id
stringlengths 3
4
| text
stringlengths 467
2.16k
| label
int64 0
6
| label_text
stringclasses 7
values |
---|---|---|---|
4420 | Jalma anu ambek biasana dibalukarkeun ku rupa-rupa hal, contona ku sabab gelo, ngarasa teu adil, kuciwa, jeung sajabana. Sanajan kitu, kaayaan kaséhatan tangtu kadang bisa memicu hiji jalma ambek sanajan euweuh sabab. Borderline Personality Disorder nyaeta salah siji penyebabna, BPD ( Borderline Personality Disorder) atawa disebut oge borderline personality disorder nyaeta gangguan jiwa anu dicirian ku mood sareng citra diri anu sering barobah sareng gaduh paripolah impulsif. Nurutkeun The Mighty, loba jalma kalawan BPD ngalaman amarah teu kaampeuh alatan isu ngalalaworakeun. Aranjeunna condong ngabeledug di jalma anu pangdeukeutna ka aranjeunna sabab ngungkabkeun sadaya amarah anu aya dina budak leutik, nalika kolotna atanapi jalma anu caket sareng aranjeunna ninggalkeun aranjeunna. | 4 | angry |
365 | Korlantas Polri ngungkapkeun ayeuna jumlah kacilakaan kendaraan bermotor nu ngalibatkeun sepeda motor geus nepikeun ka 120.284 kasus nu 85.691 kasus diantarana nu ngajadikeun kacilakaan. Angka eta mangrupakeun akumulasi sapanjang Januari-September 2022 alias nepi ka akhir pekan kamari. Ieu turun 12 persen lamun dibandingkeun taun kamari nu nepikeun ka 97.095 kasus. Dina jumlah kasus kacilakaan eta, 16.115 kasus di antarana nu nyebabkeun raheut nu fatal boh pengemudi atawa penumpang. Samentara raheut beurat saloba 7.918 kasus. Aya oge pengemudi jeung penumpang nu ngalaman raheut ringan pas geus kajadian kacilakaan nu paling loba nyaeta jumlahna 101.205 jelema. Dumasar kana eta, bisa disimpulkeun sepeda motor nyumbang angka paling gede nu matak kajadian kacilakaan di jalan Indonesia, nyaeta nepikeun ka 80 persenan. | 2 | sad |
8997 | Cara katilu nyaéta pura-pura leumpang ka mana waé. Ieu salah sahiji jenis strategi, ulah kasampak gugup kawas anjeun terang ka mana urang rek indit. Sanaos anjeun tegang sareng nyandak sababaraha péngkolan anu salah, coba ulah katingali sapertos anjeun salah jalan. Ieu tiasa janten cara anu saé pikeun ngabuktikeun naha jalma éta leres-leres nuturkeun anjeun atanapi henteu, sareng masihan anjeun langkung waktos pikeun mikirkeun rencana. Ogé upami anjeun katingalina leumpang kalayan yakin, jalma éta panginten anjeun sanés udagan anu gampang. Panginten anjeunna nyangka anjeun badé ka pésta anu seueur jalma. Cara kaopat, ulah ngirim pesen bari leumpang. Telepon sélulér urang bakal mangpaat pisan engké, janten entong nga-SMS sabab upami anjeun sms, sirah anjeun bakal tungkul sareng anjeun tiasa waé henteu merhatikeun ayana urang asing. Upami anjeun sibuk dina telepon anjeun, urang asing panginten anjeun henteu merhatikeun sakuliling anjeun. | 0 | fear |
604 | Lamun ninggali jurig pasti reuwas tapi ceuk urang mah tong nepikeun ka tergesa-gesa. Sabab pernah ngalaman basa keur naek motor di daerah Gunung Halu peuting-peuting jalanan oge sepi jeung jarang aya lampu jalan. Aya kana jam 9 nan urang indit jeung babaturan tapi beda motor, manehna mah geus dihareup urang ditinggalkeun di tukang. Pas ninggali aya jurig di jembatan nu dilewatan ku urang, urang langsung ngebut ngagas motor nepikeun ka tereh pisan asup ka sisi jurang sabab ku tarik jeung teu apal trek jalanna. Urang ngagas tarik teh lantaran ku sieun diudag-udag ku jurig anu padahal mah teu nuturkeun. Tidinya urang ngucap istigfar ka Allah sangkan ditangtayungan nepikeun ka nepi tujuan. Urang nyobaan kalem Alhamdulillah bisa nepi ka imah. | 5 | surprise |
7821 | Isuk-isuk biasana abdi ngadamel sarapan nyaeta endog anu diceplok atawa endog acakadut anu gampang jeung praktis. Abdi nyandak endog tina kulkas sabari manaskeun katel anu geus dipasihan minyak. Pas abdi nyeplokkeun endog kana katel, abdi langsung ngambeu bau hanyir tina endog eta, tapi ieu mah bauna teh nyereud pisan siga endog buruk. Epekteh pas dikatel katingal dina endogna aya nu harariedung. Ieu janten ka dua kalina abdi manggihan endog anu busuk/ Pas ditilik-tilik, ieu teh endogna anu dipeser ti warung anu sarua. Ti kajadian eta abdi janten ati-ati lamun bade nyeplok endog, mending ditandean heula ka mangkok sateuacan ka katel, bisi endogna buruk. | 1 | disgusted |
2208 | nalika kuring sadar yén kuring parantos ngagaduhan murangkalih sareng pamajikan tapi kuring dikonci pikeun kuliah sareng ngawujudkeun impian kuring. Anjeun terang maksad abdi? The Nikah ngora. Ayeuna abdi yuswa 20 taun sareng abdi parantos gaduh murangkalih anu umurna 3 bulan. Biasana kuring henteu bungah pikeun kuliah sareng males ngalakukeun seueur hal. tapi ujug-ujug dunya robah karakter kuring dina 1 taun dina yuswa 19. anu tadina puguh ujug-ujug kuring langsung maksakeun digawe unggal poe demi kulawarga. anu tadina males kuliah, ayeuna ku kateken waktu teu bisa kuliah. Kuring cukup disiplin pikeun neruskeun diajar kalawan sumanget sangkan teu katinggaleun ku babaturan nu keur kuliah. sareng dina waktos ieu kuring sadar yén kuring kaduhung salami ieu. lain nikah mudana tapi heunteu tiasa maksimal sapenuh hate ker basa ngora. | 2 | sad |
6330 | Basa nuju pendidkan dasar kemiliteran, Yogi ngiringan rangkaian kegiatan SAR nu dilaksanakeun di gunung Manglayang. Pas turun gunung, jalur na teh terjal pisan, taneuhna muruluk jeung gersang, kedah make tali supaya bisa nyepengan jeung turun ka handap. Pas nuju nyobian turun, saking euweuh pijakan nana, Yogi neangan pijakan ka taneuh nu rada jauh jangkauan nana. Pas rek nincak, berewek teh soek eta calana PDLna, nepi ka calana kolor jero na teh katembong. Tuluy buru-buru we Yogi teh ngagulusur ka handap da era calanana soek badag pisan. Geus di handap teh buru-buru salin calana ku nu bener, nu soek na disimpen dina tas. | 6 | shame |
7885 | Pas usum ujian di sakola biasana kelasna sok dirobah janten dihijikeun sareng adi jeung lanceuk kelas supados teu niron. Tapi lantaran geus kabiasaan datang ka kelas sorangan, rerencangan abdi salah asup ka kelas teras diseungseurikeun ku jalmi anu aya di kelas manehna anu ayeuna ditempatan ku kuring salila ujian. Jadi mimitina mah manehna nuju ka cai di tengah ujian, pas balik ka kelas manehna lain balik ka kelas ujian manehna, tapi kalahkah asup ka kelas anu sanes. Pas manehna muka panto manehna reuwas lantaran ditingalikeun ku sadaya jalmi anu aya di kelas kuring. Manehna langsung seuri sabari kabur tuluy diseungseurikeun. | 6 | shame |
9154 | Kuring boga seueur ucing di bumi. Waktu éta kuring keur dahar beurang di meja makan. Ujug-ujug aya ucing datang ka kuring, sarta diuk deukeut korsi kuring. Tadina mah ngan ukur keur ngaletakan awakna, tapi ujug-ujug kadangu aya sora nu aneh. Tétéla ucing kuring teh keur utah, utah anu kaluar nyaéta pepelakan sareng benda anu katingali sapertos tai ucing tapi beda. Kuring langsung ngaraos jijik dina waktos éta, khususna nalika tuang, janten kuring langkung seueul. Saprak harita kuring teu kungsi mawa ucing ka jero imah deui, ngan diantep di luar imah pikeun ngalalana, sakurang-kurangna mun hayang dipakanan mah dibawa asup tuluy dibawa kaluar deui. | 1 | disgusted |
6966 | Abdi gaduh hiji sobat anu dekeut pisan ti leleutik. Urang duaan tos sasarengan ti TK nepikeun SMA. Imah urang padeukeut, kamamana sasarengan, teu jarang oge urang liburan sareng kulawargi urang. Urang duaan gaduh jangji pokonamah bakal sasarengan nepikeun kuliah. Manehna hoyong pisan asup kuliah masak lantaran manehna resep pisan masak. Abdi oge resep masak tapi abdi leuwih atoh lamun asup ka jurusan gizi. Pas bade ujian asup kuliah abdi beja ka manehna yen abdi hoyong asup jurusan masak, sarua sapertos manehna supados manehna atoh. Pas pangumuman kuliah, abdi katarima di jurusan gizi, manehna sedih naha abdi teu jujur ka manehna teu masihan apal bade kuliah di jurusan gizi oge, padahal manehna oge sempet kapikiran hoyong kuliah di ditu. Jadi we ayeuna urang pisah kampus. | 2 | sad |
4384 | Ayeuna ku emae na dunya media sosial, urang jadi bisa ningali kajadian kajadian palangaran anu di jieun, boh anu gede atawa anu leutik contoh na nyaeta sorobot antrian. Sababaraha bulan ka tukang media sosial keur rame pisan kusabab aya video nyaeta kalakuan jelema anu sangeunahna nyorobot antrian basa erek ngeusi bensin di SPBU. Cenah, kajadian Eta lumangsung dina 5 Agustus waktu manéhna jeung indungna antri pikeun ngeusian Pertalite di SPBU. Sabot Tata jeung rombongan mobil sejen keur ngantri, ujug-ujug aya mobil pelat bintang tilu BG 7 UB langsung nyabrang hareupeun mobilna. Lantaran teu diijinan motong antrian, lalaki nu nyupiran mobil mewah tuluy malik ganas jeung langsung neunggeulan Tata. Untung na tata ngarekam kajadian eta, tuluy jadi viral di sosial media. Saenggeus viral jadi loba anu neangan saha jeleman na tuluy loba di bully ku netizen kasus kakerasan na oge di lanjutkeun ku kapolisian. | 4 | angry |
7335 | Abdi teu kunanaon lamun dipoyok ku batur, tapi lamun sakalina aya jalmi nu sok maen pisik sapertos neunggeulan, abdi teu tarima, pasti bakal dibales ku abdi. Abdi gaduh hiji rerencangan anu teu apal kunaon manehna siga nu teu resep ka abdi, unggal abdi ngalakukeun naon wae manehna pasti langsung ningalikeun sabari rada sinis. Mimitina mah ku abdi dicicingkeun lantaran abdi teu pernah ngarasa ngalakukeun kasalahan ka manehna, tapi beuki lila abdi ngarasa manehna kalahkah beuki parah nunjukkeun yen manehna teu resep ka abdi. Tungtungna manehna nepikeun nungguan abdi belokan jalan sabari neunggeul, abdi teu tarima langsung ngahindar sabari ngalindungan diri sorangan. | 4 | angry |
5151 | Biasana abdi can pernah kenging mun miluan dorprise teh. Ah ayeuna mah iseng we ngiringan dorprise dina hajatan tatangga. Jadi, beres ngeusi daftar hadir tamu teh dibere kupon hiji ewang. Kupon diundina jam dua beurang, beres acara inti. Saurang nyekel kupon nu nomorna geus dicatet oge dina kotak undian. Beres acara inti, langsung pembagian dorprise. Pangantenna nyandakan hiji-hiji kertas nu aya di jero kotak kaca. Geus kitu disebutan barangna hiji-hiji jeung nomor undian nu tadi dipilih panganten. Alhamdulillah nu abdi kasebut, heg kenging ember. Aduh kacida atohna euy meunang ember jang nyeuseuh! Buru-buru we ku abdi di rawatan eta ember na teh. | 3 | happy |
5595 | Mun sakola SMA teh, abdi mah sok nebeng ka rerencangan nu bumina ngaliwatan bumi abdi. Unggal poe bareng wae ka sakola na. Hiji poe, pas pisan poe ulang taun abdi, sinarieun balik sakola teh piketna lila. Abdi nungguan babaturan abdi nu keur piket, tapi geus sajam teu beres keneh ngepel di jero kelasna. Meuni geus kesel nungguan, abdi sampeurkeun we ka kelas. Kacida reuwasna pas muka panto jol anjeunna nyodorkeun kue ulang taun ka abdi. Alhamdulillah abdi bungah pisan bari reuwas jeung ceurik haru. Sugan teh ngajejengkel rek naon, singhoreng mah keur nyiapkeun surprise. Ah pokokna harita mah bungah kacida. | 5 | surprise |
