id
stringlengths
3
4
text
stringlengths
467
2.16k
label
int64
0
6
label_text
stringclasses
7 values
7296
Abdi atoh pisan poe ieu lantaran saumur hirup teu acan pernah dipasihan hadiah ku rerencangan. Komo dipasihan kejutan mah abdi teu pernah lantaran kanggo abdi mah ulang taun teh sanes poe anu kedah dirayakeun ku tiup lilin. Ku lantaran eta rerencangam abdi masihan abdi kue kanggo dihias nyalira. Pas gugah bobo jol aya nu masihan kue lengkep sareng krim kanggo ngahiasna. Pokonamah kue eta tiasa dihias sakumaha kahayang kuring. Pas tos dihias abdi langsung moto eta kue teras dikirimkeun ka rerencangan. Saatos abdi ngirim seeur pisan anu ngirim hadiah ka bumi. Abdi atoh nepika ceurik lantaran teu pernah meunang hadiah saloba ieu.
5
surprise
1078
Pas keur di ruang dokter, urang ngarasa sieun. Urang apal yen urang kudu disuntik tapi sok mikir ngeunaan jarum gede nu bakal nojos kana kulit urang. Unggal urang ninggali jarum, urang ngarasa sieun jeung ngaderegdeg. Urang ngarasa beuteung urang ngawitan ngarasa mual, jeung leungeun urang kesangan. Urang nyoba jang mikir positif, nginget yen suntikan ngan bakal lumangsung sababaraha detik jeung urang bakal ngarasa leuwih ngeunaheun saenggeusna. Tapi rasa sieun eta tetep teu bisa dikendalikeun, pas dokter rek nyiapkeun jarum, urang ngarasa detak jantung beuki gancang. Akhirna pas jarum nojos kana kulit, urang ngarasakeun nyeri, oge teu ngarasa nyaman. Urang oge ngarasa susah napas jeung tuluy mikirkeun rasa kanyeri nu bakal datang.
0
fear
3362
Anjeun kedah nengetan etika sareng cara ngagunakeun jamban pesawat. Ieu ulasan pikeun anjeun: 1. Samemeh indit ka jamban, pastikeun lampu tanda sabuk pengaman dipareuman. Upami éta henteu acan maot, sabar pikeun kasalametan sareng kaamanan anjeun nyalira. 2. Nengetan tanda di hareupeun WC. Manawi masih di anggo, sabar ngantri, upami kosong tiasa langsung lebet. 3. Sanggeus anjeun asup ka jamban, konci panto jamban pikeun ngahurungkeun lampu. Upami anjeun henteu terang kumaha ngonci panto WC, anjeun kedah naroskeun ka pramugari. Sabab biasana wc tempatna deukeut awak kabin. 4. Gunakeun fasilitas wc kalayan leres, tutup keran upami parantos réngsé sareng nempatkeun sabun cuci tangan di tempat aslina. 5. Tong hilap pencét tombol 'Flush' atanapi 'Push' saatos urinating atanapi defecating. Biasana tombol siram boga model uas, tur aya tombol.
6
shame
2081
Mimitina kuring bingung naha ramo jalma gancang pisan, khususna pikeun produk anu diidam-idamkeun, ngan ukur sababaraha detik dijual. Tapi tenang ayeuna mah geus nyaho trik wkwkwk. Pikeun hunters diskon, abdi bakal ngajarkeun dieu. Janten ieu trikna: 1. Anjeun ngaku voucher gratis pengiriman barang heula. Biasana promo gratis ongkos kirim téh dina tanggal nu tangtu, contona 8 Agustus, 9 September, 10 Oktober, jeung saterusna. 2. Nangtukeun waktos flash sale. Salaku conto, flash sale nyaéta jam 12.00, janten sateuacan waktos éta, anjeun tiasa ningali produk naon anu bakal aya dina flash sale jam 12.00. Pilih salah sahiji produk anu anjeun pikahoyong, nempatkeun kana karanjang sareng tong hilap nyetél panginget. Panginget ieu bakal dikirim 3 menit sateuacan jual lampu kilat dimimitian.
3
happy
8176
Sieun ka jurig teh saleresna wajar kusabab jalmi boga kasieunna masing-masing. Rasa sieun ka jurig teh leuwih seueur dialaman ku jalma nu lingkunganna kentel ku adat atanapi carita-carita nu nyaritakeun kaayaan jurig. Nanging sieun ka jurig teh tiasa dijelaskeun ku elmu pangatahuan atanapi sains. Jurig nu katempo teh hasil maniferstasi otak kusabab babaraha perkawis. Gelombang berfrekuensi leutik tos kabukti tiasa nimbulkeun perasaan ka jalma upami dideketna aya nu datang. Parasaan eta nu mineng diartikeun minangka didatangan jurig. Nempo jurig ge tiasa disebabkeun kusabab kondisi awak keur goreng, sapertos geuring atanapi kacapean. Janten wajar wae upami sakali-kali sieun ku jurig kusabab teu sapinuhna ieu fenomena disebabkeun ku mahluk supranatural.
0
fear
9254
Cara kadua anu tiasa urang laksanakeun pikeun ngaleungitkeun bau baham nyaéta ngabersihkeun sela-sela antara huntu nganggo benang dental. Sanggeus dahar, sakapeung aya sésa-sésa kadaharan anu nyésa antara huntu jeung hésé pikeun ngabersihkeunana ngan ku gosok huntu. Ieu tiasa diatasi ku benang gigi atanapi floss dental. Ngabersihkeun sela-sela antara huntu henteu ngan ukur dilakukeun nalika aya tuangeun anu nyangkut, tapi kedah dilakukeun sacara teratur saatos nyikat huntu. Metoda ieu bisa nungkulan bau baham sacara signifikan. Katilu ku nyapek permen karét. Pikeun nyegah baham anu garing anu tiasa nyababkeun bau, nyapek permén karét anu henteu ngandung gula. Soalna permén karét anu ngandung gula dipikanyaho merangsang produksi ciduh anu nyababkeun bau baham.
6
shame
6374
Abdi gaduh tatangga anu jarang pisan aya di imah. Biasana aya di imah na teh ngan peuting hungkul, siang mah teuing sok ka man da teu aya nu apaleun. Mun siang teh loba pisan rentenir nu nagih ka imahna. Tapi can pernah aya nu dipanggihan barang hiji ge. Nepi ka atasan rentenir na ge ngilu nagih, da angger teu pendak jeung jalmana. Pantesan we meureun jarang aya di imah da hutang na di mana-mana teu kabayaran. Nepi ka iraha wae ge ai teu aya niat mayar hutang mah moal bakal lunas ku sorangan. Mun peuting mah nembe araya di imahna da meureun geus euweuh nu naih deui da peuting.
6
shame
7790
Lantaran runtah di imah kuring tos seeur pisan, abdi dipiwarang ku mamah pikeun miceun runtah di tempat miceun runtah anu tos disadiakeun ku RT. Sabenerna ieu tempat teh teu cocok disebut tempat miceun runtah lantaran ngan tempat leutik anu aya di sisi walungan hungkul. Runtah di tempat ieu runtahna seeur pisan geus numpuk jeung teu pisahkeun antara runtah palastik jeung runtah dahareun. Pas abdi bade nyimpen runtah ka tempat eta abdi ngambeu bau anu teu ngeunah pisan, pas ditingal, epekteh di dinya aya utah anu geus didatangan ku laleur jeung aya seeur bilatung. Abdi langsung buru-buru indit lantaran ngarasa rujit.
1
disgusted
7597
Teu lila ieu rerencangan abdi motorna dipaok ku batur, numutkeun kana carita anjeunna mah motorna teh emang geus diincer ti lila keneh. Manehna karek meser motor eta dua bulan ka tukang, asalna mah eweuh kajadian aneh, tapi saminggon ka tukang ieu manehna ngarasa curiga lantaran aya nu nuturkeun manehna unggal angkat jeung balik gawe. Manehna nyobi mikir positip, bisi we emang eta mah jalmi anu kabeneran sarua jalurna bade ka tempat anu sarua, tapi manehna oge sieun lantaran dua jalmi eta teh siga nu ngancem manehna. Asalna manehna rek ngalaporkeun ka pulisi tapi sieun bisi dituturkeun pas balik ti kantor pulisina jeung bisi dinanaonkeun.
0
fear
632
Basa keur urang tepang taun, kabogoh ngajailan urang lamun manehanana teh keur gering. Jadi pas balik sakola naek kana motor urang geus niat rek ka imahna jeung mawa oleh-oleh ngameh didahar ku manehna, sarua kawas nu sejenna urang mawa buah-buahan, roti, susu, jeung sajabana. Pas urang nepi ka imahna, manehna ngulampreh dina ruang tamu bari siga nu leuleus tapi ninggali beungetna mah siga nu sehat. Tapi urang euweuh kacurigaan tidinya teh, da urang percaya pisan ka manehanana. Ku bakat niatna ngajailan yen geringna teh bobohongan, indungna oge di setting ngarah ngayakinkeun lamun kabogoh urang teh keur gering. Tapi pas urang rek balik, manehanana teh seuri tuluy indungna mawa kueh ti dapur jeung ngucapkeun wilujeng tepang taun.
5
surprise
8238
Sieun upami nyalira teh salah sahiji perilaku manusa nu tiasa dipanggihan di masarakat. Jalma nu sok sieun upami keur sorangan teh ngarasa upami manehna lemah sawaktos sorangan. Manehna ngarasa kudu peryogi wae nu ngaranna babaturan. Sanes keur di luar imah hungkul nanging di jero imah ge jalama nu sok sieun sawaktos sorangan atanapi disebat autofobia teh mineng ngarasa hariwang tur hanjelu. Ieu teh tiasa ngaganggu aktivitas sapopoe kusabab pengidap perilaku ieu teh peryogi nu ngaranna interaksi sosial. Wajar si saleresna upami jalma peryogi interaksi sosial kusabab manusa teh mahluk sosial saleresna mah, nanging upami rasa hariwang tur hanjeluna teu ka kontrol ieu teh kaasup penyimpangan perilaku.
0
fear
1066
Urang diuk di ruangan tunggu rumah sakit, nungguan jang asup ka ruang operasi. Urang kudu ngajalankeun operasi nu cukup gede, urang ngarasa sieun jeung hariwang ngeunaan naon nu bakal kajadian salila operasi. Urang ngahuleng ngabayangkeun proses operasi nu bakal dilakonan. Ngabayangkeun kumaha urang bakal dirawat ku tim medis jeung kumaha perasaan urang pas ngamimitian prosedur operasi. Urang ngarasa sieun jeung hariwang ngeunaan kumaha pas hudang engke, naha urang bakal ngarasa nyeri atawa henteu. Saenggeus sababaraha waktu nungguan, akhirna urang digeroan asup ka ruang operasi. Urang nyoba jang ngendalikeun rasa kasieun jeung nyiapkeun diri jang prosedur nu bakal datang. Sanajan masih ngarasa sieun, urang mutuskeun jang wani oge nyerahkeun diri ka tim medis nu menangani operasi eta.
0
fear
4422
Babari ambek ambekan jeung sensitip mangrupikeun tanda depresi anu jarang dipikanyaho ku loba jalma. Kirang ti 1 persen jalma anu depresi pasti ngalaman serangan amarah, ngeunaan 10 persen jadi gampang ambek salila lila na naha nu 40 persen na nembongkeun biasana kajadian ambek ambekan ieu nepi ka meledak .Depresi tiasa jadi alesan kunaon jalma sering ambek tanpa alesan. Kadang, penderita malah bisa ngabales hiji hal ku ucapan atawa kabiasaan kasar. Depresi ogé tiasa nyababkeun hiji jalma ngalakukeun hal-hal anu picilakaeun, contona nyetir gagabah dina laju anu luhur. Kaayaan ieu teu matak underestimated sarta merlukeun perlakuan serius. Ditinggalkeun unchecked, depresi bisa ngamekarkeun kana masalah kaséhatan méntal leuwih parah.
