id
stringlengths 3
4
| text
stringlengths 467
2.16k
| label
int64 0
6
| label_text
stringclasses 7
values |
---|---|---|---|
355 | Di Indonesia oge kacanduan game ku nyokot sampel di sakolaan Manado, Medan, Pontianak, jeung Yogyakarta pas taun 2012. Yen aya 45,3 persen ti 3.264 siswa sakola nu maen game online salila sabulan terakhir jeung euweuh niatan jang ngeureunan. Dina kriteria eta, manggihan 150 siswa (10,2 persen) ti 1477 siswa nu ngalaman adiksi. Tuluy ku analisis statistik meunangkeun 89 (59,3 persen) ti 150 siswa nu ngalaman adiksi eta bisa dikategorikeun ngalaman adiksi anu parah, jeung sesana bisa asup kana kategori adiksi hampang. Ku sabab eta, bisa diperkirakeun jelema nu ngalaman kacanduan game di antara pamaen game nyaeta sakitar 6,1 persen di Indonesia. | 2 | sad |
2174 | Nalika anjeun ngarasa émosi anu henteu kapungkur, khususna nalika anjeun leutik, aya tip babaraha ti asosiasi psikolog amerika nyaeta , cobian pakait sareng sensasi anu anjeun rasakeun dina waktos éta, naha rasa hariwang ngajantenkeun dada anjeun sesak. atawa aya rasa ambek anu ngajadikeun awak karasa panas? Coba rasakeun sareng ucapkeun ka diri anjeun dina haté anjeun naon anu anjeun karasa. Ku ngakuan sensasi ieu, anjeun bakal langkung gampang ngartos diri sareng awak anjeun. Cinta unggal émosi sareng sensasi anu dirasakeun. Pikeun nyageurkeun tina trauma budak leutik, anjeun kedah tiasa nampi sadayana anu dirasakeun ku awak anjeun. Bejakeun ka diri anjeun yén anjeun resep sareng mikaresep kana émosi ieu. Laksanakeun ieu pikeun unggal émosi anu anjeun raoskeun, contona, "Kuring bogoh ka diri kuring kusabab parasaan (amarah, sedih, kahariwang, jsb.). Ku asih unggal émosi anu anjeun karasa, anjeun lalaunan bakal nampi yén éta normal. | 2 | sad |
4038 | Kamari pas poe salasa urang getol belajar, kusabab poe senen rek ujian pendidikan kewarga negaraan. Ujian na mah muka buku, tapi guru ieu mah tara merekeun kisi-kisi jadi weh teu apal bakal kaluar nu mana. Pokona mah urang ngapalkeun ti bab hiji nepika bab lima. Pas ujian kabeh anu ku urang di apalkeun aya, jujur urang bungah pisan jadi teu sia-sia geus giat belajar teh. Padahal urang belajarna peuting samemeh sare, tapi kabeh anu di baca teh aya kabeh. Pas ujian urang tinggal mindah-mindahkeun anu aya di buku, pokona mah ti bab 1 nepika bab 3 jawaban na teh. Urang diuk pang tukangna kusabab babaturan kelas urang mah sok nyolek tonggong urang make pulpen, da hayangeun nariron. Waktuna can angges tapi urang geus angges ti heula, urang geus yakin bakalan meunangkeun nilai alus. Pas geus dua mingguan lewih terus aya jadwalna pelajaran pendidikan kewarga negaraan, akhirna si ibu guru merekeun hasil ujian na. Urang meunangkeun nilai 93, di kelas ngan aya dua nu lulus. Kahiji urang anu nilaina 93 kadua si nanda 85, urang bungah pisan lulus ujianna jadi teu kungsi remedial. | 3 | happy |
6368 | Basa keur rek nyebrang di jalan, abdi panggih jeung jalma nu make baju na sarua. Baju nu dipake teh kemeja kotak-kotak warna navy plat ungu. Tuluy bawahanna make calana jeans pensil warna hideung. Tiung na oge warnana sarua, make nu segiopat warna ungu muda. Nu beda teh ngan sandalna hungkul. Itu mah make sapatu snikers warna hideung, abdi mah make sandal gunung warna hideung. Sakilas mah tampilanna sarua, postur awakna ge mirip pisan. Hadena teh pasalingsingan keur nyebrang hungkul. Abdi ngarasa isin pisan da sugan teh moal aya nu nyaruaan bajuna. Abdi bari hayang seuri di jalan teh, nya diseungseurikeun deuih ku babaturan. | 6 | shame |
236 | Cara nukeurkeun undian dina permen Yosan nu paling penting mah geus ngumpukeun kabeh huruf ti mulai Y-O-S-A-N. Nu kahiji, bisa ditukeurkeun ka warung pas meuli. Engke ku warung di kirimkeun ka grosir, ti grosir dikirimkeun deui nepikeun ka pihak Yosan na. Nu kadua, bisa ngaliwatan kantor pos, ulah poho oge dieusikeun alamat lengkepna. Nu katilu bisa ngaliwatan akun Instagramna Yosan, tuluy tinggal DM pihak Yosan na. Nu kaopat, bisa ngaliwatan situs web Yosan, tuluy kirim email ka perusahaanna. Teu lila bakal dibales ku pihak perusahaanna lajeng bakal di telepon. Mun geus di telepon kari ngadagoan pihak Yosan datang ka imah, lamun sapedah langsung dianteurkeun, tapi lamun kaos mah dipaketkeun. | 3 | happy |
2914 | Nyadiakeun perlakuan dina penyembuhan sieun, kahariwang atawa phobia cai di barudak
PAUD mangrupikeun hal anu sensitip pisan. Faktor lingkungan ogé boga pangaruh
pangaruh hébat kana tumuwuhna psikologi anak anu gaduh phobia cai.
Dina periode perkembangan nuju rumaja anak bakal terus ngalakukeun hal saperti. Sikep ieu hésé pisan dileungitkeun
sabab dina diajar ngojay budak hésé pisan ngalatih napas dina cai. Kabiasaan sapertos kieu pisan
pantes perhatian. Bubuka ka dunya cai di budak leutik bener-bener perlu ditingkatkeun
pikeun ngajauhkeun barudak tina kasieun éta dina cai. Hiji métode anu bisa dipaké pikeun tamba pikeun phobia ieu CST
(Latihan Renang Komunikatif). Métode CST Ieu métode latihan ngojay ngalibetkeun peran kolot dina
kagiatan diajar. Kalawan metoda ieu boga tujuan pikeun nyaho husus faktor naon mangaruhan budak kitu
sieun cai nya gede pisan jeung kalungguhan kolot dina nungkulan budak anu gaduh phobia cai. | 0 | fear |
6356 | Bagi sabagean jelema, diseungseurikeun ku babaturan sakelas teh jadi hiji pangalaman nu moal bisa dipohokeun. Sabab, diseungseurikeun di kelas teh biasana mah pedah kajadian nu teu bisa diduga. Misalna labuh tina korsi pas hareupeun babaturan kelas, atawa tiseureuleu di hareupeun kelas. Tah hal ieu teh nyeuri na mah teu sabaraha, ngan erana nepi ka kolot sabab kainget wae. Komo mun nepi ka diseungseurikeun ku sakelaseun mah, mantak era pisan. Jeung deuih mun dihareupeun guru, pasti erana teh bakal kainget wae nepi ka iraha wae ge. Mun amprok deui geus lila ge pasti kainget wae kana kajadian harita nu mantak pikaseurieun. | 6 | shame |
8920 | Aya sababaraha hal anu tiasa urang laksanakeun pikeun ngatasi kasieun ditodong senjata. Kahiji nyaeta urang kudu tetep tenang, sabab gerakan dadakan bisa ngareuwaskeun anjeunna sarta nyorong anjeunna pikeun meta leuwih telenges. Tarik napas jero nalika anjeun silih tetep tenang sareng fokus. Kadua, naroskeun naha anjeunna nyerang anjeun sareng naon anu anjeun tiasa laksanakeun pikeun nyegah konfrontasi. Panyerang bakal naroskeun barang berharga upami anjeunna garong, kaayaan ieu bakal loba gampang nungkulan. Anjeun ngan kedah nyerahkeun sadaya barang anu dipénta. Katilu, lamun panyerang ngadeukeutan kalayan péso, angkat leungeun anjeun ku dampal leungeun anjeun nyanghareupan panyerang. Ieu nunjukkeun panyerang yén anjeun moal ngalawan deui tapi posisi ieu ogé nyiapkeun anjeun pikeun pencét atanapi ngalawan deui. Kaopat, mun aya di tempat umum jeung batur bisa mantuan, ngagorowok menta tulung. Sareng anu terakhir kabur, cara anu pangsaéna pikeun ngajaga diri tina serangan péso nyaéta kabur. | 0 | fear |
7260 | Basa nuju kuliah di Korea Selatan bdi diondang ku salah sahiji tempat wisata anu aya di luar kota, nyaeta di Busan. Abdi dipiwarang nganggo pesawat tapi meser tiketna nganggo duit abdi sorangan, ngke pas abdi tos dugi di Busan bakal digantian saharga tiketna. Abdi langsung mesen tiket online. Ieu sabenerna janten kahiji kalina abdi nganggo pesawat di Korea Selatan. Abdi oge nuju kelas bahasa, janten teu acan jago pisan nganggo bahasa Korea. Pas abdi tos di bandara abdi salah ningal jam, kedahna mah tabuh salapan isuk-isuk, tapi abdi malah mesen tabuh salapan peuting, atuh pantesan we teu tiasa. Untungna pas abdi naroskeun ka petugas, untung we acara na teh kanggo isukannana. | 5 | surprise |
7544 | Bakating ku sieunna kana jarum suntik barudak SD seeur nu nyumput di kamar cai. Komo pas ningal aya salah sahiji rerencanganna anu ceurik saatos disuntik jeung ngeluh nyeri padahal ku dokterna dibejaan yen ieu mah ngan sapertos dicoco ku sireum hungkul. Aya barudak anu percaya ka omongan dokter eta, aya oge anu teu percaya, aya oge anu lebay padahal mah teu pati nyeri tapi ceurikna jiga diseseut ku peso. Kapaksa barudak anu aya di kamar cai dipareuman lampuna supados kalaluar teras dikonci di kelas supados sadayana kabagean disuntik. Barudak anu tos disuntik langsung dititah kalaluar sina ameng, barudak anu teu sieun disuntik ditutup socana supados teu ngabayangkeun pas jarumna disuntikkeun. | 0 | fear |
8460 | Pikeun ngungkulan rasa keuheul nalika nempo tumpukan runtah. Coba ngartos yen tumpukan sampah mangrupikeun masalah lingkungan sareng sanes masalah pribadi anjeun. Upami anjeun gaduh pandangan anu positif, maka perasaan jijik tiasa ngirangan. Diajar kumaha ngolah runtah sareng cara ngirangan produksi runtah. Ieu bakal ngabantosan anjeun ngartos yen tumpukan runtah mangrupikeun hasil tina konsumsi anu henteu tanggung jawab sareng kabiasaan produksi. Kontribusi kana usaha pikeun ngokolakeun runtah anu langkung sae. Mimitian ku ngirangan produksi runtah anjeun nyalira sareng mastikeun yen runtah anjeun diurus leres. Latihan tiasa ngabantosan ngaleungitkeun setres sareng ngabantosan kasehatan mental sareng fisik. Upami anjeun gaduh tumpukan sampah anu aya di lingkungan anjeun, cobian ngabersihan sareng ngaleungitkeun sumber masalahna. | 1 | disgusted |
7600 | Pernah hiji poe basa abdi nuju balik ka imah, abdi karek apal yen sadaya jalmi anu aya di bumi teh parada mondok di bumi nini. Jadi kapaksa abdi kedah nyalira di bumi. Sabenerna mah abdi teu pati sieun sapertos baheula, tapi abdi mah leuwih sieun ka maling lantaran manusa mah tiasa leuwih jahat tibatan sasatoan atawa mahluk anu sanesna. Abdi langsung buru-buru ngoncian kabeh panto anu aya di imah tuluy langsung mareuman lampu sabari nongton dina laptopa anu sadana digedean supados teu keeunh teuing. Abdi oge ngadu'a supados teu aya kajadian nanaon pas abdi bobo lantaran sateuacanna abdi pernah ngalaman kajadian anu kirang ngeunah. | 0 | fear |
