id
stringlengths 3
4
| text
stringlengths 467
2.16k
| label
int64 0
6
| label_text
stringclasses 7
values |
---|---|---|---|
8256 | Udin kantos janten korban tabrakan. Caritana manehna keur leumpang sawaktos aya motor nabrak manehna ti tukang. Manehna tikusruk ka hareup tur ambek-ambekan ka nu mawa motorna. Tetela nu mawa motorna teu apal upami motor nu dianggona remna blom janten teu tiasa eren sawaktos ngaliwatan Udin. Samenjak eta Udin janten sieun ka nu ngarannna rem blong. Kusabab eta teh ayeuna Udin sok nyaram atanapi ngabejaan ka tiap jalma nu manehna wauh upami bade angkat kamana-mana naek motor, mobil, atanapi kendaraan nu sejenna kudu mariksakeun kaayaan rem. Kusabab cilaka mah eweh nu nyaho salian tiasa ngabahayakeun urang rem blong teh tiasa oge ngabahayakeun batur. | 0 | fear |
5679 | Salah sahiji hal nu nyebabkeun rasa jengkel jeung nyeuri hate teh nyaeta meunang perlakuan nu teu adil. Perlakuan nu teu adil teh sering pisan dipanggihan dina sagala aspek kahirupan. Teu adil sabab dianggap orang nu teu penting, teu adil sabab dianggap orang nu teu berguna, jeung sajabana. Bahkan nu leuwih parah mah diperlakukeun teu adil sabab ditingali tina rupa jeung penampilan. Nu geulis, kasep, jeung stylish mah sok dipandang luhur, beda jeung nu penampilanna saderhana, sok loba disapelekeun ku batur. Padahal hal nu kitu teh teu bisa dijadikeun tolok ukur tina kualitas sasaorang. Objektivitas teh kaelehkeun ku subjektivitas dina realita mah. | 4 | angry |
297 | Sapangalaman urang nu sok ngasuh orok, mindengna orok teh teu daek cicing. Nah sabab ku eta, alusna perhatikeun oge cara ngasuh orok ngameh kahindar tina bahaya di imah. Nu kahiji jauhkeun tina jendela, komo deui lamun jendelana aya di imah tingkat ieu bahaya pisan jang orok anu sok teterekelan. Nu kadua jauhkeun tina listrik, ieu oge penting sabab lamun ditarik bisa nyetrum. Komo orok mah teu apal nanaon jeung rasa panasaranna gede. Nu katilu jauhkeun tina juru meja atawa benda anu tumpul. Ieu bisa jadi bahaya sabab orok bisa wae tidagor. Nu terakhir kudu leuwih ekstra hati-hati di tangga atawa di hareupeun panto imah. Sabab orok bisa wae naek tangga atawa ngorondang kaluar imah. | 3 | happy |
3308 | Kuring nengetan kadaharan anu aya dina jandéla, kana méja. Aya loba laleur. Kuring reflexively kipas dahareun. Utamana nu aya di meja hareup kuring. Babaturan kuring teu sadar langsung mesen goreng hayam.
Sanggeus kuring perhatikeun kumaha datangna aya leutik bodas bodas leutik nu keur obah dina lauk kari pas hareupeun kuring. Kuring langsung nganggap éta endog laleur. Babaturan kuring nanya naon anu kuring hoyong pesen, kuring langsung nyarios moal tuang.
Kumargi si mas tos nyandak beas na teu sae upami kantun angkat, simkuring ngan mesen hiji nasi tanpa lauk. Kaluar ti tempat dahar, kuring bébéja manéhna langsung ngarasa goréng. Urang balik ka hotél sarta maréntahkeun dahar di kadaharan gancang.
Kadaharan naon anu anjeun pesen? Tangtu moal didahar. Geus sieun... da gareleh | 1 | disgusted |
2866 | Pertama kali kuring nempo maot nalika kuring indit ka réstoran seafood, sarta kuring nempo lauk maot dina akuarium. Kuring niténan kaayaan lauk anu masih séhat, tuluy éta lauk luncat tina akuarium. Karyawan réstoran nyekel lauk jeung balik deui ka akuarium deui. tapi laukna geus paraeh. Naon prosés nyeri pikeun lauk.Lauk ngabengkokkeun ototna, ngagebeg sakali deui, tuluy cicing.Biwir laukna mimiti leuleus, ngambang ka handap ka dasar bak. ahirna paéh. Kuring ningali éta nalika kuring umur 5 taun. Meureun hal anu sarua kajadian ka manusa. Kuring nyaritakeun kaayaan nini anu maot di imah. Nini kuring kaserang diabetes akut. Kuring jadi trauma nepi ka ngajerit sieun. Panonna molotot kana lalangit imah, bari ngomong, “Maneh mawa kuring ka mana? Abdi henteu hoyong angkat. Béjakeun ka dua lalaki hideung éta angkat ti dinya.” Bibi teu ningali saha waé di kamar. Terus si bibi mah nyuhunkeun minyak bodas supados nini tenang. Nini kuring ngomong deui, "ulah indit, mamah sieun." bari nyekel leungeun bibi. | 0 | fear |
4315 | Basa ulang tahun babaturan urang poe sabtu kamari, urang jeung babaturan anu sejena di hajakeun rek jieun prank ulang tahun babaturan. Urang rek ngajailan yen carita na eweh salah sahiji oge ti urang anu inget ulang tahun na. Arurang kalah ka keur sibuk ku urusan na masing masing pokokna urang rek ngajieun maneh na sedih nepi ka ceurik. Urang kabehan eweh anu ngucapkeun ulang tahun nu aya kalah ka nyalah nyalah keun maneh na. Nyalahkeun yen manehna ceunah ngagogoreng urang sarerea di tukang beuki ngomongkeun urang di tukangna jeung sajabana. Maneh na ngarasa binggung jeung sedih nepi ka ceurik, geus kitu kakara urang bongkar urang bejaan yen urang ngaprank maneh na urang bawakeun kueh karesepna jeung lilin. Maneh na reuwas teu sangka jeung bungah. | 5 | surprise |
3416 | Henteu sakabéh merk deodoran jeung jenis parfum bisa ngaleungitkeun bau awak. Kanyataanna, aya hal anu ngajadikeun bau malah goréng. Baheula, alatan sibuk kagiatan, késang kaleuleuwihi jeung pas di imah dulur kuring dicarékan, cenah mah bau haseum. weee kumaha ngerakeun hiji awewe bisa disebutkeun yen Pikeun meunang sabudeureun éta, ieu naon atuh. Nganggo sabun Asepso nyaéta Deodoran Segar Higienis ti Nivea. Kalayan dua barang éta, kuring tiasa ngaleungitkeun kesang anu kaleuleuwihan sareng tangtosna henteu bau hehehe Bawa deodorant ka mana-mana, khususna upami seueur kagiatan luar. Saatos nganggo sacara teratur, kuring ngan ukur tiasa nganggo sabun sanés, sabab salian ti kesang, kuring ngagaduhan kulit anu sensitip. Hayang make chetapil teuing mehong keur ukuran budak kuliah. Mun teu boga asepso mah biasana make dettol bonténg, seger pisan mun mandi. Ngan sanggeus bau awak jeung kesang diungkulan urang ngagunakeun parfum. Entong nyobian nganggo parfum nalika anjeun bau sareng kesang | 6 | shame |
6992 | Abdi dicaritakeun ku rerencangan, manehna kaduhung pisan lantaran teu tiasa maturan indungna pas anjeunna pupus lantaran manehna malahkah milih ulin sareng rerencanganna tibatan maturan mamahna di rumah sakit. Padahal mamahna tos menta dibaturan ka rumah sakit. Pas eta manehna teu nyangka yen eta teh mangrupakeun poe terakhir manehna sareng indungna. Isuk-isuk manehna geus siap-siap ulin sareng babaturanna, di waktos anu sami mamahna menta dianteurkeun ka klinik, tapi manehna kalahkah nitah tatanggina nganteur mamahna, epekteh mamahna kedah dibawa ka rumah sakit. Pas ditelepon oge manehna teu ngangkat, padahal mamahna tos teu sadar. Pas manehna balik manehna karek apal mamahna tos teu aya, manehna langsung lumpat ka rumah sakit. | 2 | sad |
6919 | Abdi dikontrak di salah sahiji BUMN di Bandung salila dua taun, teu karasa tos sakedap deui kontrak abdi di pausahaan ieu bakal ereun. Abdi sabenerna teu acan siap kaluar ti pausahaan ieu. Abdi tos ngarasa nyaman di dieu. Abdi oge tos dipasihan waktos jeung diingetkeun kanggo milarian pagawean anyar. Tapi nyatana teu gampang milarian gawean teh. Komo abdi ngan lulusan SMK. Abdi tos nyiapkeun tabungan ti pas awal gawe kanggo simpenan lamun abdi di-PHK. Tapi seeur nu tos kapake lantaran abdi kedah ngabiayaan adi kuliah. Can mayar listrik jeung kanggo meser tuangeun sapopoe. Abdi ngadu'a supados tiasa meunang gawean deui. | 2 | sad |
8440 | Jalma bisa geuleuh ku bau hanyir pikeun sababaraha alesan. Sababaraha urang tiasa gaduh sensitipitas anu langkung ageung kana bau, anu tiasa memicu reaksi geuleuh. Hiji jalma tiasa ngalaman pangalaman goreng sapertos seueul atanapi kesel burih saatos ngambeu bau hanyir nalika murangkalih, anu tiasa memicu reaksi geuleuh kana bau di hareup. Hiji jalma tiasa gaduh phobia khusus, nyaeta kahariwang kaleuleuwihan ngeunaan bau hanyir. Bau hanyir tiasa janten tanda tina masalah kasehatan, sapertos infeksi atanapi karacunan, anu tiasa nyababkeun jijik jalma anu ngambeu. Hiji jalma meureun geus tumuwuh nepi di lingkungan dimana bau hanyir pakait sareng hal negatip, kayaning kabersihan goreng, sarta ieu bisa memicu reaksi geuleuh kana bau hanyir. | 1 | disgusted |
6915 | msyarakat Indonesia, seeur hotel, restoran, jeung kantor anu tutup lantaran bangkrut. Teu sakedik oge pagawe anu diereunkeun sapihak lantaran pemasukan parusahaan teu cekap kanggo nutup gaji pagawe kahareupna. Salah sahiji nu beunang imbasna nyaeta bapa kuring sorangan. Bapa nembe pisan ngalih ka kantor ieu genep bulan kamari, bapa geus ngarep seeur pisan ti kantor ieu, tapi teu nyangka pisan tungtungna bapa di PHK lantaran bapa pagawe anyar keneh janten teu acan gaduh posisi sapertos karyawan tetap di kantor eta. Pas ngadangu kabar ti bapa, abdi langsung sedih lantaran abdi oge nembe asup kuliah, abdi neangan cara supados teu ngarepotkeun bapa, abdi nyobian daptar beasiswa supados bapa teu kedah mayar kuliah. | 2 | sad |
1056 | Pas diancam, urang ngarasa sieun jeung hariwang lantaran ngarasa terancam ku batur. Ancaman ieu mangrupa ancaman fisik jeung verbal, dua-duana nu nyebabkeun rasa kasieun jeung rasa hariwang nu serius. Ancaman fisik bisa mangrupa ancaman jang ngalakukeun kekerasan fisik atawa ngaruksak barang, jeung bisa nyieun urang ngarasa sieun rek kaluar imah atawa ngalakukeun aktivitas sapopoe. Ancaman verbal siga ancaman jang ngabocorkeun rahasia, nyebarkeun rumor, atawa nyieun reputasi jadi buruk, ieu nu nyebabkeun rasa sieun jeung hariwang. Urang oge ngarasa teu aman jeung teu bisa ngaprediksi atawa ngontrol situasi. Urang ngarasa teu apal naon nu bakal kajadian kaharuepna atawa naon nu bakal dilakukeun ku jelema nu ngancam. Hal ieu jadina ningkatkeun perasaan sieun jeung hariwang. | 0 | fear |
6335 | Hal-hal nu biasa nyebabkeun calana sobek teh nyaeta kahiji ukuran calana nu ngepas teuing, malahan mah kabilang merecet. Uuran calana nu pas teuing teh rentan pisan sobek sabab teu bebas jeung tebatas dina gerakan nana. Nu kadua nyaeta gerakan nu lincah teuing. Tah hal ieu ge bisa nyebabkeun calana sobek sabab gerakan anu ncah teuing, ngaleuwihan lebar calana, jadi we sobek. Nu katilu nyaeta bahan calana na ipis pisan. Tah, bahan calana nu ipis ge rentan sobek sabab kerapatan kaen na teh ipis, jadi babari pisan kana sobek teh, komo mun jahitan na oge asal-asalan, sakali kagusrud kana tihang nu garinjul ge pasti bakalan sobek. | 6 | shame |