4
angry
1000
Di sakola SD mindeng diayakeun lomba pidato, biasana lomba ieu diayakeunna pas deukeut-deukeut ka maulid Nabi. Ku kituna urang menta ka bapa kanggo nyieunkeun teks pidatona ngameh ku urang apalkeun. Aya kana 2 mingguan urang ngapalkeun jeung pede. Tapi mun inget kana panggung urang sok sieun, sieunna teh sieun poho atawa sieun ngerakeun pas keur di luhur panggung teh. Pas poe acara oge urang degdegan geumpeur komo pas dipanggil ngaran. Urang dipanggil ku protokol "Ridho Abdillah" mangga naek ka panggung kanggo pidato. Deg teh kana hate degdegan, materi nu geus diapalkeun 2 minggu kamari ge ngadak-ngadak rada poho. Sieun diseungseurikeun.
0
fear
1344
Konsumsi alkohol bisa nyebabkeun jelema utah, komo deui mun ngonsumsina kaleuleuwihi. Lantaran alkohol bisa ningkatkeun produksi asam lambung jeung nunda pengosongan lambung. Kondisi ieu nu ngakibatkeun lapisan beuteung ngalaman iritasi. Balukarna jelema nu ngonsumsi alkohol bakal ngalaman gejala mabok, siga nyeri beuteung, mual, jeung utah. Siga nu kaalaman ku babaturan saenggeus nginum alkohol anu loba pisan, alhasil naon nu diinum ku manehna teh kaluar deui ngaliwatan biwir. Manehna utah kana kasur, nepikeun ka ngalayah kana sepre-seprena. Urang nu ninggali ngarasa geuleuh, salian ti bau na anu teu ngeunah, bentukna oge teu mangrupa, sanajan lolobana nu kaluarna bentuk cairan, tapi tetep geuleuh ninggalina.
1
disgusted
7346
Aya salah sahiji lalaki anu aambekan ka patugas di puskesmas lantaran patugas eta kalahkah nyentak mamahna pas bade nyungkeun kwitansi. Anjeunna oge teu nyangka naha si patugas eta wani nyentak mamahna, padahal anakna sorangan teu pernah wani nyentak kolot. Awal caritana nyaeta pas anjeunna tos kacilakaan di jalan raya, anjeunna teras diubaran di puskesmas anu paling dekeut ti tempat kajadian kacilakaan. Pas anjeunna bade balik ka imah, anjeunna poho nyandak kwitansi. Mamahna balik deui ka puskesmas kanggo nyandak kwitansi, tapi ningal mamahna disentak manehna langsung ngarekam si patugas eta sabari balik nyentak patugasna. Padahal mamahna menta kwitansina teu bari aambekan.
4
angry
8194
Supriyadi tos saminggu terahir ngarasakeun nyeuri huntu. Huntuna sapopoe teh sok nyut-nyutan arek keur dahar atanapi heunteu. Saking nyut-nyutanna nika nyebabkeun lieur kana sirah. Kusabab tos teu kiat nahan nyeuri manehna inisiatif indit ka dokter pikeun meriksakeun huntuna. Tetela huntuna teh infeksi kusabab toss liangan tur kudu diangkat. Ngadangu upami huntuna kudu dioperasi Supriyadi rewas tur sieun. Sieunna mimiti kusabab biayana tangtos pasti teu mirah, pastia biaya operasi teh awis. Kadua Supriyadi sieun dioperasi kusabab sieun ngarasa nyeuri. Nanging kusabab tos parah Supriyadi tiasa daek operasi. Tetela kasieunna teh teu janten kanyataan. Operasina janten gratis kusabab Supriyadi dioperasi sawaktos ulang taun rumah sakit tur dioperasi teh teu nyeuri kusabab dibius janten teu ngarasa nanaon.
0
fear
6814
Taun 2019 abdi tiasa lebet ka Perguruan Tinggi Negeri. Alhamdulilah saatos ngantosan sataun ahirna abdi tiasa kuliah. Abdi oge tiasa meunang kesempetan kanggo beasiswa ti pamarentah, janten pun bapa teu kedah mayar samesteran kuliah. Abdi atoh pisan lantaran asalna lamun teu katarima kuliah, abdi dititah gawe janten guru. Abdi sanes teu hoyong janten guru, tapi abdi oge hoyong ngudag cita-cita abdi, hoyong gaduh rerencangan anu sarua gaduh cita-cita anu jangkung. Abdi oge hoyong nyobian sagala hal anu tiasa dirasakeun ku mahasiswa. Pas janten guru di yuswa anu ngora abdi ngarasa waktos abdi kanggo diri sorangan kirang. Janten abdi teh jadi jalmi anu kitu-kitu wae.
3
happy
6937
Aya hiji rerencangan abdi anu gaduh sora nu alus pisan. Lamun di sakola aya lomba nyanyi, manehna pasti meunang juara hiji. Lamun di kelas nuju nyanyanyian oge pasti manehna nyanyi pang tarikna. lamun urang nuju karaoke, pasti manehna nu nyepeng mik. Abdi oge pernah nyanyi sareng manehna tuluy direkam jeung dikirim ka YouTube. Abdi nyarankeun manehna kanggo miluan audisi Indonesian Idol, nepikeun ngaterkeun manehna ka tempat audisi. Hanjakal pas di poe audisi sora manehna rada serak lantaran seeur teuing latihan. Pas audisi manehna janten kirang percaya diri lantaran sorana jadi kirang maksimal, padahal tos diusahakeun nginum kecap campur lemon. Manehna teu lolos lantaran teu kiat nyanyi.
2
sad
9530
Tangtosna anjeun hoyong lulus ujian kalayan skor anu nyugemakeun, sanes? Upami anjeun sesah diajar atanapi peryogi bantosan tambahan pikeun ningkatkeun prestasi akademik anjeun, maka bimbingan akademik ti Basi Siswa mangrupikeun pilihan anu pas. Kami nyayogikeun program bimbingan pribadi anu tiasa disaluyukeun sareng kabutuhan sareng kamampuan anjeun. Ku nyandak palajaran akademik ti Basi Siswa, anjeun bakal nampi bimbingan ti tutor anu berpengalaman anu bakal ngabantosan anjeun langkung gampang ngartos materi pelajaran sareng nyiapkeun diri pikeun ujian. Naon anu anjeun antos? Geura daftarkeun diri anjeun ayeuna di Basi Siswa, tempat anu efektif jeung dipercaya pikeun pangajaran akademik. Sangkan lulus ujian jeung ngarasakeun kabingah anu luar biasa!
3
happy
8950
Kumaha cara nungkulan trauma sanggeus dibulli? Cara nungkulan trauma sanggeus bulli, kahiji, tetep kuat tur percanten yen urang teh jalma hébat. Ku cara éta urang bakal bangkit tina kajatuhan urang, sareng lalaunan mimiti tiasa mopohokeun kajadian bullying anu parantos urang alami. Kadua, tetep usaha pikeun jadi hadé. Sabab teu hade leyur dina kasedih jeung kasieun mah. Masa nu ngabully bisa hirup ngenah, urang oge kudu hirup leuwih hade ti baheula. Katilu, ngalakukeun sagala kagiatan positif, sangkan urang jadi sibuk jeung poho kana kajadian nu geus kaliwat. Kaopat, pilih babaturan anu ngadukung urang pikeun bangkit deui. Ku aya di lingkungan anu alus, urang ogé bakal jadi jalma anu alus oge. Upami sadayana cara ogé henteu jalan, langkung saé konsultasi ka psikiater atanapi psikolog upami anjeun ngarasa depresi pisan ngeunaan parasaan anjeun.
0
fear
6907
Numutkeun kana waktos normal ngalahirkeun kedahna sasih ieu abdi ngalahirkeun. Abdi tos nyiapkeun sagala anu diperiyogikeun salila ngalahirkeun. Abdi tos mawa acuk beresih, acuk bobo, acuk bobo jeung acuk kanggo orok engke. Abdi ngarasa sieun sakalihus teu sabar hoyong geura patepang jeung si dede anu tos kurang leuwih hampir salapan bulan sasarengan dina patuangan. Abdi tos mineng diparios ku dokter sareng tos tataros ka jalmi anu kantos ngalahirkeun. Sadayana masihan inpormasi anu nyieun abdi sieun ngalahirkeun, tapi abdi oge hoyong geura mangku budak sorangan. Pas ngalahirkeun abdi ngarasa nyeri pisan tapi sadayana kabayar pas ngadangu sora ceurik orok, komo pas apal manehna sehat jeung normal.
3
happy
1374
Aya serangga di imah mangrupakeun pangalaman nu teu ngabungahkeun, urang oge ngarasa geuleuh kana serangga. Tapi tetep ngaberesihkeun serangga ti imah mah mangrupakeun hal penting jang ngajaga kasehatan jeung kanyamanan urang, komo deui mun serangga eta bisa nimbulkeun resiko kana kasehatan. Sanajan ngarasa geuleuh jadi hambatan jang ngaberesihkeunna, tapi urang bisa ngaberesihkeunna ku cara ngagunakeun alat siga vacuum cleaner, alat ieu bisa digunakeun dina tehel atawa mun di luhur mah bisa ngagunakeun ku sapu. Jadi sanajan geuleuh oge kudu inget mun ngaberesihkeun serangga di imah teh mangrupakeun tindakan anu penting, tapi urang oge kudu tetep hati-hati jeung gunakeun perlindungan siga sarung leungeun atawa masker jang mantuan mun urang ngarasa geuleuh.
1
disgusted
3344
Milarian jeans anu pas sareng awak anjeun sareng ngadukung penampilan anjeun henteu gampang. Hiji survey ngabuktikeun néangan jeans anu bener pas bisa nyieun hiji awéwé stres . Survey ieu dilakukeun ku pangecér online ism.com sareng dihadiran ku 1,000 awéwé. Tina survey éta kaungkap, 43% réspondén ngarasa yén mésér denim ngajantenkeun aranjeunna langkung stres tibatan pindah bumi. Réspondén ogé nyarios yén jeans ceking ngajantenkeun aranjeunna gendut sareng henteu pikaresepeun. Langkung ti 50% réspondén nyarios yén burih anu buncit sareng belahan mangrupikeun masalah utama nalika ngagem hipster sareng jeans ceking. Sedengkeun 2/3 responden yuswa 50 sarta leuwih ceuk meuli calana denim éta hal paling stres ti sakabéh agenda balanja.
6
shame
5169
Pangalaman paling ngabungahkeun dina hirup abdi salah sahijina nyaeta ningali mamah tiasa umroh. Umroh teh salah sahiji perkara nu dianjurkeun pisan dina Islam. Jang jalmi nupanghasilanna saderhana jiga kulawarga abdi, hoyong umroh teh kedah nabung heula mangtaun-taun. Tah mamah ge nabung leuwih ti lima taun, alhamdulillah kasampean tiasa indit umroh taun ieu. Abdi atoh misan ningali mamah terharu sabab bisa nyumponan ibadah nu dianjurkeun dina ajaran. Abdi nganter mamah dugi ka tempat agenna. Seneng pisan ningali senyum nu kaukir dina raray pun mamah. Gusti, mugia dipaparin kasehatan didituna. Daripada diangge jalan-jalan ka luar nagari mah tabungan teh mending diangge kangge umroh, nunaikeun ibadah. Bakal jadi seueur mangpaatna jeung urang.
