Seno paudag-udag dina jero kelas. Urang sakelas seuri ngagakgak nyaksian eta. | 6 | shame |
2935 | Dina kasieun manusa éta aya hubunganana sareng pikiran sareng trauma anu tangtu anu aya dina unggal individu. Sareng masing-masing individu unik sareng sanés jinis trauma anu sami anu aranjeunna alami, sesa kasieunan timbul kusabab pangalaman anu parantos dilalui. Aya nu sieun ku jarum, padahal geus disuntik, meureun eta jelema teh teu resep disuntik jeung teu genah ningali jarum identik anu "pikasieuneun" keur sabagian jalma.Teu kudu jauh mah lanceuk kuring boga awak gagah ngan hanjakal mun hayang disuntik, sieun siga nu hayang dihukum beurat, malah teu acan disuntik, ngomongna nyeri jeung pola pikir geus sieun. Aya we alesan-alesan nu matak sieun ku jarum suntik. | 0 | fear |
380 | Pas kelas 4 SD urang pindah sakolaan ka Cianjur. Geus tangtu urang sedih, lantaran bakal papisah jeung babaturan deukeut. Pas poe akhir urang teu ngabejaan ka babaturan lamun urang rek pindah, sabab urang embung babaturan oge sedih. Poe harita oge pas poean urang pindah, aya wali kelas anyar di kelas urang ngaranna Pa Suparman. Nu ku urang bejaan teh nyaeta babaturan deukeut ngaranna Anggi. Urang jeung Anggi geus jadi babaturan deukeut ti kelas 1 keneh, lantaran harita pas daftar sakola teu kahaja barengan panggih di sakolaan. Urang ninggali raut beungeut Anggi sedih, nepikeun manehna mere urang pulpen kanggo kenang-kenangan. Urang ge kitu, mere Anggi pangserut patlot jang kenang-kenangan. | 2 | sad |
6058 | Tilu tips supaya bisa aman mun keur dituturkeun ku jalma nu teu wawuh. Mimiti nyaeta mun amprok jeung jalma teu wawuh teh tong ngawaro, uruskeun we urusan urang, buru indit supaya teu diudag. Ngahindar sabisa mungkin, ulah nepi ka mere kasempatan ngobrol. Nu kadua nyaeta tong ngabejakeun identitas asli. Mun ditanya ngaran atawa data diri teh jawab we make data palsu, ulah nepi ka nyebutkeun data asli urang. Nu katilu nyaeta ulah nepi ka eureun mun diajak ngobrol. Tuluy we leumpang atawa jalan, tong nepi ka eureun sabab bisi dihipnotis atawa bisi dilakukeun hal-hal nu teu dipikahayang. Kudu mawas ka diri sorangan. | 0 | fear |
7794 | Dina acara donor getih anu diayakeun ku organisasi kuring sareng PMI Kota Garut, abdi janten panitiana. Abdi dipasihan tugas kanggo janten anu nyambut pamilon anu bade donor getih. Lamun nuju donor getih teh ceunah mah sok aya kajadian aya nu pingsan, utah, jeung seeur oge anu lemes lantaran tos dicandak getihna. Pas siang-siang, aya hiji pamilon anu utah pas nuju ngantosan saatos donor. Abdi sareng rerencangan langsung dipiwarang ngaberesan runtah eta lantaran bisi ngaganggu jalmi anu sanesna anu aya di dinya. Abdi langsung nyandak tisu kanggo nutupan heula eta utah ku tisu. Pas nuju ngaberesan, abdi teu kiat pisan hoyong utah oge. | 1 | disgusted |
2052 | Aya sababaraha cara jeung léngkah sangkan urang siap nyanghareupan ujian anu aya di hareupeun panon,
1. Jieun jadwal diajar nu teratur, leuwih hade netepkeun waktu nu sarua unggal poe sangkan gampang ngabiasakeun.
2. Diajar konsép dasar matéri.
3. Terus diajar rupa-rupa bahan atawa mata pelajaran. Gawé dina bahan anu hese dina waktos anu paling produktif sareng bahan anu gampang dina waktos sabalikna.