2477 | Sulastri (42), warga Palmerah, Jakarta Pusat, ngan ukur bisa diuk di wewengkon Gelora Bung Karno, Senén (25/4/2022) isuk. Anjeunna sareng putrana kedah ngabatalkeun perjalanan ka Solo, Jawa Tengah, Senén ieu kusabab kantun beus gratis anu disayogikeun ku Polda Metro Jaya. Bari mawa tas jeung kardus nu eusina sajumlahing barang, Sulastri katingali bingung. Sabab, geus teu aya deui beus bébas anu bisa mawa manéhna ka lemburna ayeuna. “Sakuduna mah dinten ayeuna angkat ka Solo, jadwal keberangkatan ping 25 April 2022 énjing-énjing,” saur Sulastri, mikiran waktu keberangkatan beus bakal telat tina jadwal anu geus ditangtukeun, saperti taun-taun saméméhna. Tapi, beus anu disayogikeun ku Polda Metro Jaya berangkat tepat waktu jam 08.00 WIB. | 5 | surprise |
643 | Katinggaleun beus pas keur wisata ka Ancol. Baheula mah sabab can boga HP jeung can loba oge nu boga HP teh. Tuluy pas keur ka Ancol lantaran nyebar jelema-jelamana, jadi weh papisah jeung nu sejen. Sabenerna mah geus jangjian di titik kumpul nu pas beus parkir. Tapi ku sabab urang poho deui jalanna lantaran lega Ancolna jadi weh rada reuwas sieun ditinggalkeun, urang nepikeun ka leumpang bari rada lumpat neangan tempat parkir beus. Tapi teu sangaja pas keur leumpang teh aya beus nu ngaliwat bari nyauran, Ridho ridho, kadieu, ieu beusna. Urang langsung lumpat da sieun ditinggalkeun, sing horeng teh maranehna oge neangan urang da ngan urang hungkul nu can asup kana beus. Untungna panggih di jalan. | 5 | surprise |
8204 | Aya istilah nu ngaranna teh trypanophobia. Trypanophobia teh nyaeta kaayan jalma nu sieun kana jarum suntik. Jalma nu boga atanapi pengidap trypanopghobia ieu teh bakal ngalaman sieun nu bener-bener sieun ka tindakan medis nu aya hubunganna jeung jarum suntik. Kondisi ieu nyebabkeun jantung pengidapna deg-degan teu eren-eren tur panik sawaktos ngantosan giliran pemeriksaan ku dokter atanapi sawaktos mikirkeun tindakan medis naon nu bakal dilakukeun ka manehna. Kondisi ieu wajarna dialaman ku budak leutik, nanging dina babaraha kasus kasieun ti leutik ieu kabawa nika keun ageung. Jalma nu sieun jarum suntik tangtos merinding upami ningali jarum suntik komo upami eta jarum bakal ditojoskeun ka awakna. | 0 | fear |
7827 | Karek mimiti abdi nyobian masak gurita, abdi masak gurita sapertos biasa we, sapertos seafood anu sanesna. Epekteh gurita mah gaduh rasa anu langkung amis tibatan seafood anu sanesna, janten pas didahar teh masih keneh aya bau hanyir di bagian jero na, jaba dagingna oge liat lantaran lila teuing dipasakna, atuh jadi we lebar geus meuli gurita ka mahal-mahal tapi tungtungna mah teu kadahar lantaran bau anu janten sumebar ka kuah jeung sanguna. Anu tadina teu sabar hayang ngasaan gurita jadi geleuheun lantaran teu acan leungit bauna. Anu geus ngalaan samangkok oge teu jadi dahar pas apal bau na hanyir keneh. | 1 | disgusted |
2109 | Upami ditaros ka adi abdi, anjeun langkung resep fanmeet atanapi konser manehna pasti milih fanmeet? Kusabab fanmeet, interaksi antara idola jeung fans maranéhanana bener karasaeun hébat. Utamana lamun nambahan hiji MC seru. Ngajadikeun atmosfir bener haneut. oh enya, tambah lamun urang bisa menta kaasup proyék video ti fans pikeun idola urang nu ngajadikeun idola urang keuna. Beuki kainget wae ceunah mah fanmeetna , Konsér ogé sabenerna seru, tapi interaksi antara fans jeung idola kurang. Kusabab dina konser lolobana urang ngan bisa ningali interaksi lucu antara anggota. Waktu éta adi kuring lalajo konser EXO munggaran Lost Planet. Teu kunanaon ayeuna. Hehehehe, alus lamun fanmeet teu buru-buru sabab keur diuk. Beda jeung konsér nu ngaheureuyan. Tapi anu waspada cek adi kuring mah nyaeta, perang tiket milih korsi kudu gancang + sambungan internét stabil. | 3 | happy |
5966 | Salah sahiji hal nu paling dipikasieun ku Rini nyaeta dibully babaturanna keur di sakola. Sagala barangnu dibawa ku Rini teh pasti dijailan ku babaturan na. Tas sakolana teh dicurat-coret make balpen ku babaturanna, sapatuna disumputkeun dina tatangkalan kadang na tong sampah, alat tulis na oge sering diinjeum teu dibalikeun, komo mun parah mah nepi ka ngaruksak sagala barang nu dibawana. Mun ngobrol hareupeun Rini ge sok ngahaja bari muncrat ka beungeut Rini. Rini teu wani ngalawan babaturanna, sabab sieun diarahan jeung diontrog di sakolana ku babaturan sakelasna. Rini teu weleh cicing we sapanjang sakola keneh mah, bertahan nepi ka lulus sakolana. | 0 | fear |
4451 | Lamun urang aya di posisi babaturan urang kamari dimana hasil pagawean maneh na anu geus capek capek kalahka di aku ku jelema sejen urang pasti bakal ngamuk ambek teu tarima. Eta teh ngarana ngaklaim hasil pagawean batur sarua jeung maling atawa plagiat eta malah bisa di uruskeun liwat jalur hukum. Aya babaturan kelompokna babaturan urang basa kuliah, manehna kalah ka ngaku ngaku pagawean anu geus di jieun ku babaturan urang, manehana saengeunah na teu kudu capek capek ngariset, neagan data jeung migawe pagawean sejena. Ari pagawean tugas na geus anggeus manehna ujug ujung miluan weh ngaku ngaku padahal teu milu migawe sama sekali. Babaturan urang sempet ambek nya wajar tapi teu lila kusabab embung manjangkeun masalah. | 4 | angry |
5220 | Tilu cara ngaantisipasi PHK keur masih damel keneh. Nu kahiji nyaeta urang kudu gaduh tabungan. Tah tabungan ieu teh penting pisan jang masa depan, termasuk bisi suatu saat urang kena PHK teh mending we aya cecekelan saeutik mah. Nu kadua nyaeta muka usaha. Sambil damel, urang ge sabisa mungkin mah muka usaha di bumi atawa di tempat sejen nu memadai, supaya mun urang kena PHK, urang gaduh panghasilan lain tina usaha eta. Muka usaha oge supaya bisa nambahan panghasilan urang salila damel. Nu katilu nyaeta tingkatkeun performa di padamelan jeung jaga reputasi. Makin urang dibutuhkeun ku perusahaan, makin kecil kamungkinan urang kena PHK. | 2 | sad |
2186 | Bapa kuring boga cita-cita jadi dokter, biasa ulangan ujian asup kadokteran. Ngan kusabab teu kalaksanakeun, anjeunna ngarep pisan yén salah sahiji budakna tiasa janten dokter. Sareng nalika kuring badé lebet ka SMA, kuring parantos mutuskeun yén kuring hoyong lebet Ilmu Sosial kusabab kuring ngarasa bodo pisan dina élmu, kuring sakola di SMP dimana IPA 75 sareng upami kuring nyandak ujian kuring tiasa nampi 75, kuring bagja pisan sabab kuring henteu diubaran, sahenteuna kuring berbakat dunya IPA. Ngan Bapa mah terus ngabujuk sangkan asup élmu jeung jadi dokter lantaran geus bener-bener siap nanggung biaya sakola kedokteran. Ieu ngan daripada kuring maot ngora pamikiran ngeunaan rumus fisika kimiawi. Kuring masih milih IPS sanajan mimitina bapa kuring kuciwa, ayeuna anjeunna ikhlas tur sabenerna ngarojong kuring. | 2 | sad |
2964 | Numutkeun Aronson, Wilson, sareng Akert, "Langkung ageung jumlah panongton anu nyaksian kaayaan darurat, langkung sakedik kamungkinan pikeun ngabantosan salah sahiji." Samentara éta, nurutkeun Sarwono, Bystanders nyaéta "Jalma anu aya di sabudeureun adegan jeung boga peran anu kacida gedéna dina pangaruh batur nalika mutuskeun antara nulungan atawa henteu lamun nyanghareupan kaayaan darurat".
Fenomena ieu mimiti loba dibahas saprak aya kasus Kitty Genovese taun 1964. Mangga googling ngeunaan kasus Kitty Genovese.
Paling dipikaresep, pangaruh bytender ieu bisa lumangsung alatan ayana loba jalma di sabudeureun tempat kajadian ngajadikeun difusi tanggung jawab. Hal ieu disababkeun ku ayana pengamat séjén, atawa jalma séjén di sabudeureun, sahingga hiji jalma teu ngarasa kapaksa ngalakukeun tindakan. Lantaran teu aya pembagian tanggung jawab di antara jalma-jalma anu ningali kacilakaan éta. | 0 | fear |
9158 | Ayeuna kuring nuju ngajar di salah sahiji sakola SD di Bandung. Harita geus waktuna solat jeung makan siang. Basa kuring ka kamar mandi rék pipis jeung wudu, tétéla di wc teh aya kénéh kokotor anu teu acan beresih dibanjurna. Sajujurna, kuring saleresna teh jijik dina waktos éta teh, tapi salaku guru urang teh kedah ngartos yén budak SD ogé masih diajar keneh, sareng teu mungkin urang ambek di payuneunana. Tugas urang salaku guru nyaéta ngabéjaan anu leres kumaha ngabersihkeun jamban saatos dianggo, supados kajadian sapertos kitu henteu kajantenan deui. Ahirna kuring beberesih heula, dibanjuran nepi teu aya kotoran deui tuluy kuring buang air di dinya. | 1 | disgusted |
2165 | Bapa mah jalma anu kurang ajar, boh paripolahna boh omonganana, sombong, sombong, jeung mikacinta harta banda, leuwih ngutamakeun harta ti kulawarga. Abdi masih émut kekerasan anu dilakukeun ku bapa ka indung sareng adina ti umur 5 taun, dugi ka sesah napas sareng kesang tiis nalika ningali / nguping kekerasan naon waé. Kuring ngalakukeun narkoba (sabab kuring tiasa ' t tahan tekanan) jeung Abdi pisan, sieun pisan kasalahan saetik ge.
Abdi henteu kantos nampi pujian pikeun sagala prestasi kuring, sanaos kuring juara biasa di sakola & paguron luhur di tempat anu terkenal. Kuring ngarasa yén sakabéh accomplishments abdi euweuh hartina. Kuring ngarasa euweuh hargana | 2 | sad |
5243 | Salila ngajalani kahirupan, enteu wae kaberuntungan nu dimeunangkeun teh, tapi oge kagagalan. Unggal jalma pasti ngalaman nu ngaran na kagagalan. Tapi, kagagalan eta teh ulah dijadikeun akhir tina sagalana, malahan mah kudu dijadikeun awal tina sagalana. Ulah era dina ngaku kagagalan, sabab eta hal wajar. Jadikeun eta kagagalan teh batu loncatan jang manggih kasuksesan urang. Ulah ngajadikeun mental urang down gara-gara kagagalan, tapi kudu leuwih optimis deui jang ngajemput kasuksesan. Tah, yuk ah ti ayeuna mah jadikeun kagagalan jang motivasi ngalangkah selanjutna. Saberes kasediha pasti bakal aya kabagjaan. Buktikeun bahwa kagagalan teh awal tina kasuksesan nu bisa ku urang raih! | 2 | sad |
6010 | Tilu hal nu kudu dilakukeun mun keur ngarasakeun ambek. Nu kahiji nyaeta tong ngomong nanaon. Biasana mun keur ngambek mah omongan teh sok kalepasan, tara dipikir ulang. Omongan nu kaluar teh sok nganyeurikeun hate batur. Komo biasana mah nepi ka kaduhung enggeusna. Nu kadua nyaeta geura ambil wudhu. Mun keur ngambek teh ulah nembalan nanaon, mending wudhu supaya ambekna tereh leungit, lobakeun oge istigfar supaya bisa tereh raat ambekna. Nu katilu nyaeta bawa sare. Mun keur ambek pisan, mending dibawa sare supaya ambek na leungit jeung bisa kapohokeun. Daripada dikedalkeun kaambekna, ke bisi kaduhung enggeusna. Mantak mending ngahindar we supaya teu kaduhung. | 0 | fear |
2929 | Kumaha perasaan anjeun nalika bos anjeun nyentak anjeun?