6055 | Harita teh kali mimitina Meli ulin ka Trans Studio Bandung. Meli ulinna sorangan make angkutan umum. Pas uihkeun, Meli ngahaja leumpang heula nyusur jalan bari jalan-jalan nuju ka halte bus. Eh eta keur leumpang teh jol aya nu nanyakeun alamat. Bapak-bapak make motor beat jeung make helm, jadi teu katempo beungeutna. Meli teh ngjawab teu apal we, teu terlalu menanggapi sabab teu wawuh. Tuluy Meli leumpang nyusuran trotoar. Eta bapak-bapak teh kalah hayoh we nuturkeun bari maksa nananyakeun alamat. Meli geus ngajawab teu apal, eh bapak-bapakna kalah nyorongot bari ngancam. Meli buru-buru we neangan tempat rame supaya teu dituturkeun. Eh angger we Meli dipantau ti kajauhan bari dituturkeun. Pas nepi ka pintu tukang Trans Studio, buru-buru we Meli asup kadinya supaya teu dituturkeun deui. | 0 | fear |
5212 | Di Sunda mah aya salah sahiji budaya anu dilaksanakeun na mun aya lahiran atawa mun aya nu syukuran. Kabiasaan eta ngaranna mere beas. Tah mere beas teh mangrupakeun kagiatan merekeun beas ka imah tatangga nu anyar lahiran. Maksadna mah ngalongok orok jeung indungna bari mere beas sabagai simbol rasa syukur jeung mere sabab geus dibere kasalametan lahiran nana. Tah dina raraga mee beas ieu teh, tatangga oge lan mere kur beas hungkul, tapi nyecep ongkoh make duit. Hal ieu dimaksudkeun supaya orok nu anya lahir teh sing dilimpahan rezeki nu lancar dina kahirupan nana. Maknawi pisan kan kagiatan ieu? Mana nu urang Sunda, cung! Yuk ah lestarikeun ieu kabiasaan supaya bisa ngajalin silaturahmi ku cara nu saderhana. | 3 | happy |
2129 | Keur basa pun anak lahir jeung diberekun ka kuring, manehna nu dinamian ku abdi jeung istri nyaeta Sophie ceurik. Kapaksa kuring nahan kahayang ngagerem. Para perawat ngamandian anjeunna, ngurut anjeunna, sareng nunjukkeun kuring cara ngabungkus anjeunna. Kuring cicing di bangsal cukup lila. Oh, kuring malah poho ngeunaan pamajikan kuring. Para perawat ngajamin kuring bakal ngangkat Sophie nalika anjeunna siap. Kuring buru-buru ka kamar, jeung pamajikan kuring. Urang ngayakeun silih lila nguatkeun ka lalakon nu enke dihadapan bareng-bareng. Aya rarasaan campur aduk, sieun, kabungahan, lega, beuki hariwang, ragu, leuwih sieun, leuwih relief, canggung, emosi nu teu bisa diungkapkeun, leuwih kabagjaan, panyalindungan, kareueus, leuwih, asih , jeung adil alus kabagjaan salaku kolot. | 3 | happy |
5624 | Abdi kamari reunian di sakola menengah. Reuinian ieu teh nembe diayakeun deui ti salila opat taun. Aps abdi datang ka reunian seueur pisan nu pangling penampilanna. Ai abdi nyalira mah ti baheula ge penampilan na angger, euweuh nu dirobah. Pas keur ngobrol soal pagawean, abdi mah bagean nyimak hungkul we da rumasa pagaweanna beda sorangan, jadi teu nyambung ngobrol ge. Tuluy aya babaturan abdi datang, mimiti na mah biasa ngobrol, pas ujung na jol ngomong soal fisik abdi, awak nu ngagendutan, jeung kulit nu ngahideungan. Abdi tidinya ngarasa kasinggung pisan. Jengkel pisan ngadanguna, abdi tuluy indit ti acara eta. Langsung balik ka imah bari jengkel keneh ka nu ngomong eta. Lruheung mun manehna ge geulis, ieu mah pan biasa wae sarua jeung abdi. | 4 | angry |
4462 | Di unggal tempat komo tempat rame pikeun mamangkatan pasti aya wae patugas na, ka asup patugas kareta di stasiun. Aya loba rupa rupa posisi patugas di stasiun kareta eta, aya patugas tiket, patugas kabersihan jeung patugas kaamanan na. Harita urang manggihan ibu ibu anu geus kolot hulang huleng di stasiun sosoranganan siga anu binggung kitu. Teu lila aya patugas kaamanan anu ngadeuketan nanya keun ka ibu ibu eta, tapi ibu ibu eta kaciri na kalah ka siga anu ngambek nyarekan ka patugas kaamanan na. Nyarekan nana oge tarik pisan, hingga batur jadi ningalikeun. Nyarekan na teh puguh naon anu di omongkeuna, siga na mah ibu ibu eta emang keur gering linglung kitu, teu lila ti dinya eta ibu ibu di bawa heula di aman keun ku patugas. | 4 | angry |
4389 | Dimana mana oge kasih ibu sapanjang masa, indung teh bener bener jadi palindung mimiti keur budakna. Lmaun fisik budak na di hina jelas indung na moal tarima, ieu oge nu di lakukeun ku Mantan pamajikan Daus Mini, Yunita Lestari, Yunita ngadadak ambek dina akun TikTokna. Ieu dimimitian ku eusi pideo nalika anjeunna nunjukkeun poto anak kaduana, Abyan Ravindra, anu anjeunna ngaku sering nyababkeun tekanan darah tinggi. Unggahan video Yunita ternyata menarik perhatian netizen untuk berkomentar. Salah sahijina nyaeta akun milik awewe nu ngaranna Desti. Kesel ku hujatan anu ditarajangkeun ka anakna, pamajikan Haney Ariska Febrianto langsung nyoba-nyoba neangan pikeun manggihan jatidiri awewe nu sabenerna. Najan kitu, manehna sabenerna reuwas sabab anu matak ngahujat teh pamajikanana abdi negara nyaeta polisi. Ngaliwatan akun TikTokna, Yunita siga nu teu bisa nahan rasa keuheulna waktu nyaho anakna dihujat. Anjeunna malah nyebut awewe nu teu wijaksana maen media sosial. Dina kasus ieu jadi loba anu miluan nyerang Desti, tapi kasus ieu teu nepi ka jalur hukum kusabab desti geus menta maaf. | 4 | angry |
5698 | Abdi paling ngewa mun ningali babaturan cepu jeung cari muka dihareupeun nu lain. Biasana dina organisasi atawa tempat gawe sok aya wae nu kitu teh, hareupeun mah alus, tukangeun mah nyuntrungkeun. Model dina pagawean ge, batur mah ngagawean loba jeung valid, manehna mah ngagawean saeutik bari ngasal, tapi mun hasilna alus pasti ngagul-ngagul diri sorangan jeung kinerja sorangan. Saolah nanaon teh digawean ku manehna sorangan. Tuluy kalakuan na teh sok cari muka wae ka atasan, bari jeung euweuhan kamampuan na mah. Kesel pisan meuni wani nyuntrungkeun babaturan sorangan demi kauntungan pribadi. Bae da jalma nu kitu mah moal meunang kabagjaan nepi ka iraha wae ge. | 4 | angry |
720 | Urang mimiti bobogohan teh keur SD, inget keneh baheula mah sok make surat tuluy dititipkeun ka babaturan nu deukeut jeung manehanana, da lamun diberekeun langsung mah sok era jeung sieun kanyahoan guru. Lamun zaman ayeuna mah babari tinggal ngaliwatan WhatsApp. Hiji waktu urang dibejaan ku babaturan, manehna ninggali kabogoh urang keur jeung si Andi cenah mah jajan bareng. Urang teu langsung ngadatangan tapi ku urang dibere surat heula mastikeun yen euweuh hubungan nanaon manehna jeung si Andi. Tapi manehna kalakah ngaku sorangan, cenah mah si Andi bageur sok ngajajanan tibatan urang mah tara. Geus nyaho kitu isukna urang ngadatangan bari nyarekan naon maksudna maneh salingkuh ditukangeun urang, mun urang teu dibere nyaho ku babaturan mah meureunan tuluy weh teu mere nyaho urang. | 4 | angry |
9164 | Deukeut imah kuring teh loba ucing liar nu sok datang, sakapeung mah kuring atawa sakulawarga remen méré dahareun, saperti tulang hayam, atawa lauk sésa. Tah, tapi hiji waktu kuring ngarasa keuheul pisan kusabab ucing-ucingna, sabab harita kuring buru-buru indit ka tempat gawe, tapi pas naek motor, kuring ujug-ujug ngambeu bau tai ucing. Sareng kuring milarian sumber bau, nalika kuring ningali éta, tétéla éta kotoran ucing aya di handapeun motor kuring sareng kuring geus nincak eta tai. Pedah ku keuheul kuring gura-giru asup deui ka imah ganti baju anu dikotor ku tai ucing, maksakeun gura-giru ngabersihkeun motor anu aya kokotorna ku cara nyiramkeun cai sabun, padahal kuring ngarasa jijik. | 1 | disgusted |
6003 | Dina waktu mendekati pelaksanaan operasi, urang kedah bener-bener ngajaga kasehatan mental jeung fisik supaya operasina bisa berjalan lancar. Sagala rupa teh kedah diatur, mimiti tina pola makan, pola tidur, intensitas aktivitas, jeung sajabana. Ulah nepi ka ngalakukeun larangan samemeh operasi sabab bisa nimbulkeun efek pasca operasina engke. Mantak, samemeh ngalaksanakeun operasi teh kedah pisan ngajaga kasehatan utamana mental jiga laukeun olahraga ringan, lobakeun positif thinking, lobakeun nonton hiburan, jeung sajabana supaya bisa ngajaga mental. Ulah nepi ka stress sabab mikiran operasi, tenang we da nanaonna ge pasti sasuai jeung prosedur. Jadi, yuk lobakeun hiburan supa bisa ngajaga mental samemeh operasi! | 0 | fear |
8929 | Nalika kuring leutik, kuring ngagaduhan kajadian anu nyababkeun kuring trauma dugi ka ayeuna. Waktu keur leutik mah kuring teh sok ulin borgol boongan jeung dulur-dulur. Anjeunna nempatkeun eta cocooan dina leungeun kuring, tapi masangna tarik teuing. Tadina mah geus biasa, tapi pas dicobaan dibuka, eta cocooan teh teu bisa dibuka lantaran pageuh pisan. Kuring lumpat ka indung kuring sarta ménta dibuka. Tétéla, indung kuring ogé teu bisa muka, eta cocooan teh pageuh teuing masangna. Indung kuring ngajak kuring ka kamar mandi, nuang sabun cair kana leungeun kuring supados leueur sareng borgolna gampang dibuka, tapi henteu lepas oge éta borgol teh. Tungtungna indung kuring nelepon bapa kuring, sarta bapa kuring motong éta borgol kalawan ragaji leutik. Ti saprak harita kuring teu hayang ulin borgol deui. | 0 | fear |
6054 | Nuju di jalan bade milarian masjid, Yuna lebet ka gang sisieun bank Mandiri nu aya di sakitaran tempat nungguan busna. Yuna asup ka gang eta tuluy ngalaksanakeun sholat di masjid. Beres ngalaksanakeun sholat, di masjid teh teu aya jalmi hiji-hiji acan, sepi kecuali anjeunna. Yuna tuluy we buru-buru ka jalan raya deui. Di pertengahan lorong gang, Yuna pasalingsingan jeung bapak-bapak. Eh jol we eta si bapak na teh nuturkeun Yuna bari nyauran wae "Neng". Pas Yuna ngalieuk, si bapak na teh bade noel leungeun Yuna. Untung kaburu ngahindar, jadi leungeun Yuna teu beunanh dicabak. Yuna meuni sasah pisan sabab sieun, tuluy indit we ka tempat nu rame. | 0 | fear |
6342 | Hitut di tempat umum teh jadi hal nu paling ngerakeun pisan. Mantakna, laukeun tilu hal ieu supaya teu kaeraan di tempat umum. Nu kahiji, teangan tempat sepi atawa toilet jang hitut, mun bisa mah tempat sepi nu teu diliwatan ku jelema. Nu kadua nyaeta kaluarkeun hitut lalaunan, atur supaya sorana jeung bauna teh teu ngaganggu batur, bisa bari diuk dina korsi supaya teu modos bauna ka mana-mana. Nu katilu nyaeta tahan hitut di hareupeun loba jelema, supaya teu kaeraan sorangan. Mun geus euweuh jelema atawa mun geus saeutik, tinggal hitutkeun da moal ngaganggu kanu lobaan iyeuh. Malahan mah alusna hitut teh tong ditahan, jadi hitutkeun we di hareupeun sasaha ge. | 6 | shame |