4. Rutin ilubiung dina uji coba UTBK SBMPTN atawa coba-coba.
5. Netepkeun prioritas jeung tujuan, upamana diajar bahan tangtu salila dua jam.
6. Fokus kana hiji bahan dina hiji waktu.
7. Saméméh bérés diajar jeung gugah tina korsi, jadwalkeun heula naon-naon anu bakal diajar poé saterusna.
8. Pigawé évaluasi diri.
9. Saban diajar, siapkeun tempat jeung lingkungan nu nyaman.
10. Jaga pola hirup séhat ku cara ngadahar kadaharan anu bergizi, saré cukup, jeung teu hilap olahraga.. nah tips diluhur insyalaah bisa ngajidikeun urang lulus dina UTBK, sapertos kuring ! | 3 | happy |
4385 | Lamun nurutkeun ahli bedah saraf, dokter Ryu Hasan budaya antrian ngan bisa dihontal ku ngabiasakeun diri ti umur dini. Dokter ahli saraf ieu nyarios yén budaya ngantri moal tiasa dihontal ngan ukur ku ancaman tapi kudu di awasi saara teges, sabab lamun ngan ukur ku cara ieu, maka masarakat bakal nurut nalika diawaskeun ku patugas. Nanging, nalika teu aya pangawas, jalma anu henteu biasa ngantri bakal ngalanggar aturan ieu. Kudu na mah budya antri ieu ges bisa sacara otomatis lamun urang geus biasa jeung sadar diri ngabogaan etika, ku sabab antri ka asup salah sahiji kana etika sopan santun di indonesia. Lamun urang sadar yen antri teh penting moal bakal harese nerapkeunna. Ngajaga etia dina budaya antri bisa ngaciptakeun suasana kondusif sangkan eweuh deui jelema anu ambek ambekan lamun nyorobot antrian. | 4 | angry |
3334 | Seueur bangkai beurit anu kapendak anu garing di pabrik teh sareng kopi anu kasohor di Malaysia. Pabrik éta langsung ditutup ku pagawé kaséhatan.
Kabersihan mangrupikeun faktor utama anu paling penting diperhatoskeun di pabrik dahareun sareng inuman. Tapi, pangurus pabrik pangan mindeng lalawora dina ngalaksanakeun tugasna. Pikeun mastikeun yén pabrik-pabrik anu ngahasilkeun kadaharan sareng inuman dijaga beresih sareng patuh kana standar kaséhatan.
Ngalaporkeun ti SAYS (27/05), anu nembe otorisasi tenaga kaséhatan di Penang, Malaysia, mendakan seueur beurit anu maot di pabrik tèh sareng kopi anu terkenal di dinya. warta ieu dirilis sanggeus pihak
Bagian Kualitas dan Kasalametan Pangan (BKKM) di Pulau Pinang ngalaksanakeun inspeksi ngadadak atawa kunjungan ujug-ujug ka pabrik-pabrik tea jeung kopi kakoncara di wewengkon Bukit Mertajam. | 1 | disgusted |
4057 | Trauma keur leutik nyaeta kaayaan anu di rasakeun ku budak nepika nimbulkeun rasa kasieun. Umumna mah di sebankeun tina kekerasan, pelecehan jeung hal-hal anu ngancem kahirupanna. Dampakna teh bisa mangrupi depresi jeung stres, bisa ngajieun budak jadi jauh ti jelema nu sejen, malah bisa ngajieun si budak teh ngarasa boga hirup anu beda ti budak anu sejen. Teu jarang biasana mun ti budak ngabogakeun trauma anu bener-bener parah bisa wae ngacilakakeun dirina sorangan, da kusabab stress mikiran hal-hal anu mantak pinyeuri hateun. Budak anu kos kitu teh biasana kurang asuhan ti kolot, saperti teu di urus ngan sakalina di urus kalah di carekan jeung di siksa. Kadangmah budak anu di siksa ku kolotna di imah, sok ngaluapkeun kakesalanna di sakola. Salah sahiji cara pikeun ngaringankeun trauma ieu nyaeta mimiti dukungan di kolot kadua terapi. | 2 | sad |
7582 | Basa abdi tos asup kuliah, abdi miluan kagiatan di kampus teras dipasihan tugas kanggo olahraga lumpat. Abdi mutuskeun kanggo lumpat di hiji tempat di caket imah kuring. Tapi lantaran cape, kuring mutuskeun kanggo pupuiran di simpang jalan supados teu jauh. Pas kuring nuju lumpat mah teu aya masalah, paling oge kahalangan ku kandaraan anu ngaliwat, tapi teu lila di wangunan dekeut kuring lumpat jol aya anjing, ai dugan teh anjingna ditalian, epekteh henteu. Abdi sieun teras kalahkah naek ka imah eta, beuki we diudag ku anjing. Abdi langsung turun ti pager teras lumpat sing gancang bari ngaderegdeg jeung teu make sapatu lantaran aya ledok di hareup. | 0 | fear |
701 | Urang biasa balanja di minimarket lantaran barangna nu lengkep jeung mindengna mah teu ngantri mun meuli teh. Tapi hiji waktu mah pas keur diperjalanan jauh si minimarketna teh rada pinuh ku nu meuli, nya meureunan pedah di luar hujan oge jadi nu teu niat ka minimarket ge ngahaja kadinya ngarah bisa ngiuhan tapi sabari meuli barangna. Nu nyieun urang ambek teh lantaran aya ibu-ibu bari neleponan meuni ka gandeng teh, tuluy pas geus beres milihan barangna si ibu jol nyorobot antrian bari ngomong keur buru-buru. Lah emangna nu buru-buru teh maneh hungkul bu, urang jeung nu sejenna oge sarua. Ulah nganggap waktu maneh leuwih penting tibatan waktu batur. Sarua batur oge boga kepentingan nu sejen. | 4 | angry |