Gumantung kana alesan kuring di carek, sarta kumaha boss nyarekan kuring.
Mun kuring kabuktian salah, kuring bakal nampa dicarek. Kuring malah bakal ngarasa bener isin sarta kuciwa ku sorangan. Saterusna kuring jadi ditangtukeun dina mangsa nu bakal datang teu nyieun kasalahan nu sarua.
Mun kuring polos, abdi bakal keukeuh yén kuring henteu. Hate dicangking tanpa alesan anu jelas.
Upama dicarékan pahareup-hareup, kuring bakal hormat ka atasan. Kusabab sanajan anjeunna ambek ka kuring, anjeunna tetep ngajaga reputasi kuring. Ieu ciri khas bos anu paduli ka bawahanna.
Upama dicangking di tempat umum (kaasup di grup WA), kuring bakal keuheul. Abdi mangrupikeun jalma anu fokus kana solusi, sareng ku ngerakeun kuring di payuneun seueur jalma, teu aya solusi anu kedah dilakukeun. | 0 | fear |
1030 | Ninggali dina TV ngeunaan suporter di Stadion Kanjuruhan nyieun urang sieun, eta mah jelas loba jelema katincakan pas rek kaluar ti stadion lantaran di jero stadionna geus loba gas air mata. Teu kabayang mun urang di posisi keur aya didinya, meureunan miluan panik bari ka badug-badug ku batur sabab suasanana teu kondusif. Sanajan ninggali dina TV tapi katinggali kumaha chaosna nu keur di stadion eta, aya budak leutik keneh, aya awewe, nu katarincak teh. Sedengkeun ninggali nu rek nulungan teh hese, sanajan dibetot oge eta nu katindihan tetep we teu bisa ka betot sabab geus padedet. Teu kawasa ninggalina ge komo deui mun aya di tempat kajadian mah. | 0 | fear |
4458 | Salah sahiji tugas patugas di indonesia salian ngabantuan pelanggan teh nyaeta kudu someah, 3 S atawa Seuri, Salam, jeung Sapa eta teh awal wujud komunikasi teu verbal lamun dina bidang palayanan. 3S teh sabenerna babari jeung sederhana pisan tapi bisa gede makna na ka jelema anu ku urang di sambut. Jelema na atawa pelanggan bakal ngarasa di hargaan jeung di pihormat, Urang kudu apal jeung paham aya bahwa aya sift jelema anu hayang di sapa jeung di senyuman, eta teh lengkah awal lamun urang erek ngawangun citra anu alus, asa sababaraha jelema anu nungtut yen patugas teh kudu pisan someh lamun henteu eta bisa jadi masalah palanggan eta bisa ambek ambekan jeung tangtuna bakal jadi masalah kahareupna lamun teu di turutan. | 4 | angry |
1371 | Ngaberesihkeun imah nu dipinuhan ku rinyuh emang bisa jadi tugas nu nangtang jeung nimbulkeun rasa geuleuh. Tapi mun milu kana sababaraha cara jang mantuan ngaberesihkeun imah tina rinyuh bisa ngalakukeun cara ieu. Nu kahiji teangan heula di mana rinyuh asalna, ieu bakal mantuan urang nargetkeun area nu ngabutuhkeun perhatian ekstra pas ngaberesihkeunna. Nu kadua gunakeun sarung leungeun karet jang ngalindungi leungeun tina kontak langsung jeung rinyuh. Nu katilu gunakeun produk pembasmi rinyuh nu aya di pasaran jang ngaberesihkeun. Nu kaopat saenggesu ngaberesihkeun, bersihkeun oge area nu kadampak ku nyapuan make kaen nu beresih kanggo ngaluengitkeun rinyuh nu geus maot. Nu terakhir pariksa area nu aya disabudureun, siga jendela jeung panto, lantaran ieu tempat nu mindeng dijadikeun sarang ku rinyuh. | 1 | disgusted |
3246 | Ngadeukeutan panto wc kuring ningali lampu di unggal bilik pareum. Dina haté kuring nganuhunkeun, sabab pasti aya seueur tempat anu matak pikasieuneun di dinya, sareng lampu pareum bakal ngirangan rasa paningalan. Beuki deukeut kuring sadar, panto wc teu bisa ditutup! Jadi jalma nu asup sorangan, geus kalis ku éra ku panto satengah muka. Ku kituna loba nu balik, ngajak baraya / kenalan pikeun asup ka kamar babarengan, ambéh aya nu nutup panto. Teu aya cara kuring nyerah. Abdi kabelet! Janten kuring nyarios ka awéwé anu aya di tukangeun antrian kuring, "Cik, anjeun Engke badé lebet, punten tahan panto. Pas anjeun lebet, kuring giliran nahan panto." Kabeneran deui, si eneng daék. Tungtungna giliran kuring. Sareng kuring nganuhunkeun pisan sabab lampuna pareum, sabab wcna aya genangan setinggi mumuncang, sareng kabeneran kuring nganggo high hell, janten suku kuring henteu keuna kana genangan. Teu kedah ka wc jongkok, engke tiasa dijapotkeun, janten abdi angkat rok didinya, teras teu kedah dijelaskeun ... aduh mugi anu maca ieu henteu tuang. atawa nginum bari. | 1 | disgusted |
7516 | Abdi diajarkeun supados janten jalmi anu teu gampang panik lamun nyanghareupan kondisi anu bahaya. Kaasup basa abdi nuju ulin di hiji resto anu aya di sisi kolam. Abdi sareng rerencangan ulin ka dinya kanggo emam, tapi teu lila urang oge hereuy di sisi kolam, tadi na mah ngan rek poto hungkul tapi jol aya nu teu kahaja labuh ka kolam manehna gogorowokan lantaran sieun pedah teu tiasa ngojay. Untungna langsung aya nu nulungan manehna naek ka luhur. Manehna sempet teu sadar lantaran loba teuing nginum cai kolam pedah manehna gogorowokan, tapi tungtungna manehna langsung dibawa ku ambulans ka rumah sakit. | 0 | fear |
350 | Jaman SMP keur rame-ramena game online. Sabab urang teu boga komputer jadi urang sok ngahaja ka warnet jang maen game online. Kitu oge sarua jeung babaturan nu saumuran urang, loba pisan di warnet teh. Urang mun indit ka warnet teh sok tara bebeja ka indung, indit isuk balik lohor. Kitu unggal libur komo pas bulan puasa mah ampir unggal poe. Hiji waktu pas perjalanan urang ka warnet aya SMS ti indung urang, eusina teh bahwa anjeunna ngadoakeun urang sing jadi jelema sholeh, jeung lamun kaluar teh bebeja ka kolot. Tidinya urang ngarasa indung urang kuciwa ka urang. Urang langung balik deui ka imah teu dituluykeun ka warnet jeung menta hampura ka indung. | 2 | sad |
8550 | Ieu sababaraha cara pikeun ngatasi rasa era anu disebut bau awak. Ieu cara paling efektif pikeun nungkulan bau awak. Pastikeun mandi unggal dinten sareng nganggo sabun anu cocog sareng jinis kulit anjeun. Tong hilap rutin ganti baju sareng baju jero. Sababaraha jinis kadaharan tiasa mangaruhan bau awak. Coba ulah katuangan luhur bawang, alkohol jeung kopi. Nginum cai anu seueur tiasa ngabantosan ngajaga uap sareng ngabantosan ngalawan bau awak. Stress tiasa nyababkeun bau awak langkung parah. Coba nungkulan setres ku latihan, semedi, atawa kagiatan senang. Sakapeung, era jeung sieun ditolak ku batur bisa ngaruhan kumaha urang ngarasa ngeunaan bau awak. Narima jeung yakin ka diri sorangan jeung yakin yen bau awak teh hal normal anu bisa lumangsung ka saha wae. | 6 | shame |
7571 | Basa lini di Cianjur sabenerna abdi oge ngarasakeun lini di Bandung. Pas abdi balik ti kampus, di hareupeun imah abdi ngarasa oyag. Ari sugan teh eta mah ngan lieur dina sirah hungkul, tapi gening pas ningal galon oge caina rada oyag. Teu lila di hape loba nu ngomongkeun lini, pusatna ti Cianjur. Abdi langsung sieun lantaran Cianjur teh lumayan dekeut ti Bandung. Abdi langsung waspada lantaran di Bandung geus diprediksi bakal aya lini. Abdi oge ngadu'a ka Alloh supados tiasa taubat sateuacan bumi ieu dihancurkeun. Abdi oge janten sok merhatikeun titik kumpul bencana di unggal tempat supados apal kedah ka mana lamun aya lini. | 0 | fear |
7831 | Basa mondok di imah rerencangan, abdi sareng rerencangan anu hiji deui ngarasa ararateul, sugan teh lantaran urang teu acan mandi, tapi pas atos mandi oge angger we arateul keneh, asalna mah urang mikirna kusabab beunang hileud bulu, tapi pas abdi ningal dina tembok loba bintik-bintik hideung bareuleud, abdi inget yen eta teh biasana tina tumila lantaran baheula di imah nini kuring aya tumila dina kasur. Pantesan we rerencangan kuring oge sukuna barudug, mereun eta teh pedah beunang tumila. Abdi langsung nitah manehna moe kasur supados teu aya tumilaan deui. Abdi oge nyarankeun manehna yen ulah nunda anduk baseuh dina kasur. | 1 | disgusted |
765 | Basa harita keur ngarantau keneh, urang ngekost di hiji desa. Kabeneran harita urang teu balik, padahal mah biasana mun idul adha balik, tapi ku sabab loba pagawean jadi teu balik. Biasana mun idul adha sok aya nu ngabagikeun daging kurban, boh eta daging sapi, munding, atawa domba. Tapi saprak ngekost di desa ieu mah urang teu pernah meunang daging kurban, padahal urang cicing didinya teh geus aya kana 3 taunan. Pajarkeun teh da urang mah lain penduduk asli eta, jadina teu dibagi. Naha aya syaratna kitu mun perantau ulah dibagi daging kurban? Padahal pas taun eta mah urang ngahaja mantuan meuncit, hayang nyaho cing dibagi henteu. Tapi tetep weh urang ngabantuan oge teu dibagi. Urang ngarasa diperlakukeun teu adil. | 4 | angry |
2903 | Contona, tukang maling maot ku korban alatan refleks atawa pertahanan paksaan, mangka korban (pelaku pembunuhan) teu bisa dihukum pidana (penjara) sabab nurutkeun Pasal 49 ayat (1) KUHP disebutkeun. anu:
"Henteu dikriminalisasi, sing saha waé anu ngalaksanakeun tindakan pertahanan paksa pikeun dirina atanapi pikeun batur, kahormatan moral atanapi harta milik atanapi jalma sanés, sabab aya serangan atanapi ancaman serangan anu caket pisan dina waktos éta anu ngalanggar hukum."
Aya oge, Pasal 49 ayat (2) KUHP ogé nyatakeun:
Pertahanan kapaksa anu ngaleuwihan wates, anu langsung disababkeun ku shock méntal parna alatan serangan atawa ancaman serangan, moal dihukum.