3
happy
2123
Kawinan Pangeran William jeung Kate Middleton, nu dilaksanakeun di Westminster Abbey sarta dituturkeun ku parade ngaliwatan jalan London maké gerbong kuda, katelah The Wedding of the Century. Kawinan putra cikal Pangeran Charles ngarugikeun US $ 34 juta atawa Rp.455 milyar, kalawan loba investasi dialokasikeun pikeun kaamanan. Malah biaya hiasan kembang ngahontal US $ 800 rébu. kawinan ieu narima perhatian sakuliah dunya sarta disiarkeun dina saluran TV utama. Pangeran William jeung Kate Middleton diayakeun di Westminster Abbey dina 29 April 2011. Nalika poé kawinan maranéhanana lumangsung, dina tanggal éta poé kawinan maranéhanana dijieun libur nasional. Ieu ogé lumaku pikeun Bermuda, Turki, Caicos jeung Kapuloan Falkland. Nya, Pernah heuteu mimpi yen pernikahan anjuen dijadikeun hari libur internasional, kantos kantos pangeran william mah tiasa hehehe, sumangat sobat nu bade nikah,
3
happy
6358
Mun aya babaturan di kelas nu ceurik keur tampil sabab ngarasa era atawa teu pede, ulah diseungseurikeun, bere semangat jeung dukungan. Ulah nepi ka maehkeun kapercayaan dirina atawa maehkeun usahana dina ngabangun semangat. Anggursih mah kuduna didukung leuwih hebat jeung leuwih semangat supaya manehna optimis jeung bisa ngalewati tantangan supaya wani tampil di hareup. Lamun deuih aya nu murung di kelas teh ulah dibully, kudu na mah dirapek masing deukeut supaya bisa jadi babaturan. Kanu karitu teh kudu leuwih perhatian, ulah kalah ngabully teu paruguh. Yuk leuwih bijak deui dina nyikapi sagala rupa babaturan nu ngarasa kasulitan! Ulah ngarasa adigung!
6
shame
2484
, Garuda Indonésia henteu nyadiakeun fasilitas ngabalikeun duit tikét pikeun panumpang anu katinggaleun hiberna alatan datangna telat. Inpormasi ieu didaptarkeun dina situs wéb resmi Garuda Indonesia. Garuda Indonésia nyatakeun yén panumpang anu telat check-in sareng naek kapal henteu nampi pengembalian dana. B "Lamun gagal mariksa dina waktuna atawa naek pesawat nalika pesawat badarat, maka biaya anu dibayar moal dipulangkeun ku alesan naon waé," tulis informasi ti situs resmi Garuda Indonesia. "Kami ogé tiasa ngabatalkeun réservasi korsi anjeun upami anjeun gagal dugi ka gerbang kost tepat waktu. Anjeun ogé tiasa ngaksés fasilitas check-in kami kalayan syarat sareng kaayaan anu berlaku," tambah Garuda Indonesia.
5
surprise
8469
Di dieu aya sababaraha cara nu bisa mantuan nungkulan geuleuh jeung dahareun buruk. Lamun ngarasa geuleuh mun anjeun ningali atawa bau dahareun buruk, coba ulah eta. Upami aya rasa geuleuh, cobian museurkeun pikiran anjeun kana hal-hal anu positif sapertos musik, bacaan, atanapi kagiatan anu pikaresepeun. Tehnik relaxasi sapertos meditasi, yoga atanapi latihan engapan tiasa ngabantosan ngaleungitkeun parasaan geuleuh sareng setres. Pastikeun pikeun mastikeun kabersihan anu sae nalika masak sareng nyimpen tuangeun. Upami rasa geuleuh ngaganggu kagiatan sapopoe atanapi mangaruhan kualitas kahirupan, konsultasi ka dokter pikeun bantosan salajengna. Ku nuturkeun tip ieu, anjeun tiasa ngabantosan anjeun ngaleungitkeun rasa geuleuh ku tuangeun anu rusak sareng ngajaga kasehatan anu sae.
1
disgusted
2923
Operasi munggaran di dunya diduga geus dilaksanakeun ti jaman baheula, atawa 4.500 SM. Ieu dipikawanoh tina tangkorak kapanggih ti jaman ieu. Para ahli ngira-ngira geus aya dua rupa prak-prakan bedah dina mangsa ieu, nyaéta bedah tangkorak jeung tambalan gigi. Kapanggih tangkorak kalawan liang dina sirah. Operasi ieu ogé katelah trepanation. Dina mangsa éta, operasi dilaksanakeun tanpa anesthesia. Salaku ukuran pencegahan inféksi, aranjeunna ukur nganggo turpentine sareng cuka. Alesan jalma di jaman éta nempatkeun liang dina sirahna teu dipikanyaho. Disangka, liang dina sirah dipercaya pikeun ngusir roh jahat anu aya dina awak. Prosedur ieu sumebar ka Maya di Amérika Kidul. The Mayans dipaké téhnik ieu pikeun ngubaran migrain.
0
fear
4405
Saha anu teu ambek lamun di teugeul? Di teugeul sacara sangaja jelas mancing emosi jeung ngajieun ambek teu tarima.Sakumaha oge salah na kakerasan atawa maen leungeun teungeul jeung sagalana teu bisa di benerkeun. Urang teu berhak di kasaran boh sacara fisik jeung mental, jelema kasar kawas kitu biasa na kabiasaan. Matak urang ulah eleh kudu bisa ngomomg kunaon men tengeul wae, lamun aya salah teu meunang maen make lengeun, kusabab sagala oge bisa di obrolkeun sacara baik baik. Sasaha oge eweuh anu ngajarkeun titah ngalakukeun kakerasan make leungen, urang boga keneh pkiran jeung biwir keur di omongkeun heula naon masalahna.
4
angry
7496
Abdi sareng rerencangan nuju ngarempel di hiji taman anu aya di Bandung, teras salah sahiji rerencangan abdi aya nu masihan apal yen di daerah caket urang ngempel aya begal. Pantesan we jalan teh ngadadak sepi lantaran jalmi arasup ka imah, sieun dibegal. Abdi nu asalna bade uih sapuluh menitan deui mutuskeun teu jadi lantaran sieun bisi papanggih begal di tengah jalan. Tos aya hiji korban anu di begal, abdi langsung sieun pisan, hoyong uih tapi kondisina teu acan aman. Urang sadayana langsung ngamankeun diri di masjid paling dekeut anu aya di dinya saatos papanggih jeung rombongan patroli polisi anu nyarankeun urang bubar lantaran eta begal nuju kuluyuran jeung teu acan ditewak ku polisi.
0
fear
212
Semester akhir samemeh sidang, biasana diayakeun prasidang. Prasidang ieu teh simulasi sidang, jadi bakal presentasi bari diuji ku pembimbing dosen skripsi. Syarat miluan prasidang teh geus boga kerangka bab 1, jadi pas engke presentasi teu bingung. Urang oge kitu, nulis heula bab 1 sanajan masih tina bentuk kasar. Pas poean prasidang, kabeh mahasiswa diwajibkeun make almamater. Urang make almamater biru, bajuna kemeja warna bodas, calana bahan warna hideung. Kabeh mahasiswa dikumpulkeun di hiji rohangan, hiji-hiji mahasiswa dipanggil, tapi dipanggilna teh per 5 orang, jadi nu presentasi dihareup teh aya 5 orang giliran. Sedengkeun nu sejen nungguan di gigir katuhu. Pas giliran urang, alhamdulillah lancar bisa ngajawab kabeh patarosan ti dosen-dosen pembimbing. Harita oge pas cengkat dina bangku, urang pada ditangkeup ku babaturan ngucapkeun wilujeng.
3
happy
5593
Sakapeung sok aya nu reuwas ku kahamilan nana sorangan. Misalna nikah nembe tilu bulan tapi usia kandungan tos hampir opat bulan. Tah hal nu kieu teh teu kudu jadi khawatir sabab memang wajar. Jadi, nangtukeun usia kahamilan teh tina poe terakhir siklus haid. Jadi wajar mun aya selisih bulan jiga kitu, berarti poe terakhir haid na samemeh nikah. Loba nu jadi suudzon ku kaayaan kitu, padahal ieu hal wajar nu memang logis ayana. Mantakna, sebagai awewe teh penting pisan jang nyaho siklus haid, supaya bisa ngaprediksi nu terjadi dina awak, salah sahijina kahamilan jeung usia kandungan. Mantak, yuk urang kenali deui siklus haid urang!
5
surprise
7291
Salah sahiji dulur abdi teu acan gaduh murangkalih nepikeun ayeuna lantaran manehna gaduh panyawat anu ngahalangan manehna supados tiasa gaduh murangkalih. Manehna teu resep kana operasi jeung obat-obatan, janten manehna leuwih milih hirup sehat, ngajagi tuangeun, istirahat anu cekap, olahraga sareng ngalakukeun terapi supados tiasa ngaberesihan rahimna supados sehat kanggo calon orok. Tos seeur jalmi anu ngaragukeun manehna tiasa hamil lantaran salakina oge mandul. Tapi manehna teu pernah ereun ngadu'a ka Gusti Alloh sabari teras ngalakukeun upaya sangkan tiasa hamil. Manehna yakin ka Alloh lamun manehna ngadua sabari ikhtiar bakal dicumponan ku Alloh. Poe ieu manehna masihan kabar yen manehna hamil, abdi teu ereun ngucap syukur sabari ceurik lantaran bagja.
5
surprise
4399
Salingkuh teh teu ngenal gender atawa jinis kelamina. Rek awewe rek lalaki sarua wae. Salingkuh teh biasana panyakit, lamun geus salingkuh sakali pasti bakal kitu deui, matakna hese keur urang ngahampurna na. Salingkuh pasti mimiti da kusabab eweuh rasa bersyukur jadi neangan jelema sejen. Rek sakumaha geulis kasep na eta jelema rek sakumaha pisan bageurna ari pasangan na beuki salingkuh nya angger wae pasti bakal salingkuh. Urang boga babaturan maneh na teh ayeuna di gawe di taiwan jadi TKW, maneh na geus kawin jeung boga budak. Babaturan urang teh meni geulis, bageur jeung rajin usahana matakna manehna di gawe nepi kan taiwan. Sedangkeun lalakina didieu kalah kedul ulin jeung awewe sejena, babaturan urang pasti lah ambek nyarekan, tungtungna maneh na teu kuat akhirna milih pisah.
4
angry
4414
Urang salaku manusa anu lahir di indonesia boga hak jeung kawajiban na masing masing. Hakn na urang berhak keur ngarasa hirup aman tentram jeung nyaman ti sagala bahaya kekerasan ka asup di gebugan. Kolot anu kudu na jadi tempat paling aman keur budak na ayeuna teu bisa di andelkeun, sabab ayeuna kalah ka loba kasus kakerasan ka budak teh nu ngalakukeun kolot na sorangan. Loba rupa rupa alesan kolot na ngalakukeun eta tapi nya anu pasti eta teu bisa di benerkeun. Sakumaha budak nyieun kasalahan pasti bisa heula omongkeun lain maen teugeul siga preman. Lamun kitu wajar budak na ngambek jeung teu tarima yen kolot na lain kalahka jadi tempat aman tapi kalah jadi ancaman.
4
angry
2847
Hiji hal penting pikeun nginget lamun urang rék ngamempertahankan diri: hirup anjeun leuwih ti naon dina dompét anjeun. Upami aya anu ngarampog anjeun, aranjeunna hoyong barang anjeun, sanés kahirupan anjeun, ku kituna nyerahkeun dompét anjeun sering cukup pikeun ngintunkeun anu jahat. Lamun anjeun masihan begal naon maranéhna ménta, ulah nyerah ka aranjeunna. Buangna, langkung saé jauh ti anjeun duaan, anu tiasa masihan anjeun kasempetan pikeun kabur. Ayeuna, upami kaayaan anu béda upami anjeun gaduh bedil anu diacungkeun ka anjeun sareng anu jahat moal angkat, anjeun gaduh skenario anu béda dina panangan anjeun. Kahiji, tetep tenang. Tarik napas jero. Tong téga kaburu-buru. kudu tenang, nu hadé kaputusan anjeun bakal. Coba pikirkeun hal-hal sareng perhatikeun sakuliling anjeun. Nengetan palaku. Aya nanaon bisa Anjeun pake pikeun ngaidentipikasi aranjeunna? Tato. Tanda lahir? Dina catetan anu sami, jaga kontak panon. Ieu ngingetkeun aranjeunna yén anjeun manusa sareng ngabantosan aranjeunna tetep tenang. Panyekel gun saraf leuwih gampang squeeze pemicu ti leuwih tenang.