2883 | Upami anjeun salah sahiji seueur jalma anu ngajawab 'percaya', maka anjeun leres-leres cocog sareng urang Amerika. Leres, numutkeun Harris Poll of Live Science, 45% urang Amerika percaya kana ayana hantu. Kanyataanna, 28% ceuk maranéhna geus katempo sightings jurig. Masalahna, ayana hantu masih hese dibuktikeun ku elmu pangaweruh. Aya seueur hal sareng téori anu tiasa 'ngabantah' pernyataan éta: hantu aya sareng hirup di sabudeureun urang. Hirup urang teu bisa leupas tina hantu. Ti mimiti acara sakola saperti tawuran peuting, nuansa horor di pasantren, nepi ka momen-momen Ujian Nasional anu sok dipake ku hantu asup kana awak urang. Henteu ngan ukur asup kana ranah atikan, di Indonésia, hantu ogé geus nembus dunya hiburan. | 0 | fear |
7223 | Mangkukna, abdi bebeja ka rerencangan hoyong pisan nyobian menu anyar anu aya di mekdi, nyaeta hayam anu dipasihan bumbu korea. Tapi abdi rumasa keur teu gaduh acis. Pas tos waktosna dahar siang-siangnabdi ngahaneutkeun deui lauk tilas peuting kamari, lumayan masih keneh tiasa diemam. Pas nuju gegeroh, jol aya gojek anu datang, cenah mah aya kiriman kanggo kuring, padahal teu mesen nanaon, cenah mah tos dibayar, abdi langsung narima eta dahareyn ti gojek. Pas dibuka, epekteh eta hayam bumbu korea anu dipikahoyong ku abdi, abdi langsung bebeja jeung nganuhunkeun ka rerencangan lantaran tos masihan hadiah ka kuring pas kondisi nuju teu gaduh acis. | 5 | surprise |
5257 | Poe ayeuna pengumuman katarima henteuna di universitas bakalan dibuka jam salapan isuk-isuk. Abdi tos nyiapkeun sagala kamungkinannana. Pas jam salapan, abdi langsung muka websitena, masukeun nomor pendaftaran jeung sandina. Pas dibuka, mimiti ningali tanda beureum. Wah ieu mah abdi gagal deui masuk universitas. Terus di scroll ka handap, enya weh leres tulisan na teh menta hampura jeung mere semangat. Awak asa leuleus ningali bacaan nana. Tangan ngeper, panon bareureum teu kuat nahan ceurik. Asa na teh nyeuri hate pisan. Cai panon teu bisa dibendung, der abdi ceurik. Sedih pisan rasana euweuh hasil tina perjuangan. Sedih oge sabab teu bisa jadi kabanggaan kolot. | 2 | sad |
8949 | Naon ngajadikeun anjeun ngarasa trauma bahkan jadi halusinasi sanggeus dibulli? Keluhan halusinasi dibully, sieun papanggih jeung batur, sieun teu ditarima, sieun disebut awon, ngabalukarkeun nyeri dina sirah nu ngalaman bisa disababkeun ku sababaraha faktor. Kahiji, émosi anu teu stabil. Kalolobaan korban bullying jadi gampang sedih jeung gampang ambek ogé. Kajadian basa keur dibully masih disimpen dina ingatan maranéhanana, sarta nyieun hésé pikeun aranjeunna ngadalikeun émosi maranéhanana. Kadua, sajarah bullying anu geus keterlaluan. Upami tingkat bullying parah dugi ka ngancam nyawa, ngajantenkeun korban trauma dugi ka halusinasi, ieu kedah diubaran gancang ku dokter. Katilu, teu aya dukungan sareng perhatian ti kulawarga. Kulawarga kedahna janten sistem pangrojong anu paling kuat pikeun korban bullying, tempat dimana aranjeunna ngarasa aman sareng nyaman. | 0 | fear |
1407 | Basa keur ngumpul jeung babaturan nu geus lulus SMP, urang ngumpul di hiji imah babaturan. Imahna gede jadi arurang milihna didinya. Pas keur ngumpul di teras, aya nu ngaliwat. Dina perawakan mah meuni mirip pisan jeung guru nu geus pernah ngajarkeun arurang. Jadi weh ku arurang teh dipanggil, "Bu Tati, Bu Tati". Awalna mah teu ngalieuk, sangkaan urang teh ah meureun teu kadangu. Sakali deui tapi ayeuna mah rada tarik, "Bu Tati, Bu Tati". Si ibu eta ngalieuk ka arurang nu keur ngumpul. Tapi pas ngalieuk jeung ninggali rarayna mah lain si Ibu Tati. Geuningan arurang salah manggil, da eta mah batur. Ku sabab era langsung ngabelecir lumpat asup ka imah. | 6 | shame |