Numutkeun pasal ieu, jalma anu pertahanan darurat teu bisa dihukum. Pasal ieu ngatur alesan-alesan dileungitkeun hukuman, nyaéta alesan-alesan nu bener sabab tindakan pembelaan anu dipaksakeun sanés tindakan anu ngalawan hukum. | 0 | fear |
1431 | Harita teh poe mimiti urang asup sakola SMA, urang can wanoh ka babaturan nu aya di kelas. Poe mimiti teh urang telat asup, jadina neangan heula kelas. Pedah gura-giru jadi urang teu ninggali heula tanda kelas nu aya di luhur panto. Urang langsung asup, bari ngucap "Assalamualaikum". Tuluy diuk di bangku anu kosong. Pas geus diuk, batur teh ninggalikeun urang bari seuseurian. Urang karek ngeuh pas ditanya, "Kelas sabaraha, kang?" "Abdi kelas 10, ieu kelas 10 pan?". Tuluy dijawab deui bari seuri, "Sanes ieu mah kelas 12, sigana lepat lebet kelas". "Eh ya Allah, punten-punten abdi teu apal da nembean dinten ieu sakola, teu apal kelas". Pungkas urang, sabari lumpat gura-giru ka luar ku sabab era. | 6 | shame |
8235 | Mawar teh ayeuna tos arek asup kuliah. Manehna tos katarima di salah sahiji univsitas unggulan di Pulau Jawa. Universitasna ieu teubih ti imahna bahkan tos beda provinsi. Daek teu daek Mawar kudu ngekos di daerah deket univeritasna. Kolotna mah teu ngarasa nanaon upami Mawar arek ngekos teh kusabab da Mawar teh sanes budak leutik deui tos 19 taun. Nanging kalahkah Mawar nu hariwang ngekos nyalira kusabab manehna ti leuleutik sareng kolotna wae. Ditambih oge Mawar teh jalmana borangan upami keur sorangan. Mawar sieun upami hirup sorangan tebih ti kolot teu tiasa masak, nyeseh, jeung nu sejenna. Mawar sieun tur hariwang hirup sorangan. | 0 | fear |
6844 | Basa eta pas miluan giveaway ti Shopee, kondisi hate abdi teh sabener na mah keur teu sa. Tapi abdi tetep ngiringan giveaway kurang leuwih tilu hari teterusan ngomentaran postingan giveaway eta. bari sedih lantaran hiji perkara. Tapiteu disangka-sangka pas tos dinten na bewara saha anu meunang, saatos magrib abdi meunang notifikasi akun abdi disebut ku Shopee. Singhoreng eta teh bewara anu meunang giveaway shopee. Sateuacanna abdi tos nyangka abdi bakal meunang giveaway, tapi ngan mikir dina jero hate hungkul. Alhamduliah bewara eta tiasa ngajieun abdi janten bungah deui. Pokona mah sadayana oge pasti gaduh kesempetan anu sarua. Sadayana oge tiasa janten anu meunang giveaway. | 3 | happy |
267 | Nyiapkeun lomba 17 Agustus tangtu jadi hiji hal nu wajib diperlukeun ngameh acara bisa jalan lancar. Sababaraha nu kudu dilakukeun dina persiapan nyaeta, Nu kahiji ngabentuk panitia. Panitia ieu dijieun jang nguruskeun rupa-rupa hal ngeunaan lomba, mimitina ti perencanaan, nentukeun materi lomba, waktu jeung tempat acara lomba, ngagalang dana, ngalaksanakeun lomba, nyerahkeun hadiah jeung evaluasi lomba. Struktur panitiana bisa ti ketua, girang serat, bendahara, jeung divisi nu sejenna. Nu kadua kudu meunangkeun izin jang acara lomba, leuwih alus boga izin resmi ti sabudureun. Bisa dimimitian ti RT/RW, lurah, atawa polisi anu aya di wewengkon eta. Nu katilu oge penting nyaeta ngagalang dana, sababaraha dana bisa dilakukeun ngaliwatan iuran warga, pendaftaran peserta, donatur, jeung sajabana. | 3 | happy |
1397 | Basa keur dahar di resto nu keur viral, harita teh loba jelema nu datang. Urang ngajak babaturan limaan ngarah rame-rame sabab hayang kadinya oge panasaran ku rasana. Keur ngeunah ngobrol jeung heureuy bari sura-seuri, sabab urang mah maceuh seurina nepikeun ka teu kahaja calana soek. Mimitina mah teu ngeuh calana teh soek, apal-apal teh pas dibejaan ku babaturan nu diukna dihareupeun urang. Manehna sura-seuri sorangan, teu kuat meureunan ninggali calana urang soek. Pas dibejaan urang langsung nutupan calana nu soek ku leungeun, bari era da diseungseurikeun, nepikeun ka meja nu sabeulah oge nyeungseurikeun. Untungna teh geus beres daharna jadi urang buru-buru asup ka mobil. | 6 | shame |
8154 | Saatos lila lalajo stand up comedy, Dani ngawainekeun open mic pertama kalina. Saleresna Dani tos nyiapkeun materi stand up-na ti jauh-jauh poe. Aya hiji perasaan nu Dani rasakeun saacan naek ka panggung, manehna sieun ngeboom atanapi materina teu lucu. Giliran manehna open mic, Dani naek ka luhur panggung. Kabeh jalmi ngadagoan Dani ngomong, manehna janten makin sieun kusabab suasanana ujug-ujug tiiseun. Dani teras maksakeun ngomong nyampeikeun kabeh materina. Saluyu sareng ekspektasina, materi nu Dani sayogikeun teu lucu. Dani kuciwa pisan ka manehna sorangan nanging aya hiji babaturanna nu ngabejaan upami materi Dani teh saleresna lucu ngan pembawaanna kirang sae. Kusabab Dani demam panggung panonton teu tiasa ngarasakeun lucuna materi nu Dani sayogikeun. | 0 | fear |
4459 | Urang salaku pangunjung pelanggan lamun ngamimitian datang ka hiji tempat teh pasti can apal nanaon kusabab karek mimiti, urang pasti butuh pisan ka patugas pikeun mere nyaho kaayaan atawa paraturan paraturan anu aya di tempat era, patugas oge kudu sabar ngajentrekeun partanyaan urang saba eta salah sahiji tugas na lamun keur di gawe. Pangunjung atawa pelanggan pasti sebel jeung moal hayang datang deui ka tempat eta lamun patugas na teu bageur teu someah, inti na patugas teh pangwujudan tempat na, kudu sabar jeung kuat menatla amun jadi patugas kusabab manggihan loba jelema anu beda beda watak na unggal poe, aya anu babari ambek teu sabaran padahal patugas geus ngusahakeun mantuan jeung aya oge anu sabar. | 4 | angry |
9207 | Teuing ku heran ku nu jadi salaki teh. Batur mah boro-boro daek ngombehan budakna lamun budakna miceun teh. Sakalieun budakna ngompol oge embung mangnyalinankeun. Ari salaki kuring mah, lamun mawa ulin budak, seug budak teh miceun atawa ngompol, mulang teh calana na geus beresih diseuseuh ku anjeuna. Sakali mangsa mah, basa budak kuring nu cikal karek umur sataun, sarena teh motah. Seug harita mah nu ngarana pempers teh masih barang langka, jadi ari di imah mah budak teh tara make pempers. Kabeneran harita oge budak teh teu dipakean pempers. Kuring tibra sare gigireunana bari teu ngeuh budak teh miceun dina calana. Kulantaran sarena motah, atuh eta kotoran teh ludat ladet kamana-mana ngotoran sepre. Kuring kacida jijina ningal kitu teh, ampir-ampiran utah. Tapi eta nu jadi salaki mah kalem we nyomotan kotoran budak kuring, bari dikesud ku lap baseuh tepi ka sepre teh bersih deui, tinggal nyeuseh ku sabun pikeun ngaberesihkeun najisna. Tah lamun nyeuseh mah bagian kuring. Tadina mah kuring bingung kudu kumaha meresihanna. Alhamdulillah, dipasihan pasangan teh nu bageur. | 1 | disgusted |
2471 | Cara prank dina whatsapp, ngenaan 'baca salajengna'.Lebetkeun situs penghasil teks "Read more" WhatsApp di https://www.dardura.com/p/buat-teks-read-selengkapnya-whatsapp.html.
Teras ketik teks pambuka sareng téks kadua anu anjeun hoyong nyumput dina Read More Whatsapp.
Teras klik menu "Jieun". Lajeng Dardura bakal ngarobah dua téks kana hiji bagian tina obrolan, kalawan "Read More" atawa "Read More" tampilan dina tungtung téks munggaran.
Dina WhatsApp panarima, sakabéh téks moal némbongan langsung, tapi kudu klik "Read More" atawa "Read More" pikeun bisa maca eta sagemblengna.
Anjeun tiasa nempatkeun inpo serius dina téks kahiji, teras bubu babaturan anjeun dina salajengna.