2990 | Sabab waktu harita kuring deukeut jeung awewe saumuran kuring, aya batur anu timburu, tempo eta awewe teh boga prestasi alus di SMA. Sareng ieu budak anu timburu ka kuring rada bangor di sakola. Loba batur sakelas kuring ngahormat ka manehna (budak teh), tapi laun-laun kuring nyaho yen lolobana mah ngahormat ka eta budak, sabab manehna resep dicarekan ku ieu budak, boh di kantin boh di luar warung. Sajauh kuring nyaho nu nelepon bisa geus anjeunna, atawa ngawartoskeun salah sahiji babaturanana. Tapi tos rengse, margi abdi biasa gelut sareng anjeunna di lapangan. Telepon teror anu aya kalana ngaluncur ka darat parantos ngaleungit ti saprak éta. | 0 | fear |
8174 | Jalan-jalan satapak di kampung Sagara teh saleresna pararoek can aya penerangan. Padahal jalan ieu mineng dianggo warga pikeun leumpang upami keur peuting, kaasup barudak nu tos beres ngaos. Dua poe saacan puasa teh barudak insiatif bebersih di masjid nika pueting. Balikna sarerea ngaliwatan jalan sisieun kuburan lila. Kusabab geus peuting jalanan ieu poek tur serem pisan barudak padempet-dempet kusabab sarieun. Dina luhur tangkal awi ujug-ujug aya nu ngapung kaarah barudak nu keur lalempang. Barudak langsung lumpat ngabecir tur gogorowokan. Neupi ka imah masing-masing ieu barudak teu nyangka keneh maranehna nempo jurig. Kusabab sieunna peuting-peuting saaatosna teu aya deui nu wani balik peuting-peuting ti masjid. | 0 | fear |
6893 | Pas akhir Romadon, abdi di sms ku rerencangan. Rerencangan anu leuwih sae disebut sobat lantaran urang tos babarengan ti TK keneh, ti leleutik, nepi ayeuna manehna bade nikah. Pas manehna nga sms abdi tos nebak obrolan ieu bakal ngarah ka mana. Nyatana bener, manehna bakal nikah saatos lebaran, di sasih Syawal. Sasih anu sae kanggo ngalangsungkeun nikahan. Aya rasa bagja jeung lega anu teu tiasa digambarkeun ku abdi salaku sobat, tapi aya oge khawatos lantaran urang moal tiasa ulin nepi ka peuting siga baheula. Abdi ngarep manehna tiasa janten jalmi anu langkung dewasa sareng caroge na. Janten kulawargi anu sakidah mawadah wa rohmah. | 3 | happy |
2232 | Sarerea pasti ngarasa sedih. Pikeun ngalereskeun ieu, aya sababaraha cara pikeun ngaleungitkeun kasedih anu anjeun tiasa nyobian. Sanajan ieu geus ilahar, hal anu penting pikeun nengetan ieu, sabab rarasaan hanjelu nu diwenangkeun nyered on bisa memicu sagala rupa masalah kaséhatan. Perasaan sedih biasana samentara sarta bakal leungit sorangan sanggeus pemicu pikeun sedih kaliwat. Sanajan kitu, parasaan ieu mindeng nyieun hiji jalma leuwih cicingeun, teu antusias kana kagiatan, sarta ngabogaan kasusah konsentrasi. Kasedih tiasa muncul dina kaayaan naon waé, naha jalma ngalaman karugian, kagagalan, kuciwa, teu daya teu upaya, atanapi putus asa.
Sangkan kasedih anu dirasakeun henteu berkepanjangan, aya sababaraha cara pikeun ngaleungitkeun kasedih anu tiasa dilakukeun, diantarana:
1. Ngartos kasedih anu dirasakeun
Ngartos yén kasedih mangrupikeun parasaan normal pikeun sadayana sareng kedah dikedalkeun. Ku pamahaman sarta sakaligus nyerep emosi nu ngalir dina, hate bakal leuwih lega tur bisa narima kaayaan nu geus kaliwat.
Nanging, anjeun ogé kedah masihan diri anjeun wates waktos. Entong ngantepkeun kasedih anu jero ngajantenkeun anjeun langkung nyalahkeun diri atanapi mikiran hal-hal anu négatip.
2. Nyaritakeun kasedih ku ceurik
Sababaraha urang kadang milih nyumputkeun kasedihan maranéhanana. Sanajan kitu, éta hadé pikeun curhat kasedihan sangkan bisa leungit geura-giru. Lamun hayang ceurik, tuluy ceurik. Sakapeung, ceurik tiasa ngajantenkeun anjeun langkung saé sareng lega. | 2 | sad |
8507 | Pikeun ngaleungitkeun rasa era nalika anjeun salah asup ka WC, ieu sababaraha hal anu anjeun tiasa laksanakeun. Coba pikir positif sarta pikir ieu salaku kasalahan umum. Emut yen sadayana parantos aya dina kaayaan ieu sareng eta sanes masalah anu ageung. Upami anjeun sadar yen anjeun salah asup ka WC, cobian kaluar santai sareng henteu nunjukkeun isin atanapi hariwang. Teu merhatikeun batur jeung fokus kana diri sorangan. Inget yen maranehna bisa jadi sibuk ku hal sorangan jeung teu merhatikeun naon anu lumangsung. Coba diajar tina kasalahan ieu sareng janten langkung ati-ati ka hareup. Ieu tiasa janten palajaran anu berharga sareng ngabantosan anjeun pikeun nyingkahan kasalahan anu sami di hareup. | 6 | shame |
7604 | Abdi gaduh adi anu borangan pisan padahal manehna resep nongton jurig tapi saprak manehna hayang ka kamar cai langsung sieun jeung menta dibaturan. Teu ngan ka kamar cai hungkul, lamun manehna bobo oge pasti menta dibaturan nepikeun manehna bobo. Lamun manehna bade ka luhur sorangan atawa pas manehna bade ka hiji ruangan anu aya di lantai dua jeung ka lamun ka dapur oge pasti menta dibaturan. Abdi sabenerna cape jeung rada keheul kedah maturan manehna wae unggal ka mamana, tapi da kumaha deui manehna pasti ceurik lamun teu dibaturan. Abdi oge ngajarkeun ka manehna supados manehna wani ka mamana sorangan supados teu ngahesekeun batur. | 0 | fear |
7489 | Abdi mangrupakeun mahasiswa anu ngarantau ti kampung, ayeuna nuju cicing di kosan dekeut kampus. Abdi milih salah sahiji kosan anu dekeut ti kampus tapi mirah lantaran jalan ka kosan anu rada poek jeung rada sepi lamun peuting-peuting. Abdi oge tos diingetan yen di kosan ieu teh tos aya lumayan seeur kajadian anu ngarugikeun mahasiswa. Tapi lantaran pangaosna mirah abdi tetep milih cicing di kosan ieu. Hiji peuting pas abdi nuju mapah ka kosan abdi ngarasa dituturkeun ku jalmi, sigana manehna apal abdi bakal ka kosan anu sepi eta, abdi ngahaja langsung asup heula ka Alfamart anu muka 24 jam, manehna cicing di luar, pas abdi ngintip, manehna mawa peso. Abdi cicing di Alamart rada lila lantaran teu wani ka kosan. | 0 | fear |
1395 | Paling sieun teh ku sato anu geunyal-geunyal, siga cakcak, bangkong, jeung cakung. Cakung teh boga ciri khas manehna bisa ngalompat ti hiji tempat ka tempat nu sejen sacara jauh, beda jeung bangkong, sanajan siga mirip tapi lompatan bangkong teu sajauh kawas cakung. Pas harita geus sholat lohor di masigit, teu apal yen aya cakung di luhur panto teh. Urang nutupkeun pantona tarik, tuluy cakung teh ngajol kana kopeah urang. Mimitina teu apal eta teh cakung, matak ku urang dicabak jang mastikeun heula. Pas dicabak aya tekstur anu geunyal, urang langsung ngalungkeun kopeah anu keur dipake. Tidinya kakara katinggali aya cakung dina kopeah urang, urang langsung lumpat teu wani nyokot kopeah da sieun cakungna ngajol ka urang. | 1 | disgusted |
8921 | Waktu kuring leutik, kuring kungsi kajadian pikasieuneun. Imah kuring teh unggal hujan lampuna bakal pareum. Pernah hiji poé kuring saré, teu sadar eta teh keur hujan. Nalika kuring hudang, kuring reuwas sabab sadayana poék, sareng kuring henteu tiasa ningali nanaon. Nalika kuring nyauran mamah, teu aya nu datang wae, kuring ceurik tarik. Tétéla éta waktu éta mamah teh keur di dapur ngahurungkeun lilin. Kuring langsung nangkeup indung kuring pageuh. Ti harita kuring sok sieun mun lampu pareum, nepi ka ayeuna gede oge kuring jadi jalma nu sieun ku poek. Mun poek teh kuring mah kudu nangkeup batur, karek moal sieun deui. | 0 | fear |
2924 | Prosedur bedah di dunya modéren terus berkembang, sapertos bedah laser sareng bedah robotik. Ieu tangtu teu leupas tina sajarah operasi munggaran di dunya.Jaman operasi modern Operasi modern dimimitian dina 1842. Saméméhna, teu loba kamajuan signifikan dina widang operasi ieu. 1842 jadi sajarah sabab éta kahiji kalina bedah dipigawé maké anesthesia. Operasi anu dilakukeun dina waktos éta nyaéta amputasi. Kamajuan gancang operasi médis pikeun manusa terus ngembang pesat, khususna ku pangaweruh ngeunaan anatomi sareng sistem sirkulasi. Kanyataanna, panalungtikan lengkep ngeunaan anatomi manusa dimimitian dina abad ka-17. Sanajan kitu, éta ngan réngsé sarta dipaké lega dina abad ka-18. jaman eta mangrupakeun jaman munggaran ti mulaina operasi modern nu ayeuna geus mekar kamana-mana. | 0 | fear |
8466 | Dahar katuangan anu buruk teh tiasa ngajantenkeun jalma gering, seueul, sareng nyababkeun reaksi alergi. Kadaharan anu rusak biasana ngandung bakteri ngabahayakeun anu tiasa nyababkeun infeksi saluran pencernaan sareng sagala rupa masalah kasehatan anu sanes. Upami anjeun tuang tuangeun busuk, anjeun tiasa ngalaman teu ngarareunah, seueul, atanapi kesel burih. Anjeun oge bisa ngalaman diare, utah, atawa masalah kasehatan sejenna. Pikeun ngahindarkeun masalah kasehatan anu disababkeun ku kadaharan anu rusak, pastikeun pikeun pariksa tanggal kadaluarsa sareng kaayaan tuangeun sateuacan tuang. Upami anjeun ngarasa yen kadaharan anu anjeun tuang karasa goreng atanapi rusak, miceun eta langsung sareng konsultasi ka dokter upami anjeun gering. | 1 | disgusted |
7577 | Di taun 2011, Jepang ngalaman tsunami anu pang badagna anu pernah kajadian di jepang. Abdi ningal warta dina tipi, anu asalna ngan lini anu badag, isukna langsung tsunami badag pisan. Abdi anu ningal dina pidio hungkul oge ngarasa sieun. Komo jalmi anu aya di dinya. Tsunami teh bencana anu paling pikasieuneun pisan lantaran urang tiasa lumpat ka mamana, rek cicing di tempat anu jangkung oge angger we cai laut mah bakal leuwih kuat jeung tiasa nyapu wangunan anu kuat oge. Abdi ningal warta tsunami Jepang sabari ngabayangkeun anu dialaman ku urang Indonesia basa tsunami 2004. Untungna di Jepang mah geus aya peringatan ti pamarentah. | 0 | fear |
3243 | Sakumaha dicutat tina UIMC.discoveryhospital.com, Salasa (22/6/2010) utah sorangan lain kaayaan nular sarta mangrupa réaksi tina kaayaan dina awak. Nanging, upami utah ieu disababkeun ku panyakit nu tepa, maka inféksi éta tiasa ditularkeun. Sanaos ieu ngan ukur réaksi kana bau anu goréng, kamungkinan yén awak ngagaduhan réaksi subconscious kana kaayaan sakurilingna. Faktor séjén nyaéta aya kamungkinan yén batur ngagaduhan burih sénsitip. Sababaraha ahli ngajawab yén pangjurung pikeun utah bisa dikawasa ku barang dahar pangan jeung inuman nu tangtu sarta nyoba bersantai awak ngaliwatan engapan sarta puasai. Lamun hiji jalma ngarasa seueul, coba lalaunan meakeun inuman karbonat, coba kaluar pikeun meunangkeun hawa seger atawa narik diri ku kagiatan séjén. Hiji hal anu pasti, ulah gura-giru ngalakukeun olah raga atawa olah raga, sabab sababaraha rupa kaayaan anu meryogikeun usaha bisa nimbulkeun seueul. | 1 | disgusted |
2231 | Perasaan sedih biasana samentara sarta bakal leungit sorangan sanggeus pemicu pikeun sedih kaliwat. Sanajan kitu, parasaan ieu mindeng nyieun hiji jalma leuwih cicingeun, teu antusias kana kagiatan, sarta ngabogaan kasusah konsentrasi. Sanaos saha waé tiasa ngalaman sareng muncul iraha waé, perasaan kasedih kedah dikokolakeun sareng dikadalikeun supados kagiatan sapopoé henteu kaganggu sareng kaséhatan fisik sareng mental henteu kapangaruhan.