265 | Meunangkeun penghargaan tangtuna loba nu kudu dikorbankeun, boh eta waktu, tanaga, nepikeun ka duit oge. Teu jarang demi meunangkeun hiji penghargaan, loba jelema nu miluan kursus atawa waktu jeung tanagana dipake kanggo fokus naon nu dek ditujuna. Penting oge nyaho kana kamampuan diri sorangan, sabab ieu modal dasar ngameh lancar pas miluan lomba, lamun teu apal kana kamampuan sorangan engkena bingung jeung euweuh sumanget ngagaweanana sabab ku teu soson-soson. Di sisi kamampuan, kudu oge bisa fokus jeung percaya diri. Sabab lamun teu fokus bakal moal meunangkeun naon nu rek ditujuna, tungtungna mah eureun di tengah jalan. Percaya diri oge penting ngarah pas poean lomba bisa maksimal. | 3 | happy |
5226 | Kamari basa nuju momotoran bade ka Bandung, abdi sareng pun raka ngalaman kacilakaan. Motor nu ku abi sareng pun raka tumpangan teh nuju maju gancang ka arah Bandung, jol we pas dibelokan teh aya mobil dumptruck oleng pas pisan papayun-payun jeung motor abdi. Duar, tuluy diadu tabrakan. Raka abdi mental ka sisi kolong dumptruck, kaluar getih tina mastakana ngocor wae teu eureun-eureun. Abdi mah mental ka sisi jalan, kur bared hungul panangan jeung sampean. Abdi harita ceurik gogoakan ningali raka abdi lumuran getih.Tuluy warga nu ningali mangku pun raka ka warung sisi jalan. Pas dibuka helmna, tos teu gerak deui. Warga ngecek detak jantungna, tos teu ayaan. Aduh Gusti, harita mah dunya teh asa eureun. Rarasaan teh asa kosong, pikiran asa kamana-mana. Ceurik teu bisa dibentung kacida ningali pun raka. | 2 | sad |
6270 | Di antara kabeh tai sato, abdi paling kesel mun geus nempo tai beurit. Sabab di imah abdi ge seueur tai beurit di mana-mana. Tai beurit teh bentukna lonjong jeung leutik, warnana hideung, bentukna teh mirip tablet nu perseji panjang. Mun sakali miceun teh sok langsung berceceran eta taina teh. Salian geuleuh ningalina, geuleuh oge ku bauna. Sakali aya tai beurit teh bauna sok ka mana-mana, mantak lieur pisan ngambeuna ge. Sanajan miceunna dina handapaeun lomari ge angger bauna mah sok kaambeu sakamar. Mun disapuan ge deuihan sok kalah biye, tuluy napel dina sapuna. Jiji pisan ningali jeung ngambeu na ge da. | 1 | disgusted |
5989 | Loba kasus tilelep dina wahangan gede sabab human error. Salah sahiji contohna nyaeta korban tilelep di wahangan Citarum. Seueur pisan korban jiwa di wahangan citarum nu disababkeun kacerobohan manusana sorangan. Aya korban na teh mangrupakeun mahasiswa nu keur ngalaksanakeun pengarungan make kayak, tuluy tilelep sabab teu make palampung. Kapendakna teh saban tos tilu dinten dina cai. Tuluy aya oge anu tilelep pas keur guyang dina cai nu jero sabab teu bisaeun ngojay. Tah hal ieu teh rata-rata disebabkeun na pedah kacerobohan, teu make palampung jeung teu bisa ngakirakeun jerona cai jeung kaayaan cai wahangan. Mantak kudu hati-hati pisan dina uulinan cacaian teh. | 0 | fear |
5167 | Kamari abdi ka Pangalengan sareng rerencangan kelas. Duh suasana na teh meuni syahdu pisan, hawana sejuk kebon enteh, jeung deuih teu pati rame ku pangunjung. Abdi jeung rerencangan teh popotoan di tengah kebon enteh. Aya nu selfie wae, aya nu resep motoan babaturan na, aya oge nu cicing wae katirisan. Abdi jeung babaturan teu poho popotoan bateng di tengah kebon enteh nu pamandanganna ngahampar luas pisan. Sanes wae kebon enteh nu kaciri, tapi oge aya pabukitan nu manjang satungtung deuleu, jadi endah pisan ngamanjakeun mata. Suasana na enakeun pisan jang ngobrol mah, komo bari jeung hese sinyal mah, cocok pisan jang ngarah kabersamaan nana. | 3 | happy |
4329 | Kapanggih jeung babaturan anu geus lila teu kapanggih teh rasana bungah pisan,biasana urang jadi rewas pangling teu sangka yen urang berubah ayeuna, jeung tuluy biasana urang ngalanjutkeun carita- carita jaman sakola. Jaman dimana kadang lamun ku urang di inget inget sok era, jaman dimana urang can siga anu ayeuna tapi kadang kadang oge bisa bari nyarita lucu jeung rame. Urang sabenerna geus lila boga rencana hayang ulin barengan deui, tapi teu nyaho kumaha sok hararese pisan aya weh alaesan na jadi teu bisa. Tapi ayeuna uang keu kahaja kalahka kapanggih di jalan ieu. Urang ti mimitina reuwas teu sangka npi ka akhirna nyaman jeung nuluy dahar bareng bari seseurian. | 5 | surprise |