Bayangkeun upami sobat anjeun serius nyandak inpormasi dina téks kahiji, teras anjeunna ngaklik pilihan "Read More" atanapi "Read More". | 5 | surprise |
2096 | Waktu kuring kelas 5 SD, kuring meunang juara 1 pasanggiri silat Tapak Suci pikeun kelas C putra (kelas A, B, C, jeung sajabana dumasar kana beurat awak). Eta piala teh kudu dipasrahkeun ka sakola pikeun dipajang, jadi kuring ngan dibere piala replika jeung sertifikat pikeun dibawa ka imah. tapi aya hiji kacilakaan nyaeta Cangkir piala juara anu munggaran kuring murag sareng ujung-ujung na teh mani ti beubuet peupeus hehe. Untungna, anu rusak ngan ukur cangkir piala tiruan, sanés anu asli. Waktu éta kuring bagja pisan, sabab latihan minggu-minggu kuring hasil menangkeun juara silat, nu nyebabkeun orang tua teh mani bangga pisan. | 3 | happy |
4442 | Kata SARA nangtung pikeun kapanjangan ti kata Etnis, Agama, Ras sareng Antarkelompok, anu tumuwuh sareng mekar di masarakat.Dina sajarahna, loba runtuyan karusuhan sareng konflik anu sok dumasar kana sentimen sareng konsep SARA. Eta diwangun ku anu gaduh kakawasaan. Maranehna condong teu eleh tina sudut pandang sejen dina paham kana panyabab karusuhan, iwal ti SARA nu sok dijadikeun tersangka utama jeung panyabab utama karusuhan sosial. Isu SARA di anggap ngabayakeun ku sabab indonesia teh nagara majemuk, loba dina warga na anu masih ngumpul dina hiji wewengkonanu sakabeh na sarua nya agama, ras jeung sajabana maranehna teh ngarasa manehna teh pangbenerna, eta teh dumasar kana SARA jadi osok ngarendahkeun anu lain. Korban anu geus pernah di jadikeun SARA di lingkungan na paham pisan bahwa sabnerna ah urang teh hayang ngambek jeung emosi tapi lamun cicing di daerah eta nya sarua jeung bohong omongan urang anu minoritas moal digugu. | 4 | angry |
7309 | Hiji harta karun kapanggih di Aceh saatos tsunami. Harta karun ieu kapanggih ku hiji awewe anu ngaranna Fatimah. Waktos eta, manehna keur nyisir rawa sabari neangan tiram di Desa Gamping Pande, Aceh. Harta ieu kapanggih dina kotak ditutupan ku karang jeung tiram. Kotak ieu ujug-ujug kabuka nalika Fatimah nakol bagian luhurna basa nuju bade nyandak tiram. Fatimah reuwas lantaran kotak nu eusina koin emas aksara Arab eta langsung bahe eusina. koin ieu diperkirakeun tos aya ti tauhn 1200 nepi ka 1600 Masehi. Harta karun ieu kapanggih di deukeut kuburan kuno pangawasa abad ka-13 anu ayana kapanggih sanggeus tsunami Aceh dahsyat taun 2004. | 5 | surprise |
608 | Pas ninggali jurig, urang kudu berusaha jang hare-hare jeung berusaha maca ayat suci Al-Quran. Dina Islam, maca ayat kursi mangrupakeun salah sahiji cara ngameh teu diganggu ku jurig atawa setan. Ku maca ayat kursi, urang bakal ditangtayungan ku Allah SWT, jadina bakal aya rasa nyaman dina ngalakukeun aktivitas bakal terus aya. Komo dina ajaran Islam mah, saacan urang sare peuting teh, alusna mah maca ayat kursi heula. Ku ngalakukeun hal ieu, urang bakal ditangtayungan ku Allah ngameh jurig teu ngaganggu sare urang. Rasa reuwas ninggali jurig geus pasti, komo mun mimiti ninggali mah, ieu wajar sabab urang tara biasa ninggali jurig. | 5 | surprise |
2957 | Saksi mangrupikeun salah sahiji pihak anu tiasa ngabéréskeun hiji pasualan. Pernyataan tiasa janten nilai evidentiary. Kusabab éta, pihak-pihak bakal nyobian milarian jawaban sareng milarian saksi anu ditepikeun. Patarosan', ditambah ku sora luhur jaksa atawa pengacara, sakapeung nambahan rasa gugup pikeun saksi. Henteu sakabéh saksi boga kesiapan fisik jeung méntal sarua nalika maranéhna kudu muncul di rohang pangadilan. Malah datang pikeun minuhan saman ku pulisi salaku saksi bisa nyieun batur gugup. Utamana lamun di rohang pangadilan tempat prosés tanya jawab. Dina KUHP aya katangtuan yén saha waé anu ningali, ngadéngé, ngalaman sorangan, atawa boga pangaweruh anu langsung patali jeung lumangsungna kajahatan bisa dijadikeun saksi dina perkara pidana. Upami anjeun parantos disauran janten saksi, janten kawajiban hukum pikeun warga pikeun ngalaksanakeunana. | 0 | fear |
4302 | Ayena mah loba budak ngora anu geus di vonis boga panyakit misalna diabetes. Diabetes teh panyakit anu hese atawa teu bisa cageur na, panyakit ieu rata rata di vonus bakal aya saumur hirup matak kudu punter pinter ngajaga dahareun anu asup kana awak kudu bisa pola hidup sehat, sabab lamun geus parah bakal hararese siga misalkeun diabetes lamun boga luka pasti hese garingna parahna bisa nepi ka busuk. Panyakit ieu teh aya kusabab loba teuing gula, sabenerna asalna bisa dua bisa tina katurunan jeung pola hidup. Tapi ayeuna lolobana beunang panyakit ieu tina pola hirupna, barudak ngora oge jadi loba anu di vonis panyakit ieu. Mimitina mah pas di vonis asa rareuwas teu percaya, tapi nya kitu ayana. Matakna urang kudu bisa ngajaga kasehatan. | 5 | surprise |
7486 | Aya sababaraha hal anu nyebabkeun urang janten demam panggung atau anu dina istilah medisna nyeta kecemasan sosial, diantarana nyaeta rasa teu percaya ka diri sorangan, kirang istirahat, faktor katurunan ti kolot, tara dahar, mineng teuing nuang kafein, mineng teuing ningal media sosial, mineng teuing maca warta anu kirang sae, ngarasa salah atawa era kana hiji perkara, jeung kajadian anu pernah di alaman baheula atawa trauma. Komo di jaman pandemi, seeur pisan jalmi anu ningal warta jeung media sosial anu nyebarkeun informasi anu salah, anu matak nyieun urang kalahkah sieun kanu hal anu can tangtu kajadian. Beuki mineng urang ningal media sosial beuki sieun oge urang petepang jeung jalmi anu sanes. | 0 | fear |
5208 | Di lembur abdi mah ngalongok orok nu nembe lahiran teh salah sahiji kabiasaan nu masih aya dugi ka ayeuna. Terus mun ngalongok orok teh diwajibkeun babawaan, boh jang indungna atawa orokna. Rek dulur atau tatangga sakalipun sarua wae, mun lairan mah kudu dilongokan. Hal ieu sabagai rasa syukur jeung nyambut ka warga nu anyar lahir, supaya kahareupna bisa jadi jalma nu mangpaat. Ieu kabiasaan oge jadi salah sahiji ajang ngeuratkeun silaturahmi anta tatangga. Dugi ka dieu mah kabiasaan ieu teh memang leuwih hade diayakeuna, sabab salian jadi sarana silaturahmi, oge bisa jadi sarana silih tulung oge. Janten sae pisan jang dilestarikeun. | 3 | happy |
7319 | Abdi paling teu resep ka jalmi nu sok miheulaan batur. Abdi ningal hiji kajadian, aya hiji awewe anu dipiheulaan ku hiji lalaki basa manehna nuju antre kanggo nyandak ubar di apotek. Gara-gara lalaki eta, jalmi anu sanesna nurutan manehna miheulaan awewe eta. Awewe eta oge kalahkah cicing hungkul, siganamah manehna sieun ka lalaki anu sanes. Abdi langsung nuntun manehna kanggo balik deui ka barisan manehna dihareup sabari nyeseulan lalaki anu miheulaan tadi. Abdi nyarios ka manehna sabari nyentak, teu ngarti ka maranehna padahal sasatoan oge tiasa jalan dina barisan tapi manehna kalahkah miheulaan batur, teu ngahargaan batur anu tos ngantosan dina barisan. | 4 | angry |
2111 | Tah bari nongton syuting kuring mikir kumaha carana bisa poto jeung si A, lengkah kahiji deukeut ka tempat shooting nu rada ketang ku chatting jeung tambahan, berbekal SKSD kuring bisa ngobrol, ieu bener. pangalaman kuring ningali proses syuting sacara langsung anu ternyata bener-bener rumit, kuring dugi ka jam 1 siang sareng dugi ka jam 5, ngan ukur 3 adegan, kuring salut ka urang dunya perfilman, sabar sareng sadayana lengket sareng tim émosional. OKÉ, hayu urang neruskeun carita, sanggeus SKSD jeung tambahan, kuring masih teu boga kasempetan pikeun poto jeung manehna, sabab keur syuting, jadi teu bisa ribut deui. Aya momen anu lucu, kuring ngadeukeutkeun/meunang poto, salah sahijina deukeut jeung anak sutradara, lucu pisan anak sutradara oge dibawa kabawa aya adegan jeung barudak oge. nu akhirna abdi tiasa foto jeung artis a, sampe nu sejen heraneun naha kuring bisa sampe foto bareng. | 3 | happy |
6854 | Tos tliu dinten ieu abdi teu ngangge kaca panon lantaran abdi poho nyimpen. Abdi tos usaha milarian di kabeh tempat di jero kamar tapi hasilna teu aya. Padahal kasur, lomari, meja, sadayana tos dibongkar tapi teu aya oge kaca panon na. Abdi tos gaduh rencana upami kaca panon kuring can kapanggih keneh kuring kapaksa bakal meser nu anyar, anu pangaosna teu mirah, wayahna lantaran butuh kaca panon pisan kanggo maca jeung diajar. Pas abdi bade angkat ka toko kaca panon abdi langsung nyandak tas kanggo mawa barang-barang. Pas nuju ngalebetkeun hape, abdi reuwas lantaran di jero tas aya kaca panon anu dipilarian ti kamari. Abdi atoh lantaran teu jadi indit ka toko kaca panon. | 3 | happy |
5601 | Cara nyieun kue ulang taun tina indomie goreng. Mimiti, godog lima belas bungkus indomie goreng. Tuluy mun geus asak, eurihkeun kana baskom gede jang dibumbuan. Mun bumbuna geus kacampur rata, eurihkeun kana loyang bentuk persegi atawa buleud. Ratakeun indomie ka unggal juru loyang, ulah nepi ka aya nu kosong. Tuluy tungguan indomie nepi ka tiis supaya ngabentuk loyang. Geus tiis, tamplokeun kana baki nu kira-kira mahi. Tuluy tinggal bere tulisan selamat ulang taun dina bakina. Bere oge hiasan jiga tomat atawa cabe nu dibentuk kembang, tendeun na luhureun mie. Geus kitu bisa oge dibere lilin leutik supaya bisa dihurungkeun jeung ditiup. Kue ulang taun indomie goreng siap dikadokeun. | 5 | surprise |
2172 | Naon anu geus kaliwat geus kaliwat, jalma anu "hirup di jaman baheula" bakal ditangtayungan ku depresi sarta kaduhung. Jalma anu "hirup dina mangsa nu bakal datang" bakal salawasna hariwang. Hirup di jaman ayeuna, konsentrasi perhatian anjeun ka ayeuna. Upami abdi tiasa nyarankeun, cobian latihan meditasi. Semedi dipikanyaho ku kualitasna, tiasa ngabantosan anjeun ngatasi masalah trauma. Manggihan tempat sepi, méakkeun sababaraha waktos nyalira. Diuk lempeng tapi santai. Tarik napas jero, teras gempur nepi ka rengse. Malikan deui 3 kali. Tutup panon anjeun, teras ngambekan sacara normal tapi sadar, museurkeun perhatian anjeun kana napas anu asup sareng kaluar. Tarik napas panjang, sadar tina narik napas panjang, ngahembuskeun napas panjang, sadar yén anjeun ngambekan panjang, ngan ngalaman ambekan sareng ambekan, ulah didamel. Lamun narik napas pondok, sadar yen eta pondok, mun anjeun kaluar napas panjang/pondok, anjeun ogé bakal sadar eta. Nalika pikiran anjeun parantos ka tempat sanés, mawa perhatian anjeun deui kana napas anjeun. Mimitian 5 menit, upami anjeun tiasa manjangkeun waktos 10 menit sareng saterasna. | 2 | sad |
692 | Manggih harta karun nu jumlahna gede pisan mun di duitkeun mah. Da harta karunna teh dibungkus ku kotak awi, ukuran kotakna aya meureunan sagede laptop pas nu 14 inch. Di jerona rupa-rupa aya emas, duit heubeul, jeung barang-barang antik mun diduitkeun mah meureun bisa ratusan juta. Pas mimiti manggih harta karun eta, urang bari molotot ka si Anggi nandakeun teu percaya bisa manggihan harta karun, komo deui di tempat ulin. Awalna mah ngan ukur dibuka kotakna teh, tapi pas dibawa ka imah kakara dikaluarkeun jeung eusi-eusina. Urang geus jangjian jeung Anggi jang muka harta karun teh saberes ngaji, jeung ngabejaan Anggi ulah waka ngabejaan kolot sewang-sewangan. | 5 | surprise |
1403 | Basa keur perjalanan jauh kana mobil, biasana mun hayang ngompol teh sok mampir heula ka SPBU anu kaliwatan. Harita mah bener-bener geus teu katahan hayang ngompol, asa geus diujung tanduk mah, tuluy lumpat ti mobil ks toilet SPBU. Ku bakat gura-giruna, nepikeun ka teu ditinggali tanda teh, naha eta toilet lalaki atawa jang awewe. Pas urang asup neangan tempat ngompol anu biasana aya mun di toilet lalaki mah, ieu mah euweuh. Tapi urang can ngeuh, ah da meureunan emang teu dipasang we, pikiran dina hate teh. Ari pas kaluar di toilet anu dipantoan, reuwas aya awewe nu nungguan giliran. Urang papada reuwas, oge era pisan lantaran salah asup toilet. Langsung pupuntenan da teu apal ku bakat teu ninggali heula tanda toilet. | 6 | shame |
8557 | Di dieu aya sababaraha cara nu bisa mantuan nungkulan isin keur bray ngorong irung anjeun. Emut yen nyokot irung anjeun normal sareng mangaruhan seueur jalma. Teu nyebutkeun nanaon ngeunaan karakter atawa harga hiji jalma. Tong ngantepkeun ideu batur ngeunaan milih irung mangaruhan kapercayaan anjeun. Fokus kana naon anu anjeun laksanakeun sareng pikirkeun, sanes naon anu dilakukeun sareng dipikiran ku batur. Ngobrol jeung jalma nu dipercaya, kayaning babaturan atawa kulawarga, bisa nulungan ngagentos rasa isin. Aranjeunna tiasa masihan dukungan sareng ngabantosan anjeun ningali kaayaan tina sudut pandang anu beda. Coba difokuskeun hal-hal anu positip dina kahirupan anjeun sareng ulah ngantep parasaan era ngahartikeun kumaha anjeun ningali diri anjeun. | 6 | shame |
7591 | Karek mimiti abdi mimiti cicing di kosan sorangan. Abdi ngahaja milih cicing di kosan supados leuwih dekeut ti tempat gawe lantaran imah abdi jauh pisan ka tempat gawe, kalahkah cape di jalan. Abdi ngahaja milih kosan nu ayeuna ditempatan lantaran hargana leuwih mirah tibatan di tempat anu sanesna. Tilu poe abdi cicing di dieu teu aya nanaon, tapi dinten ieu ti isuk-isuk keneh di hareup kosan kuring aya aa-aa nu cicing di kosan. Abdi ngarasa teu nyaman pisan. Sugan teh manehna bakal indit, tapi manehna kalahkah nuturkeun kuring. Ti tingkah polahna mah katingalina eta teh jelema mabok, abdi langsung nyimpang ka warung nepika aya batur. | 0 | fear |
3252 | Salaku jalma anu sering nyéépkeun waktos di luar bumi, ngagunakeun jamban umum henteu tiasa dihindari. Nanging, henteu sadayana jamban umum ngagaduhan standar kabersihan anu saé. Aya toilét kotor anu teu tiasa dianggo tapi kedah dianggo.