0
fear
4364
Budak leutik reseup pisan ulang tahun, komo lamun di umur umuran TK keneh. Manehna ngarasa yen di ulang tahun na maneh na bisa jadi raja atawa ratu anu boga acara, make maju alus, dahareun ngeunah, make baju alus, niup kueh ulang tahun sarta loba di bere kado ku babaturan na. Barudak sagede kitu biasana lamun di bere surprise atawa kejutan ku kolotna geus ngarti, reuwas tapi asa geus apal lamun rek di suprisean komo lamun geus jadi kabiasaan budak pastina ngarasa bungah pisan, kusabab geus lila di dago dago. Ngarayakeun ulang tahun keur budak leutik mah ngasa jadi boga kareueus an. Kabeh babaturan na datang ka imah bari mawa kado, tuluy ulin jeung ngadahar kueh babarengan.
5
surprise
735
Mun ninggali babaturan anu diteunggeul teh urang ulah hare-hare, komo eta kajadian dihareupeun urang. Teu kudu babaturan wae, nu teu kenal oge alusna mah ku urang bantuan jeung halangan sabari nanya masalahna naon. Soalna nu enggeus-enggeus ge kitu, aya jelema nu teu wani mun ngalawan, tah tugas urang nu wani kudu ngabela. Siga babaturan urang pas balik sakola aya nu neunggeulan teuing pedah naon mimitina mah, urang keur naek motor teh eureun heula bari masang badan. Tah mun urang diteunggeul oge, urang jadi aya alesan jang nenggeulan manehanana oge. Sanajan diriung oge kudu gede ka wani, ulah kumeok samemeh dipacok.
4
angry
7264
Sanajan tos kuliah, abdi masih keneh resep ulin ka sakola, lantaran aya klinik di caket sakola. Hiji poe abdi nuju mapah ti klinik ka bumi, pas di tengah jalan abdi ningal aya nu mapah oge tapi di arah nu sabalikna, ningal ti jauh teh asa wawuh, tapi teu apal eta saha. Beuki lila eta jalmi beuki ngadekeutan, manehna langsung ngadadahan, manehna muka maskerna, abdi langsung apal. Manehna rerencangan SMA baheula. Kabeneran imahna caket ti sakola, manehna nuju balik ti kampus. Abdi langsung sasalaman teras naros kumaha kondisi manehna. Sanajan urang teu pati deukeut, ningal manehna abdi jadi emut deui pas jaman SMA.
5
surprise
4450
Lamun keur pere sakola urang teh sok neangan duit keur nambah nambahan duit pikeun jajan jeung meuli kabutuhan sakola sejen sangkan henteu menta ka kolot wae. Urang biasana sok milu pagawean anu bebas di waktu libur sakola salah sahiji na urang sok milu gawe jadi SPG dahareun biasa na dahareun na mangrupa chiki atawa susu anu dina kotak tea, ieu biasana urang jual di tempat tempat anu rame misalkeun di car free day lamun di poe minggu isuk isuk. Basa poe harita urang erek mangkat gawe siga biasana saenggeus 2 poe urang teu gawe kusabab gering, ari pas tepi di tempat na urang teh reuwas kusabab urang geus aya geus di ganti ujug ujung ku jelema sejen. Urang teh ambek jeung kuciwa pisan kumaha bisa pagawean urang di cokot ku batur tangpa aya anu ngabejaan ka urang heula samemehna. Urang nanyakeun ka bos kunaon kawas kieu, tapi ceunah ieu kusabab urang teu asup sababaraha poe, padahal urang teu asup kusabab gering jeung enggeus izin.
4
angry
5589
Kolot baheula mah boga kayakinan yen mun aya nu hamil terus aya gerhana, kudu nyumput dina kolong meja, ulah nepi ka kaluar. Mun teu dilaksanakeun teh mamala ka budakna, ke kulit rarayna bakal hideung sabeulah sabab ngagambarkeun gerhana. Mun nyumput na kolong meja mah dipercaya bisa nangkal mamala gerhana, jadi moal kasorang ku cahaya gerhanana. Loba nu kabuktian ku kajadian ieu. Sabener na mah teu nanaon nan asal laksanakeun sholat gerhana, ulah nepi ka kuluyuran teu paruguh saban gerhana teh. Kapercayaan kolot teh didasarkeun ku pangalaman, jeung geus loba nu kabuktian, jadi euweuh salahna ku urang ge dihargaan jeung dihormati kapercayaan nana.
5
surprise
6861
Rerencangan kuring sok poho wae nunda barang lantaran manehna sok teu apik, sagala disimpen di mana wae jiga nu teu butuh. Basa urang duaan nuju jalan-jalan ka hiji tempat, manehna poho nyimpen konci motor. Urang duaan langsung milarian di mana wae eta bisa kapanggih, dina tas teu aya, di saku teu aya, di kamar cai oge tau aya. Urang tos bingung lantaran ieu teh tempatna rada jauh ti bumi urang masing-masing, lamun eta konci motor teu kapanggih, urang moal tiasa balik ka imah. Akhirna urang nanyakeun ka satpam, epekteh koncina ngagantung keneh dina motor. Urang langsung lega lantaran tiasa balik deui ka imah.
3
happy
8195
Urang sakuduna teu kudu sieun upami dioperasi. Sieun dioperasi teh perkawis nu biasa dirasakeun ku jalmi nanging teu kudu leuleuwihan. Prosedu-prosedur operasi teh tos diteliti tur diuji kaefektifan tur kaamananna janten teu kudu hariwang upami tindakan operasi tiasa ngarusak awak atanapi nyilakakeun urang. Dokter atanapi tanaga medis nu ngalakukeun operasina ge tos pasti tiasa dipercanten kusabab teu sembarangan jalmi tiasa ngalakukeun operasi ieu. Ngan jalmi-jalmi terlatih sareng bersertifikat wae nu tiasa ngalakukeun operasi komo upami operasina dilakukeun di rumah sakit nu tos kakoncara. Teu kudu sieun nyeri upami arek dioperasi kusabab urang tiasa tur bakal dibere obat penenang atanapi bius janten teu tiasa ngarasakeun nanaon salila operasi.
0
fear
8214
Seueur jalma nu sieun janten saksi dina kacilakaan. Ieu teh kahartos kusabab janten saksi teh tiasa nyieun trauma upami urang ngabayangkeun janten korban. Nanging urang teu kudu janten ngarasa trauma ngalaman janten saksi kacilakaan. Ngasaksian kacilakaan teh tiasa nyebabkeun seueur stres, arek fisik atanapi emosi. Ieu tiasa nyieun urang kasieunan, waas, tur bingung. Teras nyaksian kacilkaan teh tiasa nyebabkeun ingetan tur mimpi nu goreng. Ingetan ieu tiasa kainget saumur-umur hirup urang. Upami urang saleresna teu kiat janten saksi hiji kacilakaan, urang tiasa mundur wae tur teu kudu ngarasa ngabogaan tanggung jawab. Jalma ge tangtos ngartos kunaon urang embung janten saksi.
0
fear
5646
Basa nuju alit abdi ngarasa jengkel pisan ka bapak sabab geus neunggeul sampean abdi. Tapi emang karena kasalahan abdi nu kamalinaan. Jadi, abdi uih sakola teh gegelutan jeung babaturan nepi ka getihan tina irung. Abdi jeung babaturan teh gelutna di sisi jalan rek balik. Pas nepi ka imah, aya bapak pisan di hareupeun panto keur ngopi. Bapak tuluy nyarekan abdi beak karep. Abdi diseret ka kamar cai tuluy diguyur make cai. Geus kitu sampean abdi diteunggeulan make sapu nyere. Bapak abdi nyarekan dugi ka abdi ceurik gogoakan. Abdi harita kacida nyeuri hatena pisan ku kalakuan bapak abdi. Tapi da eta teh bentuk nyaahna ka nu ngaran anak.
4
angry
1084
Dihareupeun imah mindeng kajadian kacalakaan, utamana motor jeung motor. Nepikeun ka harita mah pas urang keur mejeng di teras imah, jelas pisan eta mah tabrakanana teh nepikeun ka dibawa ka rumah sakit. Polisi oge harita langsung turun ka TKP jang ninggali kumaha kajadianana. Tuluy ditanyaan warga-warga didinya kumaha kajadianana. Urang ge sabenerna apal kajadianana teh, tapi teu nyebutkeun urang ninggali. Bebejana geus sare. Pas ngajawab kitu mah polisi teh teu nanyaan deui. Lain embung ngabantuan polisi, tapi jadi saksi teh asa beurat, kudu ngaluangkeun waktu jeung tanaga. Tuluy katempuhan di mana kajadianna teu saluyu jeung nu benerna. Sieun kalakah jadi di penjara.
0
fear
760
Tiap jelema pasti boga kaleuwihan sewang-sewangan pan? Teu bisa kabeh jelema disaruakeun. Anu mirisna ieu kajadian di lingkungan sakola, tempat urang ngajar jeung meunangkeun elmu. Mindeng pisan ngalaman diperlakukeun teu adil, contona wae nu pinter sok leuwih diperhatikeun, tuluy didengekeun omonganna. Beda jeung anu bodo, diperhatikeun oge tara, komo deui didenge. Tuluy di kelas biasana guru ngaleuwih-leuwihkeun budak nu pinter dina mata pelajaran matematika, tapi kan matematika lain tolok ukur si jelema teh pinter henteuna, teu nangtukeun nu pinter matematika bisa sukses, bisa wae nu jago kana seni malah bisa pangpunjulna. Kudu inget kabeh jelema oge mibogaan pangabisana sewang-sewangan. Ulah nepikeun jadi merod.
4
angry
8428
Wajar mun geuleuh ku hiji hal. Salah sahiji hal anu dianggap pigeuleuhen ku seueur jalma nyaeta tai sato. Kalolobaan jalma bakal ngarasa geuleuh nalika aranjeunna deukeut tai sato. Ieu alatan bau anu dihasilkeun tina tai sato ngajadikeun anjeun teu nyaman, seueul, malah bisa nyieun jalma anu bau eta utah. Lamun ningali tai sato, utamana lamun masih baseuh, jalma bakal langsung nyingkahan tai. Leuwih ti eta, lamun awakna kakeunaan tai sato saperti tai manuk anu ragrag ti langit, jalma bakal ngarasa sial sarta bakal ngumpat sajadi-jadina. Hal-hal anu dirasakeun ngalawan tai sato mangrupikeun respon otomatis tina awak sahingga hese henteu ngareaksikeun sapertos kitu.
1
disgusted
8162
Upami ditodong senjata seuneu tong langsung sieun lakukeun babaraha perkawis ieu. Hal kahiji anu kudu dipigawe nyaéta tetep tenang jeung ulah provokasi. Lawan urang boga posisi jauh di luhur urang, jadi teu hade urang ngaprovokasi hiji hal anu bakal jadi pikaseurieun. Dina sababaraha detik urang kedah nyandak kaputusan anu penting pisan supados urang kedah tenang. Lamun ramo palaku dina pemicu mangka kaayaanana bahaya, utamana ku pakarang revolver atawa rakitan anu saliwatan teu boga mekanisme konci. Tong jauh-jauh ti nu ngalalakon. Jarak anu ideal nyaeta 2 lengkah supados urang tiasa ngira-ngira kaayaan eta. Posisi bagian vital awak urang teu dina garis sapanjang jalur tembakkan.