5959 | Biasana mun geus ditembongan ku jurig mah ceunah bakal meunang rezeki nu teu disangka-sangka. Pernah hiji carita aya tukang bakso diudag ku sosok pocong nepi ka hareupeun imahna, tapi isukanna tiba-tiba baksona laris manis ti biasana. Nu biasa beak peuting teh ieu mah karek sajam muka geus beak deui wae. Tuluy oge aya rezeki nu datang teu disangka-sangka. Tah hal ieu teh geus loba kajadian nu dialaman ku loba jalma. Kusabab faktor kabetulan tea, meureunan jadi mitos nu dipercaya dina kaayaan nana ku sabagean besar manusa. Malahan mah sok aya nu nepi ka birat diuudag na teh, tapi bener we sok kabuktian meunang kaberkahan. | 0 | fear |
5603 | Poe ulang taun biasana diarep-arep pisan ku sabagean besar manusa. Sabab ieu teh hiji-hijina momen sataun sakali nu ngingetan umurna. Biasana mun poe ulang taun teh sok ngarepkeun hal nu spesial, arek ti diri sorangan arek ti batur nu deukeut. Ngan dina poe ulang taun teh sok ngarepkein ayana nu mere hadiah. Sabab hadiah dianggap bentuk kanyaah jeung kainget kanu ulang taun. Mantak, mun aya kulawarga atawa babaturan nu ulang taun, sabisa mungkin minimal ngucapkeun sslamat, sabab eta nu mantak atoheunna. Lain masalah hadiah nu diberekeun, tapi ku kaingetna kana poe lahir. Yuk ah biasakeun ngucapkeun selamat jeung apresiasi nu ulang taun! | 5 | surprise |
275 | Di jaman ayeuna pasti hayang eksis, bisa foto jeung artis nu diidolakeun pasti bisa jadi impian loba jelema. Ngameh bisa foto jeung artis carana kudu ngahadiran pas di acara premier film, sabab biasana salian ti para pemeran film, artis-artis oge loba nu diondang jang miluan nonton premier. Tuluy bisa nyobaan make aksesories maranehanana, bisa make kaos nu aya foto artisna. Bisa oge mawa tongkat selfie, ngarang jangkauan kamerana jadi leuwih lega. Jadi sanajan teu nangtung di deukeut manehna, lamun make tongsis masih bisa katangkap make kamera. Bisa oge gabung pas keur di kaayaan rame, sabab loba artis atawa penyanyi nu resep foto pas manehna keur manggung tuluy kerumunan penonton jadi latarna. | 3 | happy |
2464 | Jadi basa keur SD mah birit. Beuteung mah nyeri pisan lamun buang air besar. Sakitu kesang tiis. Indung kuring nu teu tega ningali kuring ceurik kanyenyerian, isukna langsung dibawa ka rumah sakit. Di rumah sakit beuteung kuring di-rontgen. Saparantos rengse, dokter nerangkeun aya batu atanapi anu sapertos kitu dina beuteung abdi sareng langsung dihukum usus buntu sahingga cenah kedah dioperasi sagancangna. Kuring henteu terang naha, saatos éta indung kuring nyandak kuring ka rumah sakit sanés. Tapi kusabab Askes teu bisa nutupan biaya di rumah sakit sejen, indung kuring dibawa balik ka rumah sakit munggaran. Di dinya kuring dipariksa deui ku dokter nu béda. Sareng kabuktian... Abdi henteu ngagaduhan usus buntu sareng henteu aya batu atanapi naon waé anu diomongkeun ku dokter tadi isuk. Ceuk dokter ieu mah, nyeri beuteung mah ngan efek maag. Janten kuring ngabatalkeun operasi. Coba mun teu di parios ku dokter lain, meureun peujit mah geus buru-buru dipotong :') Ayeuna kuring nembé terang yén panyakit kuring nyaéta sindrom irritable bowel (IBS). Akhir-akhir ieu, sering kambuh nalika kuring salah tuang atanapi nalika kuring setrés. | 5 | surprise |
1360 | Sanajan ngarasa geuleuh tapi ngaberesihkeun kotoran hewan anu bener tetep penting jang ngajaga kasehatan jeung kaberesihan lingkungan. Aya sababaraha cara jang ngaberesihkeun kotoran hewan nu bener sanajan geuleuh oge. Nu kahiji gunakeun sarung tangan karet jang ngalindungi leungeun tina kontak langsung jeung kotoran hewan. Nu kadua gunakeun kertas koran atawa kantor plastik jang ngangkat kotoran hewan jeung ulah nyabak ku leungeun sacara langsung. Nu katilu gunakeun sabun jeung cai jang ngaberesihkeunna. Nu ka opat pastikeun geus miceun kertas koran atawa plastik nu geus digunakeun tadi ka tempat sampah. Saenggeus rengse ngaberesihkeun kotoran hewan, pastikeun jang ngumbah leungeun ku sabun jeung cai anu beresih. | 1 | disgusted |
2206 | 2013 abdi lulus ti SMA. Kenging ondangan ditampi di salah sahiji kampus swasta di Kota B. Ti SMP sim kuring cita-cita hoyong lebet ka PTN di Bogor, margi rumaos jurusan anu dicandak ku pun biang parantos diarahkeun ku bapa dugi ka damel engke. Tétéla nasib geus kersa, kuring meunang jalur ondangan prestasi tapi D3 di PTN Bogor anu dipikahoyong. Halangan anu lumangsung nyaéta idin ti kolot kuring anu teu ngidinan kuring diajar di luar kota, ahirna kuring kaluar tina rasa frustasi kuring kalayan henteu ngadaptar di PTN / swasta mana wae. Nepi ka ahirna kuring dipaksa asup ka Univ di kota sorangan. Jujur, kuring ninggalkeun satengah haté jeung horéam. Pilihan kahiji anu kuring candak nyaéta Program Studi Agribisnis Pertanian, pilihan kadua nyaéta Politik Sosial. Abdi katampi janten pilihan kahiji kalayan ujian, tina 200 urang anu katampi, abdi rengking 20 luhur. Nepi ka ahirna kuring dicabut, sabab kuring teu ngadaptar deui. Kuring jempé, teu bébéja ka kolot. Nepi ka ahirna kolotna manggihan sarta pohara kuciwa. Bentuk kuciwa maranéhanana ku teu nyewot jeung teu padulid nalika kuring ngabejaan bebeneran. | 2 | sad |
4378 | Kabudayaan ngantri di Indonesia masih keneh jadi masalah serius anu nepi ka ayeuna tacan direngsekeun. Urang bisa ningali ieu dina sababaraha waktos, khususna di fasilitas umum, sapaperti jamban, SPBU, loket karcis, sareng loba deui. Sanajan kadenge sepele, dina kanyataanana teu saeutik jalma nu leuwih milih norobos tibatan kudu sabar ngantri. Kabiasaan sok norobos ieu teh anu sok jai masalah jeung jieun kaributan. Jelema anu geus lila antri pasti nya ambek lamun sangeunah na di sorobot. Eta teh sarua jeung eweuh etika jeung sopan santun. Sabagé conto pasualan prihatin ngeunaan antrian, nya eta lobana jalma anu cilaka malah maot nalika ngabagikeun zakat, sembako atawa bantuan sosial sejenna ka jalma miskin. Saolah-olah duit anu ngan puluhan rebu rupiah sarua jeung resiko atawa riungan jalma anu teu tartib jeung ngajajar. Sanajan geus dipasang pager beusi atawa panghalang sejenna, masih keneh aya anu ngalanggar antrian anu geus ditangtukeun ku panitia. | 4 | angry |
2160 | Kuring aya dina titik dimana kuring ngarasa gagal sareng sadaya anu kuring laksanakeun ngan ukur sia-sia, waktos éta, sakitar 4 sasih kapengker, kuring salah sahiji calon peserta pasanggiri Kabupatén/Kota. Guru kuring ngumumkeun yén bakal aya seleksi tingkat sakola pikeun nyokot 3 urang nu skor pangluhurna. Ngadéngé kitu, tangtu kuring langsung nalungtik naon nu bakal kaluar dina mangsa seleksi engké. Métode diajar kuring henteu intensif, tapi sacara kasarna, kuring parantos "ngrasakeun" jinis-jinis patarosan anu paling dipikaresep bakal aya dina pamilihan. Sanajan kitu, kanyataanana kasar pencét kuring. Abdi kaluar tina 3 luhur pikeun ngawakilan sakola dina éta lomba. Rengking kuring leres-leres turun, bahkan henteu dina 5 luhur. Haté remuk, harepan sangkan reueus kolot ancur. Di imah kuring ceurik teu kaampeuh, kuring ngarasa sagala usaha kuring sia-sia. Kuring éta bener frustasi nepi ka kuring nyieun kasalahan fatal; cangcaya kana kakawasaan Allah jeung nungtut kaadilan ka Anjeunna. hal eta kaasuf kufur massyaallah sampe dititik eta abdi istigfar meruenan iyeu teguran yen urang teh adigung pisan. | 2 | sad |
6033 | Ngaranna ge jalma hirup, pasti teu luput tina dosa jeung kasalahan. Dina ajaran Islam, aya sahiji cara nu bisa ditempuh dina ngamohon pangampunan dosa, nyaeta ku sholat taubat. Manusa hirup di dunia teh pasti loba dosa jeung kasalahan nu disangaja jeung teu disangaja. Biasana oge sok teu karasa ngalakukeun dosa teh. Malahan nu paling ngerikeun nyaeta dosa jariyah nu ngocor salila hirup jeung ke jaga di alam salajengna. Tah, supaya bisa ngamohon ampunan, geuraan sholat taubat. Taubat sing bener-benee ka Gusti Allah supaya bisa dibukakeun pintu taubatna. Ulah hilap dina sagala lampah kedah eling. Hayu urang biasakeun shokat taubat supaya senantiasa selalu diampuni. | 0 | fear |
9167 | Kapungkur, nalika imah kuring teu acan pindah ka imah nu ayeuna, kuring sering mendakan tai beurit. Imah nu baheula geus kolot, jadi loba beurit di dinya. Waktu éta kuring keur nyeuseuh baju dina mesin cuci, bau pisan di tukangeun mesin cuci teh. Tungtungna kuring menta tulung ka bapana ningalian aya naon balik mesin cuci teh. Tétéla loba tai beurit, aya cikiih aya ogé taina. Jijik pisan harita teh dugi ka hoyong utah, janten bapa kuring ngabersihkeun sadaya kokotor. Sanggeus beberesih, kuring terus nyeuseuh baju deui. Tapi saminggu saterusna bau deui, bener weh aya tai beurit deui. Ceuk Bapa, kokotorna bakal aya wae saban waktu lamun beuritna teu katéwak. Sangkan bapa meuli sababaraha lem beurit, sarta ditunda di sabudeureun mesin cuci. Isukna tétéla aya tilu beurit anu katéwak langsung teras dibuang ku bapa. | 1 | disgusted |
749 | Di kota mindeng banjir mun hujan teh, jadi pengendara motor biasana loba nu caricing di tengah jalan lantaran sieun motorna mogok mun kakeueum ku cai. Biasana ieu oge nu nyebabkeun macet anu kuduna bisa dipake dua jalur, jadi sajalur. Alusna mah motor teh mun moal ngaliwat mending oge ka sisi eureunna, ulah di tengah-tengah kitu nu ngajadikeun macet. Sakirana nungguan banjirna rada surut, mending oge ka sisi atawa leuwih alus deui neangan jalan sejen mun keur buru-buru mah. Meh anu make mobil nu sabenerna bisa ngaliwatan jadi tersendat sabab loba nu caricing di tengah jalan. Komo deui nu parkir di tengah jalan, ulah weh. | 4 | angry |
5932 | Mun ka mana-mana teh kudu aya baturna, tong sosoranganan. Mun aya batur na mah kan mun manggih bahaya teh aya nu mangnyahokeun jeung aya nu nulungan. Komo usum susah kieu mah begal teh ngahalalkeun sagala cara jang neangan kabutuh. Komo mun awewe mah, kudu pisan aya nu ngabaturan sabab bisi didodoho di jalan. Salila berkendara oge kudu sing waspada kana kaayaan sakitar, tingal kenca katuhu bisi aya kandaraan nu ngabuntut terus ngabegal di jalan nu sepi. Siapkeun oge mental mun rek berkendara jah, sabab bisi terjadi hal-hal nu teu dipikayang. Jadi, ku kituna, yuk urang leuwih waspada jeung siaga deui dina perjalanan teh, supaya dijauhkeun tina sagala hambatan! | 0 | fear |