Nyanghareupan kasedih kalayan bijaksana
Sanggeus narima guligah kasedih jeung ngaleupaskeun, pikiran bakal leuwih santai. Ku cara éta, Sadérék bisa mikir bijaksana dina nyanghareupan kasedih jeung manggihan solusi pikeun masalah nu disanghareupan. Émut, kasedih anu anjeun alami bakal ngaliwat sareng pasti aya pelajaran di balik unggal kajadian.
Ngahibur diri ku seuri
Nalika anjeun ngarasa sedih, laksanakeun hiji hal pikeun ngajantenkeun anjeun seuri deui. Hiji hal basajan anu bisa memicu seuri nyaeta nonton pilem komedi atawa video lucu dina média sosial. Salian ti ngusir kasedih, pedah seuri oge alus pikeun ngurangan setrés komo ningkatkeun daya tahan. | 2 | sad |
2503 | Saurang nini warga Kudus, Jawa Tengah, teu nyangka meunang hadiah utama sapédah tina program vaksinasi. Vaksinasi kalawan hadiah dijudulan "Hayu Vaksinasi Suci" nyadiakeun rupa-rupa doorprize séjén sarta dilaksanakeun kalawan tujuan pikeun narik minat masarakat. Éyang Rasiyem (58), warga Désa Wergu Wetan, Kacamatan Kota, Kabupatén Kudus, Jawa Tengah, anu meunang sapédah motor matik hadiah tina program vaksinasi. Mimitina, manéhna nyangka manéhna jadi sasaran panipuan nalika dikontak ku tim Vaksinasi Ayo Kudus ngaliwatan telepon. Dina telepon éta, Rasiyem meunang béja yén manéhna meunang hadiah motor vaksin. Anjeunna mimitina henteu percanten. Tapi, sanggeus video call dijieun ku tim vaksinasi, Rasiyem tungtungna percaya. Sanggeus narima béja, Rasiyem teu bisa saré salila dua poé. “Enya, tadina mah kuring teu percaya, sabab anggapan éta téh ukur panipuan. Tapi sanggeus video call tuluy percaya. Abdi henteu ngagaduhan perasaan yén kuring hoyong kéngingkeun hadiah, tapi saatos dibéjaan yén kuring henteu tiasa bobo salami dua dinten," | 5 | surprise |
5618 | Antre jadi salah sahiji hal nu biasa dipanggihan di Indonesia. Ngantre saolah jadi salah sahiji kabiasaan masyarakat Indonesia. Mun rek meuli dahareun, kudu ngantre. Rek meuli tiket kareta, meuli tiket pesawat, jeung nyokot pembagian sembako atawa bansos ge kudu ngantre. Ngan rata-rata budaya ngantre di Indonesia teh acak-acakan keneh. Aya nu sok nyorobot teu apal aturan lah, aya nu diheulakeun sabab boga orang dalam lah, jeung lain-lain. Tah sabenerna mah justru nu kieu nu mantak ngantre teh, teu sasuai jeung urutan, jadi ngacak kanu sejenna. Coba mun ngantri na berurutan mah, meureun moal aya nu dirugikeun jeung deuih waktu na leuwih efisien. | 4 | angry |
2569 | Caritana mah babaturan kuring ngajak naék motor bari ngurilingan. Saméméh simpang, kuring bisa ngarasakeun niup jeung tekanan dina sirah kuring sanajan kuring maké helm. Bingung kumaha ari aya nu neunggeul heuras kana sirah kuring tanpa kuring terang timana asalna, kuring bisa ngarasa nyeri sabudeureun beuheung kuring alatan kakuatan tina pukulan jeung pantulan ti helm. Kuring nanya ka babaturan nu keur nabrak, manéhna ogé teu nyaho. Tungtungna kuring ngajak balik deui ka éta jalan sabab jalanna rada padet ku pejalan kaki (jalan utama), kami niténan lalaunan sareng cukup pasti tungtungna mendakan saha éta. Tétéla aya hiji jalma gélo anu keur ngayunkeun kai sarta neunggeul manéhna. Sarta alatan manéhna leumpang jeung maén jeung kayu na bit dina trotoar deukeut jalan, éta tungtungna pencét kuring. Abdi kesel pisan tapi naon anu anjeunna tiasa ngajantenkeun anjeunna ogé jalma gélo dimana anjeunna gaduh rasa dosa, anjeunna henteu lumpat ti dinya. Enya, intina mah, mun aya jelema kitu mah, ulah diladenan sabisa-bisa mah. | 4 | angry |
7512 | Di Korea aya hiji lalaki anu katipu salah sahiji awewe. Mimitina mah ngan diajak DM-an hungkul tina Instagram, beuki lila awewe ieu ngajakan manehna ngalih ka WA tuluy ka aplikasi anu tiasa dipake SMS an tapi oge tiasa janten nyandak data-dataanu aya di hape lalaki ieu. Anu tadina ngan ngobrol hungkul beuki lila manehna diajak pidio tapi teu make baju. Manehna sabenerna embung, tapi pedah hayang ningal awewena oge manehna hayang oge. Teu lila manehna dikirimkeun pidio manehna sorangan anu teu make baju tuluy diancem yen pidio eta bakal dikirim lamun lalaki eta teu ngirim duit saratus juta. Manehna sieun pidio eta kasebar. | 0 | fear |
7302 | Abdi kaasup jalmi anu teu pati mineng ngarayakeun ulang taun, biasana ngan ngarayakeun kanggo murangkalih hungkul, eta oge biasana teu ngadamel kue, ngan masak nasi koneng hungkul dina mejikom. Tapi kitu wae oge abdi tos ngarasa bersyukur pisan tiasa ngarayakeun sareng kulawargi jeung rerencangan dekeut abdi. Tapi taun ieu lantaran abdi oge nuju jauh ti rerencangan jeung kulawargi abdi ngarayakeun ulang taun sorangan. Mesen kue sorangan jeung mesen minuman sorangan di cafe. Abdi teu tiasa ngempel sareng kulwargi jeung rerencangan lantaran abdi nuju kuliah di luar negeri. Pas abdi nuju diuk sorangan sabari nuang kue anu abdi pesen sorangan. Jol aya sababaraha patugas di cafe eta anu nyemperkeun kuring sabari masihan hiji kue alit anu aya lilinna. Abdi teu nyangka pisan tiasa ngarayakeun ulang taun sareng jalmi anu teu abdi wawuh. | 5 | surprise |
750 | Ngambek mangrupakeun hal nu wajar asalkeun dibarengan ku alesan anu wajar jeung teu kaleuleuwihi. Tapi mun mindeng ambek euweuh sebabna, boga masalah kasehatan. Nu ku urang karasa mah nyaeta kurang sare, mun kurang sare otak urang milu cape jadina gawena nurun. Jadi weh hese konsentrasi, oge bingung kudu kumaha. Lila kalilaan jadi stres. Stres ku sabab pagawean ditambah kurang sare sakapeung mah sok langsung aambekan. Nu paling mindeng mah pas pagawean urang can beres, padahal waktu kudu beresna geus mepet. Tuluy aya batur nu nanya ngeunaan pagawean nu sarua, urang bisa babari ambek jeung sensitif. Padahal mah pan bisa dijawab santai teu kudu aambekan teu puguh. | 4 | angry |
2124 | Saprak mimiti, biaya catering mangrupa alokasi pangbadagna waragad kawinan. Nanging, dumasar kana survey anu dilakukeun ku Bridestory.com dina taun 2017, alokasi biaya pikeun hiasan nyaeta nu kadua ngadeukeutan biaya katering. Teu bisa dipungkir yén média sosial kawas Instagram geus nyumbang kana trend ieu.Dina obrolan jeung vemale.com , Pimpinan radaksi na bridestory.com nandeskeun yén ayeuna trend kawinan nyaéta ninggalkeun sagalana nu maximalist atawa kaleuwihan atanapi megah. Kusabab, dugi ka dieu, jalma-jalma mimiti ngahargaan sadayana anu katingalina sederhana. Tapi, memang aya pilihan hiasan Instagramable, nah janten tong riweh kanggo hari sajarah nu engke anjeun hayang, biaya teu loba nu penting tiasa sakinah mawaddah warohmah | 3 | happy |
651 | Urang pindah sakolaan teh pas SD, tuluy balik deui ka kampung sorangan. Tapi hiji waktu mah aya reunian di sakolaan urang. Biasa reunianna teh pas aya acara bukber bulan puasa, cenah mah tiap taun sok diayakeun, tapi ku sabab urang mah karek apal jeung babaturan urang karek boga nomor urang, jadi weh apal. Harita teh urang geus SMA rek lulus, jadi aya kana 5 atawa 6 taunan mah urang teu panggih jeung babaturan. Panggih di hiji kafe, sabab urang teu apal jalanna jadi weh rada lelet datangna. Pas datang teh geus aya nu ngarumpul tapi jujur urang teu apal saha-saha wae da geus pangling. | 5 | surprise |
5977 | Basa nuju sakola keneh mah sok aya murid anu ngajago di sakolana, komo di lembur mah. Tah manehna teh sangeunahna ngalaukeun naon wae ka batur, termasuk ngabully. Teu jarang mun murid lain teu nurut teh sok diancam ku manehna. Ancamanna teh sok ditepikeun sabab aya nu teu nurut kana parentahna atawa dianggap saingan ku manehna. Ngancamna teh kadang mah sok di mana wae daekna. Malahan ancaman na oge kadang mah sok leuwih keras mun nepi ka dibejakeun ka guru atawa orang tua. Jadi lain kalah sadar jeung eling, kalah leuwih parah ancamanna amun dibejakeun teh. Mantak nu diancamna ge sok kapaksa cicing nurutkeun kahayangna. | 0 | fear |
3028 | Kuring geus ngalaman eta. Bawa batu bara 20 ton, dump truck, Hino 260. Ngaraos betah, tos tes servis rem sateuacan lebet ka turunan. Tétéla rem teu jalan, naon anu kudu dipigawé? Geuwat kuring ngalieuk ka rem mesin, sanajan geus telat jarum Rpm geus naek, tanda laju mesin ampir diudag-udag ku rotasi roda, sakurang-kurangna mah rada tenang. Naon anu kuring tiasa laksanakeun, nyepeng setir sabisa-bisa, ngantunkeun pedal gas. Fokus sabisa-bisa, nepi ka leungeun kuring ngagebeg ngeureunkeun treuk tronton nu keur turun, bari tatahar nyanghareupan gaya sentrifugal, aya tikungan hareupeun kuring ka kenca, tangtu gaya sentrifugalna ka katuhu. Sarta eta boga potensi ragrag ka katuhu. Kuring nyaimbangkeun gaya centrifugal jeung setir. Gaya ngadorong ka katuhu. Kuring ngalempengkeun setir lamun cornering. Kuring nyekel pageuh nepi ka leungeun kuring rada nyareri dina otot. Jeung kuring hasil sanggeus tarung jeung gaya centrifugal. Teras? Leumpang ka handap jalan, | 0 | fear |
290 | Harita pas keur letik keneh, aya tanda-tanda indung urang bakal ngajuru. Pas poean rek ngajuru, indung urang nitah paraji jang datang ka imah. Parajina ge masih dulur keneh. Urang maturan indung ngaborojolkeun adi urang, sabab harita urang teu bisa leupas ti indung da masih keneh nyusu. Pas awalan ngaborojolkeun adi urang, urang teu ngarti jadi euweuh rasa bungah. Tapi lila kalilaan mah urang bungah sabab jadi boga babaturan nu bisa diajak ulin di imah teh. Nepikeun lamun rek jajan ku urang dianteur sabari ditungtun ka warung. Mun keur rungsing, sok ku urang bawa ulin. Kaulinan urang kawas lalaki sejenna, siga maen langlayangan atawa maen kaleci. | 3 | happy |