228 | Alusna nabung teh sabab lamun keur hayang hiji barang, bisa meuli henteu kudu ngahutang. Komo deui lamun barangna teh teu digunakeun jang ngahasilkeun duit deui. Nabung oge ngalatih kasabaran lantaran jang meunangkeun naon nu dipikahayang, kudu butuh perjuangan nu leuwih. Nabung oge ngabiasakeun jang hirup hemat jeung bisa ngatur duit. Lamun geus ngajaran sakali nabung kana cengcelengan, pasti dedeieun. Sabab dedeuieun jadi sumanget oge neangan duitna, jeung hayang nabung leuwih gede deui. Tuluy kusabab hese neangan duit, jadi bisa milih oge mana barang nu dibutuhkeun atawa ngan hayang hungkul. Lamun geus kakumpul bakal bungah pas meuli barangna, sabab aya proses anu lila. | 3 | happy |
8423 | Jalma sering ngarasa geuleuh nalika aranjeunna ningali jamban kotor kusabab faktor kabersihan jeung kasehatan. Toilet kotor biasana dieusi ku bakteri sareng kuman ngabahayakeun anu tiasa nyababkeun rupa-rupa panyakit sareng infeksi. Lingkungan anu kotor sareng teu bersih tiasa nyababkeun parasaan geuleuh sareng ngajantenkeun jalma teu nyaman. Salaku tambahan, bau anu teu pikaresepeun anu sering aya dina toilet anu kotor tiasa nyababkeun parasaan geuleuh sareng ngajantenkeun jalma teu nyaman. Ieu bisa jadi ongkek sarta nyieun maranehanana hayang ninggalkeun wewengkon geuwat. Sacara psikologis, ningali lingkungan anu kotor jeung najis bisa nimbulkeun parasaan negatif sarta ngajadikeun jalma ngarasa teu nyaman. Ku alatan eta, lingkungan jamban anu bersih sareng higienis penting pisan pikeun mastikeun kasehatan sareng kanyamanan masarakat. | 1 | disgusted |
3011 | da mun ujug-ujug ngalaman serangan panik, (sabab dina pangalaman kuring serangan panik memang bisa lumangsung tanpa pemicu, dina waktu nu salah wae) kayaning bari ngantri meuli inuman / bahan bacaan di supermarket, nutup pager, jsb. coba diuk heula, inhale-exhale 6 kali, sarta ngomong ka diri: "Oke, ieu ngan serangan panik sakumaha biasa. Abdi moal maot, sarta ieu moal lepas leuwih ti 10 menit. bakal indit sorangan kawas baheula." teras sebutkeun 8 objék anu aya di sabudeureun anjeun dina waktos éta pikeun ngalihkeun pikiran anjeun. Léngkah rasionalisasi ieu mangpaat pikeun nenangkeun diri. sabab umumna jalma anu serangan panik bakal langkung gugup nalika pikiranna museur kana gejala anu dirasakeun. Janten anjeun kedah milarian cara anu paling efektif pikeun anjeun ngarasionalkeun gejala, dina nada anu paling lemah lembut, teras alihan panik / pikiran anjeun. Alihan bisa ngawengku cacah, humming, ngaran objék sabudeureun anjeun, atawa ngabayangkeun tempat calming. | 0 | fear |
339 | Psikoterapi mangrupakeun perawatan nu mibogaan mangpaat nu loba jang masalah mental jeung kahirupan nu sejenna. Ngan lolobana jelema masih bingung jeung teu apal kudu iraha ka psikiater teh. Kuduna tiap jelema teu ngahare-harekeun tiap gangguan nu kajadian saacan neangan bantuan. Psikiater teh nyaeta jelema nu mampu nulungan masalah-masalah dina kahirupan jeung mental. Manehna oge bisa ngarusiahkeun naon wae nu dicaritakeun. Beuki gancang neangan perawatan, beuki gancang oge bisa ngarasa leuwih enakan. Masalah ulah diantepkeun lantaran bisa jadi bahaya jang kasehatan. Komo deui pernah ngalaman trauma, misalna ditinggal ngantunkeun ku nu dipikanyaah, atawa meunangkeun perlakuan kasar. Lamun teu buru-buru ka psikiater engkena bakal mangaruhan kana gawean, siklus sare, atawa hubungan. | 2 | sad |
5179 | Penghargaan ti Kementerian Pemuda dan Olahraga jadi salah sahiji penghargaan bergengsi jang para atle mah. Sabab, mun hayang meunang panghargaan eta teh prestasi nu di ukir na ge kudu teu maen-maen. Kudu bisa ngabanggakeun jeung ngaharumkeun ngaran Indonesia di kancah internasional. Kamari, Rehan kenging panghargaan ti Kemenpora sabab ngaraih medali emas dina ajang Kajuaraan Dunia Arung Jeram. Salian eta, Rehan ge tos sababaraha kali kenging medali emas dina ajang sarupa, hampir unggal taun. tah dina taun nu kalima, Rehan nembe kenging eta panghargaan. Rasana meuni bungah kacida tiasa kenging panghargaan nu bergengi pisan ti Kemenpora. Tiasa diangge jang daftar kuliah jalur prestasi. | 3 | happy |
2902 | sababaraha tips pikeun hirup aman di kota kalawan kajahatan tinggi;
* Ningkatkeun kaamanan di imah, boh CCTV (leuwih alus ditataan sacara jelas tibatan tempat nyumputna), pager, atawa pakarang sakadar bisi (sababaraha jalma nyadiakeun pedang / parang / tumbak / bedil angin), penjaga / satpam, jsb.