4697 | Lamun urang jadi jelema anu bageus anu nurut ceuk kolot urang teu kudu sieun bakal di carekan ku kolot, kolot nyarekan teh pasti aya kusabab na lamun urang bageur teu salah piraku kolot ujug ujug nyarekan. Cara sangkan teu di carekan ku kolot nyaeta mimiti kudu nurutkeun ceuk naon parentah kolot, ulah ngalawan jeung kud carita lamun rek nanaon ka kolot, kusabab lobamasalah anu ngajadikeun kolot nyarekan tej kusababab kolot salah paham, maksud urang jeung kolot teh beda, urang hayang na kieu jeung kolot hayang na kitu, tuntungna mah teu panggih jeung bakal ngajadikeun masalah. Biasana tina hiji maslah ieu bisa ngalobaan jeung nuluy ka masalah sejen, matak saling terbuka jeung saling ngartikeun antara kolot jeung anak teh penting pisan. | 0 | fear |
8932 | Di hiji kampus, keur lumangsung kelas peuting, waktu dosen asup ka kelas, hawa karasa aneh. Waktu kelas geus satengah jam, ujug-ujug aya pesen ka Risky salaku ketua kelas, pesen ti dosen anu keur ngajar, cenah teu bisa hadir ngajar lantaran keur ka luar kota. Risky tuluy ngabaran ka grup kelas, sadayana bingung sareng sieun, saha jalma anu di payuneun aranjeunna ngajar ayeuna? Risky hayang mastikeun yén dosen nu aya di hareupeunana téh manusa atawa lain ku cara ngalungkeun pulpénna kana lantai. Sabot nyokot pulpénna, manéhna melong ka dosen éta, tétéla éta dosen téh euweuh suku alias ngambang. Risky reuwas jeung langsung mere nyaho ka babaturanana via group chat supaya ninggalkeun kelas hiji-hiji ameh dosen teu curiga. Pang akhirna Risky, nalika pamitan, Risky nyarios, "Tipayun pak.", dosen eta ngajawab, "Tipayun atanapi tos terang?". Risky kacida reuwasna, manehna langsung kaluar ti kelas bari lumpat nyampeurkeun babaturanana. | 0 | fear |
7593 | Lantaran aya kagiatan di kampus ti isuk keneh, abdi kedah angkat ti imah oge kedah subuh pisan, pas di luar poek keneh. Abdi langsung angkat ti tabuh lima kirang. Jalanan masih keneh sepi, teu seeur jalmi, warung-warung oge teu acan muka, ojek oge teu aya. Di tengah jalan anu sepi eta abdi mapah rada gancang lantaran tiris jeung supados gancang nepi ka sisi jalan. Di sajajalaneun abdi sieun pedah ngarasa aya nu nuturkeun sabab abdi ngadangu sora lengkah, abdi ngahaja mapah rada laun supados manehna tiasa nyusul kuring, tapi manehna kalahkah miluan laun oge.Pas abdi jalanna rada gancang manehna oge miluan gancang. | 0 | fear |
9532 | Lulus ujian mangrupikeun hal anu paling pikabungaheun anu kantos urang alaman. Ieu sababaraha cara anu tiasa laksanakeun pikeun ngahontal kasuksesan dina ngalaksanakeun ujian sangkan ngarasa bagja. Kahiji, mimitian ku nyieun rencana diajar anu ditangtoskeun. Setel tujuan diajar anjeun, jieun jadwal diajar anu realistis, sareng pastikeun pikeun prioritas mata pelajaran anu langkung hese. Salajengna, milarian tempat diajar anu nyaman sareng sepi. Pilih tempat anu henteu rame teuing atanapi sepi teuing, sareng henteu kaganggu ku faktor eksternal sapertos sora atanapi bau. Lajeng, diajar ku cara anu efektif. Anggo metode diajar anu cocok sareng kapribadian anjeun, sapertos diajar mandiri, diskusi sareng babaturan, atanapi ngiringan les di lembaga bimbingan belajar. Tong hilap teras mandang positip ngeunaan ujian. Entong sieun atanapi hariwang teuing ngeunaan ujian, sabab eta tiasa ngaganggu diajar anjeun. Teras pigawe soal latihan. Teangan soal latihan anu luyu jeung materi anu rek diujikeun, tuluy garap kalawan serius. Soal latihan tiasa ngabantosan anjeun ngartos materi anu bade diujiankeun, oge ningkatkeun kapercayaan anjeun nalika nyanghareupan ujian. Lamun ngarasa cape, geura istirahat. Tong maksakeun diri diajar terus-terusan, sabab kacapean tiasa ngirangan konsentrasi sareng tiasa janten pangaruh anu negatif kana hasil diajar. Ku ngalaksanakeun metodeu di luhur, anjeun tiasa ningkatkeun kasempetan pikeun lulus ujian sareng ngaraosan kabagjaan. Tong hilap ikhtiar sareng ngadoa supados hasil anu dipiharep tiasa kawujud. | 3 | happy |
1401 | Samemeh balik ngaji biasana mah sok diayakeun sholat berjamaah. Harita sholat kawas biasana, tapi pas keur tahiyat akhir, ujug-ujug aya anu kaluar melepes. Teu kahaja hitut padahal mah teu keur hayang, ngan pedah ka teken jadina kaluar sorangan. Urang langsung lumpat ngabatalkeun sholat, urang langsung balik ka imah embung dilanjutkeun sholat di masigit. Isukna urang embung miluan ngaji ku sabab era ku babaturan, pasti bakal diungkit-ungkit jeung diera-era. Jadi urang teu ngaji saminggu teh susuganan babaturan ngaji bakal pohoeun kana peristiwa eta. Tapi nyatana mah henteu, kalakah diseungseurikeun jeung dikekeak. Urang narimakeun sanajan era-era oge da sairing waktu pasti bakal parohoeun. | 6 | shame |
8532 | Lamun batur boga hutang beurat, aranjeunna biasana ngarasa rupa-rupa parasaan negatip. Eta bisa ngarasa jengkel sorangan pikeun nyieun kaputusan salah jeung incurring hutang beurat. Maranehna bisa jadi hariwang ngeunaan kumaha maranehna bakal mayar hutang jeung naon nu bakal kajadian lamun teu bisa. Eta panginten seueur setres sareng tekenan mikiran hutangna sareng kumaha aranjeunna bade mayar tagihanana. Maranehna bisa ngarasa era pisan sabab teu bisa mayar hutang jeung ngarasa teu bisa nampilkeun diri kalayan bener di hareupeun batur. Eta bisa ngarasa ambek dina sistem finansial atawa jalma anu mere hutang maranehanana. Eta meureun ngarasa asa teu nyaho kumaha carana ngajawab masalah hutang maranehanana. | 6 | shame |
7807 | Kamar cai sekre di kampus kuring teh salah sahiji anu pang kotorna anu pernah kuring anggo. Aya hiji kamar cai anu mangpet nyaeta kamar cai anu di juru, lamun aya nu teu kahaja make kamar cai eta pasti bakal ninggalkeun kotoran dina lobang wc. Salila eta tai ngambang jeung hangseurna nyembeu dina lobang, pasti moal aya jalmi anu daek ngaberesihan lantaran bauna teu kiat pisan, abdi oge nulis ieu sabari kabayang bauna kumaha. Bakating ku bauna eta kamar cai, lamun urang ngaliwat di hareupeun kamar cai eta sanajan teu asup oge pasti bakal kaambeu bauna. Komo di sisi kamar cai teh aya wadah runtah badag. Beuki weh bau. | 1 | disgusted |
2199 | Gagal kawin nu kadua: caritana Teu kanyahoan, Mamah nelepon ka mantan. Anjeunna ningali kuring ngaco ngeunaan sataun saatos putus. Pokna téh Mamah jangji rék ngabujuk sangkan nuturkeun kahayangna. Ahirna mantan kuring ngahubungi deui. Ngeunaan 2 bulan komunikasi sengit, urang balik deui. Tapi ti mimiti kuring ngomong, kuring hayang datang deui lamun manéhna serius ngeunaan nikah jeung Mamah hirup jeung kulawarga anyar urang someday. Manéhna nyebutkeun siap. Kulawarga panjangna disawalakeun deui. Waktos ieu parantos dugi ka tahap ngabahas ngeunaan mas kawin sareng ngawitan nangtukeun acara numutkeun adat sunda. Hiji waktu, mun teu salah, poé Saptu isuk-isuk, kuring kadéngé Mama ngobrol dina hapé, "Sabar atuh nya neng, teu acan aya kasempetan ngobrol sareng Junet. Mamah kena badé ngobrol sareng anjeunna lalaunan. Mamah siap hirup nyalira salami junet jeung eneng tiasa nikah..Pangorbanan indung jang kuring etateh. | 2 | sad |
6063 | Mun keur di imah sorangan teh sok asa sagala karasa sieun. Komo deui lamun di deukeut imah aya nu anyar maot mah sok keueung sagalana teh. Mun rek sare teh sok aya sora ngoletrak, padahal euweuh sasaha. Mun rek ka wc ge sok asa aya bayangan hideung nu nuturkeun, padahal euweuh sasaha. Mun keur sare ge sok kahudangkeun sabab aya sora sagala rupa, lengkah suku, sora kekeletrekan, jeung sajabana. Padahal pas ditoong teh euweuh jelema atawa ucing. Jadi sok asa rarasaeun mun rek lumampah atawa sare teh. Mantak, mun di imah sorangan teh mending nitah dulur ngendong ngabaturan, supaya aya batur pakumaha mun ngendong teh. | 0 | fear |
6852 | Abdi mineng pisan miluan kagiatan talkshow atawa webinar di kampus. Salila kagiatan abdi oge teu jarang naros sababaraha pertanyaan jeung ngajawab patarosan. Seeur pisan kagiatan anu masihan hadiah kanggo peserta na. Basa nuju aya acara ulang taun di Universitas, seeur pisan kagiatan anu masih hadiah kanggo persertana. Aya hadiah dispenser, vocher kanggo balanja, tas, buku, botol kanggo nginum, jeung sajabana. Tapi aya hiji hadiah utama, nyaeta hadiah sapeda lipet. Pas diumumkeun saha anu meunangna abdi reuwas lantaran rerencangan sakelas kuring meunang hadiah sapedah lipet. Manehna bungah pisan sabari mapah ka hareup narima hadiah teras dipoto. Bali=-balik manehna mawa sapeda kana angkot. | 3 | happy |
2057 | Baheula pernah nabung jang jam nu biasana mah 200 rebu, jaman Mi Band 3 masih trend. Mi band 4 teu acan aya. Duh teu aya invoice margi abdi ngagaleuh ti rerencangan anu juara lomba 17an. Mimitina kuring meuli eta sabab kuring teu hayang ngan make Mi Band, sabab pasar bener alus. Ti lalaki hayam goreng nepi ka mahasiswa, aranjeunna ngagunakeun eta, jadi Honor Band 3 patut dibeuli. Kuring ogé resep bentukna. Ahéng, tali karét karasaeun saé dina panangan. Luhureun mi band 3 saeutik. Kalayan bentuk layar anu langkung ageung. Tapi anu teu disangka-sangka nyaéta éta seneg pisan bisa nabung jang jam iyeu teh. | 3 | happy |
5688 | Di Indonesia, isu agama jadi salah sahiji hal anu sensitif pisan mun dibahas. Kaberagaman agama nu kuduna jadi salah sahiji kakayaan, sabab aya oknum nu teu bertanggung jawab, malah jadi persoalan nu loba dibahas ku masyarakat. Dampakna teh luar biasa gedena. Bentuk toleransi teh kalah robah jadi bentuk kasensitifan nu seukeut pisan. Padahal, sapatutna toleransi teh kudu ditanamkeun supaya kacipta kaharmonisan. Tong nepi ka kalah jadi pertikaian sadudulur. Agama Islam nu mangrupakeun agama mayoritas jadi salah sahiji alat nu sering diadukeun ku oknum teu tanggung jawab. Padahal nyatana mah kahirupan antarumat beragama di Indonesia teh saling toleransi pisan, ngan diadukeun ku oknum tertentu jadi nepi ka sensirif jiga ayeuna. | 4 | angry |
2930 | Hiji poé kuring meunang tugas ngainventarisasi peralatan IT di kantor. Inpormasi anu gancang pikeun netelakeun, kuring damel di kantor tingkat kabupaten, tingkat di luhur nyaéta propinsi, sareng pusatna di luhur. Tah, tugas inventarisasi teh ti pusat, diteruskeun ka propinsi, terus diteruskeun deui ka kabupaten, dina hal ieu mah staf IT.