1048 | Lamun urang meunang bully sacara verbal, bisa ngalakukeun cara-cara ieu. Nu kahiji ulah ngarespon ku tindakan anu kasar atawa bales dendam, lantaran hal ieu bakal memperburuk situasi jeung memicu bully nu leuwih parah. Nu kadua coba ngomong jeung batur nu bisa dipercaya, siga babaturan, guru, atawa kolot jang meunangkeun rojongan. Nu katilu nyieun catetan jang nyatet tindakan pelaku, kaasup waktu, tempat, jeung perilaku nu geus dilakukeun. Hal ieu bisa mantuan urang lamun kudu ngalaporkeun perilaku bully eta ka pihak berwenang siga guru atawa polisi. Nu terakhir ngomong jeung neangan rojongan ti jelema nu bisa dipercaya. Hal ieu mantuan dina mengatasi trauma jeung dampak negatif tina bully. | 0 | fear |
7570 | Pas ngadangu kabar lini di Cianjur, abdi langsung nanyaan kabar rerencangan kuring anu aya di Cianjur. Anjeunna masih keneh reuwas jeung teu nyangka bakal aya lini. Seeur barang-barang di imahna anu pareupeus anu nyieun kaayaan leuwih sieun deui. Untungna lini ieu teu aya potensi janten tsunami. Padahal imah anjeunna masih keneh rada jauh ti pusat lini, tapi geus karasa pisan. Anjeunna mutuskeun kanggo ngalih ka Bandung heula kanggo sementawis. Di sajajalaneun seeur pisan ambulans anu bulak-balik. Anjeunna trauma kana sora ngiung ambulans. Lantaran sieun oge anjeunna teu acan siap ngalih ka Cianjur deui, komo ngadangu masih keneh seeur lini susulan. | 0 | fear |
6379 | Biasana jalma nu gaduh hutang heg teu kaduga mayaran teh sok kakaburan ka mana wae da sabab loba nu nagih ka imahna. Komo mun jumlah hutangna gede pisan mah, mantak heurin lengkah ku polah sorangan sabenerna mah. Ka mana-mana jadi kagok, serba sieun aya nu nagih, oge sieun dipermasalahkeun di hadapan hukum. Mantakna, mun bisa mah ngahutang saperluna jeung sakadugana, ulah ngaleuwihan tangan pangawasa. Kudu na mah leuwih ngati sakumaha gedena kabutuhan jeung sakumaha mampuna mayaran hutang. Jadi, yuk pikir deui masing asak lamun rek ngahutang teh, ulah kagiur ku gede nominalna barijeung hese kana mayarna! Pikiran deui masing asak. | 6 | shame |
6273 | Biasana mun ngingu unggas mah sok rada jorok dina miceun taina. Tah ieu tilu jenis unggas nu biasana jorok miceun taina di mana wae. Nu kahiji nyaeta hayam kampung. Tah biasana hayam kampung mah sok miceun di mana wae, teu apal na buruan atawa na tehel imah. Sok bau pisan kaambeu na teh, komo mun di hareupeun imah pisan mah. Nu kadua nyaeta entog. Entog mah sangkilang dikandangan ge sok bau tai entog na teh ngahiliwir pisan kaluar. Malahan mah sok nepi ka buyatak jeung kumuh lingkungan kandang na teh. Nu katilu nyaeta bebek. Masing bebek sok diangon di sawah ge angger ai miceun tai na mah di mana wae, sakaliwatan ku manehna. Bau na teh bau pisan, teu katulungan komo mun usum hujan mah. | 1 | disgusted |
2564 | Pasti seueur pisan anu muncul nalika anjeun mimiti pendak sareng anu énggal saatos anjeun ditipu. Ngan nyaho yén éta oke. "Salah sahiji hal anu paling penting nyaéta validasi émosi duka sareng kasieun anjeun," saur ahli terapi nikah sareng kulawarga anu dilisensikeun Shane Birkel, sapertos dikutip tina halaman Mind Body Green. "Nalika anjeun ditipu, éta mangrupikeun panghianatan sareng trauma anu serius. Teu aya anu lepat sareng anjeun upami anjeun ngarasa hanjelu sareng kabeuratan."
Kalayan éta dina pikiran, éta ogé penting pikeun mikawanoh perasaan éra sabudeureun selingkuh, nurutkeun therapist hubungan Ken Page. Pikiran kawas, "Kuring teu cukup pikaresepeun," atawa "Naha pasangan panungtungan abdi hoyong batur?" bisa timbul, mun anjeun nyoba ngalepatkeun diri pikeun pilihan goréng pasangan Anjeun. Éta peryogi seueur perawatan sareng dukungan anu lembut. | 4 | angry |
295 | Ceuk John Wirowsky ti Unviersity og Texas, usia ideal jang boga anak teh nyaeta umur 26 taun. Pas umur eta sistem reproduksi jeung sistem kekebalan keur aya dibatas maksimalna. Lamun awewe di usia 26 taun leutik kamungkinan boga panyakit nu ngabahayakeun, jeung boga tingkat kaguguran anu rendah. Sedengkeun usia 34 taun dianggap batas maksimal usia ideal jang boga anak. Ngaliwatan ti usia 34 taun bakal loba resiko nu disanghareupan. Mimitina ti kasehatan, kondisi fisik jeung psikologis, jeung kamungkinan komplikasi pas kahamilan nepi kana rentang usia nu cukup jauh jeung anak, jadi pas ngurus jeung ngagedekeun anak boga risiko anak kurang optimal. | 3 | happy |
650 | Geus tilu taun urang pindah sakolaan, sabab masantren jadi sakola oge kapaksa kudu pindah. Tapi pas sakola geus beres urang balik deui ka kampung. Urang ngomong dina hate, sigana bakal moal panggih deui jeung babaturan, mun panggih oge naha maranehna masih inget ka urang kitu? Sabab urang ngarasa di sakolaan teh teu populer, anu populer mah biasana anak nu pinter atawa anak nu bangor, sedengkeun urang mah biasa-biasa wae. Tapi hiji waktu pas urang keur leumpang, jol aya nu nyauran, dho dho dho. Ngaran urang disebut nepikeun ka tilu kali, urang ngaleret ka tukang, geuningan babaturan urang pas keur SD, babaturan sabangku, teu nyangka bisa panggih di jalan. | 5 | surprise |
7820 | Abdi diajakan ku rerencangan kanggo nyobian seafood anu dibahekeun dina meja. Ceunah mah tempat ieu teh karek muka jeung rame pisan didatangan ku artis. Mumpung geus aya cabang anyar di caket imah kuring, abdi langsung datang ka dinya sareng rerencangan. Harga hiji porsina teh saratus rebu, eta teh geus kaasup sangu jeung tiasa diemam kanggo opatan. Pas tos ngantosan, eta seafood diawurkeun dina meja, abdi langsung nyobian. Pas abdi ngadahar keuyeup, langsung kaambeu bau hanyir, lantaran teu kiat abdi langsung ka kamar cai kanggo ngutahkeun deui daging keuyeupna. Abdi langsung ereun dahar seafood eta lantaran masih keneh seueul tina hanyir keuyeup. | 1 | disgusted |
7561 | Meuntas di jalan badag janten perkara anu hese kanggo sababaraha jalmi. Komo di Indonesia mah seeur pisan kendaraan motorna tibatan jalmi anu mapahna. Ditambih deui teu seeur jembatan kanggo meuntas janten rawan pisan kacilakaan anu dialaman ku nu meuntas. Pas abdi nuju di angkot, abdi ningal aya ibu-ibu anu bade meuntas tapi ragu-ragu, janten anjeunna kalahkah meuntas ngadadak jeung pas pisan aya motor nu ngaliwat, janten anjeunna katabrak ku motor. Ibu-ibu eta langsung labuh di tengah jalan. Manehna langsung ceurik. Abdi oge reuwas ningalna, untungna motor eta teu langsung lumpat tapi langsung nulungan ibuna sabari nelepon ambulan kanggo ibu eta. | 0 | fear |
363 | Basa umur 8 taunan urang boga panyakit herpes, harita mah panyakitna teh aya dina tonggong. Bentukna teh siga panon lauk kitu, laleutik aya totol-totolan di tonggong teh. Nu karasa teh arateul pisan, hayang ngagaro. Sabab keur leutik mah resep ulin, siga maen kaleci jeung maen gambar, urang sok ngahaja teu dibaju ngarah si herpesna teu ka gesek-gesek ku baju. Tapi samemeh kaluar ti imah, sok diubaran heula ku Indung make salisir talk. Ari harita mah teu era sanajan ditinggali ku batur ge, malah mah sok di toelan da panasaran ceunah. Tapi lila kalilaan beuki kempes panyakitna teh, tuluy beuki lila jol ngaleungit sorangan. | 2 | sad |
2145 | Waktu harita kuring keur buka organisasi, ujug-ujug di telepon kuring dititah balik ka imah mantuan mantuan di imah adina almarhum nini kuring. Si nini nyuhunkeun dihapunten kana profesi dukun di kampung, tapi doana sae, teu terang kumaha itunganna, mung Alloh nu uninga. Alfatihah kanggo nini. Abdi sering ngudag bapa nalika aya pasea, kuring ceurik teras kabur ka bumi nini sareng ngarasa aman nalika kuring ngagaduhan panyalindungan. Bapa mah resep saeutik teuas, teu saeutik bener teuas. Pernah dialungkeun ku sapatu laras panjang haha, dicekel nepi ka ngambang, tapi ku sabab bodo kuring teu nahan dendam sanajan dianggap lucu. Sanggeus adu bacok, teu kungsi lila bapa nanya hayang dahar naon, nya éta si babeh. Ok deui ka topik. Teu reuwas kuring ngadéngé adi nini geus tilar dunya lantaran geus sababaraha poé ngorok atawa katémbong kritis. | 2 | sad |
2037 | Keur waktu pilihan kuliah abdi bimbang antara UNS atanapi UGM. Waktu éta, pilihan kahiji mah Abdi Teknik Industri, pilihan kadua Arsiték. Jeung teu disangka-sangka kuring bisa ditarima di Arsitek UGM. Tapi karunya ka kolot kuring, harita kuring geus mayar 2 program studi nya éta D3 Teknik Mesin jeung Sarjana Teknik Mesin. Lamun kuring milih salah sahiji dua jurusan, duit bakal dibalikkeun sabab masih universitas sarua. Tapi mun milih UGM mah, dua-duana bakal disingkirkeun, padahal jumlah duitna teu saetik. Disagigireun ti éta, kuring sieun asup ka UGM, utamana salaku arsitek, sabab kuring teu bisa ngagambar jeung sieun ngarasa teu pede nalika kuliah di UGM. Hasilna, kuring milih UNS salaku tempatna. Mugia tiasa nungtut pendidikan maksimal salami 4 taun kaharep. | 3 | happy |
3265 | Salami damel abdi salaku dokter, kuring mendakan seueur bau anu teu pikaresepeun.