0
fear
5697
Abdi jengkel pisan mun tulisan abdi ditiron ku batur. Pernah harita abdi nyieun puisi, eh babaturan abdi teh apaleun. Tuliy ku babaturan abdi dikirimkeun ka media daring. Abdi meuni atoh, eh pas terbit teh geuning ngaran manehna, lain ngaran abdi, padahal manehna teu kontribusi nanaon. Abdi harita jengkel pisan. Ku abdi di chat, euweuh ngabales. Ditelepon, euweuh ngangkat. Keuheul pisan abdi teg handeueul. Nya enggeus we ku abdi dititah take down ka mediana, sabab eta karya meunang abdi, lain meunang manehna. Abdi meuni keuheul pisan boga babaturan jiga kitu. Paingan ngadeukeitan wae meureun da rek ngamangpaatkeun, lain hayang duduluran nana.
4
angry
2885
Abdi kantos ngalaman waktos SD. Oké, abdi terang, meureun naon anu bakal kuring carioskeun henteu goréng sapertos carita anu sanés. Sabab baheula mah mun keur SD mah geus biasa, kolot kuring nyaho ampir kabéh babaturan sakelas, kolot kuring nyaho guru-guru didinya malah ngajak datang ka imah kuring, kolot kuring kenal pisan ka kolot babaturan kuring. jarak sakola ka imah teu jauh teuing jeung sajabana. Alhamdulilah dugi ka ayeuna abdi masih keneh rerencangan sareng rerencangan SD. Nanging, upami kuring émut yén kuring ngalaman hal anu teu disangka-sangka, anjeun tiasa nyarios bullying, hal anu teu pikaresepeun pisan, pelecehan jsb. Ieu anu kajantenan kana rambut keriting kuring. Sok ngomong "bulu mie !!", "bulu keriting !!". Jeung aneh, salah sahiji babaturan kuring nanya serius "Sebut mie bulu téh landihan pikeun anjeun?". Naon anu anjeun pikirkeun???? Kuring geus pernah ngabales kecap maranéhanana. Kuring ukur bisa cicing bari neuteup kosong.
0
fear
294
Mun rek mibogaan anak kudu aya pertimbangan anu mateng jeung kudu ninggali dina sisi suami jeung istri. Sabenerna euweuh jawaban anu pasti sabaraha jumlah anak nu ideal, tapi kaputusan hayang boga anak loba atawa saeutik mangrupakeun hal anu pribadi, jeung dipangaruhan oge ku kondisi fisik jeung finansial. Nyatana kondisi finansial kulawarga oge ngaruh kana sabaraha lobana boga anak nu dipikahayang. Sanajan duit lain sagalana, tapi mun geus boga anak mah rek sabaraha wae ge anak kudu mibogaan duit anu stabil jang ngajamin kasehatan jeung kasejahteraan anak kahareupna. Eta oge jadi tanggung waler kolot ka anakna. Intina beuki loba anggota kulawarga tangtuna beuki loba oge pengeluaran.
3
happy
6266
Salah sahiji faktor nu nyebabkeun kamar mandi tara beresih teh nyaeta kokotor nu jarang diberesihan. Misalna tapak sapatu atawa sendal nu teu dibanjur, bakal ngerak jadi kokotor mun teu langsung diberesihan. Kaberesihan kamar mandi teh jadi hal nu penting pisan dina kanyamanan salama ngagunakeun kamar mandi. Mantakna, mun geus beres make kamar mandi teh kudu langsung disikatan, kudu dijaga kaberesihan nana. Kaberesihan kamar mandi teh kudu dijaga pisan, kudu rutin disikatan jeung dibere karbol supaya euweuh sasatoan nu asup. kaberesihan oge jang ngajaga supaya teu leueur jeung teu nyebabkeun tisoledat. Mantak, yuk urang rutin beresihan kamar mandi supaya teu ngabahayakeun!
1
disgusted
9521
Urang bisa ngarasakeun kabagjaan anu kacida gedena saatos ditampi kuliah di universitas impenanna. Ieu bisa jadi disababkeun ku ngabayangkeun yen usaha anu terus dilaksanakeun ku urang ahirna ngasalkeun hal anu urang pikahoyong. Bisa jadi ngarasa reueus kana prestasi anu tos dihontal sarta ngarasa bungah pikeun ngamimitian lalampahan anyar di universitas. Urang oge bisa jadi ngarasa nganuhunkeun pisan ka jalma-jalma anu parantos ngarojong sareng ngabantosan urang nalika proses pendaptaran, sapertos guru, kulawarga, sareng rerencangan. Kaputusan pikeun ditampi di universitas mangrupikeun titik balik anu penting dina kahirupan urang sareng mangrupikeun awal perjalanan anu pinuh ku tantangan sareng kasempetan. Eta sababaraha faktor anu jadi musabab urang ngaraos bagja.
3
happy
4041
Statistik teh pelajaran anu hese, tapi urang bisa meunangkeun nilai tujuh puluh lima. Dibandingkeun jeung babaturan nu sejen, nilai urang termasukna nilai paling gede. Sabenerna urang teu resep pelajaran anu itungan hese soalna, tapi ai ngarah ku sering belajar mah buktina urang bisa. Samemeh ujian urang terus ngapalkeun rumus, jeung latihan soal-soal. Soalna mun teu kitu moal bisa-bisa. Bari ngapalkeun, urang sakapeung sok manggihan dosenna hayang menta pang jelaskeun materi anu teu ngarti. Dosenna teh bageur, hadena teh teu galak da biasana mah dosen matematika kitu mah sok rada galak. Tapi bapak ricky mah sabar pisan ngajarkeun urang, sakitu di ulang-ulang deui ge. Pas ujian batur mah sibuk neang contekan, ai urang mah sibuk ngitung na kalkulator. Hadena urang gancang, jadi bisa buru-buru kaluar ti ruangan teu kungsi merekeun jawaban ka batur. Saminggu tas ujian, nilai urang di sebutkeun nu paling gede, teu kudu remedial urang atoh banget.
3
happy
6999
Di sakola, abdi gaduh hiji rerencangan anu dekeut pisan. Urang sok angkat ka sakola sasarengan, mapajh lantaran imahna dekeutan. Lamun isuk-isuk manehna pasti langsung nyampeur ka imah. Di sakola oge urang sakelas, lamun aya tugas pasti ngerjakeun sasarengan. Urang oge lamun libur mineng ulin bareng. Pokona manehna salah sahiji rerencangan abdi anu paling dekeut. Lamun di imah nuju teu aya sasaha, abdi sok mondok di teun manehna. Mamah jeung bapa arurang oge dekeut pisan. Hiji waktos manehna nyarios yen manhena jeung sakulawargina bakal ngalih ka luar kota lantaran bapana kedah dinas di luar kota. Abdi sedih pisan ngadangu kabar eta lantaran abdi bakal sono pisan ka manehna.
2
sad
3273
Naha anjeun terang yén jalma anu henteu resep tuang pasta, jijik ka lauk atanapi bau lauk na, bahkan tomat disababkeun ku genetika? Sabaraha jalma anu henteu resep lauk, sareng ngan ukur tiasa tuang hayam bakar atanapi henteu hoyong sayuran? Élmuwan di Universitas Duke di North Carolina, AS, nyandak inventaris global ngeunaan "pakan anu pilih-pilih", ngarep-arep mendakan jawaban kunaon sababaraha urang ngagaduhan masalah dahareun. Aranjeunna yakin yén usaha ieu tiasa ngabantosan mendakan alesan genetik pikeun henteu resep sababaraha jalma kana sababaraha tuangeun sapertos brokoli, atanapi kacang keriting. Aranjeunna dicatet yén henteu resep éta akar jero, éta tiasa ngaganggu padamelan, hubungan sareng kahirupan sosialna. "Ieu wewengkon nu can ditaluntik," ceuk Dr Nancy Zucker, diréktur Pusat Studi Masalah Dahar di Universitas Duke.
1
disgusted
5197
Sapoe samemeh nikahan,sok diayakeun salametan. Salametan eta diayakeun na di imah calon pangantenna. Biasana sok ngondang bapak-bapak tatangga jang datang salametan di beurang na. Tuluy tos beres salametan biasana babagi besek kanu ngaraji jeung ngadoakeun nana. Di imah calon pangantenna biasana sok loba dahareun, termasuk oge kue panganten nu re dipake isukan na. Eta dahareun teh ngajajar sapajang ruang tamu, maksudna mah jang ngajamu tamu nu ngalongokan calon panganten sebaga bentuk rasa syukur. Teu cukup ku kitu, oge sok diayakeun pangajian ibu-ibu maju ka sore na mah. Maksadna mah nyuhunkeun doana supados acara inti dina poe isukna teh bisa berjalan lancar.
3
happy
7005
Hirup sorangan ngajadikeun urang janten jalmi anu mandiri. Ngalakukeun sagalana sorangan. Masak sorangan, nyeseuh sorangan, gugah bobo sorangan. Moal aya nu ngingetan kanggo sholat subuh atawa ngingetan tos waktosna emam. Lamun sedih oge teu tiasa langsung carita, paling oge disimpen sorangan. Komo lamun keur teu gaduh artos, urang kedah neangan sagala cara supados tiasa minuhan pangabutuh jang sapopoe. Lamun di imah keur aya masalah urang biasana ngan tiasa ngaduakeun hungkul lantaran teu tiasa ngabantosan langsung. Upami urang gaduh masalah urang oge kedah tetep katingali tegar lantaran urang janten harapan kulawargi. Moal aya anu ngingetan upami urang teu acan sholat, janten urang diajar sadar sorangan.
2
sad
5553
Yuk urang leuwih bija deui dina ngajieun konten! Ulah nepi ka ngandung hal-hal nu teu pantes jang ditayangkeun. Mun rek nyieun konten prank, kudu masing asa perencanaan na, oge ulah kaleuwihan. Ulah nepi ka prankna nyinggung soal agama, ras, atawa nu sejenna nu teupantes dijieun lelucon. Kade oge ulah nepi ka prankna kalah jadi bentuk bullying sabab leuwih teuing. Kudu bija jeung bisa ngandung hal nu bermanfaat jeung masyarakat luas, tong ngarah leluconna hungkul. Kudu inget yen ngonten teh aya nu ngaranna prinsip kebermanfaatan. Jadi, tong asal ngonten prank, yuk urang leuwih bijak deui supaya teu aya piha nu dirugikeun komo dibahayakeun!
5
surprise
3257
Dina unggal mahluk hirup, tangtu urang ngalakukeun ékskrési pikeun miceun hal nu teu perlu tina awak. Salah sahiji bentuk ékskrési nyaéta tai. Tangtu, sanggeus nyandak aranjeunna kaluar, urang langsung beberesih aranjeunna nepi ka nyieun sorangan jeung batur Dina taun 2016, tilu pamayang ti Oman sapertos angin. The Times of Oman ngalaporkeun yén tilu pamayang éta mendakan 80 kilogram ambergris di basisir Qurayat. Diperkirakeun tilu pamayang Oman tiasa ngabagikeun US $ 3 juta (Rp.43,7 milyar) tina ambergris. Henteu ngan ukur kokotor, ambergris mangrupikeun kotoran anu dihasilkeun ku paus spérma (P. macrocephalus). Bari paus spérma regurgitate bagian undigested, sababaraha asup kana saluran pencernaan tur jadi ambergris. Catet yén ambergris butuh sababaraha taun pikeun muncul, sahingga jarang pisan. Dina basa Perancis Kuna, ambergris (ambre gris) hartina "abu Amber," jadi nilaina téh unquestionable. Manusa geus ngagunakeun ambergris pikeun generasi pikeun nyieun parfum. Mimitina bau, bau ambergris robah jadi bau parfum leuwih lila.