1. Mun mungkin, make korsi toilet Anjeun
Kusabab korsi WC umum dipaké ku loba jalma, make penjaga toilet dina korsi toilet. Anjeun tiasa nganggo pelindung korsi tisu atanapi toilét anu parantos sayogi. Pelindung korsi toilét ieu ngan ukur dianggo dina korsi toilét. Pikeun toilét jongkok, anjeun henteu kedah nganggo éta.
2. Siram taliti
Pikeun alesan atra, aya loba kuman dina tombol siram dina korsi toilet. Bungkus ramo anjeun dina tisu toilet sateuacan mencét tombol siram. Buang tisu kana tong sampah anu disayogikeun.
3. Ngumbah leungeun maké cai haneut
Cuci leungeun nganggo cai haneut sabab cai haneut bakal tiasa ngalawan kuman. Anggo sabun upami aya. Ngumbah leungeun anjeun sahenteuna 20 detik. | 1 | disgusted |
4359 | Basa bulan november kamari, adi urang ngarayakeun ulang tahuna. Eweuh perayaan nanaon kusabab kabiasaan kulawarga urang emang tara pernah ngarayakeun ulang tahun. Di tambah dina poe eta, tanggal ulang tahun na adi urang kalahka geuring jeung kudu balik tiheula ti sakolaan na. Tapi ku kitu, babaturan adi urang teu poho kana ulang tahun na, barudak eta datang ka imah susulumputan bari mawa kado jeung kueh ulang tahun teu poho oge jeung lilin sarta korek api na keur acara tiup lilin na. Barudak eta datang keur adi urang euweh di imah basa eta keur di bawa ka dokter ku mamah. Barudak ieu niat pisan rek mere surprise, sendal sendal na di sumputkeun ka pipir imah motor oge di parkir jauh ti imah sangkan teu kanyahoan. Barudak eta urang sumputkeun di kamar adi urang, pas adi urang balik tuluy rek asup ka kamarna, maneh na reuwaseun pisan kusabab ujug ujung babaturan na aya didinya nyarumput tukangeun panto bari bawa kueh kado jeung nyanyi. Akhirna maranehna ngarayakeun ulang tahun babarengan di kamar na. | 5 | surprise |
7311 | Masarakat reuwas ku kapanggihna 'harta karun' emas jeung tambaga 2 miliar ton di Gunung Dompu, Nusa Tenggara Barat (NTB). Papanggihan ieu diumumkeun dina bulan Desember 2021. Sababaraha urang teu percaya kana papanggihan ieu sabab 'harta karun' kapanggih di daerah pagunungan. Direktur PT Sumbawa Timur Mining Bede Evans ngaluarkeun pernyataan resmi anu negeskeun kapanggihna sumber daya alam anu disimpen dina peujit Bumi Nggahi Rawi Pahu. Kapala Badan Geologi Eko Budi Lelono nyebutkeun yen “harta karun” sumberdaya di wdaerah Onto, Dompu, NTB, sacara geologis nuduhkeun jenis emas anu ngendap jeung kamungkinan total sumberdaya mineral anu kawilang badag. Utamana dina bentuk emas jeung tambaga anu potensina 2 miliar ton. | 5 | surprise |
2849 | Kapala Staf Persidénan Jenderal (Purn) TNI, Moeldoko miboga kasempetan pikeun nyaritakeun pangalaman sapopoéna nalika nyanghareupan wartawan. Ceuk manehna "Kuring ditanya naon anu anjeun sieun nalika ditanya ku wartawan, utamana 3 bulan kuring geus jadi KSP. Kuring teu sieun dicekel ku bedil, utamana dina bedil, éta pakasaban abdi, " Moeldoko salah sahijina. lanjengkeun deui, “Tapi pokna wartawan mah kadang-kadang leuwih tepat, seukeut, beungeutna leuwih pikasebeleun ti nu séjén,” pokna. Tapi, Moeldoko ngaku, sanajan boga latar kasundaan jeung ayeuna aktif di PNS, manéhna ngarasa teu gampang pikeun adaptasi. Manéhna ogé ngaku yén manéhna ngarasa geus diajar loba ti wartawan. Saurna, "Kuring bener-bener ngarasa yén tina kahirupan militér nepi ka pamaréntahan jeung kahirupan sipil sarta ogé pulitik, éta geus euweuh gampang pikeun kuring. Abdi hoyong diajar, salila tilu bulan kuring diajar, tungtungna kuring milih gawé bareng jeung babaturan wartawan". | 0 | fear |
2204 | Bari nage babaturan bageur bisa ngarojong babaturan ngaliwatan kajadian traumatis sarta bisa nulungan urang leupas tina kabiasaan goréng, toksik atawa "toksik" friendships bisa ninggalkeun babaturan nu sabenerna bageur ngarasa lemes, oyag, hariwang, sarta mindeng kaluar kasaimbangan. Silaturahim unik sabab dihijikeun kana seueur aspék kahirupan urang - kulawarga urang, padamelan urang, hobi urang. Lamun urang boga silaturahim toksik, parasaan ieu bisa dirasakeun ku sakabéh wewengkon ieu na ogé. Upami silaturahim tangtu henteu nyumponan kabutuhan urang, panginten waktosna pikeun nganilai deui naha aranjeunna pantes rohangan dina kahirupan urang mangrupakeun salah sahiji cara naambeh arurang nyaho yen emang babaturan teh weweg heuteu nyipyakeun hal nu nyieun urang engkena nyesel babaturan jeung anjeunna, nu nyalamatkeun urang ti salah sahiji panyesalan boga baturan nu khianat. | 2 | sad |
7560 | Jalan angkat ka kampus ti imah abdi kedah ngaliwatan rel kareta api. Lamun keur jadwalna kareta liwat, abdi kedah ngantosan heula kareta liwat. Biasana oge aya pagawe anu tugasna nutup pager supados teu aya nu ngaliwat pas kareta ngaliwat lantaran eta rel na aya di jalan umum. Tapi anehna poe ieu teu aya petugas anu cicing di dekeut rel. Teu lila aya sora kareta anu bade ngaliwat, tapi seeur keneh mobil jeung motor anu keukeuh liwat. Pas abdi nuju ngantosan di sisi jalan jol aya hiji motor anu maksakeun ngaliwat dina rel kareta. Tapi hanjakal eta motor teu kaburu ngaliwat teras katabrak ku kareta. Seeur jalmi anu tos ngagorowokan eta motor supados teu ngaliwat. | 0 | fear |
700 | Pas keur di nu kawinan di gedung, urang keur ngantri di tempat dimsum. Pas giliran urang, si dimsumna teh beakeun jadi kudu nungguan heula di refill. Aya kana 5 menitan nungguan dihareupeunna, tuluy datang nu tukang jaga stand dimsumna. Si tukang jagana teh keur ngabereskeun heula ngameh babari nyokotanna. Eh pas keur dialasan, eta mah datang ibu-ibu lobaan bari jeung nyorobot antrean urang, geus nyaho urang teh panghareupna tatadi nungguan, ieu mah siga teu boga dosa langsung nyorobot. Urang ambeuk bari ngomong dina jero hate, dasar ibu-ibu kampungan teu boga pendidikan, teu boga etika antrian wae disorobot sok sangeunahna wae. | 4 | angry |
8411 | Salaku perawat mah kawajiban Mita kudu kuat ningali hal-hal anu pikasieuneun jeung pikageuleuhen. Komo deui anjeunna ditugaskeun ka departemen darurat dimana penderita na teh aya mindeng datang dina kaayaan parna. Salah sahiji hal anu kudu diungkulan Mita nyaeta geuleuh ka na utah. Seueur jalma sumping ka departemen darurat kalayan karacunan sareng nyababkeun jalma eta utah. utah anu estu utah. Tadina mah Mita sok ngarasa geuleuh lamun nempo ieu. Tapi ku sabab ngarti kana tungtutan pagawean manehna sok nahan kakeuheulna. Ku lima taun pangalaman gawe, ayeuna teh manehna geus biasa ningali utah sarta henteu deui ngarasa geuleuh lamun ningali eta teh. | 1 | disgusted |
6304 | Sampah dina solokan teh jadi salah sahiji hal nu kudu jadi perhatian babarengan. Mun teu diberesihan mah bakalna ngagunung jeung nyumbat aliran cai solokan. Dampak na teh bakal gede pisan, salah sahijina nyebabkeun banjir ka masyarakat sekitaranna. Masyarakat ge kudu gptong royong dina nerapkeun kaberesihan lingkungan, salah sahijina ku miceun sampah ka tempatna, ulah ka solokan. Mun solokan geus kependet ku sampah mah bakal ngajadikeun masalah nu serius. Mantakna, supaya teu banjir, biasakeun tong muang sampah ka solokan, muangna ka tempat nu geus disadiakeun. Kudu andil dina kaberesihan lingkungan teh, ulah nepi ka malah andil nyebabkeun karusakan lingkungan jeung alam. | 1 | disgusted |
4690 | Kabeh kolot pasti nyaah ka budakna, tapi cara ngaelspresikeun yen manehna nyaah teh rupq rupa, aya anu someah jeung teu gengsi aya anu teges jeung babari ambek ka budak na. Tah didinya budak na teh sok salah ngarti mikirna yen kolot na teu nyaah kusabab ambek ambekan wae. Padahal maksud na kolot teh alus pasti hayang anu panghade na keur budakna. Kolot ambek ambekan ngajieun urang sieun di carekan teh kusabab nyaah manehna embung urang kunanaon jeung jadi jelema anu teu disiplin kana waktu, matakna lamun balik peuting kolot sok nyarekan wae, komo ka nu budak awewe kolot teh ngajaga pisan. | 0 | fear |
5555 | Jam tujuh beurang Indi karek indit ka bandara sabab hudangna kabeurangan. Indi kabagean pesawat nu take off jam dalapan isuk. Ti imahna ka bandara teh lumayan jauh, aya kana satengah jaman. Di jalan, Indi ngadoa supaya teu telat jeung bisa lancar. Eh singhoreng teh kena macet sabab emang hari kerja. Macet na teh panjang pisan, teu bisa diburu-buru. Indi geus sategah jam kajebak macet. Ah ieu mah bakal telat, pikirna teh. Bari rada jengkel, Indi terus-terusan ngecek saurilingna, sugan we aya nu bisa ditumpangan. Geus ja dalapan Indo masih dijalan keneh. Jam satengah salapan Indi karek nepi ka bandara, jeung heueuh we pesawatna geus take off, Indi katinggaleun. | 5 | surprise |
3348 | Bayangkeun anjeun aya di rohangan dimana anjeun nuju diajar, di rohangan éta aya babaturan anjeun, lalaki boh awéwé. Antara lalaki jeung awewe teu aya partisi anu misahkeun anjeun sisi ku samping ti sisi lalaki jeung awewe. Di kamar ogé diuk saurang ulama anu keur méré tausiah. Di kamar teu aya nu sora iwal ti ulama anu keur ceramah, bari fokus ngadengekeun ulama, ujug-ujug kadenge sora “Duuuuuuuuttt” nu nyaring. Kabéh panon ngalih ka hiji titik dina jalma anu nyieun éta sora, sakumaha dulur di kamar hayu kaluar seuri.