Upami kuring henteu émut, kuring dibéré 5 dinten kanggo ngaréngsékeun ieu tugas. Jigana éta wajar, sabab aya rada loba alat nu kudu dipariksa sarta aya ogé loba widang nu kudu dieusian dina tabél. Kusabab kuring henteu ngagaduhan padamelan sanés waktos éta, kuring ngan ukur ngalakukeunana.
Poé katilu, ujug-ujug kuring ditelepon ku kapala kantor. Asup ka kamar, ekspresina siga nu keur ambek (muhun, unggal poe sok kitu, haha). Anjeunna nyodorkeun telepon sélulérna ka kuring, dimana anjeun tiasa ningali daptar kabupaten anu henteu acan ngalebetkeun laporan inventaris peralatan IT. Kakantor mah kalebet tangtos, margi teu acan rengse didamelna. | 0 | fear |
2932 | Biasana ngarasa sieun, tina sieun kaleungitan batur anu anjeun dipikacinta atanapi ngan ukur ningali pilem horor. Sieun mangrupa bagian tina naluri manusa pikeun salamet, tapi lamun kaleuleuwihi ogé bisa boga dampak negatif. Nanging, aya sababaraha cara pikeun ngaleungitkeun kasieun anu kaleuleuwihan.
1. Pikir leuwih positif
Nalika anjeun sieun kaleuleuwihan, éta condong ngajantenkeun anjeun langkung pesimis nalika nyanghareupan sagala rupa hal. Aya salawasna pikiran négatip nu haunt anjeun, malah saméméh anjeun masihan diri kasempetan pikeun nyobaan.
2. Bayangkeun hal awon anu bisa lumangsung
Coba pikirkeun anu paling awon anu mungkin kajadian.
3. Narima kanyataanana
Narima bebeneran bakal ngagampangkeun ngarasa tenang sareng langkung siap nyanghareupan kasieun anjeun. Ku sabab éta penting pikeun émut yén hal-hal goréng lumangsung sacara alami sareng terang yén henteu sadayana di dunya ieu aya dina kendali anjeun. | 0 | fear |
347 | Kasalahan-kasalahan nu bisa nyebabkeun proses pendaftaran kahambat jeung nyebabkeun gagal asup ka paguron luhur. Nu kahiji, nunda daftar. Tenggat waktu pendaftaran LTMPT, SNMPTN, UTBK, jeung selseksi asup paguron luhur rata-rata mibogaan waktu panjang, nyaeta dua mingguan atawa leuwih. Tapi durasi eta nu nyebabkeun siswa akhirna nunda-nunda jang daftar nepikeun ka tenggat waktu pendafataran tiba. Lamun kitu biasana serverna sok down sabab loba nu ngakses. Nu kadua, mimilu milih program studi jeung kampus. Urang geus kudu apal bidang naon nu ku urang hayang ti awal keneh. Sabab bakal nentukeun kahareupna bakal kumaha ngajalanan perkuliahan, kaasup arah masa depan nu bakal dijalanan. Nu katilu, mikirkeun lokasi kuliah, padahal di mana wae ge alus, komo deui lamun ngarantau bisa ngasah kamampuan hirup nu bakal dibutuhkeun pisan pas asup dunia gawe engkena, tapi ieu ge kumaha jelemana. Da teu kabeh jelema mandiri. | 2 | sad |
1411 | Salah ngageroan ngaran batur teh mangrupakeun kasalahan nu bisa nyebabkeun rasa era pisan. Rasa era ieu muncul ku sabab jelema nu ku urang geroan teh bisa ngarasa diabaikeun atawa teu dihargaan ku urang nu ngalakukeun kasalahan eta. Salian eta, kasalaham kawas kieu oge bisa nimbulkeun kesan kurang profesional, kurang sopan, jeung kurang percaya diri. Lamun dina konteks profesional, kasalahan ngageroan batur bisa mangaruhan hubungan jeung reputasi di antara babaturan gawe jeung pingpinan. Salian eta, kasalahan ngageroan batur bisa mangaruhan kesan mimiti batur ka urang, jadina bisa mangaruhan kesempatan jang meunangkeun promosi atawa peluang bisnis nu leuwih alus. Kasalahan ngageroan ngaran batur bari salah oge bisa mangaruhan hubungan sosial. | 6 | shame |
739 | Kasalahpahaman bisa kajadian ka saha wae jeung di mana wae, kaasup pas keur di sakolaan. Pedah urang poho mawa barang jang gawe bareng jeung kelompok urang kalakah diteunggeul ku babaturan sorangan. Padahal mah ulah langsung maen hakim sorangan, tanya heula jelemana naha bet bisa poho, tuluy solusi naon nu bisa dicokot ngarah barang nu tinggaleun bisa dibawa. Mun langsung maen hakim sorangan mah urang oge teu narima komo langsung neunggel kana awak. Anu tungtungna mah saprak ti eta, embung deui gawe bareng kelompok jeung manehanana. Nepi parea-rea omong di kelas, padahal mah bisa ku cara-cara anu lembut jeung teu make kekerasan. Sabab eta kurang hade, komo dilakukeunna teh di lingkungan sakolaan. Poho mah manusiawi. | 4 | angry |
7871 | Di jaman ayeuna mah lamun meser acuk tos gampil pisan lantaran aya seeur pilihan. Urang tiasa meser acuk di pasar, di toko, atawa di online shop. Di online shop urang tiasa milih seur acuk anu mirah jeung lalucu, tapi lantaran kitu janten seeur pisan jalmi anu meser jeung nganggo acuk nu sarua. Biasana sok aya model baju anu nuju rame dianggo, ditambih seeur oge jalmi anu ngadamel pidio nyobian meser acuk di aplikasi sapertos Shopee janten kamungkinan jalmi meser acuk di toko anu sarua bakal gede pisan. Matak teu heran basa abdi nuju jalan-jalan ka hiji tempat wisata anu nuju viral di Bandung, abdi ningal aya dua awewe nu nganggo acuk nu sami ti luhur nepika handap, ngan beda sapatu hungkul. Maraneh duaan parada era pas nyadar yen maranehna nganggo acuk anu sami pisan ti tiung, acuk, nepikeun calana. | 6 | shame |
8973 | Waktu keur SMP, aya carita lucu. Di sakola kuring teh aya program imunisasi, jadi kelas kuring meunang giliran terakhir disuntik imunisasi. Mimitina mah lancar, tapi pas giliran kelas kuring aya salah saurang babaturan kuring nu ngaranna Ari, kuring nyaho Ari teu hayang disuntik, teu nyaho kunaon. Padahal kuring jeung babaturan bagja pisan lamun aya imunisasi di sakola, sabab mun geus disuntik, sok dibere susu jeung roti. Tungtungna mah abdi sareng rerencangan anu disuntik tiheula, Ari masih keneh dibujuk ku guru sareng rerencangan. Dugi ka sadayana geus disuntik, Ari masih keneh teu daek disuntik. Akhirna guru nanya kunaon Ari teu daek wae disuntik. Tetela Ari teu daek disuntik ku sabab sieun jarum suntik anu bakal nusuk nepi ka tulang lantaran awakna kurus leutik. Urang seuri, babaturan kuring jeung guru oge sasreuri. Ceunah mun disuntik mah moal neunggeul tulang, masalahna dokter oge ati-ati. Ahirna sanggeus dibujuk ku guru sareng rerencangan, Ari mung hoyong disuntik sanaos ceurik. | 0 | fear |
5238 | Saprak kajadian kena tipu ku pihak supplierna, Widia ngarubah sikap janten teu gampang percaya ka batur deui. Mun urang mere kesempatan ka batur teh can tangtu dibales ku kabaikan deui, kadang mah malah urang nu dimangpaatkeun. Dina dunia bisnis mah penting pisan nangtukeun mana pihak nu bener kerja sama jeung urang, mana pihak nu kedah diantisipasi ku urang. Ngabangun bisnis mah tong kagok, kedah totalitas dina modal jeung eksekusina. Ngan oge kade tong mudah percaya ka jelama komo anyar mah, sabab bisi niat nipu tea. Mun katipu mah modal urang bakal seep jeung usahana moal maju, bakal loba hutang. Jadi, intina mah kudu boga tekad jeung pendirian sorangan. | 2 | sad |
4390 | Kasus ngahina fisik di sosial media bisa makin parah lamun urang na cicing hungkul teu nyokot lengkah keur tegus atawa laporkeun, tegur nyarekan wajib urang lakukeun sangkan anu sok ngahina bisa di ajar kudu boga etika teu meunang ngahina fisik batur. Contoh kasus anu ambek jeung ngalaporkeun jelema anu sok ngahina fisik nyaeta pasangan Leslar atawa Lesty Kejora jeung Rizky Billar. Pasangan ieu ngalaman penghinaan fisik anu bener bener parah ka budak na nyaeta Leslar Al Fatih, salaku kolot na emang wajib ngalapoekeun kasus nu kieu salaku wujud ngajaga jeung ngalindungan budak na, komo budak na keutik keneh can ngarti nanaon eu di lakukeun keur ngajaga mental jeng psikis budakna di masa depan. | 4 | angry |
6343 | Ngaluarkeun hitut dihareupeun loba batur teh salian bisa nyebabkeun era, oge bisa nyerminkeun adab hiji jalma. Jalma nu ngarti adab mah pasti ngutamakeun kanyamanan bersama, ku teu hitut di tempat umum sabab bisa ngaganggu kanyamanan batur. Mun bisa keneh ngaluarkeun hitut di tempat umum mah bisa dipastikeun kurang paham kana adab sabab hitut di hareupeun umum teh sarua jeung teu sopan sabab ngaganggu kanyamanan batur. Mantakna, yuk leuwih hargaan deui kanyamanan batur ku cara hitut di tempat nu sakuduna, ulah di tempat umum. Biasakeun lakukeun hal nu sopan, ulah nepi ka ngengera sorangan jeung deuih kalahka nembongkeun kagorengan adab sorangan! | 6 | shame |
8945 | Cara salajengna pikeun nungkulan jalma anu resep bully, nyaeta nyieun babaturan kalawan loba jalma. Pembully biasana bakal ngabully jalma lemah, sorangn, pengecut, jeung jalma anu teu boga babaturan. Ku alatan éta, buka diri pikeun nyieun babaturan kalawan loba jalma. Tong nutup teuing diri nalika aya anu hoyong sosobatan sareng urang, sareng ulah resep teuing nyalira. Babaturan mah jeung saha wae, ulah ngabeda-bedakeun status sosial jeung SARA. Teras urang oge kudu babaturan jeung jalma anu mawa urang kana hal positif. Janten, upami urang dibully, réréncangan urang teh bakal otomatis ngabela sareng ngajagi urang. Terus, coba diajar silat, boh karate, taekwondo, atawa silat. Seni bela diri tiasa ngabantosan ningkatkeun kapercayaan diri, ngajaga kaséhatan, sareng urang ogé tiasa diajar ngurus diri. | 0 | fear |