*Mawa setrum lamun sering nyopir peuting-peuting sorangan, sanajan teu ngajamin bakal menang ngalawan begal, sahenteuna begal mikir dua kali pikeun neruskeun rampog lamun geus ngahurungkeun setrum anjeun.
* make jaket kandel/jaket kulit lengkep jeung helm full face oge mun nyupiran peuting, biasana tukang begal sok gugup ngamangsa jelema siga kieu sabab malah bisa maling aparatur oge.
*tip salajengna penting pisan, coba jadi jalma alus sabudeureun.
Kulantaran hayang preman atawa penjahat, nyaho saha babaturanana jeung nu lain, malah geus nempo video jelema hayang dirampok, tapi ternyata babaturanana teu jadi maling. | 0 | fear |
6950 | Aya hiji rerencangan abdi anu dibawa ka pesantren ku kolotna pas masih keneh leutik. Manehna diajak ka pesantren nganggo mobil, teras ditinggalkeun langsung tanpa dibere nyaho naon anu kedah manehna lakukeun di dieu, padahal manehna masih keneh budak leutik anu teu apal nanaon, tapi ojol-ojol ditinggalkeun di pesantren anu di ditu teu aya hiji-hiji acan jalmi anu manehna wawuh. Pas di pesantren oge seeur jalmi anu moyokan manehna lantaran awakna leutik. Basa manehna hoyong gabung ameng sasarengan, babaturan anu sanes, babaturanna kalahkah embung ulin jeung manehna. Pas manehna tos diajak ulin manehna kalahkah jadi ucing wae. Pas ulin ucing sumput manehna dititah nyumput tapi teu dipilarian nepikeun dua jam manehna ngantosan babaturanna. | 2 | sad |
6349 | Kamar mandi jadi salah sahiji tempat penting bagi sakabeh jalma. Rek ka mana jeung di mana wae ge pasti butuh kamar mandi. Ngan teu jarang aya jalmi nu sok salah asup sabab teu apaleun atawa teu katempoeun tanda kamar mandi awewe jeung kamar mandi lalaki. Pernah kajadian lalaki salah asup ka kamar mandi awewe, mangkaning keur rame pisan di kamar mandina. Untungna euweuh nu ngarasa karugian, ngan meureun segi privasina kaganggu jeung kanyamanan nana. Nu lalaki ge sarua era pisan da salah asup, jaba ning keur rame pisan. Aslina moal bisa poho pangalaman nu kitu mah, bakal na inget wae. | 6 | shame |
5956 | Keur di jalan peuting-peuting, abdi make motor nyalira ngaliwatan totoang pinus anu poek pisan. Totoangna panjang pisan, aya nepi ka lima ratus meter mah. Keur sorangan ngaliwat teh jol di sisi jalan pelebah nu poek teh aya nu make baju kabaya hejo. Leumpang sisi jalan make kabaya hejo, buukna di sanggul, handapna make samping nu ngetat. Baju kabayana warna hejo, sampingna warna cokelat semu lorengn hideung. Leumpangna ngungkug we sisi jalan, disorot ge teu ngalieuk wae. Abdi mikiran saha jalmana nu wayah kieu wanian liwat kadieu, teu mikir yen eta teh boa lain jalma. Geus nepi ka imah karek we abdi nyadar boa nu tadi teh emang lain jalma, tapi makhluk nu keur nembongan. | 0 | fear |
2543 | Psikolog, anu kawentar ku ulikan ngeunaan kahayang jalma pikeun sasuai jeung otoritas leuwih etika pribadi, ngaranna Stanley Milgram dijieun percobaan on line-cutters (panyarobot) atawa ogé katelah antrian-crappers. Dina 1980, Milgram maréntahkeun sababaraha mahasiswa pikeun ngaluncat dina antrian tikét, tanpa alesan anu jelas. Satengah tina ékspérimén, teu aya anu protés, tapi mahasiswa anu milu kagiatan hooligan nyarios yén aranjeunna henteu resep ieu. Aranjeunna ngarasa hariwang sareng éra. Naha anjeun kantos dicekel atanapi malah gagabah nalika ngantosan antrian? Atanapi anjeun resep cara anu paling sederhana sareng modéren atanapi anjeun jinis anu nyéépkeun antrian-crawler atanapi jinis anu ngantep jalma-jalma nangkep antrian anjeun sanajan kalayan haté anu beurat. | 4 | angry |
5915 | Ayeuna abdi bade janten moderator dina acara musyawarah alumni organisasi di kampus. Abdi emang biasana sok jadi moderator, ngan didieu mah hawa na beda, sieun salah nepikeun informasi. Jaba ning tamu na teh alumni nu tos sarukses dina sagala bidang. Mantak sok isin mun nepi ka salah ngomong atawa kurang nguasai acara teh. Samemeh acara dimulai teh abdi tos paranas tiris bari deg-degan sabab sieun aya kasalahan dina pas jadi moderator. Abdi nyoba nenangkeun diri ku cara cicing di tempat sepi jeung ngeunaheun euweuh jalma. Abdi meuni geumpeur pisan harita. Tapi kukumaha ge acara kudu tetep dilaksanakeun, jeung lakukejn nu terbaik sabisa abdi. | 0 | fear |