Sedengkeun jalma anu keur seuseurian teh asa nahan kareueus anu kacida. Ulama nyoba nahan tawa, sarta nyoba kasampak normal, sanajan beungeutna beureum tina seuri.
Ku jalan kitu, anu nyieun sora éta budak awéwé, murid favorit kuring, paling diem, jeung pinter. | 6 | shame |
232 | Basa harita meunang undian sapedah pas acara dies fakultas, urang maju kahareup bari dikeprokan ku nu sejenna. Tuluy geus naek ka panggung urang dibere mic jang ngomong intina nganuhunkeun jeung mere harepan kanggo fakultas kahareupna. Lajeng urang turun bari ngadorong sapedah, basa turun di panggungna mah diangkat sapedah teh, tapi beurat. Teu lila acara ditutup, urang jeung babaturan kaluar. Di luar geus ngadaragoan babaturan ngucapkeun wilujeng bari nyabakan sapedah. Sapedah ieu jenis sapedah gunung, merk Pacific. Tungtungna urang balik ka asrama teh teu make transportasi kampus, tapi ngaboseh sapedah. Karasa pisan capena sabab ti fakultas urang ka asrama trekna teh rada nanjak. Ku kituna pas aya tanjakan urang turun bari ngadorong. | 3 | happy |
7493 | Pas nuju begadang peuting-peuting abdi jol ngadangu aya sora awewe ngagorowok di luar. Abdi langsung reuwas jeung sieun lantaran gorowokanna teh tarik pisan sabari aya sora jalmi anu ngagabrug. Abdi asalna hoyong mastikeun ka luar, tapi lantaran sieun bisi kalahkah janten korban abdi ningal ti jandela sabari ngagugahkeun bapa. Pas tos sababaraha menit aya sababaraha bapa-bapa anu kalaluar. Eta awewe dikekeupan sabari ditodongkeun peso dina beheungna, sabari ngancem saha wae anu ngadekeut bakal maehan awewe eta. Manehna oge sababaraha kali ngalungkeun batu ka jalmi anu bade nulungan. Abdi oge hampir beunang, teras langsung dititah asup ka imah lantaran bahaya. Tapi abdi karunya ka awewe eta. | 0 | fear |
2198 | Kuring geus gagal nikah ex kuring dua kali saméméh. Bobogohan 5 taun 2 kali perencanaan nikah. Gagal kahiji: Anjeunna ragu naha anjeunna tiasa hirup dina hateup anu sami sareng minantu. Sieun teuing kana caritaan jalma-jalma di sabudeureunana yén hirup jeung mitoha téh siga film horor. Yén minantu awéwé kasampak alus dina mimitina, sanggeus nikah bakal robah jadi monster. Malah kuring capé ngajelaskeun sagalana, manéhna tetep nolak. kulawarga nambahan urang geus patepung. Waktu éta kulawarga geus sapuk pikeun nangtukeun bulan jeung taun. Saatos éta, anjeunna ngan ngungkabkeun sadayana ka kuring. Tungtungna kuring nyerah sareng langkung milih putus. Abdi lewih milih bareng jeung indung kuring. | 2 | sad |
5662 | Macet jadi salah sahiji hal nu dihindari pisan ku masyarakat sabab bisa nyieun jengkel ku nungguan lilana. Salah sahiji penyebab kamacetan teh nyaeta lobana mobilitas kandaraan nu beraktivitas sapopoe. Teu jarang ayeuna mah masyarakat leuwih milih marake kandaraan sorangan tibatan make kandaraan umum, alesan na teh supaya teu kena macet. Padalah hal eta teh jadi salah sahiji penyebab kamacetan nu paling umum di mana-mana. Tah, supaya bisa ngurangi kamacetan, leuwih alus mun dibiasakeun make kandaraan umum, kurangan make kandaraan sorangan-sorangan. Ku kitu, mobilitas kandaraan bakal saeutik ngurangan, tuluy kandaraan umum na ge bakal leuwih gancang ka tujuan sabab ngalerai kamacetan. | 4 | angry |
2840 | Pasti bakal loba runtuyan tips 1,2,3 nu bakal diwaler. Janten punten naroskeun éta. Gugup sareng kasieunan aya kusabab pamikiran "kuring bade ngalakukeun anu salah?" atawa. Lain overthiking. Éta saé. Kusabab éta normal. Anjeun oge manusa, bener? Ku kituna teu kunanaon mun ngarasa kawas éta. Aya ogé anu ngajelaskeun di awal kumaha perasaan anjeunna nalika anjeunna nangtung di panggung. Contona, hapunten sabenerna nalika kuring nangtung di dieu kuring rada gugup pikeun nyanghareupan Bapak-bapak. Tapi kuring nyobian nepikeun hasil presentasi kuring. Hatur nuhun pisan kana apresiasina. Dina presentasi. Laksanakeun saolah-olah anjeun hoyong ngajelaskeun ngan hiji jalma supados anjeunna ngartos kecap anjeun. Anjeunna ngartos sareng ngabantosan naon anu anjeun terangkeun ka anjeunna. Rarasaan ieu ngajadikeun urang bener-bener diajar. Pilih kalimah basajan. Pikeun dipedar. Ulah neuteup aranjeunna dina panon. Kontak panon kalana teu kunanaon. Tapi lamun gugup teuing bisa nempo dahi na hehe. | 0 | fear |
7540 | Tos hiji poe ieu abdi teu acan balik ka imah lantaran abdi ngaleungitkeun motor bapa. Padahal eta teh motor anyar pisan kamari. Abdi asalna mah ngan bade nyobian hungkul kumaha motor anyar teh. Tapi pas nuju parkir di Alfamart motorna leungit dibawa ku batur. Motor eta rada benten sareng motor biasana lantaran koncina make smart key janten teu tiasa dicongkel, abdi masih yakin keneh eta motor masih aya di sabudereun Alfamart. Abdi menta tulung ka rerencangan abdi anu polisi sugan we tiasa neangan eta motor. Bapa tos naros motor aya di mana lantaran isuk bade dipake, tapi abdi moal ngawaler sateuacan motorna kapanggih. | 0 | fear |
4669 | Artis karesepan urang nyaeta artis korea, ngarana teh Jungwoo. Keur mimiti debut maneh na sok ceurik unggal rek naek panggung, padahal maneh na geus ngausahakeun latihan unggal poe. Latihan nari jeung latihan nyanyi, sanajan geus latihan nepika bisa tapi mun ngarana demam panggung mah kadang sok ka rasa wae, komo mun kakarekeun mah pasti lewih parah karasana. Buktina si junwoo nepika ceurik, geus di dandan geus tinggal naek panggung, awakna ngadedeg nepika leles teu bisa nari. Pas nyanyi ge sorana teh teu sa alus pas latihan, tapi anggota nu sejen ngabantuan merekeun sumanget meh si jungwoo rada tenang saeutik, tapi berhubung teu bisa tenang masih keneh panik jeung ngadegdeg nepika mual, jadina si jungwoo di bere obat. | 0 | fear |
7235 | Saminggon ieu abdi ngarasa lieur lamun ningal tulisan anu seeur dina buku. Lamun ninggal jalmi ti jauh oge sok teu katempo. Lila-lila abdi teu tiasa ningal, teras abdi datang ka dokter supados diparios soca na. Dokter masihan terang yen abdi kedah ngangge kaca panon, padahal abdi masih keneh kelas tilu SD. Kaca panon anu abdi anggo oge kandel pisan. Dokter oge ngomong yen abdi moal tiasa ningal normal lamun teu nganggo kaca panon jeung unggal taun kedah diparios rutin jeung kamungkinan bakal nambah deui kandelna. Tapi aya hiji cara supados abdi teu kedah nganggo kaca panon deui nyaeta operasi lasik. | 5 | surprise |
4357 | Hamil sacara biologis nyaeta kaayaan dimana aya embrio atawa zigot anu mulai napel dina jero rahim hasil pembuahan sel telur atawa ovum ku sperma. Ku ayana sesuatu na jero rahim awewe pasti jadi loba alu bakal berubah dina awak awewe salian ti fisik na atawa awak na anu ngke bakal ngagedean jeung anu pastina hormon oge bakal loba berubah anu bakal ngajieun kabiasaan jeung sifat perilaku awewe bakal oge berubah. Hal mimiti anu bakal kaciri aya parubahan nyaeta hormon, hormon jelema anu keur eusi pasti naek turun teu stabil. Matakna tong reuwas lamun mimiti hamil biasana jadi leuwih sensitif babari ceurik jeung sajabana. Salaki na lamun keur kitu ulah miluan kawas kitu, tapi kudu ngajaga jeung ngadukung pamajikana | 5 | surprise |
5924 | Basa nuju wengi kamari mah abdi ngimpi meuni asa sieun pisan. Ngimpina keur di tengah leuweung tuluy diudag-udah ku jelema nu rek ngabegal di jalan. Pas di tengah leuweung teh asa sasah pisan lulumpatan. Pas ngalieuk ka tukang, jol leungeun aya nu narik. Geus kitu didiukkeun paksa dina handapeun tangkal bari leungeun ditalian. Tuluy dihareupeun abdi aya jalma jahat nu nodongkeun senjata mangrupa pistol kana mastaka abdi. Abdi meuni sasah pisan, kacida sieunna sabab asa nyaan. Pas keur sisieunna, jol kadangu adzan subuh. Tuluy abdi gugah bari satengah deg-degan keneh ku ngimpi eta. Alhamdulillah ngan ngimpi, sanes kenyataan nu mantak sieun. | 0 | fear |
8918 | Waktu keur leutik, kuring milu lomba nyanyi di sakola, disaksian ku kolot-kolotna. Sabenerna kuring teu hayang indit, tapi ceuk guru kabeh murid kudu milu. Nalika kuring di panggung, ujug-ujug awak kuring kaku, baham kuring ogé teu tiasa nyarios nanaon. Panon kuring mencrong ti katuhu ka kenca néangan bapa. Nyadar kuring kieu, bapa kuring ujug-ujug ngadeukeutan kuring sareng ngiringan kuring di panggung. Bapa nangkeup kuring bari ngalilipur, "Tong sieun, bapa aya di dieu." cenah. Bapa ngartos pisan kahoyong kuring, anjeunna langsung ngagentos pamuter piano, sareng ngiringan kuring nyanyi. Kuring nganuhunkeun pisan gaduh bapa sapertos bapa kuring. Hatur nuhun pisan ka bapa, abdi tiasa nyanyi dugi ka rengse eta lagu teh. Sanggeus éta bapa kuring datang ka kuring jeung mawa kuring reueus. | 0 | fear |
2142 | Ahir-ahir ieu, loba omong ngeunaan PHK. Malah terminasi pagawean ieu lumangsung dina skala badag. Ningali ancaman PHK anu tiasa lumangsung. Persiapan ieu sanés ngan ukur kanggo pagawé tapi pikeun pamilik usaha anu tiasa nyanghareupan résiko macet usaha.
Persiapan di handap ieu tiasa dilakukeun pikeun ngatasi résiko PHK:
1. Boga panghasilan samping
Benny nyarios, gaduh panghasilan samping mangrupikeun cara anu pinter pikeun mastikeun kaayaan kauangan anjeun dijaga di tengah sagala rupa ancaman. Sanajan niléy panghasilan samping teu sabagé panghasilan utama, bisa méré rasa aman tina ancaman saperti kaleungitan pagawéan alatan PHK.