8961 | Cara katilu pikeun nungkulan kasieun sareng kahariwang sateuacan dioperasi nyaéta ngalakukeun hal-hal anu tiasa ngajantenkeun anjeun santai. Anjeun tiasa ngalakukeun naon waé anu anjeun pikahoyong pikeun ngatasi kahariwang sareng gugup anu datang sareng ngadeukeutan ka operasi anu dijadwalkeun. Atawa ngalakukeun kagiatan anu bisa bersantai awak, kayaning urut, akupungtur, atawa yoga. Nanging, upami anjeun parantos dirawat di rumah sakit, anjeun tiasa ngalakukeun hal-hal sapertos ngadangukeun alat musik, maca buku karesep anjeun, atanapi ngobrol sareng anu pangdeukeutna. Hal-hal ieu bakal ngajantenkeun anjeun hilap sakedap ngeunaan operasi anu dijadwalkeun anu bakal dilaksanakeun dina waktos anu caket. Kaopat, tuang tuangeun anu séhat. Pikeun ngatasi kahariwang sateuacan dioperasi, ngobrol heula ka dokter ngeunaan naon anu tiasa sareng tiasa dikonsumsi sateuacan lebet ka kamar operasi. Ieu kusabab kalolobaan prosedur bedah ngabutuhkeun pasien puasa sababaraha jam. Upami anjeun diidinan tuang, ngirangan konsumsi gula sareng karbohidrat olahan tapi ningkatkeun asupan vitamin B anjeun. | 0 | fear |
6895 | Tos mangtaun-taun rerencangan abdi bobogohan tapi teu aya nu ngajakan nikah. Sasih ieu manehna geus aya niata kanggo nikah lantaran manehna tos lulus kuliah bari digawe. Manehna oge ti baheula gaduh cota-cita hoyong nikah pas ngora keneh, janten ngke pas murangkalihna tos garede manehna masih ngora keneh. Mamah jeung bapana ngenalkeun manehna jeung hiji lalaki, nyaeta putrana rerencangan mamah jeung bapana. Rerencangan abdi dikenalkeun ka calon pangenten lalaki na tos sataunan leuwih. Manehna atoh pisan tiasa nikah sareng lalaki anu bageur tur santun ka para kolotna, jaba tos gaduh bumi di daerah Garut. Pas akad nikah abdi miluan ceurik lantaran ngiring bingah. | 3 | happy |
7215 | Mulih peuting-peuting ti kampus abdi kedah numpak angkot sababaraha kali kusabab beus anu biasa ditumpakan ngan nepika jam opat sonten hungkul. Tabuh salapan abdi ngantosan angkot di sisi jalan. Area kampus geus rada sepi lantaran mahasiswa na geus baralik kusabab ayeuna nuju pere semester ganjil, nungguan lima menit aya angkot ngaliwat, abdi langsung numpak. Di angkot ngan aya dua panumpang hungkul, jaba poek teu aya lampuan. Pas sababaraha menit jalan, si mang angkot jol ereun, cenah mah manehna ngadangu aya nu nyarios "kiri" padahal abdi jeung hiji panumpang anu sejen teu aya u nyarios nanaon. Abdi langsung ngaderegdeg lantaran sieun. | 5 | surprise |
6936 | Abdi gaduh impian kanggo janten chef anu jago masak. Abdi tos nyobian seeur pisan tuangeun ti rupa-rupa daerah di dunya. Salah sahiji cara kanggo abdi supados tiasa ningkatkeun kamampuan di bidang masak nyeta miluan audisi Master Chef Indonesia. Abdi tos seeur latihan masak sabari ningal pidio masak jeung pidio audisi Master Chef anu aya dina YouTube. Abdi nyiapkeun hiji pasakan anu bakal dipasak kanggo audisi Master Chef. Abdi nyiapkeun hayam kanggo protein, saus jamur, jeung sayuran kanggo saladna. Pas abdi tos ngahidangkeun tuangeun di hareupeun juri, hanjakal abdi teu lolos lantaran masih keneh seeur anu kedah ditingkatkeun ti masakan abdi. Abdi oge kedah diajar deui masak anu bener lantaran Master Chef mah sanes tempat diajar tapi tempat diadu. | 2 | sad |
2532 | Sateuacan jarah harta karun, urang kedah milarian peta anu nuju ka éta. Sareng sateuacan éta, urang kedah difokuskeun kana Shipwreck. Entong hariwang, sanaos, sabab kami bakal nutupan unggal léngkah sacara rinci. Kusabab keunikan di dunya Minecraft, sababaraha léngkah tiasa langkung lami tibatan biasana. Tapi anjeun masih bakal terang sadayana ngeunaan milarian sareng ngagunakeun peta harta karun di Minecraft. Dimana Teangan Peta Harta Kakubur? Harta karun biasana kapanggih di dasar sagara atawa dikubur handapeun pantai. Tapi, anjeun peryogi peta harta karun anu dikubur pikeun mendakanana. Anjeun ngan bisa manggihan peta dina dua lokasi langka. Kahiji nyaeta ruruntuhan jero cai, nu boga kirang ti 50% kasempetan pikeun owning peta. Lokasi kadua nyaéta kapal beumeum a, nu kadang ngandung dada peta. Mun aya dada peta, pasti bakal aya peta harta karun di jerona. Pikeun tutorial urang, alatan laju peta nu leuwih luhur, urang bakal difokuskeun kapal beumeum tinimbang ruruntuhan jero cai. | 5 | surprise |
1380 | Kakeunaan ciduh teh emang nimbulkeun rasa geuleuh jeung oge boga resiko kana kasehatan. Salian resiko kasehatan, rasa geuleuh oge bisa memicu respon emosional nu negatif. Kakeunaan ciduh batur dianggap salaku hal anu teu sopan jeung teu pantes. Sababaraha jelema oge bisa wae mibogaan fobia atawa kasieunan khusus kana ciduh atawa cairan awak nu sejenna. Tapi tangtuna reaksi geuleuh teu kudu digedekeun, urang kudu diajar paham mun jelema mibogaan rupa-rupa jenis reaksi emosional jeung unggal jelema mibogaan batas jeung toleransi nu beda-beda. Tapi penting jang ngarti mun rasa geuleuh nu muncul ku sabab kakeunaan ciduh batur mangrupakeun reaksi wajar jeung manusiawi. | 1 | disgusted |
8246 | Upami anjeun gaduh atanapi nembe ngalaman kaayaan dimana gejala nunjukkeun yen anjeun ngalaman serangan panik, langkung sae gera konsultasi ka dokter. Nalika konsultasi ka dokter, pastikeun pikeun masihan sadaya inpormasi anu diperyogikeun ku dokter pikeun ngadamel diagnosis kaayaan anu anjeun alami. Aya babaraha cara nu tiasa dokter lakukeun pikeun ngadiagnosis atanapi milarian informasi leres apa heunteuna urang ngalaman serangan panik. Kahiji, pamariksaan fisik nu lengkep. Kadua, tes getih pikeun mariksa kelenjar tiroid sareng sagala rupa masalah kaséhatan anu mungkin. Katilu, evaluasi psikologis dimana dokter bakal naroskeun langsung ngeunaan gejala anjeun, kasieun, sareng kaayaan stres anu ayeuna teh keur anjeun alami. | 0 | fear |
7884 | Lamun nuju kumpul jeung kulawargi di imah nini biasana sok dipangmasakkeun jengkol jeung peuteuy, abdi teu ngartos naha seeur jalmi anu resep kana jengkol jeung peuteuy. Sabenerna lamun kana peuteuy mah abdi masih keneh tiasa ngaemam, tapi lamun jengkol abdi teu resep lantaran bau jeung aya rasa paitna. Di antara kulawargi abdi anu barudak ngorana ngan aya hiji urang anu resep emam jengkol. Pas urang sadayana geus rengse emam, arurang barudak ngora parada ngobrol, tapi hiji dulur abdi eta dihereuyan lantaran bahamna bau jengkol, anu sanesna ngarasa bau tilas manehna emam jengkol. Lantaran era, manehna jadi cicing wae, teu ngomong nanaon. | 6 | shame |
5128 | Lulus ujian nasional jadi salah sahiji kabanggan jang para orang tua. Sabab, lulus henteuna ujian nasional dianggap ngagambarkeun kamampuan siswa salila nerep elmu di sakola. Soal ujian nasional kabilang hese pisan, mantak mun siswa lulus tina ujian nasional teh sarua jeung bisa naklukeun eta hesena ngajawab soal-soal. Teu jarang orang tua ngabanggakeun pisan hasil ujian anakna, sanajan emang teu pati memuaskan. Ujian nasional oge gede pangaruhna jang nentukeun lulus henteuna eta siswa ti sakola. Jadi, bakal era pisan mun misal aya nu teu lulus ujian nasional, sabab sarua jeung kemungkinan gede teu lulusna ti sakola. Meskipun emang dina praktek na mah kalulusan teh lain tina nilai ujian nasional hungkul. | 3 | happy |
5558 | Saprak covid-19, bus di sababaraha jurusan teh jadi jarang kaberangkatanna. Misalna bus jurusan Tasik-Bekasi nu ngaliwat ka Purwakarta teh jadi jarang pisan. Tadina mah aya AC jeung ekonomi, ayeuna mah ngan aya ekonomi nu sapoe na ge ngan aya tilu kaberangkatan. Kadang mah sok mantak susah sabab jadwalna nu teu pasti. Hiji-hiji na cara supaya teu tinggaleun bus jurusan eta teh nyaeta ku indit isuk-isuk, sabab mun rada beurangan ge sok tara aya busna, aya deuina sok tengah poe jung sore hungkul, eta ge jam na teu tangtu. Jadi, dari pada kasusahan mah mending inditna isuk keneh supaya bisa kabagean bus jeung teu kudu nunguan lila deui. | 5 | surprise |
2846 | Jigana loba jalma anu nyekel pakarang seukeut kusabab kasadiaan. Upama dititénan, pakarang seukeut nu ilahar dipaké ku para penjahat nyaéta arit/arit jeung parang/golok, sarta populasi arit téh leuwih loba tibatan populasi parang. Hal ieu sabab anu ilahar kapanggih di rumah tangga masarakat umumna nyaéta arit/arit minangka pakakas ngebon jeung pangropéa lingkungan imah, ogé gampang pisan kapanggih jeung aya di pasar-pasar tradisional kalayan harga anu affordable.