Bau anu disababkeun ku tatu diabetik (gas gangren), bau mayit manusa anu buruk atanapi busuk di walungan tujuh poe, bau getih, bau pasén diare parna, bau cairan ketuban, bau awak pasien anu henteu. dimandian sapoe-poe, jeung loba deui bau-bauan anu lainna, anu karandapan ku dokter sapopoe. Tapi, bau anu teu tahan nyaéta bau utah pasien. Sumuhun, ambeu asam lambung pisan pikaresepeun pikeun kuring, sarta kuring ogé bisa utah lamun ningali sabar utah di hareup kuring, geus mah bau nanas jeung amis darah pasaringset ngahiji jeung bau-bau nu teu mereunah sejennna. | 1 | disgusted |
7343 | Abdi keheul pisan ka salah sahiji sopir angkot nu aya di Bandung. Pas abdi bade angkat ka Dago, abdi naek damri anu pangheulana datang ka pangkalan. Pas naek abdi langsung milih hiji tempat anu nyanghareup ka jalan supados teu lieur. Di tengah jalan sopirna kalahkah uugalan. Manehna ngalakson tutuluyan jeung ngarem mendadak. Manehna oge sababaraha kali nyalip mobil anu sanes sabari ngebut, teu apal naon anu diudag ku manehna. Seeur ibu-ibu anu tos ambek. Pas aya nu bade turun oge si sopir na kalahkah ereun di tengah jalan. Jadi we seeur mobil jeung motor anu ngaalakson. Tungtungna mah sabari mabek urang sadaya turun sasarengan. | 4 | angry |
2944 | Menurut Joni Pagenkemper, kepala penanganan penyakit diabetes di Nebraska Medicine, ada 22% orang di dunia yang takut dengan suntikan alias jarum suntik. Padahal, ada beberapa kondisi yang mengharuskan seseorang untuk disuntik oleh dokter, misalnya saja suntik untuk pemberian vaksin atau bahkan suntik insulin sendiri di rumah untuk orang diabetes.
Orang yang takut dengan suntikan, sering juga disebut sebagai fobia jarum suntik. Padahal keduanya adalah kondisi yang berbeda. Fobia jarum suntik berbeda dengan ketakutan pada jarum suntik biasa. Fobia jarum suntik atau disebut juga trypanophobia adalah kondisi ketika seseorang mau disuntik, ia akan mengeluarkan reaksi, seperti mengalami tekanan darah tinggi dan denyut jantung yang meningkat. Ini bahkan bisa terjadi sehari sebelum atau beberapa jam sebelum disuntik. Parahnya, orang yang fobia jarum suntik bisa saja sampai pingsan saat akan disuntik. | 0 | fear |
2991 | Ieu cara anu leres upami anjeun dituturkeun ku jalma anu teu dikenal: 1. Waspada kana lingkungan anjeun
Nengetan unggal jéntré, kaasup ngaran jalan, nomer imah, wangunan, toko jeung kafe di sakurilingna. Nyaho lokasi pasti anjeun bakal ngabantosan anjeun kéngingkeun bantosan anu anjeun peryogikeun. Hindarkeun jalan-jalan anu heureut, remang-remang, sapertos gang sareng koridor, dimana ngan ukur aya hiji atanapi dua jalan kaluar.
2. Nelepon pikeun pitulung
Anggo telepon sélulér anjeun pikeun nelepon babaturan atanapi anggota kulawarga anu caket dieu. Ngabejaan aranjeunna lokasi anjeun sarta ménta aranjeunna pikeun nyokot anjeun nepi. Éta hadé pikeun ngatur pasamoan di tempat umum, kayaning warung atawa warung. Upami anjeun teu gaduh telepon anjeun atanapi telepon anjeun pareum, angkat ka mana waé, béwarakeun yén anjeun nuju dituturkeun, teras naroskeun pikeun nganggo teleponna.
3. Ka tempat ramé
Leuwih gampang pikeun leungit pursuers dina riungan sarta aranjeunna condong jadi leuwih hesitant nyieun move di hareup batur. Upami anjeun saacanna leumpang jauh ti jalan utama anu sibuk, polah saolah-olah anjeun ujug-ujug hilap hiji hal: pariksa kantong anjeun sareng robih arah. | 0 | fear |
5709 | Geus salila genep bulan ijazah abdi acan tiasa keneh dicandak sabab bermasalah. Abdi saberes lulus kuliah teh janten susah ngalamar kaditu-kadieu. Bade daftar CPNS teu tiasa, daftar PPG teu tiasa, jeung sababaraha perusahaan ge teu tiasa da kudu aya ijazah aslina. Abdi meuni kesel pisan sabab unggal naroskeun ijazah ka rektorat teh jawabanna teu puguh wae. Dipenta solusi, kalah titah sabar wae. Da teu bisa kitu atuh, jadi ngahambat karir pisan. Ai predikat we kampus ternama jeung terakreditasi A, tapi proses ijazah wae ge meuni lila teu bisa diusahakeun pisan. Abdi keuhel pisan sabab hayang daftar pendidikan s2, kudu ngalampirkeun fotocopy ijazah. | 4 | angry |
4306 | Ngajaga kasehatan mangrupakeun hal anu kacida pentingna. Ceuk papatah oge sehat itu mahal, mahal teu ngan dina hartian saukur duit tapi oge aya usaha jeung waktu na. Lamun geus gering mah da hese moal bisa hirup bebas, teu ngeunaheun jeung moal bisa nanaon teu bisa kamana mana. Ulah nepi ka urang kari bisa nyesel hungkul lamun geus kajadian. Reuwas hese tarima lamun geus gering ngan bisa ceurik jeung ambek ambekan moal bisa ngabalikeun kasehatan. Matakna mumpung urang di bere kasehatan keneh ku gusti Allah urang kudu pinter pinter ngajaga na ameh bisa panjang umur jeung bisa ngalakukeun naon wae anu jadi mimpi jeung cita cita urang. | 5 | surprise |
5249 | Trauma kana hobi teh mangrupakeun salah sahiji hal nu bisa dicageurkeun ku cara dibiasakeun. Misalna mun gaduh hobi sasapedahan, terus pernah labuh dugi ka trauma alim sasapedahan deui, eta teh tiasa ditreatmen ku pribadi sorangan di imah. Carana nyaeta ku kabiasaan. Ulah nepi ka eta hobi atawa bakat diri teh ngaleungit, ku kituna biasakeun deui make sapedah. Lalaunan, leukeunan unggal poena. Diiasakeunna oge kudu bertahap, teu bisa ku sabulan dua bulan, kudu makan waktu nu lumayan lila. Komo ngaleungitkeun ingetan na mah kudu bari jeung gaul sosialisasi jeung batur. Tapi mun geus meunang ngalawan rasa trauma eta, rarasaan diri teh bakal leuwih ningkat percaya dirina, saba ngarasa bisa naklukeun rintangan. | 2 | sad |
7322 | Di daerah imah abdi ngan aya hiji ATM, janten lamun tos waktosna gajian pasti pinuh pisan ku ibu-ibu anu ngantri di dinya. Abdi biasana nyandak peuting-peuting, tapi lantaran nuju butuh kanggo siang ieu, abdi datang isuk-isuk ka ATM. Dugi ka ATM, abdi langsung baris pang tukangna. Teu lila aya deui jalmi anu datang, beuki seeur. Pas nuju ngaluarkeun dompet tina tas, aya hiji duit receh anu murag ka jalan. Abdi langsung nyandak sabari rada kaluar ti barisan lantaran eta duitna ngagorolong rada jauh. Pas abdi balik deui, jalmi anu tadina nangtung di tukangeun kuring jol nyokot tempat kuring. Abdi langsung beja ka manehna yen abdi kedahna di dinya. Manehna oge ningal pas abdi nuju nyandak duit anu labuh. | 4 | angry |
5985 | Di Kabupaten Tasikmalaya mah nembe kamari pisan aya berita balita nu maot dina sumur imahna. Jadi, balita eta teh keur diasuh ku indungna. Bari ngasuh, indungna teh bari beberes pagawean imah. Tah si budakna teh emang teu daek cicing, umur tilu taunan. Pas indungna geus beres, si budak na teh euweuh. Diteteangan ka imah babaturan jeung sakuriling imahna teh euweuh. Geus lila, karek kapikiran boa tigejebur kana sumur sabab teu ditutupan. Pas ditoong teh bener weh budakna geus ngambang dina sumur timba di tukangeun imahna. Indungna kaduhungeun pisan jeung ngarasa sedih kaliwatan sabab kaleungitan budak nu keur kembang buruan lulucuna. | 0 | fear |
5145 | Unggal akhir taun, Yogya HZ teh sok ngayakeun dorprise rupa-rupa produk. Ti mimiti pakean, sapeda, sapatu, dugi ka motor oge aya. Tah mun hoyong kenging kupon teh kedah balanja heula minimal saratus rebu. Terus kenging kupon nu kudu dieusian data diri. Geus kitu, kupon eta diasupkeun kana kotak. Mun pengundian na mah ku pagawena sorangan, ngan ke nu meunang bakal dihubungi ku Yogya Group. Kabeneran harita abdi iseng miluan dorprise eta. Selang dua minggu aya nu ngahubungi dina whatsapp yen abdi kenging undian sapeda. Tos dilampirkeun jadwal pengambilanna ge. Atuh abdi teh atoh kacida, asa ngimpi di siang bolong. Abdi teh isukan na langsung we nyampeurkeun bari mawa persyaratan data diri, enya weh leres abdi nu kengingna. Nuhun Gusti abdi meuni bungah kacida, saumur hirup tiasa ngasaan meunang undian. | 3 | happy |
7317 | Di lapangan desa nuju aya nu ngabagi-bagikeun bantosan ti pamarentah lantaran kondisi pandemi ngajadikeun seeur jalmi anu teu angkat ka tempat damel jeung seeur warung anu tarutup. Supados leuwih rata pambageanna sadayana dititah baris heula. Barisan basa pandemi mah benten sareng biasana, para jalmi anu ngantre kedah ngaja jarak minimal hiji meter, janten antreanna teh panjang pisan. Di tengah-tengah barisa anu rapi eta aya hiji lalaki datang ka tengah barisan, manehna kalahkah cicing di tengah dua jalmi anu ngajaga jarak, manehna tos diingetan kanggo baris di paling tukang tapi manehna kalahkah ambek, hal eta ngajadikeun suasana janten panas, aya hiji lalaki anu sanes anu ngajak gelut lalaki tadi sabari nyekek bajuna sabari digorowokan dina ceulina lantaran manehna teu daek baris. | 4 | angry |
5674 | Tos salila dua taun abdi latihan arung jeram kangge persiapan kejuaraan Porprov. Unggal poe abdi latihan samaksimal mungkin supaya bisa nunjukeun peningkatan dina kamampuan abdi. Unggal tes fisik bulanan abdi sok kenging top score ti pelatih sabab nunjukeun peningkatan jeung paling tahan dina segi kakuatan fisik. Pas hari H Porprov, abdi tos nyiapkeun sagalana samaksimal mungkin, persiapan tanding dugi ka persiapan mental. Pas bade registrasi, jol we abdi digentos ku anak pengurus nu tara latihan pisan. Abdi meuni jengkel pisan sabab diperlakukeun teu adil ku pelatih jeung pengurus sorangan. Abdi ngarasa kesel pisan sabab euweuh alesan nu pasti naha abdi diganti. | 4 | angry |