1
disgusted
5999
Bagi jalma awam mah, ngahadapi operasi teh asa rek ngahadapi dicabut nyawa. Loba anggapan nu overthinking soal operasi teh, misalna sieun ku efekna, sieun ku carana, jeung sajabana. Biasana ge sok overthinking mun rek operasi teh sabab pan teu apal nanaon tea soal operasi. Jeung deuih teu aya elmu nu memadai jang mahami sagala perkarana. Teu jarang oge mun rek operasi teh sok mapayan kulawarga jang ngenta hampura. Kitu oge mun pasca operasi, sok loba anu malahan nempuh pengobatan alternatif oge supaya bisa pulih tereh. Aya oge sababaraha pihak anu emang patuh pisan kana sagala parentah jeung larangan dokter sabab loba kasieun jeung teu nyaho tea, jadi sieun pimantakeun.
0
fear
3303
Luyu jeung hirarki ngokolakeun runtah anu kaunggel ogé dina Peraturan Kementerian Lingkungan Hidup dan Kehutanan RI, konsép ngokolakeun sampah anu hadé, dumasar kana prioritasna, nya éta: 1.) Ngurangan (ngurangan) runtah anu dihasilkeun. Kagiatan ngokolakeun ieu berorientasi kana ngokolakeun sumber daya, anu dimimitian ti unggal komunitas individu. Manajemén ieu mangaruhan pisan kana jumlah/jumlah runtah anu dihasilkeun di hiji daérah. Upama masing-masing individu bisa ngurangan jumlah runtah anu dihasilkeun, maka beban TPA salaku Tempat Pengolahan Akhir runtah ogé bisa ngurangan. 2.) Reuse jeung 3.) Recycle mangrupa kagiatan ngokolakeun runtah anu lain ngan ukur mangaruhan kana ngurangan kuantitas runtah, tapi ogé bisa méré dampak ékonomi. Limbah anu dimanfaatkeun deui tiasa ngahemat biaya, sedengkeun limbah daur ulang berpotensi janten komoditas énggal dina siklus ékonomi. 4.) Pangolahan (ngolah ngagunakeun téknologi) jeung 5.) Pembuangan (hoarding/TPA) nyaéta kagiatan ngokolakeun runtah anu merlukeun daya panglobana, saperti waragad, rohangan jeung rohangan, staf manajemen, jrrd.
1
disgusted
7505
Lamun urang ngalaman kajadian anu kirang ngeunah sapertos disiksa ku batur urang kedah wani jeung tegas nyanghareupan jalmi anu ngancem jeung nyiksa urang. Ulah nganggap urang nu salah lamun urang teu ngalakukeun hal anu macem-macem ka batur. Urang oge tiasa ngalatih diri urang ku kamampuan fisik sapertos silat supados teu aya jalmi anu wani macem-macem ka urang. Ulah poho oge nyatet nomer anu penting anu tiasa urang pentaan tulung lamun ngalaman kajadian anu kirang ngeunah. Komo awewe, biasana sok dianggep lemah ku batur lantaran rentan pisan janten korban. Biasana sok aya komisi anu tugasna ngalindungan awewe jeung budak leutik anu kaancem ku batur di sakitarna.
0
fear
208
Kuliah di salah sahiji paguron luhur anu aya di Jawa Barat teh hiji kareueusan. Komo deui kuliahna di kampus anu kasohor alusna nyaeta Universitas Padjadjaran. Bungahna kuliah di Unpad teh sabab aya di Sumedang, anu mana daerahna teh geus lengkep, aya mall, bioskop, penjual buku, nepikeun ka apartemen ge aya. Tuluy di kampus ieu lega pisan, tapi difasilitasan ku transportasi nu haratis anu ngaranna teh odong-odong, jadi bisa dianteurkeun ka fakultas tujuan urang. Loba tukang jualan dahareun di tiap fakultas sewang-sewangan pasti aya kantin, atawa bisa ka Gerlam sabari jalan balik. Lamun di kosan keur hoream ka luar, bisa pesen dahareun ngaliwatan aplikasi anu dijieun ku mahasiswa.
3
happy
9011
Autophobia atanapi sieun nyalira mangrupikeun kasieun irasional pikeun nyéépkeun waktos nyalira. Fobia ieu digolongkeun kana phobia husus sarta mangrupa bagian tina grup phobia katelah agoraphobia. Jalma autophobic rentan kana serangan panik lamun ditinggalkeun sorangan. Henteu kedah diisolasi sacara fisik. Individu kalawan autophobia bisa ngarasa nyalira sanajan di wewengkon rame atawa loba jalma. Kusabab jalma anu boga autophobia parna manggihan éta ampir teu mungkin keur ngalengkepan tugas jeung kagiatan nu tangtu, loba sangsara tina depresi nu aya di kaayaan ieu. Aranjeunna bakal ngabayangkeun skenario anu paling parah dina sirahna. Contona, mereun aranjeunna gaduh serangan panik sareng yakin yén aranjeunna bakal maot salaku hasilna. Ilaharna, autophobia dimimitian di budak leutik anjeun atanapi nonoman, neraskeun kana dewasa.
0
fear
3244
Muntah nyaéta kaayaan nalika eusi beuteung kaluar alatan paksaan anu tangtu. Muntah dipirig ku perasaan seueul sareng kontraksi kuat dina otot beuteung. Naha geuleuh bisa ngajadikeun utah? Ieu kusabab awak urang boga sinyal unik nu nunjukkeun hal bahaya.Otak urang nyerna visual pikageleuheun urang tingali kawas racun. Teras pesen ieu bakal dugi ka bagian otak anu ngawasaan pangjurung utah. "Otot burih lajeng bakal ketat urang ngahasilkeun loba ciduh, sarta tikoro ogé bakal ngetatkeun dina upaya ngajaga asam lambung kaluar tina esophagus," ceuk Richard Clarke, saorang neurologisdi University College London. Upami pesen anu ditepikeun ka otak kuat pisan sareng esophagus henteu tiasa nahan, maka urang leres-leres utah, tambah anjeunna. Narikna, jalma anu reflek ngarasa seueul sarta utah nalika aranjeunna ningali hal pika geuleuheun biasana condong jadi kuat dina salamet.
1
disgusted
9157
Aya sababaraha inféksi anu tiasa disababkeun ku toilét anu kotor. Kahiji, nyaéta radang tenggorokan. Streptococcus nyaéta baktéri anu paling umum kapanggih dina kamar mandi. Éta mangrupikeun panyabab utama seueur jinis inféksi, kalebet radang tenggorokan. Kusabab baktéri ieu kacida tepa, éta bisa nginféksi hiji jalma ngaliwatan barang kamar mandi nu kacemar atawa tina objék nu jalma kainféksi geus keuna kayaning gagang panto. Sareng anu kadua nyaéta diare. Diare disababkeun ku baktéri Salmonella atanapi Campylobacter. Lamun hiji jalma ngumbara ka hiji tempat kalawan sanitasi goréng, maranéhanana ogé bisa ngalaman diare alatan inféksi ku E. coli, Shigella atawa parasit tangtu nu aya dina tinja. Lamun mikroba ieu datang kana kontak jeung kulit manusa atawa asup kana irung, baham atawa panon ngaliwatan leungeun kacemar, aranjeunna ngabalukarkeun rupa-rupa inféksi, sababaraha nu bisa parna atawa ngancam kahirupan. Ku kituna lamun urang ngarasa jijik, urang kudu ngajaga kabersihan pikeun nyegah sababaraha kasakit jeung inféksi. Ieu kusabab sababaraha patogén ngambang dina korsi toilet, tombol siram, jet semprot, kenop panto jeung wewengkon sabudeureun jamban.
1
disgusted
2227
Rasanya hidup nyorangan éta normal pikeun kuring. Sanajan rada sepi. Kuring untung sabab kulawarga urang teu papisah sabab aya masalah. Tapi enya éta. Ieu rada hanjelu lamun kulawarga ieu ditugaskeun kaluar kota ku boss maranéhanana, dimana maranéhanana ayeuna hirup 15-16 jam drive jauh jeung tuah nanaon. Dina sababaraha bulan kapengker, Mamah hirup jeung adina sabab adina karek ngalahirkeun anak kahiji (jeung incu). Janten ibu hoyong ngiringan adina pikeun ngurus budakna sareng dina waktos anu sami hoyong cinta incu anu munggaran sareng hiji-hijina. Dua adi kuring mutuskeun cicing di bumi akina saatos nini maot. Imah maranéhanana ngan 20 méter jauh ti kuring sabenerna, tapi maranéhna jarang datang ka imah. Maranehna dahar jeung sare di imah Embah bari ngajaga jeung marengan Embah nu ayeuna nyalira (aranjeunna oge geus nyokot sakabeh parabot. Éta naon kahayang kuring). Kuring cicing nyalira di bumi sareng ucing kuring. Karasa sepi lantaran teu aya nu bisa diajak ngobrol.
2
sad
8510
Janten bahan pikeun seuri ku babaturan sakelas bisa jadi nguciwakeun pisan jeung ngerakeun pisan. Batur teh bisa ngarasa bener teu nyaman sarta kapukul kusabab jadi perhatian sarta bahan seuri sakabeh kelas. Aranjeunna tiasa ngaraos yen teu aya anu tiasa nyalametkeun aranjeunna sareng sadayana panon aya dina aranjeunna. Ieu bisa mangaruhan kapercayaan diri maranehanana sarta nyieun maranehna ngarasa pisan teu nyaman jeung bagja. Nanging, penting pikeun emut yen kasalahan mangrupikeun bagian tina proses diajar sareng jalma sanes sering teuing sibuk sareng dirina pikeun mikiran kasalahan batur. Ku alatan eta, boga kapercayaan diri jeung kapercayaan diri penting pikeun nungkulan kaayaan kawas ieu.
6
shame
3261
upamana, aya nu nincak kandang hayam nu haneut kénéh. Kali ieu anjeunna teu ngagem sendal, sapatu atawa footwear lianna. Kumaha ngeunaan éksprési? Kahiji, manéhna bakal ngarasakeun kahaneutan dina dampal sukuna bari curiga aya kajadian aneh ka manéhna. Sanggeus ningali, oh ternyata tai hayam! Ha ha ha. Anjeunna mimiti neuteup ka dirina kalawan disgust. Pilari cai? Kumaha upami teu aya cai dina waktos éta? Laun-laun manggih daun, tuluy digosok tai. Atawa? Kéngingkeun kayu, caket kana témbok, teras usap di dinya. Mun fad, aya kalana jalma bakal nyium suku atawa leungeun maranéhna. Naha éta ngan ukur pikeun mastikeun bau kotoran, atanapi malah sono kana bau aromatik tai hayam? Ha ha ha
1
disgusted
3346
Hiji poé kuring jeung kahareup (salaki) keur dahar di réstoran aceh di Jakarta Pusat. Waktu harita ngan aya 2 meja, kuring jeung salaki, hareupeun kuring aya meja sejen nu eusina 2 lalaki jeung 1 awewe. Teu kahaja kuring ngadéngé omonganana ngeunaan usaha minyak goreng b****i mun teu salah mah. Réstoran sepi, ngan ukur sora samar-samar lagu anu teu weléh nyaring, bisa disebutkeun restoran leutik lengkep jeung barista anu ngarangkep jadi kasir. Waktosna mah gelisah, nyeri beuteung, gumujeng. Panginten, upami kuring kentut, biasana kuring henteu ngadangu, khususna upami éta sofa. Soundproof kawas lamun kuring kentut. Lamun musik lalaunan robah sarta jadi sepi.. Kaayaan di réstoran éta sepi. Pangusaha ogé cicingeun, kuring ogé jempé sabab kenyang. Abdi henteu tahan, tanpa disadari, kuring kentut rada nyaring "DUUUUTT..." di antara jempé. Salaki hareup molotot bari neuteup kuring nu teu percaya. Abdi éra, raray biru, asin, YA ALLOH abdi hoyong beuleum di laut maot duh Gusti.