Knives ogé dipiboga ku sakabéh di rumah tangga, tapi tangtu maranéhanana éta inferior dina jangkauan sahingga teu desirable salaku alat perampokan. Samentawis parang/golok langkung spésifik pikeun ngagigit barang-barang anu keras sapertos pepelakan kayu keras atanapi pikeun meuncit ingon-ingon, janten henteu sadayana bumi gaduh éta, éta masih mangrupikeun senjata anu dipikaresep ku para penjahat kusabab efektivitasna sareng gampang dianggo. Najan kitu, jalma anu boga parang/golok tapi teu boga tangkal kai atawa nguruskeun ingon-ingon tangtu bakal ngahudangkeun patalékan-patalékan ti warga satempat, bari teu aya nu reuwas lamun aya nu boga arit. | 0 | fear |
5951 | Sasuai ajaran Islam, aya tilu tanda sakaratul maut geus deukeut ka hiji jalma. Mimiti nyaeta lelah jeung tunduh. Berubahna metabolisme tubuh nyebabkeun jalma ngarasa tereh lelah jeung tunduh, hayangna teh sare dina waktu nu lila. Tah eta teh nandakeun yen sakaratul maut geus deukeut. Nu kadua nyaeta nafas asa eungap. Biasana menjelang kamatian teh nafas sok berubah jadi leuwih berat jeung leuwih dalan, oge tempona anu teu teratur. Hal ieu dijelaskeun dina Q.S. Al-Qiyamah ayat 26-30. Nu katilu nyaeta aya kesang dina dahi. Hal ieu sasuai jeung sabda Rasulullah SAW yen jalma nu deukeut jeung sakaratul maut teh sok muncul kesang dina dahina. | 0 | fear |
2060 | Leuwih nikmat ngahemat saeutik-saeutik tuluy ngagaleuh barangna ti batan meuli ku kiridit. Hargana ogé langkung mirah sareng tunai tibatan kiridit. Ngurangan beban pikiran, dimana anjeun teu diudag ku mayar tunggakan. Tapi lamun keur meuli imah on kiridit teu jadi masalah keur kuring pribadi (kabutuhan primér). Tapi lamun keur meuli kabutuhan sekundér, upamana, kahayang saperti ngaluarkeun HP panganyarna, mobil panganyarna, tas branded panganyarna, jeung sajabana Kuring pribadi leuwih resep nyimpen heula lajeng meuli eta. moal riwh ku ayana bank keliling atanapi bank emok nagihan urang, janten kudu bisa ngahemat jang kahirupan sapopoe, kudu di ijabahkeun, jeung kudu diniatan jang ngahemat sapopoe | 3 | happy |
8954 | Cara katilu, nyaéta kalayan Hipnoterapi. Hypnotherapy mangrupa cara pikeun nyageurkeun jalma anu trauma kalelep ku cara méré bongbolongan anu dilaksanakeun ku jalma anu ahli dina éta widang anu disebut terapis. Jalma-jalma anu trauma ku kalelepkeun dipasihan sababaraha saran ka alam bawah sadar ngeunaan naon anu dipikasieun ku aranjeunna. Cara anu kaopat, nyaéta flooding. Flooding mangrupa cara pikeun nyageurkeun ku cara ngadeukeutkeun panyawat ka cai anu dipikahariwangna. Pikeun jalma anu trauma ku tilelep, pikeun ngamimitian metoda ieu merlukeun gede kawani diri, kasabaran, jeung kahayang cageur ti manehna, tapi tangtu kudu dimimitian lalaunan. Cara anu kalima, nyaéta ku cara reframing. Reframing mangrupakeun cara penyembuhan ku nyentuh kenangan asal-usul masalah ieu. Ngagali kana kenangan kaliwat mangrupa salah sahiji cara pikeun ngamimitian ngartos diri jeung naha gangguan ieu boga pangaruh traumatis jero dina diri maranehna. | 0 | fear |
7495 | Cicing di luar negeri, utamana di Amerika kedah ati-ati lantaran di negara ieu seeur jalmi anu nyepeng pestol. Komo seeur pisan jalmi anu marabok di sisi jalan. Salaku jalmi anu mimiti cicing di dieu abdi teu acan gaduh seeur rerencangan anu asli urang dieu. Abdi kamamana duaan sareng rerencangan ti Malaysia. Hiji peuting urang nuju mapah ti kampus ka apartemen tempat urang cicing, tapi lantaran aya sababaraha barang anu kedah dipeser urang mampir heula ka minimarket. Pas kaluar aya bapa-bapa anu mabok sabari nodongkeun peso, untungna maneha keur mabok, janten manehna teu pati sadar jeung lemes. Urang duaan langsung kabur buru-buru. | 0 | fear |
1097 | Keur SMA aya acara di deukeut RSJ, harita teh poe Jumaah jadi sakalian milu sholat jumaah didinya. Lantaran di kampung urang mah jarang aya nu miara anjing teh, jadi pas ka kota reuwas aya anjing bari ngagonggong. Urang sieun diudag ku anjing eta nepikeun ka leumpang teh lalaunan bari saeutik-saeutik ninggali pergerakan anjing eta bisina ngudag. Bener weh nu dipikasieun teh, babaturan urang manehna lumpat jadi weh diudag ku anjing. Untungna urang menta tulung ka petugas satempat. Anjing nu ngudag ge langsung digalian kana beusi nu disadiakeun. Geus ditalian kitu mah urang bisa leuwih tenang teu wirang deui diudag ku anjing. | 0 | fear |
3005 | Abdi émut pisan, éta awal Pebruari 2020. Mémang, waktos éta kuring leres-leres ngarasa setrés. Pagawean numpuk, sering pendak sareng pendak sareng jalma-jalma anu gaduh masalah (sabab padamelan abdi kedah pendak sareng seueur jalma), kagiatan sibuk, masalah pribadi, ogé ngeunaan tugas akhir kuring anu teu acan réngsé. Intina nyaéta dina waktos éta kuring ngarasa yén kuring dina ambang ngaleuwihan kapasitas kuring. Waktu éta, jam 10 peuting kuring kakara anjog ka imah sanggeus bimbingan jeung senior kuring. Kuring nyium leungeun indung kuring jeung humandeuar yén kuring capé pisan. Kuring mutuskeun pikeun ngagolér deukeut indung kuring tanpa ganti baju. Pikiran kuring bingung, kaleuleuwihi teuing. 30 menit kaliwat kuring ngarasa atmosfir jadi béda. Awak kuring karasa tiis pisan. Waktu éta, anu dikira-kira nyaéta kuring lapar sabab ti isuk teu dahar sangu. Ku rarasaan beuki goréng kuring maksakeun diri nangtung nyandak dahareun, kuring nyoba rengse dahareun kuring sanajan awak kuring ngarasa pohara lemah. Tapi sanajan saatos réngsé, awak kuring henteu kantos pulih. | 0 | fear |
8418 | Video WC kotor di puskesmas viral di media sosial. Ayana toilet klinik anu kotor nyababkeun teu nyaman sareng pasien ngarasa jijik ngagunakeunana. Video anu diunggah nunjukkeun kulawarga pasien ngarekam kaayaan Puskesmas. Kanyahoan kajadian eta lumangsung di Puskesmas Doplang, Kacamatan Jati, Kabupaten Blora, Jawa Tengah. Toilet Puskemas katingalina pikasieuneun. Toilet jongkok biru katingalina kotor. Semen dina jok toilet oge katingalina warna hideung. Garis nut ubin oge warnana tos coklat. Ember pikeun ngabersihan cai oge kusam. Di lantai sumebar botol kosong inuman mineral jeung botol pembersih lantai. Aya oge piss pot disimpen dina sudut WC deukeut panto. Sedengkeun ubin keramik masih katingali bodas. | 1 | disgusted |
2488 | Kuring kungsi boga babaturan SMA nu geus lila teu katempo. Kami sakola di Yogya sareng jalan anu misah nalika nuju kuliah. Hiji mangsa kuring keur panggih jeung klien di BSD, kuring kakara kaluar ti wc ningali jalma nu aya di hareupeun kuring neuteup lila. Kuring henteu terang saha anjeunna sabab bari leumpang kaluar, kuring ngusap kacamata kuring tapi tetep diurus. Nalika kuring ngagem kacamata kuring, kuring sadar yén jalma éta siga babaturan SMA kuring. Kuring nyampeurkeun ka eta jelema, sanggeus ngadep ka manehna, tanpa sempat ngomong sakecap, manehna langsung ngomong, "Asuuuuuuuu koee broooo, bangsatnnnnnn, kangen pisan panggih jeung maneh cuukkkkk !!". Sanggeus éta urang méakkeun waktu seuri babarengan, meureun ngeunaan 5 menit. Jalma di sabudeureun urang bisa nganggap urang gélo, tapi éta kabagjaan urang express lamun urang papanggih babaturan heubeul. | 5 | surprise |
8416 | Urang mindeng ngarasa seueul sarta hayang utah lamun ningali batur utah. Aya sababaraha hal anu anjeun tiasa laksanakeun pikeun ngajaga diri anjeun tina miceun nalika anjeun ningali batur ngalungkeun. Mimiti, cobian tuang jahe anu diseduh atanapi dikulub, teras nginum cai. Senyawa aktif anu aya dina bungbu ieu, sapertos gingerol, tiasa mangaruhan sistem pencernaan sareng sistem saraf pusat, sahingga tiasa ngaleungitkeun seueul. Anjeun oge tiasa nambihan madu pikeun rasa sareng nutrisi tambahan. Kadua, cobian nginum sacangkir teh peppermint, atanapi nyeuseup aromaterapi minyak pepermin. Katilu, ngalakukeun kagiatan fisik ringan. Anjeun tiasa ngalakukeun yoga bari ngadalikeun engapan anjeun, atawa ngan leumpang pikeun meunangkeun sababaraha hawa seger. | 1 | disgusted |
2566 | bari nanya ka abdi timana, bade kamana, jsb. Cenah adina adina ditabrak batur, diasah siga kuring (ngagem hoodie abu-abu). Aranjeunna malah pariksa kantong kuring jeung dompét kuring, Kuring waved aranjeunna kaluar sabab aya bener teu nanaon bener berharga di dinya, dompét kuring ngan sababaraha rebu (maklum peupeus. Sanggeus éta maranéhna ngan ninggalkeun.
Sababaraha poé ti harita, rombongan séjénna nanya hal anu sarua, ngan leuwih kurang ajar jeung nyingsieunan, kuring némbongkeun eusi tas jeung dompétna anu acak-acakan, logat khas Batak nyaring nyoba-nyoba sangkan kuring turun mental.
Kajadian harita, kuring ngawartosan yén sababaraha dinten ka pengker aya ogé anu ngeureunkeun kuring naroskeun hal anu sami, teras salah sahijina nyabak wajah kuring, sareng ngancem kuring kaluar tina sasak (lokasina di Jalan BSD caket stasion tempatna. nyaeta sasak di handapeunna aya jalan tol). Geus capé teu hayang ribut, tuluy pasrah, teu kuat lumpat sanggeus leumpang jauh, malihan mah panonna beureum siga nu mabok. Balukarna mah enya-enya nepi ka rengse "wawancara" tuluy diijinan kaluar. | 4 | angry |
6291 | Mun imah tara diberesihan mah pasti bakal loba rupa sarangga nu nyieun sayang. Komo mun imahna teu tarapti mah, sagala rupa barang teh ting balubrug teu diberesan, mantak resep pisan hama sarangga nyayang didinya. Sarangga nu sok nyayang teh jiga kecoa, reungit, kamarang, lembing, kungkang, laleur, jeung sajabana. Mantak, kudu pisan imah teh diberesihan sangkan euweuh sarangga nu asup jeung euweuh sarangga nu ngabahayakeun. Kudu rajin diberesihan jeung ditata barang nu dipikabogana. Ulah nepi ka imah teh loba dijieun sayang sarangga. Mun sakali geus dipake nyayang mah bakal saterusna sarangga nyayang didinya. Yuk leuwih berseka deui dina ngajaga kaberesihan imah! | 1 | disgusted |
5539 | Panyakit kanker teh saolah jadi mimpi buruk bagi sadaya jalma. Sabab, panyakit ieu teh teu bisa diprediksi jeung mun geus ngajangkit manusa teh pasti sok tara aya nu salamet atawa cageur. Kanker teh salah sahiji panyakit beurat nu can aya ubarna. Mun jalma geus kena panyakit ieu teh rata-rata sok diganggayong hirupna nepi ka maot. Teu saeutik oge jalma nu reuwas kacida jeung putus asa mun divonis panyakit ieu. Kuduna urang bisa leuwih waspada kana ngajaga kasehatan, ulah nepi ka lalai. Tuluy mun divonis kanker, tong putus asa, kudu semangat yen ieu nu terbaik jeung sing sumanget pasti bakal cageur lewat terapi. | 5 | surprise |
3420 | Singkat carita, kuring salah sahiji jalma anu bau teu resep babari kesang anu kaleuleuwihan, bahkan dugi ka burquet :) Kuring bahkan parantos nyobian sadaya merek deodorant sareng alum tapi henteu aya pangaruhna. Bau awak kuring ngéléhkeun sagala merek deodoran sareng alum, khususna nalika kuring ngalakukeun kagiatan beurat. Emut kadinya abdi milarian tawas di toko hardware :') Tapi ayeuna abdi teu karaos bau badan deui saprak abdi ngalakukeun hal-hal ieu: Ngajaga kabersihan awak, khususna kelek. Konci basajan pikeun nyegah bau awak nyaéta mandi biasa sareng nyukur bulu kelek anjeun.