8441 | Seueul raket patalina jeung faktor psikologis. Nalika aya hiji hal anu karasaeun teu pikaresepeun, sapertos ningali anu pikaresepeun atanapi nyeuseup bau anu pikaresepeun sapertos bau hanyir, sistem saraf simpatik bakal dianggo langkung dominan, sahingga ningkatkeun produksi asam lambung, teras timbul rasa seueul. Sangkan seueul suda, urang tiasa ngalakukeun sababaraha hal. Kahiji, kompresi haneut dina beuteung seueul. Kadua, pikir positif, kaasup lamun ningali hal geuleuh atawa bau aroma nu teu resep. Katilu, ngaganggu diri anjeun ku ningali atanapi ngambeu anu sanes nalika aya anu henteu cocog pikeun anjeun. Kaopat, ulah nginum obat naon wae, kalebet obat anti seueul, tanpa nasehat dokter. | 1 | disgusted |
2999 | Dina umur 5 taun kuring ningali rupa-rupa wujud mahluk gaib leumpang di hareupeun imah, dina umur 5 taun nalika nini kuring nyoco kuring, aya 2 bola ragrag ti luhur ka handap dina jalan hareupeun imah nu warna biru. jeung beureum, tuluy 2 bola eta jadi bangkong beureum biru/kodok saukuran bola sepak, kuring oge kungsi ngomong ka nini kuring, tapi manehna teu ningali naon anu kuring nempo, bari kuring keur sare, kuring ngarasa kuring. ieu ningali 3 mahluk gaib tapi ku panon kuring ditutup, ieu 3 mahluk nyaeta pocong, mbak Kunti jeung mbah wowo, sajauh kuring inget jeung naon anu kuring ngarasa aranjeunna niat ngaganggu kuring bari saré, nyaéta ku ngalayang jeung ngoyagkeun ranjang kuring nepi ka tilu. di antarana ngagorowok "Abdi kalaaaaah", malah ieu mimitina kuring nah eta alesan kenapa urang sieun sorangan. | 0 | fear |
2507 | Rindu ka orok memang matak pikabitaeun. Nalika dititipkeun pikeun nyandung, Ibu pasti ngarasa seueur hal anu dicampurkeun. Anjeun tiasa ngarasa bagja sareng hariwang dina waktos anu sami nalika ngalangkungan prosés kakandungan.Hal ieu ogé karasa ku indung nu ngaranna Putri Maziyah. Tapi, bédana nyaéta Ibu Putri lain ngan ukur dikaruniai hiji, tapi tilu orok! Indung Putri ogé ngébréhkeun rasana nalika nyaho manéhna hamil 3 kembar ngaliwatan akun TikTokna, @putrimaziyah.Indung Putri nga-upload carita kakandunganana. Manéhna dipercaya keur kakandungan jeung tilu budakna, dina unggahan Indung Putri nulis yén mimitina manéhna ngarasa reuwas, bingung jeung sieun. komo deui langsung tilu dinu sakali hamil teh. | 5 | surprise |
6397 | Mun beres olahraga teh alusna mah langsung beberesih awak supaya teu bau kesang, komo mun rek amprok jeung batur mah. Ulah nepi ka beres olahraga teh tuluy we jalan ka mamana tapi teu ganti baju, karunya batur bakal baueun mun deukeut jeung urang. Mending amun wanieun ngomong, mun teu wanieun ngomong mah kan karunya. Jeung deuih mun teu langsung beberesih mah sok kareunang teu pararuguh kana awakna oge, sok malahan mah aya cenangan. Mantakna, mun beres olahraga teh minimal ganti baju, saena mah langsung mandi abeh seger. Ulah nepi ka batur baueun ku kajorokan urang. Yuk leuwih berseka deui supaya awakna teu bau! | 6 | shame |
5919 | Salah sahiji cara nu jitu dina ngahadapi demam panggung nyaeta ku lobakeun nginum cai herang. Loba nginum cai herang teh bakal alus jang kasehatan otak, jadi kontentrasi jeung fokusna bakal kajaga. Mun geus fokus mah kan sok babari kana nenangkeun pikiran, jeung moal panik. Sabab biasana demam panggung teh hadir sabab ayana rasa panik dina diri sorangan. Tah hal ieu teh bisa ditangani ku cara lobakeun nginum cai herang. Usahakeun oge supaya bisa fokus dina sagala kondisi, jeung teu gampang kadistraksi ku hal-hal nu teu perlu. Nginum cai herang oge bakal nyaimbangkeun cairan dina jero tubuh, jadi moal bakal babari leuleus, komo mun kaserang demam panggung mah. | 0 | fear |
4447 | Jaman ayeuna teh mangkin rame wae budaya anu goreng warisan ti jaman baheula nyaeta KKN anu kapanjangan ti Korupsi, Kolusi jeung Nepotisme. Hal ieu teh berdampak pisan kana dunya komo dunya pagawean. Jaman ayeuna urang mangkin hese neangan pagawean lamun eweuh orang dalam, orang dalem teh nyaeta anu ngasupkeun na, ieu teh ka asup kana KKN nyaeta nepotisme, pernah aya carita yen aya budaka nu hese pisan neangan pagawean sorangan salila lila di tolak wae, tuluy akhirna aya anu manggil wawancara tuluy di tarima di hiji pesusahaan. Di perusahaan eta budak teh gawe na bener jeung betah kusabab babaturan na baguer. Tapi keur ngeunah ngeunah na di gawe anu di teangan na meunang hese ujug uug di ereun keun, giliran di tanya ceunah soalna aya budak ti dulur si bos na anu erek asup ngagantikeun posisi manehna. Eta teh sarua jeung ngarebut pagawean batur, budak ieu geus emosi ngambek tap nya teu bisa nanaon. | 4 | angry |
2485 | Waktu harita kuring keur dahar di kafé nu sok ramé ku nu datang. Bareng jeung adina mah. Kuring mesen dahareun jeung inuman sarta ménta sandi wifi, sanggeus éta kuring fokus kana handphone. . Kuring reuwas, ngan sangka manehna teh asa siga jasa warnet anu hayang wawuh. Manéhna mimiti nyarita, “Teu apal ka kuring? “Nyaan, kuring teu apal saha ieu jelema. "saha?" "rio sobat SD lo ah" kuring kakara inget saha manehna. Ku refleks kuring laughed sarta pencét anjeunna teuas dina taktak, dulur ieu ningali urang. Beungeutna robih pisan, teu aya anu mirip sareng anjeunna nalika SD. Entah dimana sakolana, anu kuring terang anjeunna teu sakola di Perawang deui. Urang ngobrol didinya jeung kuring dirawat ku manéhna. Saha anu henteu hoyong tuang gratis? | 5 | surprise |
9573 | Xena sedih nalika ngadenge beja yen kolotna bakal cerai. Tileuleutik, Xena ngarasa yen kulawargana teh kulawarga anu bagja tur kuat. Tapi, ayeuna ngan ukur angan-angan. Xena henteu nyangka yen kolotna bakal papisah saatos babarengan salami mangtaun-taun. Xena ngarasa bingung teu nyaho kudu kumaha. Manehna ngarasa dunyana ambruk jeung runtuh. Xena henteu terang kedah ka saha ngungkabkeun parasaanna, sareng anjeunna ngarasa saolah-olah teu aya anu tiasa ngartos perasaanana. Xena ngarasa saolah-olah kaleungitan hiji hal anu berharga. Manehna ngarasa saolah-olah geus leungit kulawarga nu dipikacinta. Xena ngarasa saolah-olah teu boga deui tempat pikeun mulang. Manehna ngarasa saolah-olah geus teu boga deui kulawarga anu bisa ngabageakeun manehna jeung mikanyaah dina sapopoena. | 2 | sad |
2187 | Dinten baheula kuring geus nguciwakeun batur, jalma anu malah nganggap kuring salaku anak sorangan. Kacaritakeun kuring rek nyewa kontrakan jeung anakna anu oge babaturan kuring, tapi entah kenapa asa hirup di kampus kuring jadi depresi, pusing ku tugas kuliah pusing ku lobana masalah di organisasi nu karek didatanagan jeung pusing ker kahirupan engke, ahirna kuring meuli alkohol terus diinum hareupeun imah kontrakan.ku sabab teu hayang anakna ruksak, manehna mere kode sangkan kuring bisa nyewa di tempat sejen. Enya, teu aya nu bisa kuring laksanakeun iwal ti nyuhunkeun dihampura, da rumasa kuring teh bodo. Sareng urang heuteu terang naon anu kedah dilakukeun ... | 2 | sad |
6278 | Di tempat pemotongan hayam mah geuningan sok loba laleur baradag jeung loba kaambeu bau hanyir. Pengelolaan tempatna teh serba becek da ngabutuhkeun loba cai jang meresihan hayamna. Kenca katuhu teh loba hayam hirup nu siap dipilih jang dipotong. Mun aya hayam nu kapake teh tuluy dipencit, terus diasupkeun kana mesin bubut hayam. Eta barang hayam dipeuncit teh getihna tuluy kaambeu pisan bau hanyir da puguheun hayam na ngora keneh. Tuluy jeroan nana teh diberesihan. Ususna diturih make awi jang diberesihkeun kokotorna. Atina oge sarua, dibeulah burihna supaya dileungitkeun kantong parabna. Pas proses ieu teh bau hanyir na kaambeu ka mana-mana da puguheun tempatna kitu. | 1 | disgusted |
788 | Lamun karya urang dicokot ku batur, utamana teu menta izin heula atawa teu mere sumber anu kuduna diterapkeun, pastina nyieun urang kesel jeung ambeuk. Urang oge kudu bertindak dina nyanghareupan situasi kieu. Alusna mah urang kudu boga catetan, catetan ieu penting jang nyatet tiap tindakan nu rek dicokot, siga catetan panggilan, email, atawa surat nu dikirim, jadina urang mibogaan dokumentasi nu kuat mun dibutuhkeun kahareupna. Urang oge kudu ngahindar tina reaksi nu emosional. Sanajan urang ambeuk sabab dicokot karyana, tapi penting oge jang tetep tenang jeung henteu nyerang sacara pribadi. Urang kodo boga sikap nu profesional jeung ngomong sacara jelas jeung sopan ngameh bisa tetep ngajaga reputasi jeung citra urang sorangan. | 4 | angry |
6847 | Bakating ku seringna abdi ulin sosmed tos teu kaetang sabaraha seeur na giveaway anu tos abdi cobian. Mulai ti giveaway receh, nepikeun giveaway anu hadiah na hape oge tos pernah dicobian. Tapi di sakabeh giveaway anu tos dicobian salila ieu abdi teu acan pernah meunang hiji hiji acan. Pernah abdi mikir kanggo ereun giveaway lantaran ku era, sok miluan wae tapi teu aya hasil na. Abdi mutuskeun giveaway ieu janten anu terakhir kali na. Teu disangka-sangka giveaway anu tadina bade janten anu terakhir kali teh justru janten pertama kali na abdi meunang giveaway. Alhamdulillah kieu gening rasana meunang giveaway teh. | 3 | happy |
8472 | Ti sudut pandang emosi, tetempoan dahareun kotor biasana bisa ngabalukarkeun hiji sensasi pikaresepeun tur nyieun jalma ngarasa teu nyaman Ieu tiasa ngirangan minat tuangeun tuangeun ieu sareng ngajantenkeun aranjeunna langkung ati-ati ngeunaan kualitas tuangeun anu dikonsumsi. Ditilik tina segi moral, ningali kadaharan anu kotor bisa nimbulkeun rasa keuheul jeung keuheul, sabab kadaharan anu kotor biasana teu aman didahar sarta bisa ngabahayakeun kasehatan pikeun anu ngadaharna. Ku alatan eta, penting pikeun mastikeun yen kadaharan anu urang tuang bersih sareng higienis. Sacara intelek, tetempoan dahareun kotor bisa memicu sensasi teu pikaresepeun atawa teu nyaman pikeun sababaraha urang. Ieu alatan dahar kadaharan kotor bisa ngakibatkeun resiko kasehatan sarta ngabahayakeun pikeun kasehatan. Ku alatan eta, penting pisan pikeun mastikeun yen kadaharan anu dikonsumsi salawasna beresih sareng bebas tina bahan anu ngabahayakeun. | 1 | disgusted |