2527 | Panon caang! Ujug-ujug manggihan laci "harta karun" di imahna sanggeus curiga lomari anu geus ditutup mangpuluh-puluh taun. "Aya naon di dinya?". Média Cina ngalaporkeun carita awéwé anu cicing di Nanning, Propinsi Guangxi, Cina nalika anjeunna ujug-ujug mendakan harta karun anu parantos dipohokeun salami puluhan taun. dina laci dresser sorangan. Cenah, waktu keur leutik sok ngajalankeun usaha leutik, mindeng ngayuh sapedah ngajual buah jeung sayuran. Ieu ogé ngaheéat waragad. jeung biru nu geus disimpen dina laci dikonci bener, Tapi sanggeus sababaraha waktu, manéhna leungit konci laci. Sarta ti saprak éta laci teu kungsi keuna deui. Sapuluh taun ti harita, laci tabungan masih aya. Nepi ka hiji poé manéhna ngahaja meresihan imah. jeung niat ninggalkeun kabinét, tuluy manéhna nyobaan muka laci nepi ka hasil. Dan kaget ningali jerona pinuh ku duit kertas heubeul. | 5 | surprise |
7521 | Hiji waktos abdi sareng rerencangan nuju ulin ka walungan, sabenerna walungan eta teh masih keneh deet pas urang ameng ka ditu, tapi teu lila jol aya cai ti luhur jigana mah eta teh cai kiriman ti daerah anu hujan di luhur. Abdi sareng rerencangan langsung sarieun tuluy buru-buru lumpat ka luhur, ka tempat anu teu kakeeeum cai. Abdi sareng rerencangan nyarepengan ka batu lantaran cai anu datang teh gancang pisan, teu nepika samenit eta cai geus pinuh jeun badag pisan. Abdi sareng rerencangan sababaraha kali kabawa ku cai tuluy tilelep, tapi untungna masih tiasa keneh nyepeng ka tali anu urang bawa ti imah. | 0 | fear |
6031 | Mun geus ngalakukeun dosa teh, cara ngenta ampunan ka Gusti Allah SWT na ku cara sholat taubat. Tata cara sholat tabat teh jiga sholat sunah nu lainna, tapi beda niat jeung beda bacaan doa satelahna. Sholat tabat teh dua rokaat, nu dimimitian ku niat sholat taubat. Tuluy takbirotul ikhrom. Geus kitu, maca doa iftitah nu dilajengkeun kana Al-Fatiah jeung surah pendek dina Al-Quran. Geus kitu rukuk, tuluy itidal. Teras sujud, duduk antara dua sujud, tuluy tatih deui jang rokaat kadua. Tah rokaat kadua ge sai, ngan diakhiri ku tahiyat ahir jeung salam. Tos salam teh tuluy istigfa sing seueur jeung maca doa taubat. Tong hilap istigfar jeung sesali sagala rupa dosa, tuluy menta dibukakeun pintu ampunan. | 0 | fear |
754 | Kurang sare bisa nyebabkeun otak milu cape jadina gawena nurun. Alhasil, urang jadi hese rek konsentrasi teh, jadina sok bingung sorangan, hese mikir jernih, nepikeun ka hese jang nyerna informasi anyar. Awak nu kacapean ditambah ku gawe otak nu loyo nyieun produktivitas urang morosot jadina stres. Stres ku sabab tuntutan pagawean ditambah rupa-rupa efek kurang sare bisa nyieun emosi urang ngabeledug siga bom waktu. Misalna urang ngarasa hariwang pas pagawean acan beres padahal deadline geus mepet. Tuluy pas batur nanyakeun pagawean urang geus beres can, urang babari ngambek. Padahal kuduna urang teu kudu nepikeun ku cara ngambek jang ngaresponna, cukup dijawab sasingkatna atawa mun embung ngajawab leuwih alus cicing. | 4 | angry |
8459 | Jalma bisa ngarasa jijik nalika ningali tumpukan sampah kusabab sababaraha alesan. Tumpukan sampah tiasa bau pisan goreng sareng memicu reaksi geuleuh. Tumpukan sampah tiasa ngandung bakteri, virus, sareng partikel sanes anu tiasa nyebarkeun panyakit sareng memicu reaksi geuleuh. Sababaraha budaya sareng norma sosial ningali tumpukan sampah henteu higienis sareng pikasieuneun. Tumpukan sampah tiasa mangaruhan estetika lingkungan sareng memicu reaksi geuleuh. Tumpukan sampah anu henteu dikokolakeun kalayan leres tiasa nyababkeun masalah lingkungan sareng kasehatan, sapertos kontaminasi cai sareng taneuh, anu memicu reaksi geuleuh. Reaksi geuleuh kana tumpukan sampah tiasa dipangaruhan ku faktor-faktor ieu sareng memicu reaksi fisik sareng emosional. Sanajan reaksi geuleuh kana tumpukan sampah anu bisa ditarima tur umum, eta masih penting pikeun ngubaran sakuliling kalayan hormat tur ngajaga aranjeunna bersih. | 1 | disgusted |
2212 | Sanaos anjeun henteu tiasa ngahindarkeun parasaan ieu, aya sababaraha cara pikeun ngaleungitkeun kaduhung pikeun ngabantosan anjeun tumbuh sareng robih janten langkung saé.