Garingkeun awak nepi ka garing samemeh maké baju
Make baju nu bisa nyerep kesang
Ngagunakeun deodoran. Leres, kuring masih nganggo deodoran. Tapi kuring sok ngantosan deodorant garing sateuacan nganggo baju. Saparantos mandi abdi resep aya di payuneun kipas kanggo ngagaringkeun deodoran hehehe :D Teras, saatos mandi sonten abdi oge nganggo deodoran. Percanten atawa henteu, deodorant bakal aktip dianggo peuting. | 6 | shame |
8160 | Meren seueur jalma nu can pernah ngarasakeun rasana ditodong ku bedil. Mending tong hayang nyaho rasana kusabab teu geunah pisan tur rasana moal tiasa dipohokeun saumur-umur hirup urang. Rasana ditodong bedil teh campur aduk, sanajan ditodong ti jarak nu cekap tebih ge rasana sarua teu geunahna. Rasana sapertos urang teu tiasa walakaya, janten jalma nu pang lemahna. Pikiran kamana-mana, bingung rek bereaksi kumaha kusabab sieun salah. Arek cicing atanapi lumpat nyawa urang tetep kaancem ku bedil ieu. Hate hariwang pisan sieun teu tiasa panggih kulawargi deui. Suku upami teu kiat tiasa ambruk teu tiasa nahan kasieun. Awakna urang bakal otomatis menciut kusabab sieunna. | 0 | fear |
655 | Urang mah resep pas bulan puasa teh, salian ti jadi bulan pangampura, oge acara nu aya dina bulan puasa siga buka bersama jadi salah sahiji acara nu paling urang dagoan. Sabab teu unggal poe atawa minggu urang bisa panggih jeung babaturan, ti mimiti SD, SMP, SMA, jeung ayeuna mah nambahan babaturan kuliah. Acara bukber teh kudu diayakeun ngameh bisa panggih jeung babaturan baheula, sanajan sok reuwas dag dig dug mun panggih jeung babaturan nu jol ojol geus mawa budak, atawa babaturan nu geus boga posisi pagawean nu alus. Tina reuwas eta jadi sakapeung mah sok kaku ngobrol teh, tapi biasana mun geus rada lila mah cair deui omongan teh. | 5 | surprise |
4377 | Loba jelema anu ngahaja hayang neangan harta karun, kusabab indonesia teh nageri anu di percaya nyumputkeun loba harta karun di jero na, tapi aneh na lamun ka jelema anu ngahaja neangan teh tara manggihan harta karun na, beda jeung anu jelema anu teu kahaja sok bisa manggihan harta karun na. Urang anu teu niat jeung teu ngahaja kapanggih jeung harta karun pasti bakal reuwas teu sangka, komo niat jeung harga jual harga karun anu teu eleh nyieun reuwas anu manggiha nana. Tapi lamun urang manggihn harta karun pastikeun anjeun henteu dibawa ka imah jeung nyumputkeunana sacara rahasia. Pastikeun pikeun geuwat ngalaporkeun ka nagara. Hal ieu lantaran sagala pamaluruhan jeung kapanggihna harta karun atawa benda cagar budaya di Indonesia ditangtayungan ku undang-undang, nya eta Undang-Undang Nomor 11 Taun 2010 ngeunaan Cagar Budaya. Nurutkeun Pasal 23 Undang-Undang Nomor 11 Taun 2010, sing saha wae anu manggihan barang anu disangka benda cagar budaya, wangunan anu disangka wangunan cagar budaya, wangunan anu disangka cagar budaya, jeung/atawa lokasi anu disangka cagar budaya wajib ngalaporkeun. ka otoritas nu kompeten dina widang kabudayaan, Polri, jeung/atawa instansi nu aya patalina teu leuwih ti 30 poé sanggeus kapanggih. Jadi teu meunang urang mawa langsung ka imah bakal panjang perkara hukumna. | 5 | surprise |
6863 | Sateuacan pindah ka Bandung, abdi sakulawargi cicing di Kopo. Pindah ka Bandung lantaran sakola tempat mamah jeung bapa ngajar langkung caket ti Bandung. Pas awal pindah ka Bandung urang sadayana ngontrak di bumi ka bumi, pundah pindah kontrakan, tapi masih kene di daerah anu dekeutan. Tos teu kaetang sabaraha kali urang pindah kontrakan. Kontrakan anu terakhir ditempatan ku abdi sareng kulawargi teh tempatna kirang sae, janten teu betah di dinya. Tapi alhamdulillah eta janten kontrakan terakhir lantaran ayeuna abdi tos tiasa ngawangun imah sorangan janten teu kedah ngontrak deui. Teu kedah pundah-pindah deui lantaran ieu bakalan janten bumi urang sorangan | 3 | happy |
6295 | Biasana mun ngajak ngobrol aki-aki mah sok rada hoream, sabab sok muncrat. Mun keur nyarita teh sok tara aya eureunna, panjang pisan nyarita na teh. Biasana mah nyaritakeun zaman baheula wae. Geus kitu, ngobrol na ge sok bari munyan manyun da sabab huntuna geus loba nu euweuhan, jadi rada hese jeung balelol mun ngomong teh. Tuluy saba gigina geus euweuhan tea, jadi mun ngomong teh sok muncrat. Komo mun seuri mah muncrat ciduh na teh sok loba pisan. Sok kadang mah kesel jeung seueul ningalina da terkesan jorok. Tapi da kumaha deui, ngaran na ge sepuh emang geus wajarna jiga kitu. | 1 | disgusted |
2445 | Kuring kungsi meunang kado waktu kuring leutik. Hadiah anu dipasihkeun ku bapa.. Tempat abdi tebih ti bapa. Salami bapa abdi damel di luar kota, abdi ngantosan unggal sumping, saatos 1 sasih bapa abdi mulih. Betapa gumbirana haté kuring nalika bapa ngajemput kuring nalika balik ti sakola. Sareng hadiah anu kuring katampi nyaéta mobil cocooan nu alus nyaeta hot whell, tangtos kuring ngarasa bungah sareng kaget sakaligus, sabab saha anu henteu ngaraos bagja nalika aya anu masihan hadiah, tambah upami urang nampi kado dina dinten khusus urang sareng éta. oge dipaparinkeun ku jalmi anu khusus kanggo urang, maka kanikmatan teh bakal ningkat berkali-kali lipat deui. | 5 | surprise |
8253 | Loba perkawis nu nyenengkeun nu tiasa dmeunangkeun sawaktos iinditan. Ninggalkeun rutinitas sapopoe anjeun, neuleumkeun diri dina lingkungan enggal, sareng angkat ka kafe anu unik tiasa masihan anjeun katenangan, kanyamanan sareng katengtreman. Nanging sakumaha menarikna iinditan, aya sisi sejen anu oge peryogi dibahas, nyaeta ngungkulan rasa hariwang jeung panik nalika di tempat deungeun anu can kungsi didatangan. Pikeun anjeun anu mineng ngalaman perkawis ieu, ieu babaraha cara ngatasi panik nalika iinditan sareng di tempat asing. Kahiji, boga tujuan. Apalkeun sareng nyaho kamana tujuan anjeun. Milarian info palayanan darurat di sakitar lokasi anjeun. Candak sababaraha waktos nalika ngarencanakeun perjalanan anjeun ngan ukur nyerat nomer darurat sareng rumah sakit di tujuan anjeun. Katilu, nu teu eleh pentingna nyaeta terus berpikir positif. | 0 | fear |
2585 | Kuring ambek tanpa alesan, ambek ka diri sorangan, gampang megatkeun hal, éta kahayang kuring keur ngalaman. Nalika haté anjeun henteu tenang sareng kacau, parasaan bakal nyobian ngadominasi pikiran anjeun. Sanggeus pikiran geus mastered, pikiran jadi "asisten", sok sanajan "budak" parasaan. Saterusna, naon emosi aya, éta bakal ngajalankeun rampant. Dina waktos éta, kasadaran geus euweuh master na, jadi akal sehat teu bisa ngadalikeun pikiran nu geus aya, sabab pikiran geus direbut ku parasaan, sarta geus ngeusi pikiran négatip.
Nalika kasadaran anyar bakal tiasa ngontrol pikiran?
Lamun émosi geus curhat, ngabeledugna geus béak, mangka haté balik deui ka tenang jeung stabil. Nya dina waktos ieu kasadaran bakal sumping salaku master na, teras akal sehat tiasa dianggo leres sareng sakumaha sakuduna. Nalika anjeun tenang sareng sadar, teras aya rasa kaduhung, teras aya rasa dosa. Nya kitu deui, engke kaulang deui. | 4 | angry |
6324 | Basa nuju ngiring study tour ka Malang, abdi kabagean sa bus jeung kelas 8D. Tah tukangeun abdi teh lalaki nu katelah bangor di kelas eta. Abdi meuni sieun sabab bisi dijailan. Untungna henteu ai dijailan mah. Ngan basa beres meser makan, jol hujan. Abdi tuluy we naek kana bus, emamna dina bus. Pas keur emam, eh asa bau pisan sapatu nu baseuh. Bau hapeuk pisan jiga suku nu teu dikumbah sabab lembab. Abdi neneangan bari culang cileung da teu kapanggih. Abdi geus suudzon ka budak bangor nu ditukangeun abdi. Eh pas ngambeuan suku sorangan, ternyata suku abdi nu bau. Langsung we abdi ngumbah suku ka WC jeung ngaganti sapatu make sendal japit. | 1 | disgusted |
2931 | Ieu sababaraha cara anjeun tiasa ngatasi kasieun anu kaleuleuwihan sareng kahariwang anu disababkeun dina kahirupan sapopoe:
1. Nyanghareupan sieun
Nyatana, salah sahiji cara pangbasajanna pikeun ngaleungitkeun kasieun nyaéta nyanghareupan kasieun sorangan. Panginten ieu sesah pisan dilakukeun, tapi sanés hartosna anjeun henteu tiasa ngalakukeun éta, leres?
2. Tenang
Nalika anjeun sieun, anjeun tiasa ngalaman rupa-rupa gejala fisik anu ngajantenkeun anjeun teu nyaman. Kanyataanna, gejala ieu sabenerna nyieun atmosfir jeung kaayaan goréng. Ku alatan éta, pikeun bisa nalukkeun sieun, Anjeun kudu rileks sarta leupas tina setrés.
3. Identipikasi micu Anjeun pikeun kahariwang jeung sieun
Numutkeun kana Yayasan Kaséhatan Mental, salah sahiji cara pikeun ngatasi atanapi ngaleungitkeun kasieun kaleuleuwihan nyaéta pikeun ngaidentipikasi pemicu heula. Mun mungkin, coba nulis jurnal unggal waktos Anjeun ngarasa kasienan. | 0 | fear |
9263 | Harita nalika kuring balik ti pagawéan, kuring sareng réréncangan padamelan ditraktir tuangeun ku bos kami di réstoran. Waktu harita kuring mesen daging sapi panggang jeung endog, ngeunah pisan, kuring masih inget kumaha rasana. Waktu keur tuang the ternyata hujan, rada gedé. Janten nalika kuring bade uwih ka bumi, lantai sareng tangga di luar réstoran éta jadi baseuh sareng leueur. Poé éta kuring teh maké sendal karét, ku lantaran tanggana leueur, kuring tisoledat jeung labuh di dinya. Kuring éra pisan harita teh, kusabab sadaya jalma anu aya di dinya ningali ka kuring. Sabenerna burit kuring nyeri pisan, tapi nyerina mah teu pira dibandingkeun jeung rasa érana. Saprak harita kuring teu hayang balik gawe make sendal karet deui, sieun tisoledat deui.
| 6 | shame |
6964 | Lantaran gaduh kolot anu gaduh bisnis. Mamah jeung bapa hoyong aya minimal mah hiji murangkalihna aya nu ngalajengkeun bisnis bapa. Tos ti mimiti SMA keneh bapa tos ngaomat-omat supados abdi ngke pas kuliah nyandak jurusan bisnis. Abdi sabenerna gaduh cita-cita sorangan, abdi leuwih resep diajar ngeunaan politik tibatan bisnis. Abdi tos nyobian ngurus bisnis bapa tapi abdi kirang resep. Basa daptar kuliah abdi daptar jurusan bisnis jeung jurusan politik, tapi abdi katarima di jurusan politik, sabenerna bapa tos ngabejaan sangkan abdi mulian ujian deui daptar ka kampus anu sanes nyandak jurusan bisnis, tapi tungtungna mah abdi nyandak jurusan politik. Bapa teu satuju nepikeun ngancem moal mayarkeun kuliah kuring lamun keukeuh kuliah politik. | 2 | sad |
4701 | Alesan jalma sieun jarum paling dasar nyaeta nyeri anu disababkeun nalika jarum nembus kulit sareng daging. Sajaba ti eta, sieun suntik oge bisa disababkeun ku trauma, contona trauma nalika disuntik ku dokter salaku budak leutik. Nalika disuntik, dokter moal bia ngagentian jeung lalaunan nyababkeun nyeri. Hasilna, hiji jalma jadi trauma atawa sieun suntik kana geus gede. Trauma atawa aya kasieunan kana jarum suntik ieu komo lamun di bawa nepi ka gede ngariweh keun oge, kusabab loba urusan jelema nau geus dewasa anu make jarum suntik salian ti gering. Loba pagawean pagawean anu kudu ngaliwatan tes kasehatan make jarum suntik samisal lamun rek cek getih jeung sajabana. | 0 | fear |
8938 | Waktu keur SMP, kuring diajak ulin jeung babaturan di WC tukangeun sakola nu geus teu dipaké deui. Kaditu kadieu sok ngobrol jeung ngaroko, cenah sangkan guru-guruna teu nyaho, sabab di sakola mah murid-muridna dilarang ngaroko. Kuring mah mung ngiring panasaran sareng bosen oge upami saban istirahat mah mung jajan di kantin hungkul teh. Sabot babaturan kuring keur ngaroko, kuring nempo kalangkang hideung kaluar ti tukangeun panto kamar mandi. Sieun pisan harita mah, untung babaturan kuring teu sadar. Tungtungna kuring pamit balik ka kelas sarta ninggalkeun aranjeunna sadayana didinya. Ti harita kuring teu hayang deui diajak ulin ka dinya, kabayang kumaha sieunna. | 0 | fear |
1025 | Rasa sieun ku sabab fobia ketinggian bisa ngaganggu aktivitas sapopoe. Ieu kaalaman ku urang nu boga babaturan fobia ketinggian. Harita aya kerja bakti di sakolaan jang beberesih kelas sewang-sewangan. Ku sabab kelas urang teh di lantai paling luhur nyaeta lantai 3, manehna nepikeun ka embung meresihan jendela, sabab mun ninggali jendela bakal katinggali oge dasar handapna. Tuluy mun turun tangga teh lila pisan, kudu bener-bener nyepengan kana beusi nu aya di sisi tangga. Tapi ayeuna mah manehna geus meunang penanganan, nyaeta make terapi. Terapi ieu cukup efektif jang dilakukeun jadi mantuan pasien jang muka dirina ngeunaan naon nu dipikasieun. Ayeuna mah pas panggih ge manehna keur naek tangga masang bohlam geus teu sieun deui. | 0 | fear |
Subsets and Splits
No saved queries yet
Save your SQL queries to embed, download, and access them later. Queries will appear here once saved.