5527 | Pas poe ulang taun mamah, abdi jeung raka papatungan jang meserkeun hadiah nu dipikahoyong ku mamah. Abdi inisiatif bade mangmeserkeun hape sabab mamah masih keneh nganggo hape nu jadul. Abdi jeung pun raka meserkeun hape samsung A20 nu warna na hideung. Hape ieu teh sae pisan, cocok jang mamah sapopoe mah. RAM na 4 gb, penyipanan internal na 64 gb. Kamerana oge tos dilengkepan ku fitur AI 48 megapixel. Layarna oge IPS nu lega pisan, meujeuhna jang nonton mah. Chargerna oge tos type C, jadi moal lila mun ngeusi daya teh. Abdi jeung raka masihkeun na pas mamah beres sholat maghrib. Kacida reuwaseun nana mamah dipasihan hape saalus kieu, bari atoh teh mamah langsung cirembay saking ku atohna. | 5 | surprise |
616 | Di akhir taun biasana sok aya nukeurkeun poin Telkomsel. Boh eta ditukeurkeun kanu motor, mobil, smartphone, jeung sajabana. Ari urang mah euweuh pikiran bakal meunang harita teh, jadi weh nukeurkeun heula, lantaran lebar mun teu ditukeurkeun mah engkena hangus. Urang nukeurkeun teh kanu mangrupa-rupa hadiah, jadi poinna ku urang bagi-bagi rata. Sanggeus nukeurkeun jeung meakeun poin, urang kari nungguan saminggu bewara meunang henteuna. Sabab sainganna geus pasti loba jadi teu ngarep-ngarep. Tapi saminggu tidinya urang dibere email ti pihak nu ngayakeun hadiahna, urang meunang smartphone Samsung. Urang reuwas sakaligus teu nyangka keneh, matak rada ngahuleng. Tidinya ku urang diwaler tah email eta jeung ngirim alamat urang. | 5 | surprise |
8480 | Rarasaan sawaktos teu kahaja dahar kadaharan kotor teh tiasa pisan nyieun teu nyaman tur teu pikaresepeun. Sababaraha ti urang bisa ngarasa seueul atawa utah, sedengkeun nu sejenna bisa ngarasa boga burih kesel atawa muriang. Dahar kadaharan kotor bisa mangaruhan kasehatan anjeun sarta ngabalukarkeun infeksi dahareun, kayaning karacunan pangan. Ku kituna, penting pisan pikeun mastikeun yen kadaharan anu dikonsumsi teh salawasna beresih jeung aman pikeun kasehatan. Upami anjeun ngahaja tuang tuangeun anu kotor, geura-giru nginum seueur cai sareng bersihkeun sungut sareng panangan anjeun. Lamun ngarasa gering atawa teu damang sanggeus dahar kadaharan kotor, geuwat buka dokter pikeun mastikeun kaayaan kasehatan anjeun. | 1 | disgusted |
1074 | Pernah pas keur maen bola di gang gigireun imah pisan, aya space nu lumayan jang maen bola tetembakan mah. Tapi ku bakat hiji imah jeung nu sejenna teh padedet, jadina ieu bola sieun ngunaan ka imah batur. Bener weh nu dipikasieun teh geuningan kajadian, teu kahaja lampu luar milik tatangga teh ku urang ka tembak ku bola nepikeun ka lampunya peupeus. Urang jeung si Robi teh awalna pura-pura rek akting jadi ngabejaan tatangga mun lampuna peupeus tapi teuing ku saha. Pas diomongkeun kitu ka tatangga teh geuningan manehna apaleun, ku bakat sieun dicarekan urang nepikeun ka menta hampura sabari sujud. | 0 | fear |
8987 | Kajadian ieu kaalaman ku babaturan anak kuring basa keur hiking di salah sahiji leuweung nu aya diwewengkon Maribaya. Di wewengkon eta masih loba hewan liar nu hirup bebas, diantarana nyaeta monyet. Kacaritakeun, babaturan anak kuring keur jongjon leumpang gigireun anak kuring. Ari leungeuna nyenyekel roti sesa sarapan basa pas isuk-isuk, can kaburu diasupkeun deui kana kantong. Teu kanyahoan ti mana hol na, ujug-ujug aya monyet nu ukuranna rada sedeng ngagabrug kana taktak babaturan anak kuring. Atuh puguh manehna ngajerit satarikna awahing ku kaget jeung sieun. Anak kuring ningali kitu, sarua ngarasa sieun. Manehna ukur ngajerit mere beja ka babaturanna supaya roti nu keur dicekelna buru-buru dipiceun. Untung na babaturan anak kuring nurut. Ku manehna roti buru-buru dipiceun. Atuh belewer we roti teh dialungkeun sajauhna. Teu nyalahan deui, monyet turun tina taktak babaturan kuring, muru kana roti nu dialungkeun. Ahirna mah babaturan anak kuring salamet tina udagan monyet. | 0 | fear |
1427 | Poe ieu teh urang pesen dahareun di Gofood, tah pas si emangna nepi urang teu ngadenge nepikeun ka sababaraha kali emangna nyauran bari nelepon kakara urang sadar si emangna geus nepi hareupeun imah. Urang langsung buru-buru lumpat turun tangga gara-gara teu ngeunah ka si emangna. Pas geus nepi panto rek ka pager, urang lumpat tuluy calana jero urang morosot. Urang yakin si emangna ninggali, soalna calana jero urang leuwih turun tibatan calana pendek urang. Didinya urang era pisan, tuluy buru-buru deui asup ka jero saking ku erana bari nutupan beungeut ngabayangkeun kumaha reaksi si emangna. Saprak tidinya mun mesen deui Gofood sok make calana panjang jeung tara gura-giru lumpat. | 6 | shame |
3284 | Kabersihan aya hubunganana sareng bobo. Alesanna, kamar tidur anu kotor sareng pabalatak tiasa nyababkeun setrés sareng sababaraha masalah bobo. Mayoritas responden survéy, kaasup ngeunaan 80 persén jalma beresih jeung ngan leuwih satengah jalma pabalatak, ceuk maranéhna ngarasa hariwang lamun imah éta pabalatak. "Kamar anu bersih nyarioskeun ka pikiran urang yén éta teu aya anu hariwang sareng ku kituna tiasa ngantunkeun sare anu tenang," saur Christine Lawler, ahli bobo di The Peaceful Sleeper. Kabersihan aya hubunganana sareng bobo. Alesanna, kamar tidur anu kotor sareng pabalatak tiasa nyababkeun setrés sareng sababaraha masalah bobo. janten hal nu nyieun risau jeung galau ari ker sare teh bisa hubungan ker manehna ningkatkeun stress. | 1 | disgusted |
1130 | Teknik pernapasan bisa jadi salah sahiji cara jang mengatasi serangan panik. Aya sababaraha teknik pernapasan nu bisa mantuan ngurangan gejala serangan panik. Nu kahiji diuk atawa nangtung make posisi tegep, tuluy tarik nafas. Tahan nafas salila 2-3 detik, tuluy hembuskeun sacara perlahan ngaliwatan baham. Nu kadua diuk atawa ngadeg ku posisi tegep, tuluy tutup hiji bolong irung ku ramo jeung tarik nafas ngaliwatan bolong irung nu sejen. Nu tearkhir antepkeun hiji leungeun di dada jeung hiji deui dina beuteung. Tarik napas sacara lalaunan ngaliwatan irung, jeung antepkeun beuteung urang ngabengkak jeung turun pas urang nyokot napas. Tahan napas salila 2-3 detik, tuluy kaluarkeun lalaunan ngaliwatan baham bari ngantepekeun beuteung urang turun. | 0 | fear |
6347 | Ani pernah ngalaman salah asup toilet di masjid basa keur perjalanan ka Jawa Timur. Harita, Ani kabingungan neangan tempat wudhu jeung toilet sabab euweuh petunjuk arahna. Pas nyobian asup ka salah sahiji toilet, singhoreng mah salah. Toilet na teh loba nu bentukna aneh, jiga paranti wastafel tapi lain. Singhoreng mah eta teh paranti papang pameget. Ani neneangan kamar mandina teh euweuh. Ani buru-buru kaluar deui. Untung harita tengah peuting, jadi toiletna sepi, euweuh nu mangnyahoankeun Ani salah asup. Pas kaluar ge buru-buru neangan ka peuntaseun nana sabab meungpeung can aya jelema. Ngan katingali CCTV, Ani jadi era pisan sabab salah asup. | 6 | shame |
9554 | Roy ngarasa sedih pisan saprak manehna gagal nikah jeung kakasihna. Saprak poe kawinanu direncanakeun ku duaan anu sakuduna lumangsung, manehna teu bisa eureun ngarasa sedih jeung kacida haneueulna. Manehna ngarasa yen sakabeh dunya geus ngakhianatan dirina, utamana kabogohna anu ujug-ujug nelepon terus ngabatalkeun rencana nikah anu geus dirancang ku duaan tanpa mere katerangan anu jelas. Roy ngarasa yen anjeunna kaleungitan jalma anu paling penting dina hirupna. Manehna ngarasa geus teu boga tujuan deui, jeung poe-poena geus suram jeung euweuh hartina. Manehna teu bisa sare, jeung ngarasa teu aya anu tiasa ngahibur atawa ngagentos hatena anu peurih kacida. Roy ngarasa manehna kaleungitan, jeung teu apal kudu kumaha carana bangkit sangkan bisa nuluykeun hirupna. Manehna ngarasa yen manehna moal bisa jadi senang deui, jeung teu nyaho lamun manehna bakal bisa narima kaputusan anu kacida pait ti kabogohna. | 2 | sad |
2047 | Abdi ayeuna tos lulus kuliah. Tapi abdi hoyong nyarios sakedik ngeunaan pangalaman abdi nalika gabung SBMPTN. Abdi ti kulawarga rata-rata, gap year sataun kusabab teu gaduh artos kanggo daftar kuliah (fyi salami gap year abdi damel di pabrik).Saban dinten saatos damel ti pabrik (masih cape) langsung diajar SBMPTN Samentara éta, lulusan SMA karesep kuring nyokot les jutaan, kuring lulusan SMK, diajar SBMPTN ngan ukur hiji buku latihan, bahan tina hasil browsing, jeung soal buku latihan UN nginjeum ti SMA kuring. babaturan sakola. Abdi henteu cekap artos kanggo mayar SPP anu paling murah waktos éta. Sanaos saleresna kuring pesimis yén kuring bakal lulus, kuring henteu kantos 'ngalambatkeun' ritme diajar kuring. Abdi masih rajin diajar bari damel sareng milarian béasiswa.Alhamdulillah, saatos sagala perjuangan, abdi suksés katampi di salah sahiji PTN pangsaéna di Indonesia. | 3 | happy |
6268 | Basa peuting kamari, abdi indit sorangan jajan ka pasar malam. Biasana sok indit beres isya, harita mah ngahaja inditna teh rada peuting jam satengah salapan da supaya geus areuweuh nu jajanna. Abdi meser tahu crispy jeung otak-otak anu digoreng kremes. Sapanjang jalan di pasar malam teh loba pisan tai sapi da aya nu beres ngangon ngaliwat. Pas abdi rek meuli pop ice, abdi teu inget yen aya tai sapi di mana-mana. Plek, suku belah kenca abdi nincak tai sapi. Meuni hipu pisan deuih katincakna teh. Untung nincakna ngan saeutik, jadi beunang kana sampean na ge ngan saeutik, lobana mah dina sendal. Abdi seuseurian sorangan, untung peuting geus poek. Mun beurang keneh mah meureun harita teh abdi bakalan era pisan katingali ku batur. | 1 | disgusted |