1. Hindarkeun Obsessing Leuwih Kaduhung Baheula
Wajar pikeun unggal jalma ngalakukeun kasalahan. Kami henteu salawasna terang naon anu kudu dilakukeun dina kaayaan anu tangtu. Sanajan kitu, coba diajar ngeunaan eta. Nuluykeun ngahukum diri anjeun ku hal-hal anu kajantenan di jaman baheula bakal ngabahayakeun kamampuan anjeun pikeun nyandak kaputusan dina waktos ayeuna sareng ka hareup.
2. Hampura Diri
Kaduhung biasana ngalibatkeun komponén kasalahan sareng sering ngajadikeun anjeun ngéléhkeun diri. Kumaha carana mopohokeun kaduhung bisa dipigawé ku ngahampura diri. Ngahampura diri ngamungkinkeun anjeun pikeun ngaleungitkeun amarah, kabencian, atanapi kuciwa anu anjeun rasakeun ka diri anjeun. Numutkeun psikolog Ikhsan, dina prosés ngahampura diri aya émosi positif anu lumangsung. Ieu tiasa ngabantosan urang pulih, nampi kaayaan anu kajantenan, sareng ngabantosan ngirangan kaduhung. Tinimbang ngahukum diri pikeun kasalahan, éta langkung hadé pikeun ngarawat diri sareng ngahampura.
3. Témbongkeun Kahadean ka Diri Anjeun
Sanaos anjeun parantos ngadamel pilihan anu goréng dina jaman baheula, éta sanés hartosna anjeun salamina ditakdirkeun pikeun ngulang kasalahan ieu dina waktos ayeuna sareng ka hareup. Ngidinan diri pikeun ngaliwat kaayaan anu sami nganggo pangalaman. Ku gaduh pamahaman anu langkung saé, anjeun tiasa kalakuanana langkung positip. | 2 | sad |
8199 | Sieun dicarekan teh salah sahiji ciri upami urang ngalakukeun kasalahan. Arek eta kasalahan pagawean, cinta, atanapi nu sejenna tangtos nimbulkeun perasaan sieun dina hate urang. Rasana sieun dicarekan teh teu geunah pisan, kusabab urang terus-terusan mikirkeun naon nu bakal kajadian upami batur nyarekan urang. Urang sieun disentak, sieun dipolototan, sieun diijidan tur sajabana. Rasa sieun eta janten berubah rasa sedih upami leres kajadian. Urang tiasa sedih upami keur dicarekan teu tiasa nyarios nanaon, teu tiasa nempo jelema nu nyarekan, teu tiasa gerak hareueun nu nyarekan kusabab sieun dicarekan leuwih hade. Tungtungna mah urang tiasa wae ceurik upami tos dicarekan teh. | 0 | fear |
7257 | Dinten ieu abdi tos siap-siap bade angkat mudik ka kampung tempat kuring dibabarkeun. Tos teu sabar abdi bade patepang sareng mamah jeung bapa. Abdi mawa seeur cacandakan kanggo mamah jeung bapa. Taun ieu abdi mutuskeun nganggo kapal terbang lantaran supados leuwih gancang, janten teu lami di jalan. Abdi ngenta tulung pang mesenkeun tiket ka rerencangan anu bade mulih ka kampung oge, tapi benten tanggalna. Manehna langsung ngirimkeun tiketna via email. Abdi dugi di bandara tabuh tujuh lantaran jadwal angkatna tabuh salapan enjing-enjing. Pas bade nukerkeun tiket epekteh teu tiasa, abdi bingung pisan naha teu tiasa. Teras abdi langsung naros ka rerencangan anu mesenkeun tiket. Manehna ngomong yen tiketna patukeur jeung nu manehna. Pas abdi ningal epekteh bener tiket nu dicepeng ku abdi teh tanggalna nu kamari. | 5 | surprise |
Subsets and Splits
No saved queries yet
Save your SQL queries to embed, download, and access them later. Queries will appear here once saved.