2. Nyadiakeun dana darurat
Samentara éta, dana darurat ieu ngan bisa dipaké pikeun kaayaan darurat kayaning kacilakaan atawa gering parna, sarta ieu kaasup leungitna dadakan panghasilan, salah sahijina alatan PHK. Jumlah anu disarankeun pikeun dana darurat ogé béda-béda, pikeun anjeun anu jomblo atanapi henteu gaduh tanggungan, éta 3-6 kali biaya bulanan anjeun. Sedengkeun pikeun anu geus boga kulawarga, jumlah dana darurat anu dibutuhkeun 6-12 kali lipat tina waragad bulanan | 2 | sad |
794 | Nyieun Surat Ijin Mengemudi (SIM) dipersulit. Ieu geus jadi rahasia umum mun nyieun SIM dipersulit. Ti mimiti tes na, nepikeun ka jadina oge hese. Pernah basa eta geus lulis uji tes, sanajan gagal sababaraha kali jeung kudu ngulang deui, tapi akhirna lolos. Pas rek nyokot SIM ku jadwal nu geus ditangtukeun ku petugas, urang dititah balik deui, bejana mah can aya. Beda deui jeung nu nyogok mah, sapoe ge jadi teu kudu tes jeung teu kudu nungguan mangbulan-bulan, langsung difoto didinya keneh. Nepikeun baheula adu argumen jeung petugasna lantaran ngarasa dipermainkeun, naha geus euweuh jelema nu jujur teh? Meuni rek nyieun SIM oge hede, padahal ieu usaha urang meh taat pas keur di jalan. | 4 | angry |
1361 | Ngaberesihkeun kotoran ucing mangrupakeun hiji kawajiban nu penting dilakukeun sanajan urang ngarasa geuleuh. Lantaran mun ngaberesihkeun kotoran ucing urang bisa nyegah penyebaran panyakit, kotoran ucing bisa mengandung bakteri, virus, jeung parasit nu bahaya jang kasehatan jelema. Lamun teu dibersihkeun kotoran ucing bisa nyebar ka permukaan sejen jeung nyebarkeun panyakit. Kotoran ucing nu teu diberesihkeun oge bisa nimbulkeun bau anu teu ngeunah. Kotoran ucing nu ngagunduk oge bisa jadi sarang bakteri jeung bauna beuki kuat. Kotoran ucing nu diantepkeun ngagunduk di lingkungan oge bisa ngaruksak lingkungan disabudureunna. Kotoran ucing nu loba teuing bisa ngotoran cai jeung taneuh, sarta ngaruksak kaendahan lingkungan. | 1 | disgusted |
8413 | Perasaan utah nalika ningali batur teh tiasa janten selingan tina masalah anu sanes. Gangguan anu anjeun karasa seueul sareng utah nalika anjeun nguping atanapi ningali batur tiasa disababkeun ku gangguan psikosomatik. Gangguan psikosomatik teh mangrupikeun panyakit anu disababkeun ku seueur teuing pikiran anu lumangsung. Gangguan dina pikiran ieu ngabalukarkeun reaksi dina awak. Contona, pamikiran ngeunaan hiji hal kaleuleuwihan bisa ngabalukarkeun keluhan kayaning palpitations, kesangan, tremor awak. Panyakit psikosomatik mah biasana henteu mendakan abnormalitas dina awak, ngan ukur pikiran anu kaleuleuwihan nyababkeun awak ngarespon kana pamikiran ieu. Sacara umum, kasakit psikomatik disababkeun ku pemicu nu patali jeung pikiran, moods jeung kaayaan mental.
| 1 | disgusted |
2454 | Dumasar kana katerangan ieu, tétéla yén rikaz miboga kritéria anu tangtu sangkan henteu sakabéh barang anu kapanggih (digali) bisa digolongkeun kana rikaz. Lajeng, kumaha upami hadiah? Dina pamanggih kuring, 1. hadiah anu anjeun kéngingkeun sanés hal anu anjeun mendakan tapi kado atanapi hasil tina usaha anjeun. 2.Saméméh meunang hadiah, anjeun digawé teuas pikeun nyumbangkeun pikiran jeung waktu sangkan ahirna anjeun kapilih jadi salah sahiji juara. 3.Sanajan aya sababaraha ulama anu nganggap hadiah kompetisi salaku manggihan harta karun (rikaz), kuring condong boga pamadegan yén duanana mangrupakeun dua hal béda. Jadi zakat anu kudu di bayar teh lain zakat rikaz 20%. Masalah saterasna, upami teu kalebet kana kategori rikaz, naha kado teh teu wajib zakat? Kado dina bentuk laptop atawa barang sarupa anu dimeunangkeun lain kategori harta wajib zakat lamun digunakeun pikeun kapentingan pribadi, lain jadi komoditi usaha. | 5 | surprise |
7244 | Ieu caritana basa Atta Hailintar nuju datang ka bumina Raffi Ahmad. Asalna mah maranehna teh ngobrol biasa sabari dipidiokeun, Atta oge sempet masak emih kanggo Raffi jeung pamajikanna. Tapi sabenerna Atta tos nyiapkeun prank kanggo Raffi, manehna tos nitah dua jalmi kanggo janten pulisi bobodoan anu bakal newak Raffi lantaran manehna kantos ditewak pulisi lantaran kasus narkoba. Pas Raffi jeung Atta nuju ngobrol, pulisi gadungan datang mawa surat kanggo newak Raffi, Raffi langsung geumpeur lantaran manehna geus beresih tina narkoba, komo pamajikanna, Nagita anu langsung nyeseulan pulisianu bade mawa Raffi. Pas geus lila, pulisi eta masiha tulisan yen ieu teh ngan bobodoan. | 5 | surprise |
1032 | Keur leutik jadwal ngaji teh sok saberes magrib, jadi balikna teh jam 8-nan. Jam 8-nan teh peuting pisan di kampung mah, batur geus ngarampih ka imahna sewang-sewangan. Imah urang kaasup nu paling jauhna, eta oge mun balik ngaji sok dibarengan ku si Yusuf tapi lantaran imah si Yusuf mah leuwih deukeut jadi kudu papisah. Di jalan urang ngaliwatan jembatan anu sisina teh walungan, emang didieu rada keueung, ditambah cai walungan anu ngaririncik. Geus ngaliwatan jembatan eta teh aya rasa teu genah hate teh hayang ninggali deui ka tukang. Lantaran panasaran tuluy ninggali ka tukang, reuwas kacida ninggali jurig nu keur diuk. Urang langsung balik badan tapi teuing ku naon teu bisa lumpat ngan saukur bisa leumpang, dina hate teh bari ngucap Astagfirulloh sapapanjang jalan nepikeun ka imah. | 0 | fear |
9191 | Bapa abdi jalmina teh hilapan. Hiji poé kuring ngabungkus sangu jeung lauk keur dahar beurang bapa. Kuring hilap ngingetan bapa supados nyandak tempat bekel anu geus kosong ka imah, sareng bapana ogé hilap nyandak éta ka bumi. Sanggeus saminggu, karek dibawa ka imah. Waktu éta kuring rék ngumbahan, kuring muka tutpna, kuring reuwas sabab bapa kuring henteu bérés daharna, aya sesa keneh. Jeung sesa dahareunna teh geus busuk jeung bau, jeung warnana oge geus robah. Waktu harita kuring hayang utah ngambeuna teh, malah hayang ceurik, tapi lamun eta tempat bekel teu dikumbah bakal bau leuwih parah. Tungtungna kuring nahan napas bari ngumbah teh, ku kuring dikumbah tilu kali ku sabun jeung dibilas sababaraha kali. Saprak harita kuring teu hayang deui mekelan dahareun keur bapa. | 1 | disgusted |
5571 | Tilu hal nu kudu diperhatikeun mun urang keur ngobrol jeung babaturan, komo mun amprokna kakarekeun deui ti sabarang lulus sakola. Nu kahiji nyaeta jauhkeun nu ngaranna hape, teundeun heula hape dina jero tas. Ulah nepi ka nempoan hape saban keur ngobrol, hargaan babaturan urang. Nu kadua nyaeta simak obrolanna, ulah nepi ka kalah ngahuleng atawa kaluar tina obrolan. Hargaan sabab teu apal iraha deui bisa amprokna. Nu katilu nyaeta tong poho fofotoan heula supaya aya dokumentasi jang kenang-kenangan. Foto ge saperluna, mun bisa kabeh babaturan ilukeun, supaya karasa kabersamaan nana. Tuluy kesampingkeun heula urusan nu sejen. Hargai deui quality timena. | 5 | surprise |
3010 | Kuring geus kungsi. Janten dina waktos éta kuring dina posisi biasa kuring maén dina ponsel kuring sareng ngobrol sareng sababaraha réréncangan. Sanggeus éta kuring indit ka indung kuring di kamar nya pikeun paguneman normal. Sababaraha menit ti harita kuring ngarasa teu damang, suasana robah. Waktu éta indung kuring rék kaluar ti kamar mawa hiji hal, ujug-ujug kuring ngarasa sieun luar biasa, kawas posisi indung kuring jauh jeung posisi nya kawas kuring bener sorangan. Kuring ngarasa kuring bakal maot pas sareng didinya sareng kuring ngajerit pikeun indung kuring kusabab sieun pisan. Awak mah capé, késang, hésé ngarénghap. Indung kuring panik tuluy ngajak kuring ka ruang tamu jeung nitah kuring nginum cai tuluy indung kuring nyobaan ngurut leungeun kuring. Kuring henteu terang naha leungeun kuring karasa peurih, kuring henteu ngarasa nanaon dina pikiran kuring dina waktos éta, kuring bakal maot. Sareng indung kuring mimiti ngadoakeun panginten panginten kuring kasurupan atanapi naon waé. Sakedapan, suasana rada tenang, tapi kuring masih leuleus, kuring nyobaan bobo sareng ibu kuring. | 0 | fear |
8471 | Siti geus kapok birit. Anjeunna sering diare kusabab henteu merhatikeun tuangeun anu didahar. Nalika meuli dahareun manehna merhatikeun saeutik malah teu merhatikeun kabersihan dahareun anu bade dibeuli. Ayeuna manehna mindeng nginget-nginget dirina pikeun salawasna merhatikeun kadaharan anu bakal dibeuli. Salian ti ngingetkeun sangkan merhatikeun kabersihan dahareun, ayeuna bakal ngarasa jijik lamun ningali kadaharan anu kotor, utamana kadaharan anu dijual di sisi jalan. Siti geus nyaho jeung ngarti yen kadaharan ieu pasti bisa ngabalukarkeun diare. Anjeunna ningali geuleuh na kana dahareun salaku mekanisme awakna pikeun nyingkahan serangan diare anu sanes. Manehna bakal terus ngarasa geuleuh kana kadaharan anu kotor sabab geus cape diare. | 1 | disgusted |
7553 | Pas abdi nuju di kaayaan anu hese pisan dina hirup, abdi pernah ngarasa hampir ngarasa peunggas harepan lantaran tos sababaraha poe ieu abdi teu meunang solusi tina masalah anu kuring sanghareupan. Abdi oge nyanghareupan masalah ieu sosoranganan hungkul, teu aya jalmi anu ngarti ka kuring, teu aya oge hiji-hiji acan jalmi anu ngarti kondisi kuring, rek carita oge eweuh sasaha, kabehna sibuk ku urusan masing-masing, Abdi mineng pisan ngarasa sorangan eweuh batur sanajan aya di tengah-tengah jalmi anu seeur. Pernah hiji poe abdi ngarasa beurat pisan nepikeun ngarancanakeun kanggo ngagantung diri urang sorangan di kamar cai, tapi teu jadi lantaran sieun keneh ku kahirupan saatos urang maot engke. | 0 | fear |
6968 | Ti SMA keneh abdi gaduh cita-cita hoyong diajar masak sangkan tiasa janten tukang masak anu profesional. Hampir unggal poe oge abdi diajar masak pasakan anu anyar. Pas bade kuliah, bapa nyarankeun abdi kuliah di jurusan anu bakal gampang meunang gawe jeung gajina bakal gede. Tapi abdi hoyongna kuliah masak deui. Tapi bapa nyarankeun yen lamun bade diajar masak mah tiasa kursus ngke lamun tos gaduh padamelan sorangan. Tungtungna bapa nyakolakeun abdi di sakola masak anu biayana awis, nepikeun bapa nambut artos ka bank. Tapi di tengah kuliah abdi dikaluarkeun ti sakola lantaran tara asup sakola. Pas apal, bapa langsung ambek pisan lantaran abdi teu ngamangpaatkeun kasempetan ti bapa. | 2 | sad |
Subsets and Splits
No saved queries yet
Save your SQL queries to embed, download, and access them later. Queries will appear here once saved.