9151 | Perasaan jijik atawa kasieun kana utah umumna dianggap normal. Sanajan kitu, lamun ngalaman jijik jeung kasieun anu kaleuleuwihan, malah nepi ka titik terus mikir ngeunaan eta, urang bisa jadi gaduh emetophobia. Emetophobia mangrupakeun phobia dicirikeun ku sieun kaleuleuwihan ningali utah atawa ningali batur utah. Kanyataanna, ngan pamikiran ngeunaan batur utah ge bisa nyieun manehna kalawan emetophobia atawa hariwang pisan. Salaku tambahan, emetophobia ogé tiasa ngajantenkeun penderitana sieun kaserang panyakit anu nyieun utah. Emetophobia tiasa ngaganggu kagiatan sapopoé penderita. Salaku conto, jalma anu phobia ieu bakal nyingkahan nyetir mobil kusabab sieun mabok di jalan sareng utah. Sajaba ti éta, maranéhna ogé bakal ati-ati dina milih dahareun sangkan teu utah. Malah, teu saeutik jalma anu emetophobia sieun ka kamar mandi kusabab sieun ningali sesa utah batur. | 1 | disgusted |
1050 | Nanggap perilaku bully ngagunakeun kekerasan ngan bakal memperburuk situasi jeung ngabahayakeun kasalametan urang sarta batur di sabudureun urang. Kekerasan fisik atawa verbal bakal nguatkeun tindakan bully jeung bakal nyieun beuki tutuluyan. Ku sabab kitu, penting jang neangan cara sejen dina nyanghareupan perilaku bully tanpa ngagunakeun kekerasan. Urang bisa mertahankeun ku cara anu tenang jeung ngajaga emosi. Coba jang nanggap perilaku bully ku cara anu tenang jeung bijaksana. Urang bisa ngungkapkeun perasaan urang jeung ngajelaskeun kumaha tindakan bully eta mangaruhan urang. Ngomong ku sora anu tenang jeung ulah nyerang balik. Ku cara anu bener, tindakan bully bisa ku urang sanghareupan jeung eureunkeun tanpa ngagunakeun kekerasan. | 0 | fear |
7800 | Sugan teh lamun di masjid mah pasti kamar caina beresih lantaran urang muslim mah ngajaga pisan kana kaberesihan sabab mangrupakeun sabagean tina iman. Tapi tetep we eta mah balik deui ka jalmina sorangan. Ai jelemana kotor jeung tara beberesih mah pasti bakal ngotoran tempat nu sanesna oge, kaasup kamar cai masjid. Padahal abdi mineng pisan nyimpang heula ka masjid lamun nuju di jalan. Biasana kamar cai masjid teh sok bau hangseur wae, sanajan geus dibanjur oge wc na tetep we bauna teh nguar pisan nepikeun ka luar kama cai. Sateuacan asup oge geus kaambeu eta hangseur teh. Komo di kamar cai lalaki. | 1 | disgusted |
5678 | Di Indonesia mah geus jadi rahasia umum mun aya nu ngalakukeun praktek nepotisme teh. Kateuadilan anu dihajakeun kaayaan nana. Hal ieu teh ngarugikeun sababaraha pihak, ngan nguntungkeun pihak nu berkepentingan hungkul. Misalna mun bapakna pejabat, anak na ge pasti babari neangan gawe, babari asup kuliah di kampus ternama, jeung babari dina uras-urus sagala hal. Beda pisan jeung masyarakat biasa nu kudu usaha ekstra jang ngagapai sagala cita-citana. Hal ieu jelas pisan jadi perbedaan nu kontras. Nu kieu saolah geus jadi budaya di Indonesia sabab aya kauntungannana jeung sabagean pihak. Tanpa disadari, nu kieu teh nu ngacacatan moral jeung aturan di Indonesia. | 4 | angry |
5264 | Rika gaduh babaturan anu bageur pisan. Unggal aya nu dipikabutuh pasti we dipangneangankeun ku babaturan nana. Mun Rika bade kamana-mana pasti weh di anteur da melangeun. Mun aya tugas kuliah oge pasti we dibantuan jang neangan materi atawa ngerjakeun na. Rika ngarasa beruntung pisan. Hiji poe, Rika keuheul sabab babaturanna teu bisa ngabaturan Rika ka lokasi KKN, tuluy Rika teu nanya atawa teu ngabaran deui ka babaturan na. Babaturanna bingung kudu kumaha, sabab tos menta hampura ge Rika na cuek wae. Akhirna babaturan na nyadar diri terus teu ngagangu deui Rika. Rika ngarasa jengkel ngadangu babaturanna bakalan ngajauh. Rika neangan babaturan na, tapi teu kapanggih. Rika kaduhung pisa geus samena-mena ka babaturan na nu bageur pisan. | 2 | sad |
2567 | Aranjeunna ngadamel jenis tantangan pikeun Pramuka gagah pikeun luncat ka walungan. Tapi lamun teu datang, teu kunanaon ogé. Abdi henteu ngahaja teuleum kana waktos éta. Salain ti arus deras, caina kacida keruh, beunghar ku susu Milo. Sareng waktos éta kuring henteu saé pisan ngojay. Lamun ngojay dina cai tenang, kawas kolam renang. Teu kungsi mandi di walungan. Kuring ngadeukeutan sisi walungan teras jongkok sareng ningali sababaraha Senior kuring maén di cai. Aduh, bahaya lamun kuring ragrag dina posisi ieu, kuring bisa luncat heula sirah, pikir kuring sorangan. Tapi teu terang naha puguh gentos jabatan mah tos PW, masalahna posisi wenak. Bari ngalalajoan kasenangan, ujug-ujug kabogoh kuring neunggeul sirah kuring ti tukang, sebut wae B. Tadi mah awakna kurus pisan. Pencét ti tukang enya ngambang kuring. Kuring murag tina jangkungna kira-kira 2 méter kalayan sirah handap sarta terjun ka walungan nu boga warna Milo euyeub tapi teu karasa. Kuring titeuleum, tilelep. Jalma panik. Babaturan kuring panik bari ngagorowok. Si B, anu mimiti nabrak sirah kuring, seuri tapi ningali kuring ngajauhan, anjeunna pasti panik ogé. | 4 | angry |
6836 | Salah sahiji anu hoyong dilakukeun upami abdi gaduh artos seeur nyaeta hoyong ka dokter gigi. Ti leutik keneh sabenerna abdi hoyong ka dokter gigi, tapi bakating ku awis na biaya kanggo ka dokter gigi, boro-boro kanggo ka dokter gigi, kanggo kabutuhan sapopoe oge pas-pasan pisan. Pas kuliah abdi nyimpen artos kanggo ka dokter gigi. Abdi hoyong pisan ngarapikeun huntu anu karehol. Alhamdulillah ayeuna kondisi huntu abdi tos mending, janten abdi langkung percaya diri upami ngobrol dihareupeun seeur jalmi. Abdi teu nyangka kahoyong abdi ti leutik keneh tiasa kawujud pas abdi kuliah ku usaha soranga, teu nyesahkeun ka mamah jeung bapa. | 3 | happy |
3305 | Kuring mawa ka imah kadaharan anu dibikeun ti pagawean. Salah sahijina nyaéta sayuran asem. Nalika kuring balik ka imah, kuring nempatkeun dahareun dina kulkas. Kulantaran capé, kuring saré nepi ka poé isukna (Saptu). Kuring hudang di soré jeung kalaparan. Abdi tuang tuangeun ti kantor kamari tanpa dipanaskeun heula, kuring lapar pisan.
Teu lila ti harita, kuring mimiti diare jeung ngarasa burih kembung jeung heartburn kawas borok. Peuting, kuring mimiti ngarasa teu nyaman jeung tungtungna mutuskeun pikeun indit ka UGD pangcaketna.
Dokter di UGD mamatahan kuring pikeun pariksa sadayana, kalebet pamariksaan bangku. Hasilna, kuring didiagnosis disentri sareng disarankan pikeun dirawat di rumah sakit. Kuring reuwas pisan, teu nyangka éta goréng. Abdi henteu hoyong dirawat di rumah sakit, janten kuring rawat jalan sareng diingetan ku dokter supados nginum seueur cai. janiana abdi ayeuna sok geuleuh ka makanan nu aya di kantor. | 1 | disgusted |
5550 | Poe ayeuna bakal ngeprank si Andi sabab datangna kabeurangan. Prankna nyaeta ku cara ngajieun Andi hayang balik de ka imah. Mimiti, Andi titah datang heula ka kelas. Geus datang ka kelas, tuluy Bu Guru api-api nyarekan Andi sabab telat. Geus kitu, Andi dihukum titah nyanyi lagu Garuda Pancasila di hareupeun kelas. Mun geus beres tuluy dititah diuk. Tah, babaturan na teh kabeh ngahaja ngantepkeun Andi, teu ngawaro nanaon nu ku Andi ditanyakeun. Beres eta, mun Andi geus ngarasa jengkel jeung kesel nembe weh sadaya nu aya di kelas ngagorowok selamat ka Andi sabab pencapaian manehna dina lomba olahraga tingkat Kabupaten mawa ngaran sakola. | 5 | surprise |
2969 | Singkat carita, kuring balik ti Jepang waktu kuring keur SMA. Taun 2014, Merapi bitu deui. Aya gempa vulkanik ogé. Tapi ayeuna mah imah kuring teu kapangaruhan teuing sabab mun teu salah mah bitu ieu leuwih ka kaler (imah kuring di kiduleun Gunung Merapi). Sahenteuna dumasar kana pangalaman kuring hirup di Jepang jeung Yogyakarta, béda paling keuna patali musibah ieu pisan katempo. Di Jepang, nalika aya musibah, dampakna henteu ageung teuing, teu sapertos anu kajantenan di dieu. Malah hiji gempa leutik bisa ngabalukarkeun dampak pisan masif. Pertanyaanana, naha? Sababaraha waktu ka tukang kuring nembé nyandak kursus psikologi bencana sareng krisis. Tétéla, saleresna aya rumus anu tiasa dianggo pikeun ngaduga dampak bencana ka komunitas anu tangtu. | 0 | fear |
279 | Jang urang mah guru teh salah sahiji idola jeung panutan, sabab guru nu ngadidik jeung ngajarkeun elmu geus kuduna murid boga sikap ngahormat ka guru sabab peran guru teh sarua jeung kolot di imah. Lamun geus lulus sakola tuluy panggih guru di jalan alusna ngucapkeun salam jeung langsung sasalaman dibarengan ku cium leungeunna. Teu jarang guru poho kana raray muridna, sabab ku lobana murid tangtu hese ngingetan hiji-hiji. Tugas urang jang ngingetan anjeunna, bisa sebutkeun ngaran jeung angkatan leuwih alus hal nu spesifik ngarah guruna langsung apal. Didinya pasti guru oge bakal nanya kumaha kaayaan urang ayeuna. Mun pamitan ulah poho ngucap salam jeung cium tangan deui, komo lamun memungkinkan mah meuli heula sesuatu jang diberekun ka guruna. | 3 | happy |
6960 | Basa SMA abdi milih jurusan IPA, tapi pas bade kuliah abdi mulai milarian jurusan kanggo kuliah. Abdi oge ngobrol sareng sababaraha rerencangan anu bade kuliah oge, tapi abdi malah hoyong milih jurusan IPS di kuliahan engke, beda jauh sareng naon anu kuring pelajari di SMA. Abdi sabenerna kirang yakin bade miluan ujian IPS lantaran abdi teu acan lami diajar materi-materi IPS. Di akhir kelas tilu SMA, abdi mulai nyicil nyobian ngerjakeun soal-soal IPS tapi eta pasti moal cekap komo mun dibandingkeun sareng rerencangan anu tos leuwih lila diajar IPS ti kelas hiji SMA keneh. Taun ieu abdi teu lulus ujian, abdi kedah diajar deui sataun kahareup. | 2 | sad |
Subsets and Splits
No saved queries yet
Save your SQL queries to embed, download, and access them later. Queries will appear here once saved.