6
shame
5690
Aya sababaraha cara nu bisa dilakukeun jang ngurangan konflik isu sara khususna nu aya di Indonesia. Nu kahiji nyaeta tumbuhkeun kasadaran yen dina kahirupan teh aya perbedaan jeung kaberagaman. Hal ieu justru nu jadi warna dina kahirupan teh. Nu kadua nyaeta kudu saling ngahormati perbedaan. Mun aya perbedaan teh kudu saling ngahormati, lain kalah micu ayana konflik. Nu katilu nyaeta tumbuhkeun rasa toleransi dina diri sorangan, ulah nepi ka apatis komo arogan sabab ngarasa kaum mayoritas atawa ngarasa boga power nu bisa digunakeun. Hirup mah silih berdampingan, mantak perlu pisan ayana rasa toleransi jeung tenggang rasa di antara umat manusa.
4
angry
7811
Abdi rada kaganggu pisan ku hayam tatanggi abdi. Manehna karek ngukut hayam, tapi tara diasupkeun kana kandang, jadi we hayamna sok ngaruksak pepelakan batur jeung sok modol di mana wae. Pernah basa abdi bade angkat ka kampus. Abdi tos nganggo sapatu anu alus tapi teu kahaja nincak tai kotok di hareupeun imah. Asalna mah abdi teu nyadar. Tapi pas nuju mapah asa bararau, epekteh bener we pas titincakan saparuna ditingal, aya tai kotok di dinya. Abdi kapaksa balik deui ka imah ngagentos sapatu lantaran bisi ngotoran lante di kampus pas abdi nuju diajar. Abdi oge kedah naek beus, bisi napel dina beus.
1
disgusted
7838
Lamun nuju pere kuliah abdi mineng pisan kempel sareng rerencangan sakola lantaran urang geus karuliah janten teu gaduh waktos seeur kanggo patepang sapertos baheula da kuliahna benten kampus. Matak lamun pere kuliah abdi pasti langsung ngajakan rerencangan mondok di imah kuring sababaraha poe kanggo papasakan sabari ngobrol nepika peuting. Abdi resep pisan ngarobrol nepikeun ceurik jeung seuseurian deui pokonamah kabehna dibahas ti masalah leutik nepikeun ngagosipkeun artis jeung batur. Aya hiji rerencangan kuring anu lamun ngomong teh sok sabari muncrat pedah manehna sumanget teuing nyariosna sabari teu nyadar cudahna muncrat kamamana tuluy beunang lengeun abdi, abdi langsung geleuh ka manehna teras wawasuh panangan.
1
disgusted
7542
Pas nuju waktosna istirahat di sakola, sapertos biasana rerencangan di kelas bebas ngalakukeun naon wae. Aya nu jajan, tuang, aya nu ulin kartu, tapi aya hiji rerencangan kuring nu resep ngagambar, manehna ngagambar di papan tulis nganggo sapidol. Di papan tulis eta manehna oge nyerat sababaraha tulisan anu maksudna moyok rerencangan anu sanes lantaran nuju hereuy. Pas waktos istirahat tos bade seep, maranehna panik lantaran eta gambar dina papan teu tiasa dihapus sabab make sapidol permanen, maranehna salah nyandak sapidol, komo gambarna teh pinuh pisan sagede papan. Manehna leuwih sieun deui lantaran saatos ieu jadwalna palajaran agama. Di papan tulis eta aya basa anu kasar oge sanajan leutik tapi katingal pisan.
0
fear
2616
ojeg motor online jeung ojek pangkalan ngadu-ngadu di sabudeureun Stasion Bekasi, Jalan Juanda, Bekasi Selatan, Kota Bekasi, Rebo peuting kamari. Disangkana, sengketa teh ku sabab basa ojek ambek lantaran wilayahna direbut ku ojek online. Inpormasi anu ditampi ku merdeka.com, kajadian éta dimimitian nalika pangkalan ojek, Wahyu Pratama (31), ngadeukeutan rombongan supir ojek online di sabudeureun Tugu Bulan-Bulan. Tanpa basa-basi, Wahyu ngamuk bari nepak motor supir ojek online nepi ka murag. Teu bisa narima perlakuan Wahyu, supir ojek online séjén datang malah geng ka anjeunna. Aksi éta teras dicegah ku sasama taksi motor online sareng aparat kapulisian ngarahkeun lalu lintas di dinya. Wahyu tuluy dibawa ka pos polisi lalu lintas sangkan teu jadi sasaran amarah massa.
4
angry
6075
Mun aya babaturan nu kena panic attack teh kudu dibere tempat jeung dibere kasempetan jang nenangkeun dirina. Panic attack teh serangan tiba-tiba nu teu paruguh naon penyebab jeung sababna. Mantak, mun aya babaturan nu kena serangan panic attack teh kuduna dibawa ka ruangan titah nenangkeun diri sorangan. Titah ngatur emosi jeung antepkeun titah sorangan. Jauhkeun tinu sagala hal nu micu stres, misalna jauhkeun tina loba jalma. Mantak, kudu ngarti deuih kumaha cara ngatasina jeung mun bisa mah nyegahna. Ingkeun titah sorangan, ulah nepi ka narima gangguan ti mana-mana jeung ti sasaha. Yuk coba ngartikeun kaayaan mental babaturan supaya bisa jadi tempat nyalindungna.
0
fear
7284
Tos sababaraha minggon rerencangan abdi teu haid. Asalna mah abdi mikirna manehna nuju stress lantaran biasana siklus haid teh dipangaruhan ku stress oge. Tapi manehna nyarios yen manehna ngalaman nyeri jeung mual. Abdi teu mikir ka mamana, tapi supados mastikeun teu aya masalah abdi nitah manehna tes pek. Asalna manehna nolak jeung ambek ka kuring, tapi abdi ngayakinkeun manehna kanggo tes. Abdi meser tes pek online supdos manehna teu era meser ka warung. Pas dites abdi bener-bener teu nyangka manehna hamil, padahal manehna teh katelah awewe anu bageur. Abdi teu percaya manehna anu budak SMA keneh tos hamil sateuacan nikah.
5
surprise
6294
Di bumi abdi teh sok seueur barudak nu arameng ngahajakeun da aya warungan. Tah orok ge sok aya nu ameng di bumi. Biasana orok teh sok dipasihan sagala camilan jang ngebebenyokeun nana. Hiji poe, abdi gereget hayang nyobaan mangku. Keur dipangku teh mimiti na mah anteng wae, eh pas kadituna teh kalah ceurik da bosen meureun. Pas ceurikna teh bari ngelay ongkoh ngeclak kana panangan abdi. Abdi gila ngarasakeun nana, meuni tiis jeung kentel. Ih geuleuh pisan da meuni laleueur. Untungna we indungna buru-buru ngarapek da geus ngartieun meureun. Aiteun sok hayang mangku abdi teh, tapi hoream ku ngeclak elayna.
1
disgusted
1408
Pas urang masih keneh sakola, urang pernah ngalaman momen nu nyieun urang era pisan. Harita urang keur leumpang di koridor sakola, tuluy urang ninggali babaturan heubeul nu keur leumpang. Urang teu mikir panjang, langsung ku urang geroan make ngaranna. Tapi pas manehna ngalieuk jeung ninggali urang, urang sadar mun jelema nu ku urang geroan teh sabenerna lain manehna, tapi jelema nu can urang wanoh. Urang ngasara era pisan jeung teu apal kudu ngomong naon, jadina urang menta hampura tuluy indit sagancang-gancangna. Saenggeus kajadian eta, urang ngarasa teu nyaman jeung ngarasa era unggal panggih jeung jelema eta. Kajadian ieu ngajarkeun urang pentingna kanggo mariksa heula nu bakal digeroan teh emang babaturan urang atawa henteu, meh teu kajadian deui hal anu sarupa.
6
shame
6348
Keur ka hiji kota mah abdi teh salah asup WC sabab teu apal tea. Jadi abdi liren di rest area kangge ka cai. Pas rek asup cai teh euweuh tulisan awewe atawa lalaki, abi tuluy we asup. Naha pas asup teh WC na ngan saeutik, kalah ka loba tempat jiga wastafel tapi kangge papang pameget. Abdi meuni degdegan pisan sabab apal salah asup WC. Untungna euweuh lalaki nu keur ka WC harita. Pantesan we WC na ge rada bau jeung rada kotor, beda jeung WC awewe. Tuluy deuihan tembokna teh kumuh euweuh kacaan, cingcirining eta teh bener WC lalaki. Untung we abdi geus apal kana perbedaan nana jadi teu sagawayah ngagunakeun WC. Jeung deuih singhoreng mah tulisanna teh aya di gigireun tembok, kahalangan ku dangdaunan.
6
shame
2455
Indung kuring didiagnosa panyakit jantung salila 2 taun ku dokter. Abdi parantos dirawat di rumah sakit 3 kali di rumah sakit jantung khusus di kota kuring, dimana biaya rawat inap per dinten ngaleuwihan biaya kamar kelas VIP di rumah sakit biasa. Saméméhna anjeunna didiagnosis panyakit paru-paru, ku kituna anjeunna rutin dikontrol unggal bulan ka rumah sakit paru husus. Abdi teu pati ngartos kronologis prosesna perkawis ieu, margi waktos abdi nuju kuliah di Bandung, kantun diwartosan ibu abdi parantos dirawat di rumah sakit salami 2 dinten. Indung kuring, anu paling parah, ngan ukur nyeri sirah, ujug-ujug dirawat di rumah sakit, écés kuring kaget. Langsung soré kuring balik ka imah kalayan beus panungtungan ka kota kuring. Bapa nyarios yén indung abdi anémia. Mamah sok ngalaman darah rendah. Bibi mah (adi bapa) nu jadi bidan, biasana mah ngan ukur méré obat panambah getih. Lajeng ibu cageur.
5
surprise
4037
Di kampung urang lolobana kampus swasta, mun kampus negeri ngan aya babaraha hiji, mun teu salah ngan aya hiji. Di kampus swasta lolobana ngan mentingkeun biaya, teu mentingkeun nilai. Jadi muridna teh sakadaek, mun teu asup ge bisa nitip absen. Jujur urang lewih bungah pisan mun asup ka kampus negeri, tapi basa D3 mah urang kuliah di kampus swasta da ulah jauh ti kolot, ngan pas lanjut S1 urang katarima di salah sahiji kampus di kota jakarta, kampusna teh negeri asupna ge hese pisan kudu miluan tes anu teu sakali dua kali, tes na loba jaba saingan na ge loba da jurusan favorit. Terus mun arek meunangkeun beasiswa aya rata-rata nilaina, tapi urang miluan. Pas geus miluan urang meunang beasiswa ngan sasemester, tapi urang bungah pisan.
3
happy
5166
Basa nuju ulang taun, Arki dipasihan kue ku babaturan kelasna. Kabeneran harita diberekeunna pas rek balik. Rek uih teh naha asa tariiseun babaturan kelas teh, euweuh nu paheula-heula, eh singhoreng mah nyariapkeun kue jang Arki. Perasaan Arki bungah kacida, asa can pernah dibere kado ulang taun jiga kieu. Batur geus mulai baralik ge, Arki masih keneh sigugulung babaturan nana. Kaayaan sakola geus mulai sepi, tapi sora susurakan ti babaturan Arki masih keneh rame Alhamdulillah, Arki bersyukur pisan gaduh babaturan nu kompak tur solid jiga kieu. Bungahna kacida pisan ieu mah. Moal mungkin tiasa dihilangkeun tina memori ieu hari spesial pisan teh.
3
happy
7314
Aya-aya wae kalakuan jalmi jaman ayeuna. Pas mesen dahareun di hiji resto, abdi ngantosan di hareupeun kasir lantaran nomer abdi sakedap deui bakal digeroan. Pas palayan masihan dahareun sareng minuman dina nampan di hareup meja kasir anu disadiakeun kanggo nyandak dahareun, aya jalmi nu nyandak eta dahareun, padahal tos aya nomerna di meja eta jeung dahareun eta teh teu acan dibayar. Abdi teu resep dahareun abdi dicandak ku batur. Hiji palayan anu ningal kajadian eta oge langsung nyandak deui nampan abdi ti budak eta sabari nyeseulan budak eta yen teu meunang nyandak dahareun batur. Abdi langsung molototan eta budak lantaran sebel ningal bengeutna.
4
angry
2089
babarengan nepi ka akhirna tantangan akhir muncul nyaeta Ujian Nasional,satiap anak gaduh lembar soal anu beda-beda jadi hese jang urang. pikeun nyalin. Jeung 2 babaturan kuring meunang korsi di kelas hareup. Kuring hariwang ngeunaan aranjeunna kusabab kapasitas otak maranéhanana biasa-biasa wae, tapi dina kaayaan kawas kieu" éta unggal lalaki keur dirina sorangan ". sadayana ngeunaan UN. Nalika hasil UN muncul keajaiban dunia, 3 idiot anu ngan diajar kirang langkung 5 sasih sateuacan UN suksés lulus. peunteun anu ku simkuring dipikameumeut, waktos eta anu ku simkuring dipikahartoskeun nyaeta lulus babarengan sareng lebet ka SMA anu sami kanggo neraskeun pendidikan sareng silaturahmi. nah alhamdulilah janten pangalaman diajar babarengan teh jadi nu bisa nyiptakuen pangalaman endah ker lulus bareng-bareng.
3
happy
5522
Mun urang nuju di leuweung, tong poho sasadu heula kanu teu katingali. Sabab di unggal tempat ge pasti aya nu nungguan, kan hirup na ge berdampingan jeung kahirupan urang salaku jalma di dunia. Komo mun di leuweung, kudu ngajaga etika jeung cariosan, ulah sompral. Kudu silih hargaan kanu makhluk ghaib ge, lain ka jelema hungkul. Tong nepi ka urang ngusik tempat nu dicicingan nana. Mantak, utamakeun sasadu komo mun ka tempat anyar mah, itung-itung bentuk ngahargaan ti urang. Jaga oge cariosan ulah sompral bisi jadi mamala ka awak sorangan. Omat, utamakeun etika komo mun di tempat anyar, nya, ulah henteu.
5
surprise
7538
Aki abdi nembe pisan dipasihan manuk ku rerencanganna. Ieu kaasup manuk anu awis pisan, tapi rerencanganna mercayakeun ieu manuk ka aki lantaran apal aki mah tiasa ngurusna. Isukna misan abdi datang ka imah aki, manehna karek yuswa opat taunan, manehna atoh pisan basa ningal aya manuk, komo manukna nurut lamun dititah nyamperkeun. Pas nuju asik ulin, eta manuk jol hiber ka luar, abdi langsung reuwas jeung panik. Aki nuju di kamar cai, teu aya nu wani ngabejaan aki yen eta manuk teh hiber lantaran sadayana tos apal lamun aki ambek bakal beunang sadayana. Aki nyeseulan sadayana kanggo nutup panto lamun nuju ulin jeung manuk, tapi untungna eta manuk balik deui.
0
fear
9535
Ayeuna, peuting di taun 1980-an, Jon diuk di hareupeun tv, ngadagoan pengumuman kaluaran nomer lotre. Jon resep pisan maen lotre sarta rutin nyimpen duit pikeun meuli tiket lotre unggal minggu. Ujug-ujug, salah sahiji nomer anu muncul dina layar tv akur sareng nomer dina karcis lotre Jon. Jon teu percaya kana naon nu ditempo sarta ngarasa bungah. Anjeunna terus mariksa tiket lotre, tuluy jojorowokan yen manehna meunangna lotre! Jon teu bisa nahan rasa gumbirana. Anjeunna teu percaya yen anjeunna geus meunang lotre. Manehna langsung nelepon ka kulawarga jeung babaturanana pikeun mere warta hade. Manehna geus lila ngimpi meuli imah anyar. Anjeunna oge rek nyisihkeun artosna pikeun kaperluan kulawarga sareng ngabantosan jalma anu peryogi. Jon bungah kacida lantaran meunang lotre jeung ngarasa nganuhunkeun pisan kana rejeki nu geus dibikeun ka manehna.
3
happy
2856
Abdi henteu terang naha ieu phobia atanapi henteu.Babaturan mah anti pisan ngaranna.. Timun! Leres, buah anu sering dianggo sayuran seger mangrupikeun momok anu pikasieuneun pikeun anjeunna. Kacaritakeun riwayatna teh lantaran geus gering nu ngajadi sare sapoe-poe jeung kabeneran di kampung tempat sare teh keur usum panén bonténg. Kombinasi rasa keuheul ti keur gering tambah ningali bonténg ngacapruk sabudeureun anjeunna unggal poé bisa jadi alesan naha anjeunna hates bonténg. Jelas anjeunna bakal ngaleungitkeun buah ieu tina dietna. Tapi nu leuwih parah, manéhna moal daék ngadahar sangu anu geus “katarajang” bonténg. Dina sababaraha kasus anjeunna tiasa bau sareng terang upami sangu ngagaduhan kontak sareng bonténg sanaos anjeunna henteu bébéja. Janten upami aya anu hoyong mésér pecel lele atanapi pecel hayam, anjeunna pasti anu paling rumit pikeun mesen.
0
fear
7833
Jalmi anu betah ningal runtah anu aya di caket tempat manehna cicing teh biasana gaduh masalah dina dirina sorangan. Soalna aneh lamun aya jalmi anu resep numpuk runtah nepikeun loba, naha manehna teu ngarasa bau atau ngarasa kaganggu kitu? Biasana jalmi anu teu gaduh waktos kanggo merhatikeun kaayaan di sabudereunna pasti nuju aya masalah pribadina nepikeun teu boga waktos kanggo mikiran masalah anu aya di luar. Hal ieu kajadian di rerencangan di kosan kuring, manehna tara miceun runtah nepikeun bilatung kalaluar tina runtahna nepikeun aya di luar panto kosan manehna. Rerencangan anu kamarna sabeulahan jeung manehna langsung gareleuh basa ningal aya bilatung dina teras.
1
disgusted
3335
Tah, pas motor sejen rek meuntas, kuring meuntas bareng. Posisi kuring tukang nuturkeun sababaraha motor di hareupeunana. Di hareup pisan, kuring junun ngaliwatan meuntas péngkolan kuring, malah kuring katabrak ku beus. Bangsat! Di beulah kéncana aya Betor (beca motor), kandaraan husus mawa barang/jalma nu dirobih. Panumpang Betor ngagorowok pas ngadeukeutan motor kuring. Abang Betor teu bisa ngahindar ngaléos ngajauhan motor kuring hareupeunana. kacilakaan. Kuring ngabatalkeun kelas ngagantian babaturan kuring sareng kuring henteu hoyong deui ngagentos réréncangan kuring. Kunaon abdi hoyong ngagentos mitra ajar abdi... Teu aya alesan, éra di payuneun murid-murid & ditunjukkeun ka resepsi supados abdi tiasa percanten. Lajeng raray maranéhanana antara hayang seuri sieun dosa, teu seuri keur hiburan sorangan. Naon deui, aya koméntar si resepsionis, "Pak, saleresna abdi hoyong nyarios kumaha calana anjeun robek? Kunaon? Tapi si bapa buru-buru ka kelas..." Bisa dibayangkeun, sanggeus kacilakaan tadi kuring ngaliwat ka tempat parkir, si lobi dimana aya jalma linggih dina bangku, panarimaan, WC, naek tangga, ... sabaraha jalma geus katempo kuring kawas éta
6
shame
668
Saprak meunang undian ti pasar malam nyaeta hadiahna teh Smartphone, urang ngajak babaturan ngameh miluan oge. Emang harita mah teu pada percayaeun, tapi pas ditembongkeun hadiah undianna kakara percaya. Saenggeus magrib urang nyampeuran babaturan ka imahna hiji-hiji da geus jangjian isuk-isukna. Aya limaan nu milu teh, maranehna geus nyarokot duit ti imahna sewang-sewangan. Mimiti si Andi jeung si Zaky nu nyobaan undianna tapi teu meunang, tapi pas giliran si Heru manehanana meunang sarua percis jeung urang. Tapi manehna mah lain meunang Smartphone, tapi meunangkeun sembako. Sanajan kitu ge geus bungah ari meunang undian mah. Isukna oge kitu nu can mareunang masih keneh panasaran nepikeun ka unggal poe ngadatangan bari maen undian eta.
5
surprise
6896
Abdi gaduh rerencangan anu ayeuna kuliah di luar negeri. Manehna oge gaduh rencana kanggo ngalanjutkeun kuliah S2. Manehna tos ngarasa butuh nikah lantaran manehna tos gaduh pagawean anu pasti jeung manehna oge butuh caroge anu ngalindungan manehna salila manehna cicing di luar negeri. Sateuacan nikah manehna boga prinsip hoyong taaruf lantaran manehna teu pernah bobogohan. Proses taaruf anu dilakukeun nyaeta ngadamel CV supados supaya tiasa ngenalkeun sifat, karesep, jeung sababaraha informasi ngeunaan diri urang. Manehna tos ngarasa cocok jeung hiji lalaki anu sarua nuju daptar kuliah di luar negeri oge, manehna ngalaksanakeun nikahan di Indonesia ngan ngondang kulawargi jeung rerencangan anu dekeut hungkul lantaran covid.
3
happy
2906
Waktu keur SMP, kabeneran unggal bulan sok aya kagiatan ngojay. Waktu éta, kuring keur senang. Tétéla nalika kuring ngojay kuring jauh teuing ka kolam renang anu jerona 2 meter. Waktu kuring eureun ngojay, kuring mikir naha suku kuring teu ngahontal, malah dimimitian ti dinya, kuring panik sarta awak kuring mimiti kram sarta tungtungna tilelep. Kuring geus sababaraha kali nanya ka babaturan kuring pikeun pitulung pikeun nyalametkeun kuring tapi hanjakalna teu saurang ogé nempo kode kuring. Kuring ogé nyoba tenang jeung awak kuring ngambang. Ujug-ujug aya nu narik leungeun kuring sarta tungtungna kuring disimpen. Saprak harita, kuring sok sieun ngojay di jero luhureun 2 méter.
0
fear
319
Pentingna tahlilan oge bisa ngingetan kana maot, hadir dina hiji tahlilan oge bisa nyieun urang nginget kana maot. Hal ieu sabab maca tahlil nu dibacakeun ka jelema nu maot bisa nyieun jelema nu tahlil bakal nginget kana maot. Yen kabeh jelema nu hirup akhirna mah bakal maot jeung balik deui ka Allah SWT. Ku inget kana maot, sahenteuna batur bakal milih jang tobat jeung loba menta hampura ka Allah SWT. Sanajan lain ti kulawarga atawa dulur, tapi ku ayana tahlilan, batur nu hadir dina tahlilan eta oge bakal ngadoakeun nu maot salian ti ngahibur kulawarga anu ditunggalkeun komo duei sabari ngucapkeun kapapaitan jeung ngahibur kulawarga nu ditinggalkeun.
2
sad
4040
Ujian pendidikan kewarga negaraan kamari urang meunang peunteun salapan puluh tilu, meskipun teu saratus tapi urang bangga pisan ka diri urang. Soalna urang geus belajar bebelaan begadang, tapi asup kebeh ka otak sakitu peuting belajarma teu subuh-subuh. Urang resep belajar komo mun rek ujian, kadang mah urang sok di hapalkeun sabukueun di tulis anu pentingna. Jadi metode belajar urang mah, kabeh nu aya di buku di persingkat terus di tulis na kertas point-point na hungkul. Meh babari mun di hapalkeun teh, kadangurang mun belajar sok di waktuan jiga dua puluh lima menit belajar terusblima menitna istirahat. Soalna kadang mun keur belajar ge butuh nginum jeung ngemil, nya ngagayeum weh bari belajar.
3
happy